You are on page 1of 1

Assalamu'alaikum wr.

wb
Hadirin anu di mulyakeun ku allah SWT urang pupuhan ie catur urang dadasaran ie carita ku
manjat keun puja hakekat kadat allah SWT anu alhamdulillah urang sadaya tiasa riung mung
pulung barokah ieu atuh hormat kalih salam ka wilujengan mugia luran luran ka paduka rosul
rosul unggul tur pinunjul nu salamina nonton syukur tara angkat dada komo takabur sangkan
akur jeung dulur kalih batur

Hadirin anu di pika hormat alhamdulillah urang sadaya tiasa ngariung kempel dina acara
pangajian sore ieu mudah mudahan tiasa ngajantenkeun amal sae sareng nambih" Kana elmu
amin ya allah yarobal alamin..
Hadirin anu di pika hormat abdi selaku pembawa acara nyungkeun Widi kangge ngabacakeun
susunan acara dina pangaosan ieu di antawisna
1.pembukaan
2. Pembacaan ayat suci al-qur'an
3. Pengajian anu bade di sanggakeun ku pangersa ustadz asep
4. penutup do'a
Tina Sateacanna acara di mulai urang sadaya ngaoskeun basmallah sareng al-fatihah
sasarengan bibarokati ummul qur'an al-fatihah.
Alhamdulillah ieu acara atos kurang sadaya di buka tah kangge acara salajeng na urg
langsung wae nyaeta.
Acara ka dua, nyaeta pembacaan ayat suci al-qur'an. Anu baris di dugi keun ku pangersa....
Waktos sinareng tempat sanggakeun (pembacaan ayat suci al-qur'an)

Haturnuhun ka pengersa.. . .. . (Ustad jafar) anu parantos ngalantun keun pembacaan ayat
suci al-qur'an
Urng langsung wae kana acara salajeng na acara ka tilu penajian atanapi tausiah anu baris di
dugi keun ku pangersa.. . (Ustadz asep) sumangga ka pangersa ustadz waktos sinareng
tempat di sanggakeun.
Alhamdulillah nambe persembahan ti pa ustadz asep mudah mudahan manfaat ka urg sadaya
sareng tiasa nambih nambih kana elmu amin yarobal alamin
Alhamdulillah kangge acara anu terakhir nyaeta acara penutup nyaeta pembacaan do'a.. . .
Anu bade di pimpin ku pangersa. . .. Ustadz ucup
Tah Sateacanna ti simkuring di lalap cekap kirang langkung ulah kirang hapunten
wasalamualaikum wr wb.

You might also like