You are on page 1of 4

RESENSI NOVEL

Diajeungkeun kanggo nyumponan pancen pangajaran Bahasa Sunda


Semester II


DISUSUN KU :
AYI RAHMAWATI
FAJAR MAULANA
RANI YULIFAH ELKANAWATI
SONI FIRMANSYAH

KELAS XI IPA-3



SEKOLAH MENENGAH ATAS NEGERI 2 CIAMIS
Jln. K.H. Akhmad Dahlan No. 2 Ciamis (0265) 771709
2012
RESENSI NOVEL PANGANTEN

A. Identitas Buku
Judul buku : Panganten
Panerbit : Kiblat Buku Utama
Pangarang : Deden Abdul Aziz
Citakan ka 1 : Agustus 2003
Citakan ka 2 : Juni 2010
Jumlah halaman : 56 halaman

B. Sinopsis
Ririn teh tokoh utamana dina novel ieu, ririn boga kabogoh anu ngaranna
iyang atawa gumilang, maot nelasan manehna sanggeus nyebutkeun hayang
kawin teuing ka saha. Saeunggeus leungiteun ku iyang ririn teh layeut jeung Ben,
tapi henteu lana da teu bener, ben teh masih babaturan na iyang. Terus dalit jeung
Suminar anu pada-pada resep ngalangeu bari nyingkur, sok ngaroko, nguyup arak
jeung sajabana. Suminar teh awewe, lila-lila layeut jadi lesbian. Tapi Sumirna
alias Lisa kudrow ge maot deuih sanggeus nyebutkeun hayang kawin. Babaturan
ririn teu nyangka yen ririn teh kitu,ari maotna teh ku lantaran aborsi, da keur
kakandungan teuing ku saha. Dina pamustunganana Rinrin ge hayang kawin
teuing ka saha jeung sahajeung duka kunaoan. Tapi akhirna Rinrin kawin di
Bandung, 28 Agustus 2001. Jeung ririn rada hanjakal kana kalakuanna.

C. Timbangan Kualitas Novel
1) Kaleuwihan
Ieu novel teh nyaritakeun kahirupan kaom remaja anu keur dilanda ku
kagelisahan ku sabab cocoba tina pergaulan, nyaeta pergaulan anu kurang bener.
Ieu bisa dijadikeun palajaran jeung urang yen urang kudu bisa ngajaga kalakuan
jeung pergaulan. Dina galeuh-galeuhna ieu hasil karancage literer Deden Abdul
Aziz teh ngasongkeun surah nu mandiri kana naon rupa patali jeung jodo, pati,
bagja reujeung cilaka. Ieu novel oge mawa warna basa nu mandiri. Basa nu
dianggo sae, ngepas kana tema anu dipilih dina novel ieu.

2) Kalemahan
Kalemahan ieu novel nyaeta carita na kirang jelas. Contona:
- Lisa kudrow atawa Sumirna hamil. Tapi dina ieu novel teu dijelaskeun yen
Sumirna hamil kusaha sahana.
- Maotna Gumilang ge duka pedah kunaon, dina novel ieu teu dicaritakeun
maotna Gumilang.
- Ditungtung carita oge Rinrin kawin jeung lalaki. Tapi lalaki eta teu jelas atawa
teu dicaritakaeun saha-sahana.
- Jeung bahasana kurang dipikaharti ku nu maca.

D. Unsur Intrinsik
1) Jejer : Kaom Remaja
2) Palaku : 1. Rinrin :Bageur, tegar, sabar tapi rada males.
2. Gumilang : Satia, tur bageur
3. Emih : Wijaksana.
4. Lisa kudrow atawa suminar : Bageur, satia
5. Ben : Parhatian, satia kawan.
6. Guru : Sok pangnyahona.
3) Latar tempat : Di imah ririn, di sakola, di kebon.
4) Latar waktu : Beurang, peuting.
5) Latar suasana : Aya bagja na, aya oge sedihna.
6) Galur : Alur maju/merele
7) Amanat : Urang jadi jalma kudu pinter-pinter dina milih babaturan
jeung kudu ngajaga kana pergaulan sarta kudu tegar dina
ngahadap kana maslaah anu aya.



E. Kacindekan
Novel ieu nyaritakeun kahirupan rumaja, nyaeta krisis jiwa anu dirasakeun
ku kaom rumaja. Dina novel ieu oge ngasongkeun surah nu mandiri kana naon
rupa patali jeung jodo, pati, bagja reujeung cilaka. Kalewihan novel ieu nyaeta
mawa warna basa nu mandiri. Kakiranganna nyaeta teu jelas caritana.
Saran kanggo ieu novel nyaeta, perjelas dina tokoh sareng caritana.
Leuwih diperhatikeun dina basa-basana. Saran kanggo nu ngaos novel ieu, candak
nu positiv na, jadikeun cerminan kangge diri urang sarerea. Hal negativ na teu
kenging dicandak, eta mah kangge diwaspada hungkul.

You might also like