You are on page 1of 1

Nineung

Cerpen Karangan: Zulfikar Alamsyah


Kategori: Cerpen Bahasa Sunda
Lolos moderasi pada: 24 July 2017

Katumbiri luhureun langit belah kulon lila kalilaan katmbongna samar. Keusik di basisir po
ayeuna baseuh ku cai hujan. Sagara nu katingali satungtung deuleu ku panon kuring warna na
bodas nyacas. Pias jiga biwir jelema nu keur gering. Malum we da karak beres hujan matak kitu
og.

Sora ombak ngaguruh lir ibarat sora rampak kendang nu ditabeuh ku nayaga. Katingali ta ombak
th lulumpatan paheula-heula nepika sisi basisir. Ningali ombak nu datang ti sagara, teuing
kunaon ieu suku bet hayang leumpang nmbongan.

Ombak nu tadina ngagulidag badag beuki lila beuki ngaleutikan. Tungtungna ngan mapagkeun
rbuan busa nu nglktk tapak suku kuring. Rt kuring nempo ka tengah sagara, ti kajauahn
katingali aya parahu nu keur angkleung-angkleungan sorangan. Hat kuring nyereset jiga kasura
ku awi beulah. Cai panon teu ujug-ujug ngeyembeng. Ingetan kuring ngawang-ngawang ka
sababaraha taun katukang

You might also like