You are on page 1of 1

Assalamualaikum warahmatullahi wabarakatuh.

Sampurasun!

Girang pangajen nu ku simkuring dipihormat, miwah nu sami hadir hormateun simkuring.

Nepangkeun simkuring Peserta 35, seja ngiring aub ngadongeng dina raraga Festival Tunas
Bahasa Ibu. Nanjeur Bahasa Ibu, Jaya FTBI Sumedang Utara!

SASAKALA PASIR PEDA

Di tutugan Gunung Kacapi, palih wetanna aya punclut batu cadas nu disebat Pasir Peda. Naon
margina dinamian Pasir Peda? Da wujudna teu sapertos peda, sareng henteu seungit peda deuih.
Numutkeun sababaraha sumber lisan para sepuh, kieu silsilahna teh.

Saurna, kapungkur handapeun Pasir Peda nu ayeuna katelah Jalan Mayor Abdurahman kantos
aya nu icalan peda. Ku jaman harita tangtosna ge matak heran, apan Sumedang teh wewengkon
anu tebih ka laut. Tangtosna harita mah arang langka nu icalan hasil laut.

Horeng simanahoreng anu icalan teh mangrupi teliksandi atanapi mata-mata, pami di kapulisian
mah intel atanapi spionase ti kasultanan Cirebon.

Naha bet aya mata-mata bari nyamur anten tukang peda?

Horeng waktos harita antawis karajaan Sumedang Larang sareng kasultanan Cirebon nuju
harengheng teu akur. Alatan ku ngiring kaburna Ratu Harisbaya nu janten bojona Sultan
Cirebon ka rombongan Prabu Geusan Ulun nu jeneng raja Sumedang Larang sabada mulih ti
Mataram. Nyangkana di iwat dicandak ka Sumedang.

Saparantos katohyan ku prajurit Sumedang Larang, diantawisna Prabu Jaya Tahir nu makamna
di Gurung Pipisan sinareng Eyang Kopo nu makamna di Gunung Kacapi, eta teliksandi teras
kabur, cul dagangan peda satanggungan. Ti wangkit harita eta tempat dinamian Pasir Peda.

Girang pangajen miwah pamiarsa. Pangemut simkuring kanggo urang nu kumelip dina
pajamanan kiwari, NKRI teu kedah panjang lebar medar konflik jaman kapungkur. Cekap ku
uninga sababiah atanapi sasakala hiji wewengkon atanapi patempatan. Boh bilih janten rambat
kamale. Kanggo urang kiwari teu aya istilah musuh, sadayana dulur sabangsa sanagara, salemah
cai. Kawajiban urang ngajaga ngarumat lemah cai sangkan tengtrem-tingtrim kalayan jadi
nagara nu maju.

Rupina sakitu dongeng nu kapihatur. Bobo sapanon carang sapakan, neda tawakup sagala
rupina.

Billahi taufik wal hidayah, wassalamualaikum warahmatullahi wabarakatuh.

You might also like