You are on page 1of 10

UJIAN SEKOLAH

Soal Bahasa Sunda

Satuan Pendidikan : Smk Pasundan 3 Bandung


Kompetensi Keahlian : Semua Jurusan
Waktu :
Tanggal :
Bentuk soal : Pilihan Ganda
Jumlah soal : 40 Soal
Paket :A

Petunjuk Umum :
1. Isikan identitas Anda ke dalam Lembar Jawaban Ujian Sekolah (LJUS) yang tersedia
dengan menggunakan pinsil 2B sesuai petunjuk LJUS.
2. Hitamkan bulatan sesuai dengan Paket Soal pada LJUS.
3. Setiap butir soal mempunyai 5 (lima) pilihan jawaban.
4. Periksa dan bacalah soal-soal sebelum Anda menjawab.
5. Hitamkan jawaban pada satu pilihan jawaban yang paling tepat pada LJUS.
6. Laporkan kepada pengawas ujian apabila terdapat soal yang kurang jelas, rusak, atau
tidak terbaca.
7. Tidak diijinkan menggunakan kalkulator, HP, atau alat bantu hitung lainnya.
8. Tidak ada pengurangan nilai pada jawaban yang salah.
9. Periksa pekerjaan Anda sebelum diserahkan kepada pengawas ujian.

Pék jawab panyanya ieu di handap kalayan taliti !


1. “Nano mah jalma kasép jaba pinter. Puguh wéh loba awéwé nu bogoheun.”
Tarjamahan tina kecap nu digurat handapan nyaéta....
a. Pintar
b. Ramah
c. Tampan
d. Lelaki
e. Idaman wanita
2. Lamun urang narjamahkeun, aya hal nu kudu diperhatikeun. Nyaéta dina penulisan kudu
bisa ngabédakeun é,e, jeung eu. Penulisan kecap nu bener ieu di handap nyaéta....
a. Eta
b. Beda
c. Henté
d. Lédeng
e. Nyaeta
3. “Ayam tetangga mengotori tangga rumah” ditarjamahkeun kana basa Sunda nyaéta....
a. Hayam tatangga ngadon ngotoran golodog!
b. Hayam tatangga ngadon ngotoran tangga imah!
c. Hayam tatangga ngadon modol di rumah tangga!
d. Di imah aya hayam ngotoran buruan!
e. Tatangga mawa hayam ka imah, tuluy hayamna modol!
4. Bandung....Bandung...
Bandung nelah Kota Kembang
Bandung....Bandung...
Sasakala Sangkuriang
Tina rumpaka kawih di luhur téh Bandung nelah ku Kota....
a. Parahyangan
b. Hujan
c. Dodol
d. Sampah
e. Kembang
Karatagan Pahlawan
Teu honcéwang sumoréang
Tékadna pahlawan bangsa
Cadu mundur pantrang mulang
Mun maksud tacan laksana
Berjuang keur lemah cai
Lali rabi tur téga pati
Taya basa menta pamulang tarima
Iklas rido keur korban mérdéka
5. Naon tema rumpaka kawih di luhur ?
a. Kamerdékaan
b. Cadu mundur
c. Perjuangan
d. Rindu lemah cai
e. Cinta

6. Naon maksud “Basa Sunda, basa Indung urang Sunda” dina rumpaka kawih Basa
Sunda upama di kana basa Indonesiakeun?
a. Jangan malu menggunakan bahasa Ibu
b. Ibu mempunyai bahasa
c. Bahasa Sunda adalah bahasa Ibu orang Sunda
d. Ibu selalu menggunakan bahasa Sunda
e. Ibu yang menggunakan bahasa Sunda
7. Kakawihan sok disebut ogé kawih murangkalih atawa kawih barudak lantaran....
a. Dikawihkeunana ku barudak sakola
b. Dikawihkeunana dina kaulinan barudak
c. Wajib dihaleuangkeun ku barudak sakola
d. Eusi rumpaka kawihna ngeunaan barudak
e. Lamun dikawihkeun ku rumaja mah moal pantes

8. Ieu di handap judul-judul kakawihan kaulinan barudak nu populér dina sastra Sunda,
nyaéta....
a. Oray-orayan
b. Kabogoh jauh
c. Mawar Bodas
d. Talak tilu
e. Pileuleuyan

9. Eusina aya patalina jeung cinta antara awéwé jeung lalaki mangrupa jejer atawa eusi
kawih nu kaasup kana golongan....
a. Cinta/Silih asih
b. Kaéndahan alam
c. Sosial/Kamasarakatan
d. Réligi/Kaagamaan
e. Kabeungharan Budaya

10. Kaulinan barudak di jero imah, teras, jsb. Bari kakawihan. Carana, nu saurang
namprakkeun leungeun ari nu séjénna (tiluan atawa opatan) ngasupkeun curuk kana
dampal leungeun nu ditamprakkeun eta mangrupa kaulinan. . . . .
a. Ayang-ayang gung
b. Cingciripit
c. Oray-orayan
d. Ambil-ambilan
e. Ucang-ucang Anggé

11. Lengkepan eusi sisindiran ieu di handap!


Hayam jago eukeur béla
Dipeuncitna ku ki santri
Kudu getol ka sakola
………………………
a. Ngarah loba meunang élmu
b. Ngarah jadi santri
c. Sangkan beunghar ku élmu
d. Sangkan beunghar ku pangarti
e. Sangkan beunghar

12. Lengkepan eusi sisindiran ieu di handap !


Sing getol nginum jajamu
Nu guna nguatkeun urat
………………………….
…………………………
a. Sing getol nya sarolat
Malar jaga teu dilaknat
b. Sangkan élmuna mangpaat
Nu guna dunya ahérat
c. Ulah sok liar ti peuting
Loba pisan gogodana
d. Sing getol néangan élmu
Nu guna dunya ahérat
e. Sing getol ka masjid
Muru tajil keur buka
13. “Hadirin hormateun sim kuring, rupina biantara ti sim kuring dicekapkeun sakitu. Mugia
waé sasieureun sabeunyeureun aya mangpaatna kanggo urang sadayana. Panutup
catur, pamungkas carita. Tutus langkung képang halang, bobo sapanon carang
sapakan, hapunten anu kasuhun.Wassalamualaikum wr. Wb.”
Téks di luhur mangrupa struktur biantara bagian....
a. Bukuka
b. Eusi
c. Panutup
d. Salam bubuka
e. Kacindekan

Unjuk hatur nuhun, wiréh sim kuring sadaya kebek ku karumaosan, tina kawit boloho
taya kanyaho, ayeuna parantos teu bodo balilu teuing. Ieu taya sanés, anging ku
panungtun sareng pangatik Pangersa Ibu miwah Bapa guru.
14. Sempalan biantara di luhur téh mangrupa biantara dina acara…
a. Mapag guru anyar
b. Miéling HUT RI
c. Miéling poé Kartini
d. Poé Basa Indung
e. Paturay Tineung

Assalamualaikum..Solawat miwah salam mangga urang haturkeun ka jungjunan urang


sadaya, Nabi Muhammad SAW, ka para sohabatna, ka kulawarga, tug dugi ka urang
salaku umatna.
15. Ungkara di luhur téh dina biantara kaasup kana bagéan...
a. Panutup
b. Do’a
c. Bubuka
d. Eusi
e. Kacindekan

Baca téks drama ieu di handap pikeun ngajawab soal no 16-20 !


SI OWAH : Ménta caiiiii…! (CEURIK) Ménta caiiiii…! (AMBEK) Ménta caiiiii…!
(CEURIK)
TUKANG CAI :Caiii…! Caiii…! Diical cai kualitas nomer hiji! Sing saha Waé nu
nginum cai nomer hiji tangtu bakal awét ngora, bakal panjang umur bakal dilancarkeun
usahana, bakal lébér rejekina.
JAJAKA :Geus naék deui harga cai ? Kamari ngan sajuta saleguk. Bisa
ditawar teu? Sajuta wé nya?
TUKANG CAI :Teu tiasa. Harga pas. Harga cai naék jadi dua juta!
WANOJA :Sanés artos kakanda mung sajuta? Mung Cekap salegukeun.
Kanggo dinda, kanggo kanda?
JAJAKA :Urang saleguk ku duaan waé dinda. Satengah leguk séwang.
16. Dina téks drama di luhur, saha nu nyebutkeun yén `Sing saha Waé nu nginum cai nomer
hiji tangtu bakal awét ngora, bakal panjang umur bakal dilancarkeun usahana, bakal
lébér rejekina.` Nyaéta....
a. Si Owah
b. Tukang bajigur
c. Tukang cai
d. Tukang Peuyeum
e. Tukang sayur
17. Dina téks di luhur, anu ménta cai sabari ceurik téh saha ?
a. Si Owah
b. Tukang bajigur
c. Tukang cai
d. Tukang sayur
e. Tukang peuyeum
18. Saha nu sok `ngagombal`dina téks drama di luhur ?
a. Tukang cai
b. Jajaka
c. Si Owah
d. Wanoja
e. Tukang Sayur
19. Sabaraha harga cai kamari salegukna ?
a. Sajuta
b. Dua juta
c. Tilu juta
d. Opat juta
e. Sapuluh juta
20. Aya sabaraha palaku dina naskah drama di luhur ?
a. 1
b. 2
c. 3
d. 4
e. 7
Baca bagian naskah drama ieu di handap pikeun ngajawab patalékan no 21-25!
“Wardi ahirna daékeun cengkat, bari angger ceurik kénéh. Mirka nyangkéh Wardi. Tuluy
naraék deui ka panggung. Kaluar. Sora nu ceurik lalaunan répéh. Panggung simpé
sakedapan.Teu lila, Wardi norojol deui ka panggung. Neuteup ka hareup. Teuteupna
katara kosong. Lampu panggung ujug-ujug pareum.”
RÉNGSÉ
Bandung, 25 Désémber 2017.
21. Dina naskah di luhur téh mangrupa salah sahiji hal nu kudu aya sabada bérés dialog
antar tokoh. Ieu hal biasana aya di ahir naskah nyaéta bagian....
a. Prolog
b. Épilog
c. Monolog
d. Dialog
22. Réngsé taun sabaraha éta naskah dijieuna ?
a. 2015
b. 2016
c. 2017
d. 2018
23. Kumaha teuteupan Wardi di ahir carita?
a. Kaciri bungah
b. Kaciri bingung
c. Katara kosong
d. Seuri imut
e. Sabari ceurik
24. Saha nu daékun cengkat bari angger ceurik kénéh?
a. Mirka
b. Wardi
c. Euis
d. Edo
e. Toyar
25. Dina épilog di luhur, kumaha kaayaan ahir di panggung ?
a. Lampu panggung ujug-ujug pareum
b. Lampu panggung robah warna jadi beureum
c. Lampu panggung ujug-ujug konéng jeung biru
d. Euweuh sasaha di panggung
e. Stage kru asup ka jero panggung
26. Tulisan atawa karangan anu ngaguar hiji hal anu dianggap penting teraktual (anyar)
disebut....
a. Eksposisi
b. Makalah
c. Narasi
d. Artikel
e. Dongeng
27. Bédana artikel jeung karangan séjen saperti makalah téh, nyaéta....
a. Makalah mah di susun ku saha waé
b. Artikel mah bisa dijieun kusaha waé
c. Artikel mah dimuat dina koran atawa majalah
d. Eusina sarua teu kaharti ku akal
e. Makalah mah dimuat dina koran atawa majalah
28. Kulantaran artikel mah di muat dina media citak cara nulisna ogé kudu di luyukeun jeung
aturan anu geus ditangtukeun ku....
a. Redaktur koran atawa majalah
b. Wartawan koran atawa majalah
c. Jurnalis koran atawa TV
d. Reporter TV atawa radio
e. Sutradara
29. Upama hidep rék nalaah artikel, kudu merhatikeun hal-hal ieu di handap. Iwal....
a. Baca heula sakali ti mimiti nepi ka tamat.
b. Upama can kacangkem, baca sakali deui.
c. Catetkeun hal-hal nu penting.
d. Catetkeun saha waé para ahli nu dicutat dina éta artikel.
e. Hapalkeun artikelna
30. Ieu di handap mana nu kaasup conto judul artikel?
a. Sakadang Kuya jeung Sakadang Monyét
b. Si Kabayan Ngala Cau
c. Bébas Swab Upama Geus Vaksin Booster
d. Sasakala Gunung Tangkuban Parahu
e. Kéan Santang
31. Ieu di handap mangrupa salasahiji sarat artikel nu kudu katedunan, nyaéta….
a. Basa nu digunakeun kudu jelas tur komunikatif.
b. Dirojong ku informasi nu kaleuleuwihi.
c. Témana kudu sakahayang.
d. Sipatna hiburan.
e. Sumberna ti gosip-gosp nu teu paruguh
32. Aya sabaraha cara upama urang rék nalaah artikel?
a. 1
b. 2
c. 3
d. 4
e. 5
33. Cara kahiji dina nalaah artikel téh nyaéta....
a. Baca heula sakali ti mimiti nepi ka ahir
b. Upama can kacangkem baca sakali deui
c. Catetkeun hal-hal penting
d. Catetkeun saha waé para ahli nu dicutat dina éta artikel
e. Jieun ringkesanna
34. Cara katilu dina nalaah artikel téh nyaéta....
a. Baca heula sakali ti mimiti nepi ka ahir
b. Upama can kacangkem baca sakali deui
c. Catetkeun hal-hal penting
d. Catetkeun saha waé para ahli nu dicutat dina éta artikel
e. Jieun ringkesanna
35. Aya sabaraha sarat-sarat anu kudu ditedunan upama rék nyieun artikel?
a. 5
b. 4
c. 3
d. 2
e. 1
36. Sarat kadua dina nedunan dijieuna artikel téh nyaéta....
a. Basa nu digunakeun kudu jelas tur komunikatif
b. Dirojong ku pamanggih ahli/data
c. Témana kudu aktual
d. Kudu aya mangpaatna
e. Panjang tulisan 3-4 kaca
37. Saur paribasa kolot baheula mah aya istilah “ulah cicing di lawang panto” bisi.....
a. Aya oray ngaliwat
b. Hujan angin dor dar gelap
c. Nongtot jodo
d. Euweuh nu mikanyaah
e. Aya nu ngaheureuyan
38. Saur paribasa kolot baheula mah aya istilah “upama geus sareupna kudu ngampih ka
imah” bisi.....
a. Diculik ku sandekala/kalongwéwé
b. Leungit ka nagri mekah
c. Nongtot jodo
d. Aya oray ngaliwat
e. Hujan angin dor dar gelap
39. Wanci sareupna mangrupa waktu dina jam Sunda kira-kira tabuh....
a. 12.00
b. 14.00
c. 16.00
d. 18.00
e. 20.00
40. Wanci haneut moyan mangrupa waktu dina jam Sunda kira-kira tabuh....
a. 08.00
b. 10.00
c. 12.00
d. 14.00
e. 15.00

You might also like