You are on page 1of 2

Babad Karawang

Tahun 1625-1628 Lemah Karawang kadongkapan ku dua rombongan jalma nu sakitu seueurna
pikeun mangsa harita. Rombongan mimiti aya kana saratus urang nyaeta Rombongan ti
Wirasaba nu dipimpin ku hiji tumenggung nu katelah Arya Surengrono. Harita rombongan ti
Wirasaba dongkap ka Waringinpitu ngadeg lembur leutik pibentengeun pikeun nahan narajangna
wadyabalad Banten nu aya di Udug-Udug. Rombongan kadua, dongkap dua tilu taun seunggeus
rombongan Wirasaba nyaeta daratang ti Kadipaten Kertabumi Galuh nu dipimpin ku saurang
Kanduruan nu namina Wiraperbangsa. Rombongan ti Galuh aya kana mangrebu na. Sihoreng,
eta dua rombongan the ngawengku pancen tugas ti Raja Mataram Sultan Agung pikeun
ngamankeun Lemah Karawang nu harita keur ka ancam ku Balad Banten. Singket carita, balad
Banten nu sakitu rongkahna nu ges ngajabel Udug-Udug berhasil kausir ku Rombongan Galuh
pimpinan Wiraperbangsa. Tarungna Pasukan Wiraperbangsa jeung Pasukan Nagaragung sakitu
poharana, mayit-mayit ti kadua belah pihak sampe patunjang-tunjang di hiji walungan nu kiwari
disebutna Cipatunjang. Saterusna Balad Banten mundur ka Pamoyanan, di dinya ditarajang dei
ku Pasukan Wiraperbangsa nu akhirna Lulugu Banten nu aranna Nagaragan katelas pati. Getih
mayit pasukan Wiraperbangsa jeung Pasukan Banten ngocor ngaceceran ngabeureuman hiji
walungan nu kiwari disebutna Walungan Cibeureum.
Saeunggeus berhasil ngusir Balad Banten, laju Ki Wiraperbangsa bumen-bumen di Udug-Udug
sampai akhirna anjeunna maot saeunggeus mulang ti seba bakti ka Mataram. Layon Ki
Wiraperbangsa dikurebkeun di Galuh. Pamarentahan di Udug-Udug diteruskan ku puterana nu
namina Ki Singaperbangsa. Ngudang carita naratas galur, salajengna Singaperbangsa
ngadegkeun hiji lembur ka hilirkeun Udug-Udug nu katelah Lembur Bakan Karawang, nu cirina
aya 6 tangkal Nagasari. Caturkeun dina hiji waktu nu kaunggah ku jaman, nyaeta poe Rebo
Tanggal Ping Sapuluh Sasih Mulud Taun Alif. Harita, Lemah Karawang kadongkapan ku Ki
Astrawardana, utusan ti Sultan Agung Mataram oge ngawakilan Rangga Sumedang, Nalendra
Sunda nu Ngadeg di Tegal Kalong. Ki Astrawardana menyampaikan piagem Sultan Agung
bahwasannya Ki Singaperbangsa dari Galuh jeung Ki Surengrono dari Wirasaba resmi diangkat
sebagai Wedana Nagara Agung Karawang nu ayana di Bongas Kilen, ti samet Cipamingkis
sampai Kalen Cilamaya.
“Panget ingkang piagem kanjeng ing ki Rangga gede ing gadehi piagem, Sun kongkon
anggraksa kagengan dalem siti nagara agung, kilen wates Cipamingkis, wetan wates Cilamaya.
Serta kon anunggoni lumbung isine pun pari limang takes punjul tiga welas jait. Kyai
Singaperbangsa, kalih Ki Wirasaba kang dipun wadanahakeun ing manira. Sasangpun katampi
dipunprenahaken ing Waringinpitu lan ing Tanjungpura.”
Peringatan piagam Raja kepada Ki Ranggagede di Sumedang diserahkan kepada Si
Astrawardana. Sebabnya maka saya serahi piagam, ialah karena saya berikan tugas menjaga
tanah negara agung di sebelah timur berbatas Cilamaya. serta saya tugaskan menunggu lumbung
berisi Padi lima takes lebih tiga welas jahit. Ki Singaperbangsa serta Ki Wirasaba. Sesudah
piagam diterima, kemudian mereka ditempatkan di Waringinpitu dan di Tanjungpura.
Poe Rebo Tanggal Ping Sapuluh Sasih Mulud Taun Alif kiwari dihartoskeun na nyaeta tanggal
14 September 1633, nu akhirna dijadikeun sebagai Hari Lahirnya Kabupaten Karawang.
Saterusna sakumaha nu kaunggel di luhur, yen Wedana Singaperbangsa katut Wirasaba
ngabogaan pancen tugas salahsahijhina nyaeta pikeun nyieun sawah di Karawang pikeun
kapentingan Mataram nu harita ngagedur nafsu hayang ngusir Bangsa Kebo Bule Kompeni nu
ngadayeuh di Muara Cihaliwung. Namung saeunggeus gagalna serangan Mataram ka Batavia
tahun 1628-1629 akhirna Mataram jeung Kompeni sapuk ngajalin perdamaian jeng hubungan
dagang. Ti dinya fungsi Karawang salaku Nagara Gung nyaeta wilayah nu khusus pikeun
nyadiaken pangan pikeun Mataram dikuatkeun. Laju Ki Singaperbangsa ngadegkeun hiji
palabuhan di Muara Ciparage pikeun jadi sandaran kapal-kapal Mataram nu ngangkutan beas
Karawang. Palabuhan di Muara Ciparage laju jadi palabuhan gede dimana kapal-kapal dagang
boh ti Cirebon, Gresik, Jepara jeng sajabana daratang pikeun daragang jual beli barang sapertos
beas, sato kebo, pedes, lauk asin jeung sajabina. Laju aran palabuhan katelahna Dipala, nu
hartina Tempat Pembelian. Kadienaken aran Dipala undur carita unggah lalakon ngaran anyar nu
katelah Tempuran, nu hartosna tukeran barang dagangan.

You might also like