You are on page 1of 1

Sakadang Kuya jeung Sakadang Monyet Melak Cau

Jaman baheula sakadang Monyet sosobatan jeung Sakadang


Kuya. Hiji mangsa monyet gero-gero ka Sakadang Kuya.
“Sakadang Kuya!”
“Kuk!”
“Dimana Sakadang Kuya teh ?”
“Di dieu, handapeun batu.”
“Urang melak cau, yu!”
“hayu!”
Bring, cenah, Sakadang Monyet jeung Sakadang Kuya ka tegal.
Monyet mah melakna teh jantungna, ari kuya mah anakna.
“Urang paheula-heula buahan, Sakadang Kuya!” ceuk monyet
teh.
“Hayu!” cenah
Tuluy baralik. Saminggu ti harita ditareang pepelakan teh.
Ceuk Sakadang Monyet, “Geus kumaha cau silaing, Kuya?”
Tembal Sakadang Kuya, “Nu dewek mah kakara pukukan.”
Ceuk monyet, “Anu dewek mah atung-atung eneh.”
Saminggu ti harita ditareang deui, “Geus kumaha cau teh,
Sakadang Monyet?”
Tembalna, “ Atung-atung eneh ae. Ari nu Sakadang Kuya geus
kumaha?”
“Leuh geus bijil daun,” tembal kuya.
Lila-lila jantung pelak Sakadang Monyet teh buruk. Ari anak
cau mah morontod nepi ka buahanana.
Monyet teh ngomong ka Sakadang Kuya, “ Ku dewek bae cauna
teh urang ala, Sakadang Kuya! Kapan anjeun mah teu bisa naek.”
“Heug bae,” ceuk kuya teh. “Heh ieuh, kojana keur wadah!”
Eta koja teh beunang molongan biritna. Terekel monyet naek,
cau teh dipetikan. Blus, blus diasupkeun kana koja. Blus, clik
ragrag, kop ku kuya. Blus, clik, blus, clik.
Kuya ngaweswes bae, nyatuan cau. Monyet mah acan ngahakan
hiji-hiji acan. Ku monyet kojana teh rek dibawa lumpat. Sakadang
Kuya mah moal dibere.
Ari cauna geus beak dipetikan, gajleng bae Sakadang Monyet
tuturubun. Deregdeg lumpat ka leuweung. Ari dibuka, kojana
kosong. Atuh Sakadang Monyet ngegel curuk.
Tuluy balik deui neangan Sakadang Kuya. Kasampak Sakadang
Kuya keur gulang-guling bae, lantaran kamerekaan. Sakadang
Monyet pohara ambekna ka Sakadang Kuya.

You might also like