You are on page 1of 17

NGADU MAEN BAL

Dihiji kampung aya kampung, ngarana kampung Cikuniang. Di kampung eta

teh aya sakumpulan barudak nu unggal sore sok ulin bola di lapang. Maneh na teh

boga ngaran grupparanna “AIUEO”. Maranehna teh nya eta, Adi, Idin, Udin, Edi,

Oman. Barudak eta teh masih SMA keneh. Tapi sanajan barudak eta teh sok arulin

bola wae, lamun masalah pendidikan siga sakola, belajar, ngerjakeun pr mah poho

da maranehna mah getol jeung rajin.

Enjing-enjing tabuh 6 barudak teh tos ngarumpul di Pos ronda. Kabiasaan

barudak di kampung Cikuniang teh nyaeta ari bade indit sakola sok babarengan,

jadi tempat janjian jang ngumpul di Pos ronda. Barudak tabuh 6.15 teh masih

ngarumpul keneh di Pos ronda, lantaran nungguan si Udin.

Bu Inem:”tos tabuh sakieu can inidt sakola jang?”

Adi:”teu acan bu, nuju ngantosan si Udin.”

Bu Inem:”oh, nya atos atuh, ibu ti payunnya bade ka pasar”

“Muhun bu, mangga” jawab sarerea.

Teu lila Bu Inem indit, si Udin teh datang bari rurusuhan.

Idin:”lila amat si maneh teh din, nanaonan heula si?”

Udin:” tadi milarian sapatu heula, tipeuting abdi teu acan nyiapkeun jang sakola”

Adi:”nya ngges atuh, hayu geura indit bisi kabeurangan”


“hayu...” jawab sarerea

Tabuh 12 beurang barudak tos baralik sakola. Biasana sok ngerjakeun pr

heula barudak teh, sorena karak weh arulin bola. Sangges pasamper-samper,

barudak teh kalapangan. Pas di tengah jalan, jalan nu biasa diliwatan teh becek,

belok. Eh si Edi teh tipoleset, lantaran taneuhna leeur. Eta babaturanna lain na

nulungan si Edi, malah nyeungseurikeun, tapi da akhirna mah ditulungan oge.

Barudak ngalanjutkeun deui perjalananna. Akhirna barudak teh nepi di lapangan.

Sihoreng teh babaturan ti kampung Kucrit tos ngantosan di lapangan. Barudak teh

langsung nyamperkeun ka manehna.

Adi:”hapuntennya lila ngantosanna”

Barli:”teu nanaon, hayu ah geura mulai”

“hayu....” jawab sarerea.

Si Barli jeung Adi neangan batu bata jang dijakeun gawang. Parantos aya

batuna barudak pemanasan heula. Pemanasanna dipimpin ku si Adi. Sanggeus

pemanasan teh langsung weh atur posisi jang ulin bola. Barudak teh ari ulin bola

ngan saayana nu datang.


Pas barudak keur arulin bola, ujug-ujug aya jalma nyamperkeun ka arurang.

Barudak teh jadi weh eureun heula ulin bolana.

Idin:” woy eta sahanya? Jigana rek nyamperkeun ka dieu”

Barli:”teu apal atuh abdi ge”

“hoh kunaon eureun ulin bolana?” tanya jalma nu tadi nyamperkeun kadieu

Idin:”hah,heh,huh” si Idin hulang-huleng

“akang kenging nyarios jeung aranjeun?”

Adi:”muhun kang, kenging”

Barudak langsung dariuk di deket gawang. Jalma eta teh ngaranna Jajang.

Manehna teh pelatih sepak bola. Pas keur ngaliwat kang Jajang teh nempo aya

barudak keur arulin bola, maneh na teh resep lantaran barudak teh ulin bolana

alus, siga pemain bola nu dilatih ku manehna. Jadi weh manehna langsung

nyamperkeun barudak. Kang Jajang nyamperkeun barudak teh nawarkeun

turnamen antar kampung sa-Jawa Barat.

Kang Jajang:” maksud abdi nyamperkeun barudak teh bade nawarkeun turnamen

bola sa-Jawa Barat”

Oman:”turnamen? Dimana kang acarana?

Kang Jajang:” acarana di Jakarta, di Stadion Gelora Bung Karno, lamun masalah

palaksanaana 2 bulanan deui”


Oman:” oh kitu kang, kumaha yeuh bade miluan moal? Urang ngagabung weh yu

jadi hiji tim”

Adi:” Man, mending urang badamikeun heula tong rurusuhan teuing”

Kang Jajang:” nya muhun atuh, sok badamikeun heula, ngkin abdi 2 poe deui

datang kadieu jang narima kaputusan ti barudak. Poe minggu barudak ulin bolana

isuk-isukan? Nya nggeus atuh, abdi bade pamit, sok lanjutkeun deui ulin bolana.

Assalamualaikum”

“ muhun kang, waalaikumsalam” jawab sarerea

Parantos kang Jajang mangkat, barudak ngalanjutkeun deui ulin bolana.

Tabuh 5 barudak teh atosan ulin bolana. Pas di jalan barudak teh ngabahas tentang

soal tawaran ti kang Jajang. Di sepanjang jalan si Oman ngoceh weh terus da

lantaran maneh na atoh aya tawaran turnamen. Manehna ngomong wae pokona

kudu miluan eta turnamen, soalna kan can pernah ngiluan turnamen-turnamen

kos kitu. Si Edi lansung weh ngomong mending menta izin heula ka Pak RT, meh

bener. Adi jeung Edi nu bade menta izin ka Pak RT ngkin balik sakola. Teu karasa

barudak teh tos nepi di Pos ronda.

Idin:” din awas siah isukan tong telat datang deui kos tadi”

Udin:” muhun tenang weh”

Idin:” mangga atuh sadayana, abdi ti heula”


Tabuh 12 parantos balik sakola, Adi jeung Edi teh bade ka bumi Pak RT rek

ngabahas soal tawaran kamari. Si Adi nyampeur ka si Edi.

Adi:”“Assalamualaikum...”

Edi:”Waalaikumsalam, kunanon di?”

Adi:” maneh teh hilap? Kan ayeuna teh bade ka bumi Pak RT bade nagabahas soal

kamari tea.”

Edi:” eh muhun nya, abdi teh hilap. Sakedap atuh nya abdi bade ganti acuk heula”

Teu lila, si Edi kaluar. Manehna ngan duaan indit ka bumi Pak RT. Bumi Pak RT rada

jauh ti bumi Edi. Teu lami manehna duaan nepi.

Adi:”assalamualaikum”

Pak RT:”waalaikumsalam, eh aya naon ieu teh? Sok atuh mangga calik heula”

Adi:”jadi kieu pa, kamari teh aya nu nawaran barudak jang miluan turnamen bola

di Jakarta, sakirana bapak ngadukung teu? Barudak teh hayang miluan tapi masih

ragu-ragu”

Pak RT:”kira-kira turnamenna iraha?”

Edi:” dua bulanan deui pa”

Adi:” lamun misalna di dukung, siga masalah ongkos, transportasi jeung nu

sejenna kumaha pak?”

Pak RT:”coba ngkin nyieun proposal ka lurah”


Adi:” oh nya muhun atuh pa ari kitu mah, abdi bade pamit heula.

Assalamualaikum” Adi jeung Edi salim ka Pak RT.

Parantos eta, Adi jeung Edi ka Pos ronda nyamperkeun babaturan nu lain.

Biasana barudak sok ngarumpul di Pos ronda bari ngobrol. Pas nepi di dinya,

manehna langsung ngabahas soal tadi nu di obrolkeun jeung Pak RT. Manehna

nyaritakeun naon wae tadi nu dibahas ku Pak RT.

Udin:” nya lamun jawaban Pak RT kitu mah, hayu atuh urang miluan turnamen

eta”

Idin:” hayu ah, teu sabar isukan euy, mere nyaho ka Kang Jajang”

Adi:”eh sakedap, ari si Oman kamana? Teu katingali geuningan?”

Udin:” ceunah mah si Oman teh keur mantuan Bapana ngabenerkeun pager nu

rusak”

Adi:” oh kitu, nya atos atuh hayu urang indit bisi barudak ti kampung Kucrit

ngantosan deui siga kamari”

Parantos ngobrol, barudak langsung indit ka lapangan jang ulin bola. Di

sapanjang perjalanan teh meni sepi, lantaran teu aya si Oman. Biasana lamun aya

si Oman, si Oman teh sok ngoceh teu jelas. Tos nepi di lapangan barudak langsung

weh ulin bola.


Ayeuna teh poe minggu, poe dimana kang Jajang rek datang nanyakeun

kaputusan barudak. Kabeneran pisan pas kang Jajang datang, barudak teh keur

karumpul di lapangan.

Kang Jajang:“assalamualaikum sadayana”

“waalaikumsalam” jawab sarerea

Kang Jajang:” kumaha kaputusanna? bade ngiringan moal? Lamun bade ayeuna

urang daftar”

Idin:” kumaha woy bade miluan moal?”

Budi:” teu nyaho atuh”

Adi:” sakedapnya kang, abdi bade ngariung heula bade mutuskeun miluan atau

henteu. Soalna kamari teh karak menta izin heula ka Pak RT”

Kang Jajang:” oh muhun sok atuh mangga”

Barli:” kumaha ieu? Rek miluan moal”

Udin:” abdi mah hayu wae rek miluan atawa henteu ge”

Barli:” nu sejen kumaha?”

Adi:” abdi mah miluan barudak weh, lamun miluan nya alhamdulillah lamun

henteu ge nya teu nanaon”

Barli:” nya atos atuh, berarti kaputusanna jadi miluan nya? Kumaha satuju?

“satuju...” jawab sarerea


Sanggeus mutuskeun rek miluan si Barli teh bebeja ka kang Jajang.

Barli:”kang Jajang, abdi sareng babaturan mutuskeun bade miluan turnamen bola

nu di tawarkeun ku kang Jajang”

Kang Jajang:” oh syukur atuh lamun kitu mah, ayeuna urang daftar yu ka Jajarta?”

Barli:” oh nya muhun atuh kang, hayu barudak urang daftar yu”

Idin:” hore...daftar...hore...”

Sanggeus eta teh barudak langsung weh asup ka mobil kang Jajang.

Lumayan perjalanan ti kampung ka tempat daftar teh rada jauh. Salila di

perjalanan barudak teh gumbira bisa ngiluan turnamen bola. Tos 2 jam

diperjalanan akhirna maranehna nepi di tempat tujuan.

Kang Jajang:”hayu barudak turun, tos nepi ieu di tempat daftar”

Parantos tarurun, barudak teh atoh lantaran bisa nempo kaayaan di Kota

teh kumaha. Ti kajauhan barudak teh tos nempo tempat nu luhurna aya tulisan

“tempat pendaftaran”. Kang Jajang sareng barudak langsung asup ka tempat

pendaftaran.

Kang Jajang:”permisi pak, saya mau daftar untuk turnamen bola se-Jawa Barat”

“oh silahkan pa, ini ada beberapa formulir yang harus diisi” tembal si panitia sabari

merekeun formulir
Kang Jajang langsung weh ngisian formulirna, dijero formulir eta teh loba

persyaratanna. Sagala persyaratanna diuruskeun ku kang Jajang. Saenggeus beres

teh kang Jajang merekeun deui formulirna anu geus diisian.

Kang Jajang:”ini pak fromulirnya, terimakasih ya pa” sahur kang Jajang sabari

mulangkeun formulirna

“oh baik pa, sama-sama” tembal si panitia sabari narima formulir anu dicekel ku

kang Jajang.

Parantos daftar barudak dianterkeun balik ku kang Jajang. Barudak milu

daftar ka kota teh, lantaran kang Jajang hayang mere nyaho kaayaan suasana kota

teh kumaha, sareng mere nyaho ngke tempat jang turnamen teh kumaha.

Saenggeus baralik ti tempat pendaftaran, barudak teh langsung inidt ka

lapangan sasarengan jang latihan. Pas nepi di lapangan, barudak the kapanggih

jeung Pak RT.

Pak RT:”kumaha daftar jang turname bola teh atos acan?”

Adi:”atos pak Alhamdulillah, karak ge uwih. Ayeuna barudak teh bade latihan

heula pak”

Pak RT:”oh nya alus atuh, ngkin nu jadi suporterna saha? Nu ngurus-nguruskeun

na saha?”
Adi:”lamun nu jadi suporterna mah tos aya pak, babaturan abdi. Lamun anu

nguruskeun diditu mah palingan ge kang Jajang pak”

Pak RT:”oh kitu, nya muhun atuh ari kitu mah sok mangga ditu latihan”

Adi:” muhun pak”

Barudak langsung weh mulai ti pemanasan heula. Unggal sore barudak latihan.

Mulai ti jam 4 nepi ka jam 5. Unggal poe barudak neangan lawan jang ngadu maen

bal, meh skill barudak nambah alus. Lamun ngadu teh kadang meunang kadang

eleh. Teras pas nggeusan maen bola, biasana sok ngumpul heula jeung nu ngalatih

bola nayeta jeung Kanng Jajang. Nyarioskeun perkawis 2 poe deui arek turnamen

bola ka Jakarta. Waktos latihan barudak teh nyaeta ti isuk jam 7 nepi ka jam 9,

sontenna maen deui ti jam 3 nepi ka jam 5.Barudak meni semangat teh ari latihan

teh.

Pas barudak keur latihan, kang Jajang ujug datang nyamperkeun barudak.

Barudak langsung eureun heula ulin na. Langsung naympeurkeun ka kang Jajang.

Kang Jajang:” akang kadieu teh rek mantau barudak sakalian bade mere nyaho info

nu penting”

Adi:”bade mere info naon kang?”

Kang Jajang:” jadi kieu, masalah kendaraan kaditu, kamari teh tos nelepon ka nu

gaduhna, ngan ceunah mobilna teh nuju dipake liburan ka Bali. Perkiraanna mah

poe minggu teh karak nepi. Jadi kumaha nya? “


Idin:”waduh kumaha atuh kang? Manya teu jadi kaditu ngan gara-gara kendaraan

hungkul”

Udin:” muhun kang, barudak kan tos latihan unggal poe”

Kang Jajang:”nya kumah atuh? Nya ngkin atuh ku akang diusahakeun”

Idin:” coba ngkin abdi ge nanya heula ka Pak RT”

Kang Jajang:”nya sok atuh, lanjutkeun deui latihanna”

Barudak langsung ngalanjutkeun latihanna. Tapi barudak teu sumanget

latihanna lantaran omongan kang Jajang tadi. Barudak teh sieun teu jadi turnamen

ka dituna. Akhirna mah barudak teh aruwih ka imah masing-masing bari lalesu. Di

jalan barudak teh ngabahas kumaha carana ngke meh bisa indit pas poe H.

Barudak boga rencana kumaha lamun ngobrolkeun jeung Pak RT masalah ieu,

sugan weh Pak RT bisa mantuan.

Udin jeung Idin tos aya di bumi Pak RT, bade ngabahas masalah kamari.

Idin:”jadi kieu pa, kamari teh kang Jajang ngomong ka barudak, mobil jang angkat

kaditu teh dipake liburan ka Bali. Perkiraan minggu teh karak nepi. Jadi kumaha

nya pa?

Pak RT:”hoh bisa geuning? Nya kumaha atuhnya? Paling ge aya mobil bak nu kang

Adang”

Udin:”oh kitu nya pa, nya atuh teu nanaon pa make mobil bak ge nu penting mah

barudak bisa indit kaditu”


Pak RT:”nya muhun atuh, ngkin bapa obrolkeun heulanya ka Kang Adang”

Idin:” nya muhun atuh pa, nuhunnya jadi ngariweuhkeun. Nya atos atuh pa abdi

pamitnya bade latihan deui”

pak RT: ”muhun muhun sok mangga”

Udin jeung Idin teh langsung weh ka tempat pos ronda. Lantaran barudak

tos ngantosan di dinya. Pas nepi di tempat pos ronda, Udin jeung Idin langsung

ngomongkeun masalah kendaraan kaditu. Akhirna mah barudak teh lalegaeun.

Barudak langsung weh latihan deui. Pas di lapangan...

Kang Jajang:”kumaha atuh nya akang teu acan meunang nu bade nginjeuman

mobilna”

Idin:” oh eta kang, abdi tadi tos ngobrol jeung Pak RT, ceunah aya kang. Jadi teu

nanaon kang”

Kang Jajang:” oh syukur atuh lamun kitu mah, hampuranya akang teu tiasa

ngusahakeun”

Idin:” teu nanaon kang”

Kang Jajang:” sok atuh hayu latihan, ku akang pantau yeuh”

Idin:” muhun kang”


Teu karasa ayeuna teh tos poe minggu, poe dimana barudak rek turnamen

bola ka Jakarta. Tabuh 4 subuh barudak teh tos siap-siap bisi telat. Parantos

barudak naek ka mobil bak kabeh, langsung weh breng marangkat. Di sapanjang

jalan barudak teh ngadoa moga-moga jadi juara. Pas tos nepi di stadionna teh

meni rame pisan. Barudak nunutur kang Jajang weh da barudak mah teu nyaho

nanaon. Pas tim barudak digeroan, barudak langsung weh asup ka lapangan.

Lapangan anu sok ditempo di jero tv, ayeuna jadi kanyataan. Saenggeus maraca

doa, ngatur strategi, barudak langsung weh atur posisi. Udin jadi back, Edi jadi

back, Idin jadi gelandang, Adi jadi kiper, Oman jadi striker handap si Barli jadi sriker

luhur, Budi jadi panghareupna, Didin jadi back, Fais jadi maju jeung Endi, Galih jadi

gelandang, Harun jadi maju jeung Endi, Galih. Eta teh formasi tim abdi kos kitu.

Alhamdulillah di babak hiji teh skor tim barudak teh 2 skor tim lawan 0. Pantos

meunang, tim abdi di adu deui jeung tim nu meunang deui, parantos di adu,

akhirna mah tim barudak teh meunang. Barudak teh langsung weh sujud syukur

lantaran ngarasa bungah pisan, teu sia-sia barudak teh tos latihan unggal poe.

Akhirna barudak teh digeroan, si Adi jadi perwakilan naek podium juara 1.

Idin:” horeee akhrina meunang”

Juara 1 teh dibere piala, mendali emas, sareng duit 10 jt, parantos eta

barudak langsung weh poto-poto heula sareng Kang Jajang.

“selamat ya kepada tim dari kampung Cikuniang yang telah memenangkan

turnamen bola ini”


Barudak teu poho ka kang Jajang, barudak ngucapkeun nuhun pisan ka

Kang Jajang lantaran tos daek ngalatih barudak nepi ka bisa. Barudak sareng Kang

Jajang teh careurik lantaran atoh pisan. Parantos eta, barudak teh langsung weh

balik ka kampung deui. Di sapanjang perjalanan barudak teh teu eureun-eureun

nempo piala, jeung foto nu kabangganna. Pas nepi kampung barudak teh

disambut ku warga kampung. Sateu acan barudak nepi ka kampung teh, warga tos

nyiapkeun hadiah jang tim mun meunang. Pas barudak nepi di kampung, barudak

teh ngarasa aneh kusabab loba hiasan di sapanjang jalan.

Oman:”ari ieu teh aya naonnya? Meni loba hiasan kieu? ”

Adi:“teu nyaho atuh abdi ge “

Sateu acan barudak balik ka imah, barudak teh kalapangan nu sok di pake ku

latihana. Pas nepi di ditu, barudak teh disambut meriah ku warga.

Pak RT:” salametnya barudak, tos meunangkeun turnamen bola”

Adi: haturnuhun pa, alhamdulillah”

Oman:” oh nya pa, ieu teh aya naonnya pa rame-rame kieu?”

Pak RT:” Ieu teh ngarayakeun kamenangan tim barudak”

Idin:” meni alus pisan euy, aya tumpeng deuih hehe”

Pak RT:” ieu jang, geura dipotong tumpengna” saur Pak RT ka barudak sabari

merekeun peso

Adi:” oh muhun pak, hayu barudak urang motong tumpengnaa babarengan”


Barudak teh ngarasa bersyukur pisan, bisa kapanggih jelema sabageur

Kang Jajang, bersyukur boga warga nu balageur. Intina mah barudak teh moal

poho perjuangan salama ieu.


NGADU MAEN BAL
Tugas ini dibuat untuk memenuhi tugas Mata Pelajaran
Basa Sunda

Disusun Oleh:

1. Ajeng Bella Pratiwi (A)

2. Asep Kusmana (KA)

3. Delia Dwi Astuti (SA)

4. Keira Fatik Kinaya (A)

5. Lucky Virgio Aradea (A)

6. Rachel Hermawan (A)

7. Rafi Firmansyah (A)

8. Syafira Dwi Martina (SA)

SMPN 1 KARAWANG BARAT


TAHUN AJARAN
2017-2018

You might also like