You are on page 1of 1

REUMIS GIRIMIS KASEDIH

Engkang, nu dianti-anti
Piraku lali ka jangji
Cidra subaya baheula
Nalangsa mupus impian

Lamun neuteup tangkal mahoni


Langit nguyung alum ngungun
Reumis girimis kasedih
Cicirn manjing kapeurih, manjing kapeurih

Enung, mustikaning ati


Kiwari lain bihari
Mangsa laas ti lawas
Lalakon tina lalakon

Lamun nyawang katineung urang


Asih nganteng na lelembutan
Jangji mapas kadeudeh
Cicirn manteng kageugeut, manteng kageugeut

Bongan saha urang tepung


Naha mupusti tresna
Bongan saha urang pisah
Naha mupusti rasa, mupusti rasa

Gusti nu ngatur lalakon


Nu Mgawelah unggal ringkang
Boa sajatining asih wujudna gelaring bagja
Nu mngpar tina tetekon laraba tina bebendon
Abdi Gusti sumrn kana papastn

(Sanggian: Yus Wiradiredja; Wanda: Panambih; Laras: Madenda)

You might also like