You are on page 1of 5

SASAKALA KAMPUNG BUNIWANGI KALIBUNDER

Assalamu alaikum warahmatullahi wabarakatuh . . . .


Sugri kaum dangu sadaya, wilujeng patepang sareng Pribados dina acara Carita
Tatar Pasundan. Demi lalakon nu baris dipedar dina judul “SASAKALA KAMPUNG
BUNIWANGI KALIBUNDER”
Jaman baheula, duka taun sabaraha boa, aya hiji patempatan, mangupa lembur
singkur sisi gunung, lamping pasir nu lungkawing, belah tonggohna gunung cadas
ngabedega lir Dewa anu ngajaga kahuripan sakur warga, belah landeuh ngalikeur
wahangan leutik caina canembrang herang, tempat hirup sarupaning lauk jarah:
beunteur, regis, nila, menga, soro, bogo, dalah lubang ge mun pareng sok rajeun aya nu
meunang.
Eta pilemburan teh katelahna Kampung Babakan Jampang, demi nu jadi kokolot
lembur katelah Eyang Tanjung, hiji tangtungan sepuh, anu kaciri tina sorot panonna,
legok tapak, genteng kadek, luhur elmuna, jero pangalamanana, euyeub
pangaweruhna, sakabeh warga didinya estu ajrih ka anjeuna, sakumaha paribasa: Para
Ratu mikayungyun, para menak mikaserab, kolot ngesto, budak era. Eyang Tanjung
mah mun nyarek cukup ku dehem, mun nitah cukup ku conto, ceuk beja, Eyang
Tanjung teh baheulana Senapati Nagri Sunda, nu mumara ka daerah Pajampangan.
Eyang Tanjung gaduh garwa, wastana Nyi Ageng Patat Suwarsih, teureuh menak ti
Sumedang, nu dicandak mumara ku sepuhna di daerah Batulayang. Eyang Tanjung
gaduh putera hiji, istri, jenenganana Nyi Mas Ayuwangi sumedang rumaja puteri,
geulis lain kaulinan, endah lain pupulasan, gidig picis keupat perak, lain ukur babasaan,
pamenteu ngadaun seureuh, halisna ngajeler paeh, gadona endog sapotong, socana
katumbirian, tak-takna taraju emas, rambutna anu panjang ngarumbay lir mayang
kalapa dara, mun pareng ngalengkah, ngalenghoy kadiya macan teunangan.
Loba pisan jajaka lembur nyoba-nyoba ngahelaran, tapi nu geulis lindeuk japati,
basana tacan maksad laki rabi, masih resep nyuprih pangarti.
Dina hiji sore, Eyang Tanjung sareng Nyi Ageng Patat nuju caralik di tepas, Nyi
Ageng nuju ngusel nganyam hihid, Eyang Tanjung ngarautan piwengkueun, bari
mayunan kopi hideung dina cangkir batok wulung. Pok Nyi Ageng ngagentraan nu jadi
Putera.
Nyi Ageng Patat : Ayu . . . . kadieu cu, ambu aya perlu!
Ayu Wangi : Mangga ambu, aya pikeursaen naon? (Ayu Wangi nyampeurkeun
bari calik payuneun sepuhna)
Nyi Ageng Patat : Kieu anaking, umur hidep teh geus manjing rumaja puteri, hidep
teh geus dewasa, naha hidep can maksud rumah tangga? Pan
babaturan hidep mah geus karawin geuning, malah aya anu geus
boga budak sagala. Ambu teh hayang geura nimang incu.
Ayu Wangi : ih….ari ambu,rumah tangga sareng saha ? pan abdi mah
papacangan ge teu gaduh,(tembal Ayu Wangi ,tungkul beuki
jero ,banget ajrih ku sepuhna).
Nyi Ageng Patat : nya moal gaduh da hidep mah tampikan geuning,pan anu nanyaan
mah meni rabul ka abah maneh,ti heula Si Aden, Si Kuden,Si
Kemed,kamari si Oded ditampik sapajodogan sakitu meni
angkaribungna barang bawa,balikna hulang huleng
malaweung,antukna bluk labuh ngagulitik kana kulah,Ambu mah
karunya ningalina oge,rek neangan nu kumaha atuh Nyai?
Eyang Tanjung : Heheheee . . . . Keun karak kitu wae mah, biasa perjuangan lalaki
(Eyang Tanjung mairan)
Ayu Wangi : (Ayu Wangi keom, kayungyun ku kalakuan Si Oded), Muhun
kumaha atuh Ambu, da abdi na geuning teu aya paraosan nanaon.
Eyang Tanjung : Lain geuliis . . . . ku abah dibandungan hidep the ciga loba hulang
huleng ti kamari, cik sok wakca, bisi aya nu dipikiran ,aya naon
geuliiiss?
Ayu Wangi : (Ayu Wangi ngarenghap panjang) Hhhhh . . . . . numawi abah,
parantos tilu wengi abdi teh ngimpen patepang sareng hiji
nonoman anu dedeg sampe rupa hade, anjeuna jangji yen dina
bulan purnama baris datang k adieu seja mundut abdi ka Abah
sareng Ambu. Ari namina teh Jaka Bunder ti Banten saurna Abah.
Eyang Tanjung : Hah . . . . Jaka Bunder? Ti Banten? Palangsiang Ambu . . .! Boa- boa
jangji pasini aing baheula baris ngabukti . . .
Nyi Ageng Patat : Ari taeun teh sok ngareureuwas, jangji pasini nanahaon?
Eyang Tanjung : Baheula waktu kami masih jadi Senapati Nagri Sunda, boga sobat
urang kulon, ngarana Si Jaro, dina hiji waktu pernah kedal jangji
yen dimana kami pada-pada rumah tangga sarta boga anak, bari
pareng awewe jeung lalaki baris dijodokeun pikeun manjangkeun
duduluran, boa enya eta patekadan ku Gusti diijabah.
Ayu Wangi : Boa enya atuh Abah ,sugan we impenan teh ngabukti ( tembal Ayu
Wangi bangun pinuh pangharepan)
Nyi Ageng Patat : Ah . . . . Nyai . . . ulah dipercaya teuing, ngarana ge ngimpi . . .
Ayu Wangi : Muhun atuh dorong du’a we ku Ambu ,impenan the sing ngabukti.
Eyang Tanjung : Heu’euh muga-muga we atuh sing tinekanan

Ti harita Ayu Wangi beuki remen hulang-huleng ngalong na jandela


kamarna,panenjona museur jauh, bangun jauh panineungan…tepika dina hiji waktu nu
geulis teh gering parna, awakna norelak begang, geus rupa-rupa tarekah dipetakeun ku
kolotna, nu gering anggur nyangsaya.
Takdir teu beunang dipungkir, kadar teu beunang disinglar, titis tulis ti ajali, Ayu
Wangi geus nepi kana pastina, ditungtungan lapad dua kalimah syahadat, ruh Ayu
Wangi dicandak ku nu Kagungan, Ayu Wangi tilar dunya . . . Nyi Ageng Patat ngagoak
bari ngarawu layon nu jadi anak, ditangkeup, digulang gaper, diciuman, diceunceurikan,
bari teu kendat sasambat.

Nyi Ageng Patat : Geuliiiss . . . anak Ambu, teungteuingeun, naha hidep bet
ninggalkeun, Gustiii . . .langkung sae abdi we nudipundut, abdi
ridooo… (les… Nyi Ageng Patat Kapiuhan ….tatangga anu ngalayad
buraungan nyeungceurikan anu tilar, sawareh ngagugulung Nyi
Ageng anu masih kapiuhan).
Eyang Tanjung : Gustii ..nu Maha Agung , sim abdi teu aya daya lan kakiatan,mugi
pun anak ditampi iman Islamna, dihampura sagala
dosana,diwuwuh ku rahmat Gusti, Aamiin Ya Robbal Aalamiin…
Singkat carita, layon Ayu Wangi dipulasara, tuluy dikubur di hiji lengkob,
tonggoheun mata holing wahangan,pamandian Ayu Wangi, gigireun makamna
dipelakan rupa-rupa kekembangan.
Unggal sore bada asar dilaksanakeun tahlilan sakumaha ilahar, tali paranti urang
lembur babakan, peutingna ngaderes Yaasin babarengan.
Dina poe ka tujuh, sarengsena hadiah nujuhna, tamu-tamu can marulang,di luar
kadenge nu uluk salam.

Tamu : Assalamualaikum. . . .
Eyang Tanjung : Waalaikumsalaam . . . saha di luar ? mangga ka lebet..
Tamu : Abdi nun . . .

Tamu teh asup ka jero imah,tuluy sasalaman ka pribumi,geus kitu gek diuk
mayunan ka Eyang Tanjung.

Tamu : Punten sateuacanna…dupi abah the leres Eyang Tanjung?


Eyang Tanjung : Bener pisan Jalu, Ari hidep teh saha ? ti mana lembur matuh banjar
karang pamidangan,sarta naon pamaksudan? Eyang Tanjung nanya
ka tamuna
Tamu : Upami dipercanten mah ngaran sim kuring teh Jaka Bunder,pun
bapa wastana Ki Jaro Kulon , abdi ti Banten . Maksud sim kuring teh
seja nyumponan wasiat ti pun bapa rehna dua bulan kapengker
sateuacan pun bapa pupus,anjeuna wasiat ka abdi kedah lunta ka
daerah pajampangan ,teangan cenah sobat bapa nu wastana Eyang
Tanjung ,kapungkur mah julukanna teh Alap-Alap Datar
Jampang,sarta lamun manehna bogaeun budak awewe bari geus
baleg,eta pijodoeun hidep,sabab antara bapa jeung manehna geus
aya patali jangji, kitu wasiat pun bapa the abah..katurug-turug abdi
pernah ngimpi tilu peuting noron,pendak sareng wanoja anu kacida
geulisna, namina Ayu Wangi, Abah abdi katrik birahi kapentang
asmara ku manehna (Jaka Bunder nyarita panjang lebar).
Eyang Tanjung : Bener pisan Jaluu…ngan hanjakal Si Nyai putra Abah the kiwari tos
maot karak saminggu,ieu the minangka karak beres tujuhna.(Eyang
Tanjung bari cumalimba)
Tamu : (ngadenge yen Ayu Wangi geus teu aya dikieuna ,Jaka Bunder
leuleus taya tangan pangawasa,cimata sing garendang dina juru-
juru panonna). Tobaat . . . Abah baruk kitu kajadianna. Abah abdi
rek tapa di kuburan manehna,rek ngabuktikeun kacinta jeung
kasatiaan ka manehna, sok sanajan lain di alam dunya (kitu ceuk
Jaka Bunder).

Ti harita Jaka Bunder tapa di kuburan Ayu Wangi, di sirah wahangan, tapi aneh,
isukna diriksakeun the lapur teu aya, ceuk carita, manehna tilem di dinya, ganti wujud,
pindah alam, ti harita eta wahangan katelah Kalibunder. Lengkob tempat makam Ayu
Wangi kiwari katelah Buniwangi.

You might also like