You are on page 1of 7

Dangdanggula

Watekna:Ngagambarkeun katentreman, kawaasan, kaagungan, jeung kagumbiraan


Guru Wilangan/Guru Lagu:10i,10a, jst ....... (10 padalisan)

Lambang RI jero ngandung harti


Lamun bener diamalkeunana
Persatuan tangtu témbong
Teu cukup ku disebut
Atawana apal na biwir
Bhinéka Tunggal Ika
Maksudna gumulung
Kabéh sélér-sélér bangsa béda-béda
Tatapi asal sagetih
Béda tapi saasal

Kinanti
Bébas Wirahma Kidung
 Budak leutik bisa ngapung Itu naon nu ngahiung
Babaku ngapungna peuting Suat siet henteu cicing
Ngalayang kakalayangan Ngawang-ngawang kawas heulang
Néangan nu amis-amis Muter karalang-kuriling
Sarupaning bubuahan Sihoréngkapal nu urang
Naon baé nu kapanggih Kapal udara ngalingling.
 Ari beurang ngagarantung Semu teu aya kapaur
Eunteu dina tangkal kai Henteu sieun henteu gimir
Disada kokoréakan Abong geus asak latihan
Cing hempék ku bapa pikir Pinter paham juru mudi
Nu kitu naon ngaranna Kapal nurut ka karepna
Lolong lamun teu kapanggih Ka mana-mana ka sungsi.

Sinom
Bébas Wirahma

 Harta pada naréangan Réa nu nampa warisan


Harti pada nyararungsi Ngadak-ngadak sugih muk ti
Sabab duanana guna Salieuk béh hirup ngeunah
Harti bisa méré bukti Senang ngahenang nahening
Harta pon kitu deui Gawé ukur pelesir
Bisa ngabul nu dimaksud Duitna diawur-awur
Nedunan sakahayang Bandana beuki suda
Tapi harta gampang leungit Paingan ceuk nini-aki
Mungguh harti mangpaat dunya ahérat Najan Gunungditugaran tangtu cepak
Asmarandana
Bébas wirahma

Aya nu lumpuh musapir Duanana pada nyeri


Bari sila sisi jalan Anu kadupaknyarékan
Kadupakku anu lolong Nu kadupak bet bengong
Anu eukeur barangsiar Sasadu ménta hampura
Néangan sandang pangan Lantaran henteu awas
Anu lolong gebut labuh Ahirna pada sasadu
Nu katumpakkatindihan Pédah pada henteu terang
Ahirnna jadi ngahiji
Sosobatan dalit pisan
Ki lumpuh teras diakod
Ku si lolong anu bedas
Tatapi henteu awas
Ku pitulungna Ki lumpuh
Bisa ngider ka mamani.

Maskumambang
Bebas Wirahma Tandak / Panambih

1. Itu kusir bangun ambek-ambek teuing .Naha abong-abong teuin


Turun tina délman Nasib abdi jadi héwan
Kuda dipecutan tarik Digawékeun beurang peuting
Teu aya pisan ras-rasan Dirangkét taya ras-rasan
2. Teu ngarasakeun bong kana sato laip .Abong kéna abdi sato
Padahal mogokna Teu ngarasakeun kanu capé
Lantaran geus capé teuing Sadidinten paéh poso
Hayang ngaso eureun heula Mogok soté awak lunsé
3. Coba lamun aya nu neunggeul ka kusir .Coba kusirmun dipeupeuh
Pasti nyeri karasana Pasti nyeri karasana
Sato ogé tangtu leumpeuh Sato ogé tangtu leumpeuh
Pada-pada boga rasa Pada-padaboga rasa

Durma
 Di mamana penjajah pada marudah
Lantaran dikiritik
Ku ahli nagara yén éta lampah jahat
Tatapi kalah mudigdig
Ambek-ambekan
Dasar nu buta-tuli .Nu kalabur éstu teu aya kendatna
 Beuki bengis adatna teu sudda-suda Tina banget kanyeri
Dasar nu kasar budi Ngan éstu hanjakal
Ngagawékeun jalma Karunya nu katéwak
Henteu jeung kira-kira Réa nunemahan pati
Anu teu nurut dibui Mugia Pangéran
Nandang siksaan Ngarapeskeun ”Si Dolim”
Kejem teu aya tanding
Balakbak
Bébas Wirahma
1. Aya monyét tingguntayang dina tangkal ......nérékél
Jalu bikang jeung anakna sukan-sukan ....... rarécét
Tingcalekroh-tingcalekroh
Ngakanan manggu nu asak .......teu répéh
2. Kocap aya begog nu misah sorangan ...........garéték
Kulit manggu pirang-pirang dihakanan...... diségét
Dipiceunan- dipiceunan
Sabab pait karasana..............molélél
3. Katénjoeun ku indungna dicontoan.......dipesék
Nu dihakan eusina anu barodas......amis téh
Geus kitu mah geus kitu mah
Anakna ngarasa bungah...................nyéréngéh

Ucing ngarontok Manuk


Balakbak
1. Aya manuk eunteup dina régang dahan.......cindeten
Ucing ngintip ngadepong asoy-asoyan, ...... si Eméng
Sanggeus deukeut sanggeus deukeut
Dirontok arék dihakan............................. ber mantén
2. Ucing sial tigebrus dasar keur sial..........ku sué
Hanas ngintip ti tadi geus lila pisan.......kerenyeng
Kari-kari kari-kari
Kalah tigebrus cilaka.......................... si Eméng
3. Kabeneran ku jalma anu rék nimba..........katangén
Ditulungan Ucing diasongan timba .........nyanggéréng
Pék ditarik pék ditarik
Ati-ati lalaunan...................................dikérék
4. Geus ka luhur si Empéng gancang jleng luncat........ngélémés
Uang-éong nganuhunkeun ka nu haat...........geu ngérék
Tadina mah tadina mah
Dsisangkana éta jalma...........................rék goréng

Magatru
Bébas Wirahma

 Coba teguh naon nu sukuna tilu


Panon opat henteu galib
Leumpang rumanggieung laun
Éstuning ku matak watir
Dongko bari aha-oho .Aya sumur diawang ngacungka luhur
Caina hérang tur amis
 Hulu nutug buntutna ngacung ka luhur Eusina daging bodas alus
Buluna carentik rintit Nyokotna éstu babari
Matana mangpuluh-puluh Boh dicokél boh dikerok
Rasa haseum semu amis
Rajeg narangtung di kebon
Mijil
 Aduh Gusti Anu Maha Suci .Gaduh maksad rék babalik pikir
Sim abdi rumaos Mung anu didongdon
Pangna abdi dumugi ka késrék Weléh lapur teu kapendak baé
Réh ka sepuh parantos ngusir Sepuh ngiles henteu kasungsi
Takabur sareng dir Leungit taya lebih
Téga nundung sepuh Abdi bati bingung
 Pédah sepuh hina sareng miskin
Sangsara kokoro
Ku sim abdi dihina ditokér
Moal boa manahna ngerik
Lir digerih hinis, manahna mo lipur
Manahna mo lipur
 Gaduh maksad rék babalik pikir
Mung anu didongdon
Weléh lapur teu kapendak baé
Sepuh ngiles henteu kasungsi
Leungit tanpa lebih
Abdi bati bingung

Pangkur
 Bapa Doblang pada terang
Kumis baplang nuruban biwir nu jeding
Pipi kemong irung mancung
Panon buringas hérang
Goréng omong gawang-geuweung harung gampung
Pantrang mayar kana hutang licik sarta sok curaling
 Hiji mangsa bapa Doblang
Weureu gadung kabebeng jeung gulang-guling
Jol nu nagih hutang sarung
Gancang ngoréjat hudang
Ngambek nyereng bari ngamang-ngamang pentung
Bapa Doblang leng ngoléang labuh nyungkur biwir suwing

Pucung
Bebas Wirahma Takdak / Panambih
1. Hayu batur urang diajar sing suhud 1 Hayu batur urang diajar sing suhud
Ulah lalawora Ulah lalawora
Bisi engké henteu naék Bisi engké henteu naék
Batur seuri urang sumegruk nalangsa Batur seuri urang sumegruk nalangsa
2. Naon-naon piwarangan Bapa Guru 2 Hirup mencil embung ngahiji jeung batur
Pigawé sing gancang Éta goréng pisan
Omat ulah rék talangké Moal aya gotong royong
Piwurukna regepkeun ku saréréa Mending mana réa batur jeung nyorangan
3. Kitu deui ka Ibu Guru nya kitu 3 Jalma anu hirupna teu daék campur
Teu aya bédana Kanyahona kurang
Tegesna sarua baé Da bongan misahkeun manéh
Sabab éta anu ngawulang ka urang Mun cilaka moal aya nu nulungan
Lambang
Bébas Wirahma
 Riab anu lalumpatan
Lumpat bari tatanggahan 2x
Tingalasruk susurakan
Rék ngarucu langlayangan
 Aya nu mawa gantar
sawaréh nyarekel régang 2x
réréana nu sapantar
rikat pada hayang meunang
 Lamun beunang ku saurang
Ku baturna ditarajang 2x
Nu ngarebut pirang-pirang
Rajét pada ngajéwang

Jurudemung
 Mungguh nu hirup di dunya
Ku kersaning Anu Agung 2x
Geus pinasti panggih 2x
Jeung dua rupa perkara
Senang paselang jeung bingung
 Saupama hayang senang
Gawé urang masing suhud 2x
Insya Alloh hasil 2x
Asal muntang ka Pangéran
Ngadu’a sing hasil maksud
 Mun pinanggih jeung kasusah
Omat ulah rék nguluwut 2x
Akal cara tadi 2x
Ihtiar ulah ditinggal
Neda kurnia nu Agung

Gambuh
 Tuh itu beurit lintuh . Réa beurit katipu
Mani rendey anakna sapuluh Ku eupan nu ngareunah ngagantung
Arilikan gambarna masing taliti Pék digégél jeprét aya sora tarik
Anakna kabéh ngariung Panto sentég enggeus nutup
Saregep hormat ka kolot Beurit téa bati bengong
 Indung poik mitutr
Anaking kudu waspada hirup
Lamun manggih hakaneun ngagantung seungit
Omat ulah rék katipu
Sabab enggeus réa conto
 Anu salapan narurut
Tapi un hiji mah teu ngagugu
Barang nénjo daging ngagantung tur seungit
Henteu kuat nahan napsu
Dasar leutik kénéh bodo
Ladrang
Bébas Wirahma
1. Coba teguh masing telek telik
Éta gambar (éta gambar)
Sugan nyaho Ujang Nyai
Sato naon reujeung di mana ayana
2. Nu kadua anéh aya ceuli
Nu gunana (nu gunana)
Béda jeung ceuli nu galib
Ceuli naon tuduhkeun lebah gambarna
3. Nu katilu geura sidik-sidik
Digelungan (digelungan)
Ngarumbay lamun di cai
Musuh lauk di balong jeung di walungan
Tandak/Panambih
4. Coba teguh masing telek telik
Éta gambar sidik-sidik
Sato naon kitu wandana
reujeung di mana ayana
5. Nu kadua aya ceuli
Ceuli naon sing taliti
Ceuli béda ti biasa
tuduhkeun dina gambarna
6. Nu katilu sing taliti
Dibébérés digelungan
Sok ngarumbay mun di cai
Di balong jeung di walungan

Gurisa
Bébas Wirahma

 Waktu barudak keur mijah Tandak / Panambih


Arulin semu barungah Aya barang weweg panjang
Tatapi pondok ngarana
Ger hujan gedé pohara Na di mana nya ayana
Barudak breng lalumpatan Sarta keur naon gunana
Ngiuhan di balé désa Di antara batur urang 2x
Ngadago raatna hujan Cing sugan aya nu terang 2x

 Amir ngomong ka baturna Ngajungkiring awak beurat


Keur tamba kesel nungguan Waruga weweg tur kuat
Tapi anéh taya guam
Ngayakeun tatarucingan Sanajan mindeng dihiam
Baturna pada mupakat
Amir kapeto ti heula Wanda sabar sarta pasrah 2x
Tarucing dimimitian Sok mindeng témbong di sawah 2x
Wirangrong
 Barudak mangka ngalarti Muji sukur ka Yang Widi
Ulah rék kadalon-dalon Ayeuna pareng kalakon
Enggon-enggon nungtut élmu di alam bébas nya hirup
Mangka getol mangka tigin Cacak mun ibu pertiwi
Pibekeleun saréréa Aya dina panjajahan
Modal bakti ka nagara Tinagtu urang sangsara
 Nagara jeung lemah cai
Perlu pangjaring-pangrojong
Pamumulé panyarungsum
Malar tetep jaya sakti
Nagara tetep merdika
Sampurna mukti wibawa

Dicutat tina Serat Kanayagan sareng Rumpaka


17 Pupuh Sunda
yasana: Mang Koko & Patah Nataprawira
Yayasan Cangkurileung 2005
Watek Pupuh > Ngagambarkeun :
1. Watek Dangdanggula: Katemtreman, kawaasan,kaagungan, jeung kagumbiraan.
2. Watek Kinanti: Nu keur kesel nungguan, deudeupeun,kanyaah.
3. Watek Sinom: Kagumbiraan, kadeudeuh,sumanget.
4. Watek Asmarandana: Rasa kadeudeuh, kaasih, kanyaah, kabirahian.
5. Watek Maskumambang: Kanalangsaan, sedih bari genes hate.
6. Watekna Durma: Rasa ambek, gedé haté, sumanget.
7. Watekna Balakbak: Heureuy,banyol.
8. Watekna Magatru: Sedih, handeueul ku kalakuan sorangan,mapatahan.
9. Watekna Mijil: sedih tapi bari gedé harepan.
10. Watek Pangkur: ambek nu kapegung, nyanghareupan tugas nu beurat.
11. Watek Pucung: ambek ka diri sorangan, keuheul teu panuju.
12. Watek Lambang: Resep banyol tapi aya pikiraneunana.
13. Watek Juru Demung: Bingung, susah ku pilakueun.
14. Watek Gambuh: Kasedih, kasusah, kanyeri.
15. Watek Ladrang: Resep banyol bari nyindiran.
16. Watek Gurisa: Jelema anu ngalamun, malaweung.
17. Watek Wirangrong: Nu kawiwirangan, éra ku polah sorangan.

hyu UrN jg budy sun;d !!!

You might also like