You are on page 1of 3

Khutbah Jumat, Cipaku

‫المينا‬
ِ ‫ظ‬ َّ ‫إالعَلىال‬ ُ ‫الحمدللهربِّالعالمينوا ْلعاقِبَةُ ِل ْل ُمتَّقينوال‬
َّ َ‫عدْوان‬

Sarengsena urang ngalaksanakeun saum sasasih lamina,hayu urang lenyepan


kahirupan zaman.

 Dina mayunan kahirupan di alam kiwari, alam materialistis, alam nu sagalana


diukur ku materi, saban lengkah saban renghap ngabutuhkeun materi, nu
antukna matak ngalungsekeun matak nguras tanaga lahir oge batin,
1. Sistem-sistem kahirupan nu geus acakadut,
2. Akhlak-akhlak jalma geus loba nu tijalikeuh,
3. Barudak geus ilang rasa hormat ka nu jadi indung bapana,
4. Murid-murid geus leungit rasa hormat ka nu jadi guruna,
5. Rahayat geus ilang kapercayaan ka nu jadi pamingpinna,
6. Kaum istri geus ilang rasa ikhlasna dina ngalayanan jeung ngahurmat ka
nu jadi salakina,
7. Loba kaum wanoja boh nu anom oge nu tos sarepuh nu geus teu ragab
deui boboleklakan aurat, aurat lir didagang-dagangkeun nu sakuduna
dibunian mungguhing aturan agama.
8. Kitu keneh kaum bapa nu mibanda tanggung jawab sagalana salaku
kapala rumah tangga, loba diantarana ukur mentingkeun kagindingan
lahir bae ka kulawargana teh, tapi acan nepi kana ngagindingan bathin,
nu aya antukna hormat ilang ka dirina salaku pingpinan rumah tangga,
sabab lahir ginding tapi batin sepi tina akhlak nu hade.
 Cindekna alam kiwari ampir-ampiran geus jauh tina garis-garis kahirupan nu
dipikaridho ku Alloh Ta’aalaa.

1. Lisan mah ngaku yen Alloh teh Pangeranna, tapi laku lampahna salilana
nonggongan Manten-Na,
2. Lisan mah ngaku Islam teh agama nu diagemna, tapi lampah
kahirupanana jauh tina kaislaman.
3. Lisan mah ngaku yen kanjeng Nabi Muhammad Shollaloohu ‘Alaihi wa
Sallam teh Nabina, Rasul sareng utusan Alloh, tapi teu aya sakedik oge
laku lampahna nu miconto ka Rosululloh,
4. Lisan mah ngaku yen Al-Qur’an teh mangrupakeun Imam
kahirupanana, tapi kahirupanana jauh tina papagon nu kacutat dina Al-
Qur’an.
 Upami kitu gambaran mangsa kiwari, mangga urang wanti-wanti ti ayeuna.
Boa-boa dina diri urang, kulawarga urang, aya dina kadoliman teh, naha urang
geus deukeut, ngalaksanakeun parentah Allah atawa sabalikna. Kitu deui, naha
di sagigireun urang aya kama’siatan, nu ngalakukeun dosa teu diingetan.
Lamun tos loba kitu, Allah bakal nibankeun azab ka manusa, tangtuna ka jalma
nu migawe dosa.
 Dawuhan Rasulullah SAW, “Lima rupa azab baris ditibankeun ku Allah,
dimana kaayaan manusa geus jauh tina papagon agama,
1. Di mana pelacuran geus euweuh deui kaera, pasti nyebar panyakit anu
aneh-aneh anu acan kajadian samemehna.
2. Upama jalma geus teu jujur, sagalana dipalsukeun, pasti ngalaman
kasab hirup nu kacida beuratna jeung kadoliman aya di mana-mana.
3. Upama zakat geus teu beres deui, nu beunghar kaleuleuwihan, nu
miskin kurang diperhatikeun, pasti hujan dieureunan ku Allah upama
teu mikaasih ka sasatoan mah.

4. Di mana janji Allah jeung hadis Rasulullah geus dilanggar jeung


disalahgunakeun, pasti musuh-musuh nu beda agamana baris
mangaruhan sarta ngajajah.
5. Upama kokolot/pamimpin teu merhatikeun kana eusi
(pangeling/panggeuing) Al-Qur’an malah neupi ngalalaworakeun pisan,
pasti timbul tindakan-tindakan sawenang-wenang nu teu dipiharep, nya
timbul kakalutan dina sagala widang.” (HR. Abdullah bin Umar).
Na’udzubillahimin dalik.
 Mangsa kiwari katingali pisan, kumaha kamaksiatan geus teu sumput
salindung deui. Jalma rek kukumaha oge loba jalan. Dina koran loba iklan
tempat maksiat. Iraha bae oge bisa.
 Kitu deui, kiwari geus loba jalma teu jujur. Majarkeun lamun teu jujur mah
moal bisa hirup. Lamun panyakit manusa geus kitu, jelas kadoliman, panipuan
bakal aya di mana-mana.
 Ku margi kitu dina enggoning nangkis sababaraha kadoliman, kamaksiatan,
kabodohan, jeung sajabana teu aya deui jalan iwal urang uihkeun deui sagala
pasualan kana papagon agama Allah.
“Dzaalikal kitabu la roiba fihi huddal lil muttaqin.” Papagon nu teu aya
karaguan deui pikeun tujuan hirup manusa takwa nu miseja bagja di dunya,
bagja di aherat.
‫فاستغفروهإنههوالغفورالرحيم‬،‫وأستغفراللهليولكمولجميعالمسلمينوالمسلمات‬،‫أقولقوليهذا‬

You might also like