You are on page 1of 1

Jarauhan rupa-rupa ‘amal kaawonan, rupa-rupa lampah anu mawa kana

dosa; anu parantos-parantos manga tobatan meungpeung aya keneh


kasempetan.
Seueuran bacaan terutami istighfar sareng shalawat, margi sasih Rajab
dinamian sasih taubat.
Dawuhan Rasulullah SAW, anu hartosna :
Saenya-enyana jalma anu neda hampura ka Gusti Allah dina bulan Rajab isuk
atawa sore bari ngajungjungkeun dua lengeuna pok na: Nun Gusti Pangeran
jisim abdi, mugi maparin hampura Gusti ka jisim abdi sareng mugi nampi Gusti
kana taubat abdi”, tujuh puluh balikan kulitna matak moal kapetelan seuneu
naraka.
Hadirin siding jum’ah rahimakumullah
Sasih Rajab sasih anu agung mulya mungguh Allah, haram umat Islam
ngayakeun peperangan dina ieu bulan, sabab bulan haram bulan damai, bulan
ibadah ngalebur dosa.
Dina sasih rajab, sajabi shaum anu parantos sami-sami ma’lum, maos
istighfar sareng shalawat sing langkung seeur ti sasih-sasih sanes na.
Dawuhan Allah SWT dina Al-Qur’an :

Hartosna :
“Jeung prak maraneh geura paheula-heula ngahontal pangampura Allah
jeung sawarga anu legana sarua jeung pirang-pirang langit katut bumi, anu
dicawiskeun pikeun jalma-jalma anu taraqwa” (Q.S. 3 Ali-Imran : 133)
Nun Gusti Pangeran abdi sadaya, mugi maparinan pangampura Gusti ka abdi
sadaya, boh ka nu masih keneh jumeneng atanapi kanu parantos wafat!

You might also like