You are on page 1of 25

LAYANGAN PEGAT

( Si Kabayan jeung Si Iteng )

Kacaritakeun dina hiji kisah Si Kabayan Jeung Nyi Iteung nyaeta kaluarga nu kacida
harmonisna nu teu pernah aya masalah, komo deui ku hadirna Putra hiji-hijina Si Kabayan jeung
Nyi Iteung nu kacida dipikanyaahna. Budakna anu pinter tur calakan sarta sok ngabanggakeun
kanu jadi kolotna, nu namina Soleh anjeunna ayeuna tos umur 17 taun kelas 2 di SMA Dadali Sakti.

Ngan kaluarga nu kasebut harmonis ieu sakerejep pisan jadi beda, sabat Si Kabayan nu jadi
robih boh dina cariosan boh dina kalakuanna ka Nyi Iteung jeung Soleh.

Tibarang ieu ngawitanna Soleh jadi budak nu bengal, pagawean ulin ngiluan geng motor
jeung babaturanna, sakola tara tepi, dina nilai oge turun, pergaulanna beuki salah ku sabab
anjeunna loba pisan pikiraneun.

Adegan 1

(Si Kabayan nu karak balik peuting)

Si Kabayan : Assalamu’alaikum…..(bari keketrok panto)

Nyi Iteung : Waalaikumsalam….(Mukakeun panto bari nanya ka si Kabayan)Ari Akang tos timana

wae wayah kieu meni karak uih! tos jam sabaraha ieu meni wengi pisan pan Neng rindu

ka Akang…….

Si Kabayan : Si Neng naros we hayoh pan Neng ge apal mereun Akang teh tos naon hungkul seeur

pan pidameleun oge da Akang kieu teh Akang ngalakukeun na ge jang Neng jang Si

Soleh (balik nyentak)

(Soleh nu ngadengekeun ti kamarna ngarasa pusing nu ujungna init Soleh ulin nongkrong
biasa jeung gengna)

Soleh : Lah pusing unggal poe teu berang teu peuting riweuh wae (dikamar bari kukulutus)

Si Kabayan : Soleh maneh rek kamana? (ningali Soleh geus rapih dangdanan rek ulin)

Soleh : Pusing diimah mah eweuh katenangan pisan! (bari init kaluar, anjeunna tumpak motor

terus init)

Si Kabayan : Tuh tingali anak maneh pagaweanna! Didik budak teh sing bener

Nyi Iteung : Ngenah we Akang nyalahkeun Neng, ari Akang oge saruana jadi bapa na teu bisa
ngawarah pisan

Si Kabayan : Lah nggeus Akang lapar hayang dahar ayeuna mah

Nyi Iteung : Jung Akang sanajan Neng kesel ka Akang ge da kekeuh we Neng mah peduli ka Akang

(SI Kabayan malengos ka dapur terus anjeunna dahar, Nyi Iteung ka kamar anjeunna
langsung sare tiheula teu nungguan Si Kabayan, Si Soleh teupi ka tempat biasa anjeunna nonkrong
jeung babaturanna datang bari kesel)

Soleh : (Datang ka tongkrongan muka jaket terus diuk nu kasampak ngeus aya babaturanna)

Jaka : Kunaon maneh leh jamedud kitu (bari seserian)

Aman : Teuing unggal datang eta ngan jamedud we bangun nu kesel meni jiga pisan weuh

semangat hirup (Jaka jeung Aman seserian)

Soleh : Gandeng lah kos nu teu apal wae masalah urang naon!

Aman : Santay atuh Bro meni galak kitu sieun atuh urang

(Soleh nu nongkrong jeung babaturanna nu saperti biasa sok nepika tara balik ka imah tika
isuk)

Adegan 2

(Soleh nu karak balik ka imah jam setengah 7 nyampak kolotna keur dahar)

Si Kabayan : Soleh maneh geus timana kuat karak balik wayah kieu! Meni hese diwarah boga

budak teh

Soleh : Sok teu majar kitu da Bapa ge mineng atuh balik wayah kieu mah, tikamari kamana

wae

Nyi Iteung : Soleh! Ulah kitu bapa Soleh eta teh dosa!

(Soleh init ka kamar mawa anuk terus k acai mani, Si Kabayan rek init ka sawah sapertos
biasa)

Si Kabayan : Neng, akang mangkat heula….

Nyi Iteung : Muhun kang, ieu bekelna kanggo siang atuh (masihkeun bekel teras salam)….

Si Kabayan: Assalamu’alaikum……

Nyi Iteung : Waalaikumsalam…….


Ningal Si Kabayan nu berangkat damel, Nyi Iteung buburu siap-siap anjeunna rek
nepungan ka rerencangannana rek curhat tentang Si Kabayan jeung nenagan solusina……

Nyi Iteung : Soleh kin bumi koncikeun, mamah bade kaluar heula sakedap eta acis na aya dina

luhureun meja

Soleh : (ngajawab ti kamar nu karak beres mani) Muhun mah

Nyi Iteung : Aduh kudu geura yeuh ka rerencangana

(Nyi Iteung init ka bumi rerencanganna)

Nyi Iteung : (nepi ka imah rerencanganna bari keketrok…) Assalamu’alaikum Ceu Enih, ceu aya

dibumi teu?......

Ceu Enih : Waalaikumsalam sakedap….(mukakeun panto) Ehh gening Iteung sisinarieun kadieu

isuk-isuk aya naon? Hayu atuh lebet…..

Nyi Iteung : Muhun ceu(lebet ka bumi ceu Enih)

Ceu Enih : Sok mangga calik (ceu Enih ka dapur nyandak cai kanggo Nyi Iteung)

Nyi Iteung : (Ninggali Ceu Enih nu ti dapur nyandak cai sareng caneut)ceu aduh teu kedah repot

padahalmah

Ceu Enih : Wios Nyi…. Sok mangaa di leeut…….

Nyi Iteung : Muhun ceu…. Ceu sabenernamah kieu abdi kadieu ameng hoyong curhat ka eceu abdi

teh masalah si Akang

Ceu Enih : Naha kunaon kitu jeung si Kang Kabayan….

Aman : (Aman the nyaeta budak Ceu Enih, kaluar ti kamar nyampak ningali indung na si Soleh)

Eh aya Bi Iteung gening (salam ka Nyi Iteung)

Nyi Iteung : Ehh Aman sakola nyah Man?

Aman : Muhun bi, mamih mana atuh acis (nyungkeun acis jang sakola)

Ceu Enih : Duit we jeung duit, poe kamari leuwih di bere jatah teh naha seep?

Aman : Nya enya atuh mih mantak nyungkeun ge seep

Ceu Enih : (ngaluarkeun acis tuluy dibikeun ka Si Aman) yeuh kudu mahi sakieu!
Aman : Atuh ari jang bengsin kumaha moal mahi

Ceu Enih : Ampun ieu budak, meni teu bersukur pisan dibere sakitu teh (ngaluarkeun deui acis)

Aman : Tah kitu ih da moal aya nu sabager mamih sageulis mamih (bari seri bungah)

Ceu Enih : Nggeus geura init kaituh kaberangan keh

Aman : Enya atuh mih, Assalamualaikum (salam ka Nyi Iteung jeung indungna tuluy init)

Nyi Iteung jeung Ceu Enih : Waalaikum salam……..

Ceu Enih : Jadi kumaha sok teraskeun

Nyi Iteung : Enya Si akang the ayeuna mah jarang uih ka bumi aya uih tengah wengi karak uih atawa

subuh alesanna ngalembur, ngan teu asup akal pisan atuh gawe disawah oge menika

kudu ngalembur heg tina sikap ka abdi ge tos beda teu jiga biasana abdi the beuki

curiga, bingung abdi kedah kumaha?

Ngadenge kitu Ceu Enih ge bingung anjeunna mikiran kumaha solusi nu bener sangkan bisa
kanyahoan nu sabenerna kumaha…….

Ceu Enih : Tapi enya ceu bangun aya nu teu beres, kieu we ayeuna mah abdi gaduh cara kedah

kumaha

Nyi Iteung : Kumaha?

Ceu Enih : Kieu ayeunamah payuneun si akang mah wios biasa-biasa heula we, pura-pura teu

curiga nanaon, tah pan Nyi Iteung apal mereun dimana si Akang sok damel tah urang

susulan kaditu urang tuturkeun wios ku abdi di baturan

Nyi Iteung : (bari mikir jeung bener-bener ngarengekeun naon nu dicarioskeun ku Ceu Enih) Duh ceu

Enih mah bener-bener bisaan enya sok lah abdi ge hoyong buburu terang kumaha nu

sabenerna, kira-kira iraha ceu arurang ngajalankeun rencanana?

Ceu Enih : Lah tong lila-lila jeung ceceu mah hayu wae ayeuna keneh ge!

Nyi Iteung : Engkin we atuh sontenan bade moal?

Ceu Enih : Nya siap hayulah

Nyi Iteung : (bungah Nyi Iteung bari nangkeup ka Ceu Enih)Bener-bener bestie urang ieu mah
Ceu Enih : Atos atuh atos tong kikieuan meni gararetek pisan (ngalepaskeun Nyi Iteung nu

nangkeup)

Nyi Iteung : Ceu abdi uih heula atuhnya kin di samper deui ku abdi sonten

Ceu Enih : Muhun mangga

Nyi Iteung : Hatur nuhun nya ceu, assalamu’alaikum…….

Ceu Enih : Enya sami, Waalaikumsalam…….

Adegan 3

(Di Sakolaan)

(Murid-murid asup ka kelas sabab geus aya bel)

(Kelas 11 IPA 3)

Aman : Soleh leh (riweuh nyamperkeun bangku soleh) indung maneh tadi aya diiamah urang

Soleh : Wahh nu bener maneh

Aman : Asli iraha urang pernah ngawadul ka maneh

Jaka : Si Aman di percaya teuing beuki wadul kituna

Aman : Cicing Jaka sok nimrung wae teu nyaho nanaon ge

Soleh : Tapi indung urang rek naon ka imah maneh?

Aman : Teuing, tadi mah urang ngadenge ceunah bapa maneh the asa beda ceunah mun teu salah

eta oge

Soleh : Tapi enya oge da urang ge kitu ngarasana, karunya urang teh ka indung urang

Jaka : Beres teu kudu dipikiran, yeuh urang boga berita penting pisan

Aman : So penting hirup maneh mah Jaka

Jaka : Ehh suraman baleg urang mah

Soleh : Naon naha Jak

Jaka : Aya murid anyar awewe dikelas 11 IPA 1, geulis deuih

Aman : Nu bener Jaka, aduh panasaran yeuh sugan we jodoh nu ditutunguan

Jaka : Sarua, ke istirahat urang riksakeun


Aman : Hayu Jak, Soleh ngilu moal?

Soleh : Kos nu eweuh pigaweeun deui mening ngadahar batagor di Wa Kokom

Aman : Meni teu seru pisan ari maneh Soleh

(Guru datang ka kelas terus belajar)

(Geus jamna istirahat Jaka jeung Aman buburu kaluar tuluy nyamperkeun ka kelas IPA 1 rek
ningali awewe geulis eta)

Jaka : Mana nya awewena

Aman : Teuing atuh teu nyaho coba tah tanyakeun ka batur, tah aya si Euis

Jaka : Hey hey Euis ari budak anyar nu di kelas maneh mana?saha ning ngarana?

Euis : Oh si Wulan, Tadi mah ka warung asana bebeja ka urang mah

Aman : Hayu Jak rang susul!

Jaka : Gasss Neng Wulan I Coming……

Euis : Naon sih asa loba nu nanyakeun si Wulan, abong keneh murid anyar padahal geulisan oge

urang

Mila : Naon is aya naon

Euis : Tuh itu nanyakeun si Wulan

Mila : Karek ge asup geus jadi tenar kitu

Wulan anu balik ti warung anjeunna meser minuman lempang bari mawa buku da emang na
ge si Wulan mah resep maca, anjeunna lempang teu ningali nu akhirna nabrak batur minumanna
bahe kana bajuna, nyaeta nabrak si Soleh.

Wulan : Aduh (bruk sora tabrakan Wulan rewas da nabrak batur jeung ngabahekeun minuman

kana baju batur)

Soleh : Euhh lempang the tingali gera make panon tah boga panon dua meni teu guna baju urang

kotor yeuh (Soleh ngamek)

Wulan : Punten teu kahaja pisan

Soleh : Lah punten-punten kumaha ieu baju urang kotor, saha sih maneh urang can pernah ningali

Wulan : (ngageremet na hate) “Ihh lalaki teh amit-amit kalah cacarek kenal oge henteu” Abdi
murid anyar didieu

Soleh : Ohh pantes teu boga akhlak, lempang oge sangenahna

Wulan : Naon sih pan titadi urang geus menta hampura kalah cacarek kitu

(Jaka jeung Aman ningali Soleh jeung Murid anyar)

Jaka : Wahh itu ning Man, naha beut jeung Si Soleh nya

Aman : Nya si Soleh mah sok pura-pura mung padahal mah hayang, hayu samperkeun

Jaka : Soleh keur naon maneh

Soleh : Tah awewe teu jelas nyieun baju urang kotor

Aman : Ehh Wulan….. Tos jajan?

Wulan ; Muhun, manga atuh nya bade ka kelas tipayun

Aman : Mangga-mangga, aduh meni geulis pisan euy

Soleh : Ehh can beres ieu urusanna kumaha

Jaka : Kendae atuh leh karunya awewe jaba geulis pan (soleh init ka cai bari kesel)

Adegan 4

(Waktuna balik sakola, Si Soleh jeung babaturan biasa init ka tongkrongan)

Ningang di sonten Nyi Iteung ngajalankeun rencanana anjeunna nyamper ka bumi ceu Enih….

Nyi Iteung : Assalamu’alaikum ceu hayu (bari keketrok riweuh)

Ceu Enih : (siap-siap init kababawa riweuh ngawaler jeung muka panto) Waalaikumsalam Nyi kin

heula atuh meni riweuh!

Nyi Iteung : Hayoh atuh abdi tos teu sabar

Ceu Enih : Enya atuh hayu-hayu

Ceu Enih jeung Nyi Iteung indit ka sawah tempat Si Kabayan gawe………….Nepika tempat
pagawean Ceu Enih Jeung Nyi Iteung nu nyumput dina rungkun ningali ti kajauhan Si Kabayan nu
keur gawe di sawah………

Nyi Iteung : Mana ning itu si akang teu nanaon gawe we biasa

Ceu Enih : Encan mereun atuh, da masih keneh waktu gawe


Teu lila da waktos na memang tos sonten pisan…..Ceu Enih jeung Nyi Iteung ningali Si
Kabayan nu hanyat ti sawah teras beberesih anjeunna nu beres gawe……..Ceu Enih jeung Nyi Iteung
ningali Si Kabayan nu beres beberesih tapi nu aneh na ningali Si Kabayan meni rapih jeung nepika
disisir, beuki nyieun panasaran dituturkeun ku Ceu Enih jeung Nyi Iteung………

Ceu Enih : Nyi tingali itu Si Kabayan menika rapih beresih kitu kuat limit nepika buukna

Nyi Iteung : Muhun ceu, teu biasana eta si akang jiga kitu

Ceu Enih : Tuh si Kabayan rek indit!

Nyi Iteung : Hayu tuturkeun!(Nyi Iteung jeung babaturanna nuturkeun)

Ceu Enih : (Bari nuturkeun Ceu Enih naros)Nyi keheula naha arahna beda da bumi Nyai mah lain

kadieu nya leres teu?

Nyi Iteung : (Nu bingung beuki curiga jeung beuki panas)leres ceu ari si akang bade kamana iyeu!

Teu lila nepi si Kabayan kahiji imah, keketrok si Kabayan kaluar hiji awewe ti imah eta
mukakeun panto. Ningali kitu Ceu Enih jeung Nyi Iteung rewash ningalina, komo bari ningali si
awewe eta salam ka Si Kabayan jiga nu geus deket pisan…..Nu teu karasa Nyi Iteung nu ningali
nyurucudkeun ci panon……

Si Kabayan : Assalamu’alaikum…..

Mona : Waalaikumsalam(muka panto)Ehh aya Aa(salam bari seuri)mangga calik a…

Si Kabayan : Muhun yang (Si Kabayan diuk dina korsi harepeun imah...

Mona : Ari Aa ihh kamana wae ayang teh sono pisan ka Aa(genit jeung nu hayang di ogo)

Si Kabayan : Hapunteun atuh yang, Aa teh pan sibuk Neng ge pan apal, jaba Aa bade kadieu the

harese yang, Si Nyi Iteung teh tos rada Curiga ayeuna mah ka Aa, Jadi Aa teh moal

waka tiasa ngenong-ngenong ayeuna mah

Mona : Ihh Aa mah padahal the ayang keur sono-sono na ka Aa(sabari camerut)

Si Kabayan : Muhun atuh da ayang Mona nu geulis bade kumaha deui………

Ceu Enih : Sabar Nyii (bari ngusapan)

Nyi Iteung : Ceu abdi mah nyeri hate pisan teu nyangka si Akang bisa kitu, meni tega ka abdi

padahal abdi kirang naon (sesegukan cerik) pantes ceu abdi mah tikamari ge tos curiga

heg itu awewena menika geulis kitu, nyeri hate abdi mah ceu
Ceu Enih : Sabar nyi abdi ge teu nyangka pisan si Kabayan meni tega pisan

Nyi Iteung : Ceu abdi mah teu kiat abdi mah bade ngalabrak ayeuna keneh!(bari amek anjeunna

nyamperkeun ka Si Kabayan)

Ceu Enih : Nyi keheula tong waka (nahan Nyi Iteung tapi teu katahan nu akhirna nuturkeun Nyi

Iteung)

Nyi Iteung : Akang!!(ngomong tarik nyarek ka Si Kabayan)

Si Kabayan : Astagfirullah Neng naha bisa didieu (ngorejat si Kabayan rewas)

Mona : Aa ieu kumaha (ngahareos ka Si Kabayan bari nyumput tukangeunna)

Nyi Iteung : Akang tega nya ka Neng, ngabohongan Neng pantes Akang teh berobah!

Si Kabayan : Neng Akang bisa jelaskeun Neng

Ceu Enih : (nyamperkeun) hehh kabayan geus ngaku we ayeuna mah moal bisa ngawadul deui

Si Kabayan : Ganeng ikut campur we pasti dikomporan ku Eceu iyeu mah

Ceu Enih : Hihh sorangan salah nyalahkeun batur amit-amit!

Nyi Iteung : Neng mah kecewa ka Akang!!(nyi Iteung tuluy balik bari ceurik)

Ceu Enih : Ehh Nyi tunguan abdi atuh…..

Si Kabayan : Neng rengekeun penjelasan Akang Neng (pamit ka Si Mona)….. Mona Aa kedah uih

heula ieu mah nya

Mona : Ihh kakarak oge sakedap Aa mah, enya hegae atuh……

(Si Kabayan nyusul balik)

Adegan 5

Bumi Nyi Iteung

Ceu Enih : (Ngageneng Nyi Iteung nu masih ceurik) Assalamualaikum………..

Soleh : Waaalaikumsalam (muka panto jeung bingung indungna ceurik) Ehh mamah kunaon

ceurik, calik Ceu…..

Ceu Enih : Pangnyandakeun cai leh

Soleh : Muhun Ceu (nyandak cai) Ceu ari mamah teh kunaon make bisa ceurik
Nyi Iteung : Henteu leh mamah mah teu kunanaon, Ceu nuhun nya bilih bade uih mah manga

Ceu Enih : Muhun atuh abdi uih heula, assalamualaikum……..

Soleh : Mamah the leres teu kunanaon?

Nyi Iteung : Henteu leh, jung gera bobo anguran enjing sakola bisi kasiangan

Soleh : Enya mah

Soleh asup ka kamar, teu lila Si Kabayan balik tuluy Nyi Iteung jeung Si Kabayan pasea deui,
nu padahalmah si Soleh can sare anjeunna ngarengekeun ti kamar.

Soleh : Ngeus pasea deui pasea deui iraha rek akurna atuh (nyarios ti kamar)

Si Kabayan : Assalamualaikum neng (nyampak Nyi Iteung masih keneh ceurik teu ngajawab salam na

Si Kabayan) Neng neng Akang tiasa ngajelaskeun neng……

Nyi Iteung : Ntos lah Kang tong loba alesan deui Neng tos ningali sorangan kalakuan akang kumaha

Eta awewe saha na Akang, salingkuhan Akang, eta nu nyieun Akang ngalembur wae teh,

Akang tega Akang tos teu nyaah deui ka Neng!

Soleh nu ngadengekeun ti kamar ngarasa kesel, anjeunna kaluar ti kamar ngamek ka Bapana

Soleh : Bapa! Teu nyangka soleh bapa bisa satega kitu ka mamah

Nyi Iteung : Soleh, kunaon can bobo

Si Kabayan : Soleh gera sare! Maneh mah moal apal kana urusan kolot

Nyi Iteung : Soleh atos ka kamar we bageur

Soleh : Keun mamah antep lalaki kos kitu mah kudu di warah, tega-tegana nganyenyeri

Mamah

Si Kabayan : Soleh! (ngamek nepika rek nyabok Soleh untung ka tahan ku indungan)

Nyi Iteung : Akang! Salila ieu Neng tos sabar wae ka Akang, naon kurang na Neng,

abong Neng teh ayeuna mah tos kolot tos teu geulis deui beda jeung awewe tadi nu

ngora keneh, geulis deuih!

Si Kabayan : Neng, henteu kitu salilana oge Neng mah hiji-hijina nu pang geulisna dimata Akang

Nyi Iteung : Buaya! Teu hayang nyaho peting ayeuna tong sare dikamar, sare diluar
Nyi Iteung ka kamar ngaluarkeun bantal jeung simut jang sare Si Kabayan, tuluy ka kamar
deui bari ngajebrudkeun panto

Soleh oge init ka tempat nongkrong na da manehna ngarasa pusing ku kolotna, tepi Soleh ka
tongkrongannana, nyampak aya si Aman hungkul

Soleh : Si Jaka kamana?

Aman : Teuing titadi ge eweuh budak the (teu lila si Jaka datang dina kaayaan garenek jiga nu geus

Digebugan)

Soleh : Jaka maneh kunaon

Jaka : Urang tadi diserang ku geng na Si Indra, hadena bisa keneh kabur

Aman : Hayangna naon sih hayoh we neangan masalah

Soleh : Tong loba ngomong ayeuna keneh urang bales samperkeun markasna!

Perjalanan ka markasna, Soleh ningali Indra keur aya disisi jalan jeung babaturanna

Soleh : Indra!

Indra : (Indra malik jeung babaturanna) Weh weh santay atuh bro aya naon iyeuteh

Aman : Loba omong maneh naon maksud ujug-ujug ngagebugan babaturan urang

Indra : Datang-datang ujug-ujug weh sulah salah era atuh!

Soleh : Indra!loba omong serang!......

Gengna si Indra jeung Si Soleh gelut di jalan, teu lila tina eta polisi datang, maranehna rewas
terus kabur da sieun

Aman : Polisi leh polisi

Soleh : Weh weh kabur

Nepika isuk Si Soleh saperti biasa karak balik ngan ayeuna mah dina kaayaan babak belur
nu sontak we nyieun bapa na nu ker ngopi ngamek

Si Kabayan : Soleh! Ari maneh geus naon gelut lain!geus ngarasa jagoan maneh

Soleh : Cicing! (malengos nu langsung nyokot anuk rek mani)

Nyi Iteung nu can kaluar ti kamarna sabab anjeunna masih keneh amek ka Si Kabayan, Nyi
Iteung nelepon ka Ceu Enih hoyong pang milariankeun info tentang si awewe salingkuhan SI Kabayan

Nyi iteung : Assalamualaikum ceu, abdi nuju butuh ka eceu


Ceu Enih : Waalaikumsalam Nyi butuh naon sok we nyarios ka ceceu

Nyi Iteung : Punten pisan bantosan pang milariankeun info tentang Si Mona eta

Ceu Enih : Siap ceu, kin ku abdi dipilarian pami tos aya dikabaran deui

Aman : (Si Aman ngadengekeun ti kamarna terus kaluar ti kamar rek init sakola)mah ujang

mangkat heula

Ceu Enih : (rewash tuluy nutup telepon na bisi karengeeun si aman)

Dina tempat beda Si Soleh oge sami rek berangkat sakola, anjeunna pamit ka indungna di
harepen panto kamar

Soleh : Mah Soleh mangkat heula nya, pami aya nanaon mah telepon we soleh

Nyi Iteung : Muhun leh

Adegan 6

Soleh berangkat na motor pas-pasan di sisi jalan aya wulan nu katingalina keur nungguan
angkot, ku Soleh di samperkeun jeung di ajak bareng

Soleh : (Motorna ereun) Hayu bareng moal

Wulan : Naon sih kamari amek-amekan ayeuna ujug-ujug bageur (Sabari ngadelekan)

Soleh : Dibageran salah naon sih hayangna awewe the, hayu daripada kaberangan tingali atuh jam

Wulan : “Tapi enya oge sih teu aya pilihan deui daripada kasiangan” (ngomong dina hate) muhun

atuh

Soleh : (nyarios na hate) tapi enya oge sih ieu awewe geulis heg beda jeung awewe nu lain

Nepika sakola, Geng Sela jeung babaturanna ningali Si Soleh ngabonceng awewe. Sela, Ririn,
Meli nyaeta Geng hits nu kasohor tukang bully, sombong jeung galak di sakola, kakak kelas na oge teu
wanieun ka Geng Si Sela sabab benghar jeung bapa na oge salasahiji guru di SMA Dadali Sakti.
Padahal bapa na mah kasohor ‘alimna da anjeunna guru Pendidikan Agama sarta pagawe di
Pengadilan Agama, Namina Pa Ali. Sela Si ketua gengna anjeunna bogoheun ka si Soleh ngan si Soleh
na henteu ku sabab kalakuanna. Barang ningali si Soleh ngabonceng awewe puguh we anjeunna
amek.

Sela : Ih itu si Soleh jeung saha sih, awewe teh wawanianan ngadekeutan si Soleh, padahalmah

sasakola ieu ge geus apal si Soleh mah nu urang!

Ririn : Sel, bejana eta teh budak anyar dikelas 11 Ipa 1


Meli : Ohh anu disebut-sebut geulis tea

Sela : hehh Meli! Eweuh nu leuwih geulis di sakola ieu selain urang, emang sakumaha geulisna sih?

geulisan oge urang heg benghar pan urang mah naon nu kurang ti urang! Bener teu rin?

Ririn : Bener lah……..

Wulan anu lempang rek ka kelas keun anjeunna di cegat ku Si Sela bari di bebedol

Sela : Hehh budak anyar ngilu buru!

Wulan di bawa ka pipir sakola anjeunna di buli bebeakan jeun dibejaaan ulah ngadekeutan
deui Si Soleh

Sela : Hehh Wulan di sakola ieu aya aturanna saha nu wani ngadekeutan si Soleh bakal ngahadepan

jeung urang maneh apal urang?

Wulan ; Saha?

Ririn : wah parah jelema teh teu nyahoeun maneh saha

Meli : Maneh bener teu sieun ku si ieu?

Wulan : Naha make kudu sieun ku jalmi, sieun mah ku Allah

Sela : Calutak pisan! Budak anyar deuih, Urang Sela!

Wulan : Sela naon Selamat ulang taun?

Ririn : Heyy wawanianan! maneh teu nyaho balukarna mun urusan jeung Sela!

Wulan : Terus?.....

Teu lila si Euis jeung si Mila ningali Si Wulan ker jeung gengan si Sela, atuh puguh we da Euis
mah geus apal pisan Si sela jeung babturanna, Si Wulan diajak init ku si Euis

Mila : Tuh gening sing Wulan, hayu samperkeun

Euis : Wulan! Aduh masalah (nepak tarang, nyamperkeun Wulan) Wulan lan hayu rang ka kelas!

(Sabari dibedol)

Wulan : Eh atuh tong dibebedol kieu

Sela : Heyy can beres masalahna!pokonamah awas mun wani ngadeketan si Soleh

Euis : (Sabari lempang ka kelas) Eta kunaon sih geng si Sela bisa ngamuk kitu ka Wulan

Mila : Tadi, Mila ningal Wulan di bonceng si Soleh, leres teu?


Wulan : Emang kunaon?

Euis : Nu bener Wulan tadi di bonceng si budak badung eta? Aduh Wulan pantesan atuh si Sela

bisa ngamek kitu

Mila : Aduh masalah ieu mah

Wulan : Naha kunaon?

Euis : Sasakola ge tos apal ulah aya nu ngadekeutan si Soleh, pan si Soleh mah nu si Sela

Mila : Mending jauhan lah si Soleh

Wulan : Atos ah hayu bisi kaburu aya guru (Wulan ka kelas jeung babaturanna)

Sela jeung gengna nepi dikelas numasih ngomomngkeun si Wulan jeung amek ka si Wulan, teu
lila si Soleh datang ka kelas nu puguh nyieun si Sela bungah

Ririn : Sel,sel si Soleh tuh

Sela : Aduh duh urang geus gelis can yeuh

Meli : Beres maneh mah da geulis wae atuh Sel

Sela : Soleh….. Soleh ih soleh (Nyamperkeun ka meja si Soleh tapi si Soleh na ngantep)

Soleh : Naon sih risih

Sela : Balik sakola nonton yu, Sela tos meser tiket na yeuh

Jaka : Wih tiket gratis yeuh, leh tarima leh

Soleh : Maneh we (ngajawab si Jaka)

Aya urusan moal bisa (ngajawab si Sela)

Sela : Ihh Soleh kunaon sihh kuat tiis kitu emang aya nu salah jeung Sela, kurang geulis emang poe

Ayeuna? Man geulis teu urang geulis pan?

Aman : Geulis sih tapi kekeuh geulis keneh si Neng Wulan nya leh?

Soleh : (Soleh seri saetik ngarengena)

Meli : Hey hey pa Ali

Pa Ali asup ka kelas tuluy mulai di ajar, dina waktos na ngajar anjeunna ningali Sela nu teu
merhatikeun kalahkah dangdan, emang na oge Sela jeung Bapa na teu pati akur ti basa indung na
Sela tos ngantunkeun.
Pa Ali : Sela! Perhatikeun atuh belajarna sing leres

Sela : Enya pa (pamenteuna nu rada kesel)

Sakola tos beres waktuna uih sapertos biasa, Wulan saperti biasa ngantosan angkot ngan
kasampak aya si Indra jeung babaturanna atuh puguh we si Indra nyamperkeun si Wulan, ngan
hadena kaburu datang Si Soleh nulungan.

Indra : Hey neng geulis nuju ngantosan angkot sanes?

Wulan : (sabari seuri tapi sieun) Enya

Indra : Mening sareng Aa hayu ku Aa dianterkeun

Wulan : Teu kedah wios

Indra : (nyamperkeun Wulan) ehh hayu ku Aa dianterkeun

Wulan : Wios moal

Indra : Ehh hayu ku Aa dianterkeun

Wulan : Moal, teu kedah maksa (rada nyentak)

Soleh : (Datang nyamperkeun dina motor) Indra tong diganggu init!

Indra : Soleh soleh teu dimana-mana aya wae ngagangu

Soleh : Maneh nu teu dimana-mana neangan masalah wae

Teu lami ti eta Jaka jeung Aman datang atuh puguh we Si Indra Sieun da manehna ngan
sorangan, nu akhirna si Indra kabur jeung Wulan dianterkeun deui ku Soleh

Jaka : Hey Indra!

Indra : Euhh awas nya Soleh kee ku urang bales (init Indra)

Aman : Leh maneh teu kunanaon?

Soleh : Henteu, Wulan hayu bareng we di anterkeun ku Soleh bilih kunanaon di jalan

Jaka : Beres lan ngiring we daripada di ganggu deui ku Si Indra

Wulan : Muhun atuh (Wulan naek kana motor Soleh)

Aman : Ciee wikwiww

Jaka : Adeuhh (sabari seserian)

Pas dijalan kabeneran aya Si Sela jeung babaturanna keur nongkrong di jalan, ningali si Sela
ka si Wulan jeung Soleh, puguh we Sela amek tuluy buburu nuturkeun
Ririn : Sel sel itu lainna Si Wulan jeung Si Soleh tingali

Sela : Asli nya eta budak teu benang dibejaan, hayu urang tuturkeun

Nepi weh ka bumina Wulan, Sela jeung babaturanna ningali ti jauh teu lami ti si Soleh uih,
datang Si Kabayan ka bumina, atuh puguh we Sela nu ningali ti jauh rewas naha bisa aya bapa na Si
Soleh

Wulan : Hatur nuhun nya

Soleh : Sami, Euhh lan hohoyong nyungkeun nomer hp mangawae teu?

Wulan : Ohh muhun manga

Soleh : Enyaa atuh Soleh uih heula, Assalamualaikum

Wulan : Waalaikumsalam, gening bager nya si Soleh teh………

Sela : Ihh make sagala tukeuran nomer hp, urang oge hararese haying tepika menang nomer h psi

Soleh the

Si Kabayan : Assalamualaikum………

Mona : Ehh Aa, Neng rindu ka Aa…….

Neng nyandak cai neng (miwarang ka Wulan)

Sela : Ehh ehh keheula, itu teh lainna bapa si Soleh nya mel tingali geura

Meli : Ehh bener bapa na si Soleh

Ririn : Naha bangun jiga nu geus deket nya jeung indung na si Wulan? (tiluanna malikir)

Sela, Ririn, Meli : Ohh…………. pelakor

Sela : Boga cara ayeunamah jang ngengera si Wulan, titah saha make wawanianan

berurusan jeung Sela (Sela video Si Kabayan jeung Si Mona sanggeus kitu tuluy

balik)

Wulan : (Nyandak cai salam ka Si Kabayan)

Mona : Mangga Aa dileeut heula

Si Kabayan : Hatur nuhun yang

Mona : Aa upami nyi Iteung the kumaha?

Si Kabayan : Kitu we ngamek keneh ka Aa, wengi ge Aa bobo diluar yang


Mona : Ihh Aa karunya teuing, tos we atuh kin wengi mah kulem we didieu

Si Kabayan : Moal waka tiasa atuh Yang, kin Nyi Iteung beuki ngamek ka Aa

Mona : Ihh Aa mah iraha atuh bade kulem deui didieu neng kangen (Camerut)

Si Kabayan : Sabar sayang…………….

Adegan 7

Ceu Enih anu tos menang informasi si Mona nu jadi selingkuhan si Kabayan buburu mere
nyaho ka Nyi Iteung ka imahna

Ceu Enih ; Assalamu’alaikum

Nyi Iteung : Waalaikumsalam, Ehh Ceu mangga calik……Jadi kumaha Ceu aya?

Ceu Enih : Aya, Namina Monalisa gaduh anak hiji, anjeunna Janda pindahan ti kota kirang lewih 3

Mingguan, Ieu sesana (masihkeun lemaran-lemaran kertas)

Nyi Iteung : Hatur nuhun nya Ceu…..

Ceu Enih : Muhun sami Nyi Iteung…..

Ceu Enih uih, waktosna sore, sisinarieun Si Kabayan uih wayah kieu sabab biasana ge sok
lembur

Si Kabayan : Assalamualaikum Neng (panto teu di konci, Kabayan muka panto sorangan nyampak

Nyi Iteung nu diuk sabari nyepengan kertas)

Nyi Iteung : Sisinarieun balik wayah kieu teu ngapelan heula kabogoh anyar Akang

Si Kabayan : Naon sih Neng, salah wae Akang mah di mata Neng, masih teu percaya ka Akang!

Nyi Iteung : Monalisa! Janda anak hiji eta pan! Akang bener-bener tega ka Neng! Tingali ieu

(ningalikeun kertasna) kuat tepika di pang meserkeun kontrakan dua pintu! Is fucking

ent ! Akang bawa Mona ulin ka Talaga Warna! It’s my dream Kang!

Si Kabayan : Neng eta menang timana, bohong Neng etamah, So Inggris deuih dahar jeung tarasi oge

Nyi Iteung : Tong sok loba alesan! Pokona Neng nyungkeun Cerai jeung Akang

Si Kabayan : Neng kuat sakituna ka Akang tega ka Akang

Teu disangka Si Soleh ngarengekeun ti luar imah, anjeunna bener-bener amek jeung sedih
ngarengena teras nelepon ka Wulan hoyong di pangbaturankeun sabab aya masalah
Soleh : (Nelepon) lan tiasa panggih sareng Soleh, Soleh gaduh masalah tapi duka bade kamana

caritana

Wulan nyanggupan teras anjeunna papangihan di Warung Wa Kokom, teras Soleh carita ka
Wulan masalahna, Wulan nu teu apal nanaon nyobian ngahibur Soleh nu keur sedih pisan

Soleh : Indung jeung Bapa Soleh the rek cerai Lan, gara-gara bapa Soleh the salingkuh

Wulan : Astagfirullah, Soleh sing sabar nya Wulan ge terang na kumaha nu di raoskeun ku Soleh

Soleh : Nuhun nya Lan, tos ngarengekeun carita Soleh, Lan?

Wulan : Kah……….

Soleh ; Gening Wulan the bageur, geulis gening Soleh kagum ka Wulan sabab beda jeung awewe-

awewe nu biasana

Wulan : Soleh bisa wae……….

Soleh jeung Wulan nu ngaraos nyaman duaan ngobrol we resep nu nyieun Soleh teu sedih
deui, anjeunna uih ka bumi anu kaayaan na bapa na teu aya di bumi, indungna ngerem deui di kamar,
soleh ka kamar teras nelepon deui Wulan

Soleh : Assalamualaikum Lan, ngawagel teu?

Wulan : Waalaikumsalam henteu leh, ehmm leh mangawae teu pami Wulan jujur ka Soleh?

Soleh : Nya atuh mangga Lan naon nu henteu kango wulan mah

Wulan : Wulan nyaman sareng Soleh, ayeuna ge asa ngaraos rindu ka soleh

Soleh : Ehh naha sami nya, tapi Lan tong rindu ka Soleh mah

Wulan : Naha?

Soleh : Rindu the berat Wulan moal kuat biar Soleh aja

Wulan : Ihh ari Soleh, Soleh atos heulanya tos wengi enjing Sakola pan….Assalamualaikum

Soleh : Muhun atuh mangga, Waalaikumsalam

Disakola ujug-ujug aya nu beda biasana Wulan anu di puji-puji bageur ayeunamah malah di
di hina-hina, Wulan oge bingung sabenerna aya naon teu lila datang Jaka jeung Aman manggihan
Wulan

Aman : Lan sumpah urang mah teu nyangka ka maneh, teu sabageur naon nu ku urang kira

Jaka : Kecewa Lan urang ka maneh (tuluy datang Soleh nu can nyaho nanaon)
Soleh : Wey naon ieu teh si Wulan salah naon ku maraneh di gogoreng kitu

Jaka : Engges Leh teu kudu ngadeketan deui Si Wulan, jahat seteh

Soleh : Naon sih aya naon?

Tuluy datang gengna si Sela mere nyaho ka Si Soleh, yen indung na Wulan salingkuhan
Bapana, Soleh asalna teu percaya ngan Si Sela mere bukti nu nyieun Soleh ngamek tuluy Soleh ka
Kelas

Sela : Hai Soleh wilujeng enjing, meni kasep pisan ari Soleh, teu bosen ungal poe kasep wae

Ehh…. Aya anak Pelakor, Rin Mel tingali geulis luarna hungkul tapi aslina ihh sararieun

Soleh : Sela! Naon sih ieu aya naon?

Sela : Soleh beneran can apal, Rin tingalikeun videona

Soleh jeung babturanna init ka kelas bari amek, tuluy Sela jeung babaturanna puguh we atoh
mupuas Wulan

Soleh : Wulan teu nyangka (Wulan bingung jeung anjeunna ge teu nyangka indungna kitu, Wulan oge

ceurik)

Sela : Aduh anak pelakor cerik, karunya ditingakeun ku Soleh sedih nya

Wulan : (ceurik Wulan da ngarasa era)

Meli : Wulan naha ceurik, air mata buaya muna nyaho teu

Barang Sela keur ngabuli Wulan datang weh Pa Ali nu ngabubarkeun

Pa Ali : Hey hey keur naon eta, nggeus waktuna asup ka Kelas ieu teh!, Sela kabiasaan sok ngabuli

batur kitu ngewa!

Sela : Heran, kunaon sih Pa ikut campur wae urusan Sela! (Sela init ka kelas)

Pa Ali : YaAllah hese ngawarah budak hiji oge kudu kumaha carana

Adegan 8

Waktuna uih sakola Wulan anu nuju nungguan angkot anjeunna ningali Soleh nu ngaliwat
ngan Soleh teu naros-naros acan

Wulan : Soleh…… Soleh pasti masih keneh ngamek ka Wulan

Wulan nepi ka imah anjeunna buburu naros ka indungna nu di carioskeun Sela tadi

Wulan : Assalamualaikum mah


Mona : Waalaikumsalam Neng

Wulan : Ehmm mah Neng bade naros ka mamah mangawae teu?

Mona : Bade naros naon Neng?

Wulan : Naha leres kitu upami Mang Kabayan nu caket sareng mamah teh tos gaduh bojo?

Mona : Neng naha make naros kitu?

Wulan : Punteun mamah tapi Neng hoyong terang nu saleresna kumaha

Mona : (Teu tiasa ngelak deui)muhun Neng, bapa na Soleh nu kamari nganterkeun Neng ka bumi

Wulan : Mamah leres? Neng teu sangka ka Mamah Neng kecewa

Wulan ceurik ka kamar, teras indung na nuturkeun

Mona : Neng hapunten mamah Neng, saleresnamah Mamah ge alim kieu teh da kapungkur basa

Mamah mimiti kenal ka bapa na Soleh anjeunna ngaku single, lami kulami mamah ge apal si

Aa tos gaduh tapi mamah kapalang nyaah (Sabari ceurik)

Wulan : Teras ayeuna Mamah daek wae kitu janten salingkuhan

Mona : Saleresna mah alim, ngaraos salah mah sok aya, mamah oge teu bagya

Wulan : (Nangkep indungna) Mamah dangukeun Wulan, upami mamah teu ngaraos nyaman Mamah

teu kedah tuluy maksakeun, Kango naon mamah ngalakukeun naon anu matak mamah teu

bagya

Mona : Muhun Neng hapunteun mamah nya, nuhun tos ngartoskeun kaayaan Mamah

Wulan : Wios mah…….

Mona : Neng lapar teu, urang emam diluar yu sareng mamah

Wulan jeung Indungna init kaluar, didinya teu kahaja papanggih sareng Pa Ali anu teu di
sangka Pa Ali teh rerencangan SMA indungna Wulan, nu akhirna janten emam sasarengan

Wulan : Pa Ali…..

Pa Ali : Ehh Wulan, (ningal ka Mona nginget-nginget), Pami teu lepat ieu Mona rerencangan SMA?

Mona : Ali? Muhun ieu Mona kumaha damang? lami tos teu patepang

Pa Ali : Alhamdulillah sawangsulna


Wulan : Mamah ning tos kenal sareng Pa Ali

Mona : (ngaharewos ka Mona) Mantan Mamah pas SMA

Wulan : Ohh…..

Pa Ali : Bade emam sanes? Hayu atuh sareng we

Mona : Muhun manga (Calik tiluanna teras emam) tos gaduh murangkalih teu acan ayeuna?

Pa Ali : Kantenan atos sayuswa sareng Wulan

Wulan : Rerencangan Wulan mah

Pa Ali : Muhun rerencangan Wulan, ngan aduh Sela mah hese di warahna komo ti basa Ibu na

ngantunkeun

Mona : Innalillahi…… sabar we Li da bakat pase na masih sakola mah kitu kin ge moal

Sela datang nyusulan Bapana sabab da Warung eta teh teu jauh ti bumina Sela, atuh Sela nu
ningali amek

Sela : Bapa! Naha Bapa didieu jeng ibu-ibu pelakor ieu deuih

Pa Ali : Sela! Jaga cariosanna

Sela : Wulan bejakeun ka Indung maneh ulah sok so geulis jadi awewe kamari bapa si Soleh piraku

ayeuna jeung Bapa urang

Pa Ali : Sela! Aduh hapunteun pisan nya ku kalakuan Sela

Mona : Wios Li…….

Dina tempat anu beda Nyi Iteung anu tos ngajukeun gugat cerai ka Pengadilan Agama
anjeunna masihkeun surat yen enjing Si Kabayan kedah dongkap ka Pengadilan Agama

Nyi Iteung : Kang surat tah! Awas pami enjing teu dongkap

Si Kabayan : Neng naha teu tiasa dicarioskeun baik-baik deui

Nyi Iteung : Seep kasabaran Neng ka Akang

Ningang ka Isuk sapertos biasa di Sakola, Sela, jeung Meli tos aya di sakola tapi Ririn teu acan
katingali

Sela : Si Ririn kamana Mel?

Meli : Teu apal titadi can katingali


Sela : Mel apal teu kamari Bapa urang dahar bareng jeung Indungna si Wulan, weuh kaera pisan pan

Meli : Wahh nu bener Sel, iuhh asli nya weuh kaera pisan, ehh Sel itu Si Ririn

Ririn : Sel, Pa Ali milarian, samperkeun jung

Sela : Wegah antepkeun we

Meli : Bisi penting samperkeun heula

Sela maksakeun nyamperkeun Bapana

Sela : Bade naon Pa?

Pa Ali : Kin sonten kersa teu ngiring sareng Bapa ka bumi wulan?

Sela : Ihh naon sih pokona Sela alim nya mun Bapa nepika jadi jeung Indungna Wulan sabab nepika

Iraha ge moal aya nu tiasa ngagentoskeun alm. Mamah (Sela init anjeunna ceurik nyalira nu

teu lami datang Wulan)

Wulan : Sela…..

Sela : Rek naon maneh kadieu, gara-gara aya maneh hirup urang jadi kieu

Wulan : Ehmm Wulan ngartos, Sel Wulan terang Sela teu acan tiasa narima upami Bapa Sela gaduh

deui tapi inget Sel, sebagai budak urang teu kenging egois ulah mikirkeun kabagyaan urang

wungkul, Bapa Sela oge tara egois sok ngutamakeun kabagyaan Sela, piraku Sela teu tiasa

Sela : (sadar ku cariosan Wulan) lan nuhun nya tos ngingetan, hapunten nya salami ieu Sela jahat

ka Wulan ternyata Wulan aslina bageur

Wulan : Muhun Sel, tibasa mimiti oge Wulan mah tos ngamaafkeun Sela

Kaayaan dikelas, Sela rek ngajelaskeun ka Soleh nu sabenerna tentang si Wulan

Sela : Soleh, hayu sela rek nyarios ka Soleh penting

Soleh : Hayu kamana, ngomong mah ngomong we

Sela : Penting! Ulah didieu, di dinya we payuneun kelas

Soleh : Buru, rek ngomong naon

Sela : Hampura nya, Sela sok ngaganggu kahirupan Soleh, saleresna indung si Wulan sareng Si

Wulan bager leh, Sela terang saleresna Bapa Soleh nu ngakuna ka indung si Wulan teu acan
gaduh bojo jadi weh indungna Wulan daekeun

Soleh : Nu bener?

Sela : Bener! Janten ayeunamah Soleh tong ngamek deui ka Wulan

Soleh : Nuhun nya Sel tos ngawartosan

Pa Ali datang ka kelas tuluy belajar

Adegan 9

Pengadilan Agama

Pa Ali : Maka dengan ini Saudara Kabayan dan Iteung telah resmi berpisah, sah secara agama

Nyi Iteung : Alhamdulillah, Ceu Enih Alhamdulillah

Ceu Enih : Muhun Ceu lancar

Nyi Iteung : Soleh hayu uih

Soleh : Muhun mah hayu

Nyi Iteung jeung Soleh ngarasa bungah jeung lega tos teu aya beban

Nyi Iteung : Kang tipayun nya, Soleh salam

Si Kabayan : Soleh sing ngawaro nya ka mamah tong bangor wae, pami bade butuh nanaon mah

nyarios we

Soleh : Muhun pa

Ningang ka sonten Pa Ali jeung Sela dongkap ka bumi Wulan

Pa Ali : Assalamualaikum

Mona : Waalaikumsalam mangga calik, Wulan nyandak cai

Teu lami nuju ngobrol-ngobrol Si Kabayan dating ka bumi Mona ningali aya lalaki atuh
puguh we Si Kabayan ngamek

Si kabayan : Assalamualaikum

Mona : Waalaikumsalam, Aa…..(nyamperkeun kabayan)

Si Kabayan : Neng eta saha?

Mona : Rerencangan Neng


Si Kabayan : Neng ayeunamah Aa teh tos resmi cerai sareng Nyi Iteung ayeuna Aa bade serius ka

Neng

Mona : Aa punten, tapi ayeunamah abdi tos moal deui berurusan deui sareng Aa, abdi sadar kango

naon abdi ngajalankeun hubungan ieu tapi abdi teu bagya, ayeunamah atos we Aa

Si Kabayan : Neng tega ka Aa, Aa tos hese-hese merjuangkeun Neng

Mona : Atos Aa ayeunamah mending Aa uih

Si Kabayan uih anjeunna ngarasa nyesel tos sarakah

Si Kabayan : Gening kieu rasana dinyenyeri the, leres abdi nyesel yaAllah……

Ningang ka wengi Soleh nelepon Wulan ngajakan ketemuan

Soleh : Assalamualaikum

Wulan : Waalaikumsalam

Soleh : Lan, ketemuan yuk Soleh hoyong nyarios, kin ku Soleh di jemput

Wulan : Hahh, euhhm muhun manga

Soleh neang Wulan teras aranjeunna init ka hiji tempat

Soleh : Wulan, Soleh nyungkeun dihapunten nya ti kamari tiis sareng tos ngamek ka Wulan

Wulan : Muhun soleh da Wulan mah tos ngahapunten Soleh

Soleh : Sareng hiji deui, jujur Soleh ngaraos nyaman sareng Wulan teu tiasa ngabohongan Soleh

nyaah ka wulan, Wulan narima rasa nyaah Soleh?

Wulan : Saleresnamah Wulan oge ngaraoskeun nu diraos ku Soleh, Wulan oge nyaah ka Soleh

Soleh : Jadi di tarima?

Wulan : Euhmm muhun

Soleh : Alhamdulillah………….

Nu akhirna Soleh sareng Wulan jadian, duanana ngarasa bungah komo deui Soleh nu tos teu
gaduh deui beban masalah nanaon.

Tamat
Penulis : Eka Rahayu R

You might also like