You are on page 1of 32

============== { 1 } ==============

Nazhom sunda
Akhlaqulilbaniin

Bimbingan Akhlaq
Kanggo Murangkalih

DINIYAH TAKMILIYAH AWALIYAH


DARUSSALAM
Andamui – Ciwaru – Kuningan – Jawa Barat
Hp. 0817 6933 499
Email: salamandamui@gmail.com

DTA Darussalam – Yayasan Salam Andamui


============== { 2 } ==============

DTA Darussalam – Yayasan Salam Andamui


============== { 3 } ==============

Nazhom Sunda Akhlaqulilbaniin


Ust. Umar Bin Ahmad Baradza

Bimbingan Akhlaq Kanggo Murangkalih

Penerjemah sunda/Nazhim: -

Editor: Dee el-Andamui

Dikutip dari:
Materi Diklat Pesantren Raudlatul Huda
Th. 1993

Diterbitkan oleh:
DTA Darussalam
Yayasan Salam Andamui
Andamui – Ciwaru – Kuningan
Hp. 08176933 499
Email: salamandamui@gmail.com

Hanya untuk lingkungan sendiri


Tidak untuk diperjualbelikan

DTA Darussalam – Yayasan Salam Andamui


============== { 4 } ==============

TATAKRAMA KA IBU RAMA

Hai ujang budak nu sopan


Ujang ningal kacapean
Ibu rama nu ngurusan
Kanyaahna dibeakkeun

Anjeun kedah nurut pisan


Pami ibu miwarangan
Laku kudu pibungaheun
Ka ibu anu nyaaheun

Reujeung anjeun kudu sieun


Boga laku milaraan
Manah ibu teu betaheun
Da anjeun sok merengutan

Reujeung anjeun sok gedebul


Ngobrol nyarekan gedebul
Ku omongan anu rahul
Ari ngobrol kaos aul

Ka indung ulah ngadilak


Molotot bari ngahoak
Ari menta hayang pok sok
Mun teu dibere sok ngambek

DTA Darussalam – Yayasan Salam Andamui


============== { 5 } ==============

Anjeun ulah sok loba pepenta


Komo mun aya tamuna
Tapi anjeun sing repehna
Ulah ceurik jeung ngambekna

Ujang nu dipikanyaah
Ka rama sing ramah tamah
Laku ucap nu someah
Ngupingkeun kana papatah

Da eta pimanfaateun
Najan rasa picapeeun
Paya anjeun diridhoan
Ku rama anu nyaahan

Kitab reuejeung tutulisan


Parabotan diberesan
Sing tartib diperenahkeun
Ulah sok diamayahkeun

Teras sing ati-ati


Digawe masing gumati
Masing bungah kana ati
Ti rama jadi gaganti

DTA Darussalam – Yayasan Salam Andamui


============== { 6 } ==============

ALLOH SUBHANAHU WATA’ALA

Aduh ujang anu mulya


Anjeun sing gede percaya
Alloh ngadamel salira
Da tadina mah teu aya

Alloh ngabentuk ragana


Ka salira tah kasepna
Oge ka nyai geulisna
Mere panon cureuleukna

Anjeun bisa titingalan


Kana damelna Pangeran
Oge Alloh ngalengkepan
Ku cepil dua di anjeun

Salira nguping suanten


Anu sae anu awon
Sareng dipasihn lisan
Ngobrolna capetang pisan

Nyakitu deui panangan


Sami paparin Pangeran
Kabutuhan araranjeun
Ku panangan kacumponan

DTA Darussalam – Yayasan Salam Andamui


============== { 7 } ==============

Dihandap-handap sampean
Ngajejegan kakasepan
Akal normal ngabantuan
Kana sae rejeung awon

Upami ujang nu mikir


Kana ibadah teu kulir
Anjeun kudu getol dzikir
Menta diqobul jeung Ghofur

Oge dipasihan sehat


Jasmani rohani sehat
Dina hate nyimpen rohmat
Ibu rama nu ngarumat

Syukuran kana ni’matna


Nuturkeun parentahanna
Jauhan larangannana
Ngagungkeun makhluk mulyana

Malaikat jeung mursalin


Anbiya jeung nu solihin
Beurang peuting ulah bosen
Ameh mulya cek Pangeran

DTA Darussalam – Yayasan Salam Andamui


============== { 8 } ==============

Mun Alloh tos mikacinta


Ka diri salira nyata
Alloh nambahan rohmatna
Dipiresep ku jalmana

Alloh ngariksa salira


Ti jalma nu rek milara
Alloh masihan rizkina
Tanpa perhitungannana

MURANGKALIH NU KAPERCAYA

Kajantenan hiji saur


Jang Ahmad budak nu jujur
Manehna tara takabur
Parentah Alloh ditutur

Kajadian hiji dinten


Wargina Sa’adah pisan
Ramana teh kaleresan
Ti bumi angkat-angkatan

Nyi Sa’adah ngajak serong


Ngajakan muka tetenong
Eusina urang barengan
Di dahar wang nini’matan

DTA Darussalam – Yayasan Salam Andamui


============== { 9 } ==============

Cek nyi sa’adah saurna


Meungpeung rama teu ayana
Teu aya nu ningalina
Kana pamolah urangna

Jang Ahmad teh ngawaleran


He dulur anjeun teu rempan
Najan rama teu ningalan
Da Alloh mah ningal pisan

He dulur anjeun sing rempan


Kalakuan goreng pisan
Mun anjeun nyokot dahareun
Bari rama teu ridhoeun

Alloh bakal bendu pisan


Di akherat jeung nyiksaan
Da ari surga Pangeran
Na dampal ibu aranjeun

Nyi Sa’adah isin pisan


Kana goreng paniatan
Bari pokna sasauran
Papatah ku abdi katampan

DTA Darussalam – Yayasan Salam Andamui


============== { 10 } ==============

MURANGKALIH ANU TO’AT

Ujang Hasan anu to’at


Unggal dinten tara elat
Lima waktu teu kaliwat
Berjamaah khusyu sholat

Oge sumping ka madrasah


Ngaderes ilmuna Alloh
Maca qur’an rejeung sunnah
Ngareureuh sok mutolaah

Ningal laku saban dinten


Ibu ramana kayungyun
Guruna lami nitenan
Jalmi-jalmi resep pisan

Lakuna dimana kulem


Ba’da ilmuna kapaham
Eling ka Alloh nu heman
Syukuran ka Robbul Anam

Babacaan satertibna
Bismillah ngawitannana
Geus rapih bacaannana
Nembe anjeunna kulemna

DTA Darussalam – Yayasan Salam Andamui


============== { 11 } ==============

Gugah kulem teras dzikir


Maca du’a nu kamashur
Tungtungna ilaihi nusyur
Muji ka Alloh nu ngatur

Dimana jang Hasan tuang


Bismillahna tara lowong
Paragat teras syukuran
Ni’mat dahar dipasihan

Lajeng anjeunna ngadu’a


Ku alhamdu lillah at’amana
Aduh pohara bagjana
Alloh kacida ridlona

MICINTA KA KANJENG NABI

He ujang budak nu sopan


Seperti anjeun ngagungkeun
Ka Alloh Robbul ‘Alamin
Anu ngatur kahirupan

Ku anjeun sami agungkeun


Nabi sayyidul mursalin
Hate pinuh kacintaan
Cinta ka Rosul panutan

DTA Darussalam – Yayasan Salam Andamui


============== { 12 } ==============

Sing leuwih cinta salira


Ti batan ka ibu rama
Da Rosul tos ngawurukan
Kana agama Islamna

Ku aya nabi nu mulya


Anjeun teh bisa misahna
Nu halal jeung nu haramna
Teu pahili na hukumna

Matak Alloh mikacinta


Ka nabi Muhammad nyata
Di jadikeun pangunggulna
Da akhlaqna pangsaena

Mun anjeun cinta ka Rosul


Tuturkeun tingkahna Rosul
Waktu susah ulah kedul
Waktu bungah kudu getol

KANYAAHNA IBU RAMA

Duh anaking masing terang


Ibu anjeun kasih sayang
Cape ka anjeun ngakandung
Salapan bulan di kandung

DTA Darussalam – Yayasan Salam Andamui


============== { 13 } ==============

Komo lamun ngalahirkeun


Nyeri tanaga beakkeun
Panon asa di balikkeun
Satengah maot ngaheujeun

Tos brol enggal disusuan


Mun ceurik heg disusuan
Kitu laku saban dinten
Tepika gedena anjeun

Anjeun kotor dimandian


Acuk anjeun diseuseuhan
Sare oge dibantalan
Dahareun diperhatikeun

Ibu anjeun nyaah pisan


Teu ngingetkeun kacapean
Da ibu bapa tujuan
Malar budak soleh pisan

Ladang cape teh lunasan


Pacampur reujeung bungahna
Mun budak sehat awakna
Capetang dina ngobrolna

DTA Darussalam – Yayasan Salam Andamui


============== { 14 } ==============

Ibu tunggara jeung susah


Beurang peuting rasa payah
Gering komo lamun ripuh
Neang dokter bakat nyaah

Beurang peuting ge nga du’a


Ka gusti Alloh Ta’ala
Kahayang budak kabela
Enggal damang henteu lila

Lamun anjeun geus dewasa


Tapi can boga rumasa
Can bisa mulang tarima
Ka ibu sareng ka rama

Tempo ema ngurus abdi


Cape beurang ge gumati
Cape peuting ge gumati
Bari ngabela salaki

Ujang kasep nyai geulis


Rama anjeun teh miwelas
Tiap dinten luas leos
Usaha jeung meuli beas

DTA Darussalam – Yayasan Salam Andamui


============== { 15 } ==============

Teu ngingetkeun kana cape


Usaha reujeung digawe
Pentingna dahar jeung make
Najan usaha beleke

Najan kumaha kacapena


Bungangang hate lunasna
Ningal anak sarolehna
Ngaraji jeung sakolana

Bapa anjeun nyaah pisan


Ngariksana kasehatan
Gering buru di ubaran
Ngondang dokter diburuhan

Bapa anjeun mikir panjang


Jang anjeun di masa datang
Matak anjeun diasupkeun
Ka sakola jeung pasantren

Supaya anjeun dewasa


Hirup pinuh ku rumasa
Ti Alloh rizqi nu loba
Bari jauh tina dosa

DTA Darussalam – Yayasan Salam Andamui


============== { 16 } ==============

TATAKRAMA SARENG SADULUR

Ujang nyai sing tengetna


Ka wargi anu caketna
Gentos rama nu ngantunna
Matak anjeun sing sopanna

Ka lanceuk kudu sopanna


Komo dulur awewena
Sabab gegentos ibuna
Upami ibu ngantunna

Pek tuturkeun papatahna


Ka adi kudu nyaahna
Komo adi awewena
Sabab babari ceurikna

Ulah sok gampang neunggeulna


Atawa nyarekannana
Jeung ulah sok ngagangguna
Kana cocooannana

Jeung ulah osok parebut


Paheula-heula pahibut
Tawa daek curat-coret
Na panto nu meunang ngecet

DTA Darussalam – Yayasan Salam Andamui


============== { 17 } ==============

Oge anjeun masing sabar


Kana derita jeung lapar
Da jalma nu daek sabar
Akhirna mah osok subur

Mun dulur aya salahna


Anjeun kudu ngampurana
Lemah lembut na ngobrolna
Supaya dulur resepna

Jeung ulah daek guguyon


Akhirna sok kalepasan
Ka batur matak nyerieun
Akhirna papaseaan

TATAKRAMA SARENG BUJANG/PELAYAN

Ari Bujang teh gawena


Tukang ngabantu dapurna
Mereskeun pakeannana
Jeung nartibkeun parabotna

Sasapu reujeung masakna


Nutu jeung ngala caina
Reujeung kabeh kabutuhna
Anu perlu di dapurna

DTA Darussalam – Yayasan Salam Andamui


============== { 18 } ==============

Atuh anjeun wajib sopan


Digawe teh kabantuan
Kudu ngobrol lemes pisan
Reujeung ulah milaraan

Mun anjeun nitah migawe


Tapi bujangna talangke
Ulah ambek bari neke
Matak geuneuk kana hate

Jeung anjeun pikeun tertibna


Tong diuk reujeung bujangna
Ngomong kudu saperluna
Ngan ulah rek guguyonna

Sabab bisi ngalunjakna


Bujang gede kawanina
Akhirna taya sopanna
Reujeung kasar na ngomongna

Mun salah tong gampang nyentak


Molotot bari ngadilak
Papatahan masing lunak
Hampura tong gede ambek

DTA Darussalam – Yayasan Salam Andamui


============== { 19 } ==============

TATAKRAMA SARENG TATANGGA

Ujang, bapa teh cintaeun


Ka tatangga nu caketeun
Saperti cinta ka anjeun
Da sok remen ngabantuan

Indung anjeun mindeng pisan


Nginjeum wadah parabotan
Tatangga ge sami pisan
Malah bungah diinjeuman

Mun aya anu geringna


Ahli imah ajenannana
Tatangga osok datangna
Ngalongok jeung ngadu’ana

Matak anjeun kudu sopan


Tatangga masing bungaheun
Ku pamolah araranjeun
Amih tatangga resepeun

Masing resep ka budakna


Bear budi hareupeunna
Mun ulin masing sopanna
Ulah matak paseana

DTA Darussalam – Yayasan Salam Andamui


============== { 20 } ==============

Ulah sok nyirigihan


Ngaheureuyan cocooan
Tawa anjeun kumagungan
Ku duit jeung papakean

Mun anjeun boga dahareun


Ulah sok dahar sorangan
Anjeun teh masing berehan
Ka budak tatangga anjeun

Oge anjeun masing rempan


Boga polah ngahinakeun
Ka tatangga nyapirakeun
Nu kulem tong digandengan

Tawa anjeun tunggar-tenggor


Ku batu nu matak bocor
Kana kaca kana pilar
Atawana kana pinggir

Tawa anjeun tuang toong


Kana bilik anu copong
Bisi batur keur taruang
Da eta laku dilarang

DTA Darussalam – Yayasan Salam Andamui


============== { 21 } ==============

SOPAN SANTUN KA GURU

He ujang anjeun sing sopan


Payuneun nu mapatahan
Da guru teh cape pisan
Dina ngurus araranjeun

Reujeung beres na akhlaqna


Ku elmu nu katampana
Manfaatkeun salamina
Nasehat nu ti guruna

Ku elmu nu diamalkeun
Guru manahna lunaseun
Anjeun tangtu didu’akeun
Dunya jeung kaakheratan

Mun anjeun atos ngamalkeun


Kana elmu pangalaman
Bapa gede harepan
Anjeun luhur jeung budiman

Guru kudu dihormatna


Alah batan ka ibuna
Anjeun dijajapkeunnana
Ka jalan nu bagjana

DTA Darussalam – Yayasan Salam Andamui


============== { 22 } ==============

Calik payuneun guru mah


Sopan-santun jeung someah
Sasauran sing merenah
Tong sok megatkeun kalimah

Mun anjeun bade naroskeun


Elmu tawa masalahna
Tingal heula guru anjeun
Bilih nuju kapamengna

Carana teh ngacung heula


Kitu didikan ulama
Nembe anjeun pok naroskna
Pami tos diwidianna

Pami guru tos ngawalon


Anjeun ulah sok maksakeun
Nembongkeun pendapat sejen
Da kitu laku teu sopan

Mun anjeun hayang micinta


Ka guru anu satia
Belajar masing tekunna
Ulah sok elok embolna

DTA Darussalam – Yayasan Salam Andamui


============== { 23 } ==============

Hadir ulah ka payuneun


Ku guru nu mapatahan
Kana tempat pendidikan
Kitu laku saban dinten

Oge ulah sok malesna


Atawa luas leosna
Ka guru teu bebejana
Guru dianggap tunggulna

Lamun aya kapentingan


Anjeun rek angkat-angkatan
Pek wawartos masing sopan
Angkat lamun diwidian

Lamun guru teu widina


Anjeun ulah sok maksana
Da guru teu ngadu’ana
Anjeun moal manfaatna

Lamun waktu beres pere


Anjeun ulah sok talangke
Asup ka tempat harese
Waktuna diengke-engke

DTA Darussalam – Yayasan Salam Andamui


============== { 24 } ==============

Anjeun kudu mikarempan


Asupna kapandeurian
Ulah kalah calik pisan
Enggal anjeun teh unjukkan

Ku alesan anu tepat


Nu asup kana pendapat
Ku elmu reujeung filsafat
Anjeun ulah sok hianat

Mun anjeun tinggaleunnana


Gura-girukeun nyusulna
Ka batur anu ngiringna
Anjeun sing lami apalna

Gumatikeun kabersihan
Buku reujeung parabotan
Mun guru teh miwarangan
Ka anjeun enggal lakonan

Mun guru ka anjeun neungeul


Kade anjeun ulah keuheul
Da laku anjeun mahiwal
Kalakuanna basangkal

DTA Darussalam – Yayasan Salam Andamui


============== { 25 } ==============

Guru cape ngurus anjeun


Tapi hatena cintaeun
Dina hatena harepan
Elmuna sing manfaatan

Anjeun sing gede syukuran


Ka guru nu mapatahan
Bari henteu diburuhan
Istuningna kaihlasan

Ari murid nu gorengna


Mun dicarekan laporna
Sok bebeja ka bapana
Bapa ge milu keuheulna

Boro-boro mun syukuran


Ka guru bari nyuguhkeun
Ka guru pimaslahateun
Dicarek sok ngahajakeun

BERGAUL JEUNG BABATURAN

Ujang santri anu manis


Mun anjeun keur di madaris
Ka babaturan sing welas
Ulah boga akhlaq bengis

DTA Darussalam – Yayasan Salam Andamui


============== { 26 } ==============

Welasna teu aya benten


Sapertos ka dulur misan
Ramah-tamah sopan-santun
Ulah babari cawadan

Ka saluhureun ngahormatan
Ka sahandapeun ngajenan
Kana panitah ta’atan
Da ku elmu geus dibe’atan

Hirup kudu sauyunan


Ngabela ka babaturan
Silih bantu silih tuyun
Na jalan pimaslahateun

Dina waktu gerak badan


Ulah sok kamalinaan
Matak kaliwat ngapalkeun
Akhirna elmu tinggaleun

Ulah sok silih poyokan


Komo mun papaseaan
Parebutna teu karuhan
Da laku kitu teu sopan

DTA Darussalam – Yayasan Salam Andamui


============== { 27 } ==============

Mun anjeun aya maksadna


Dipikadeudeuh baturna
Ulah koret na sifatna
Mun batur barang injeumna

Rosul atos ngadawuhkeun


Tilu rupa karuksakan
Hiji nafsu diayonan
Akhirna badan nu korban

Dua koret diguguna


Embung mere kabaturna
Dina nu leuwih butuhna
Ku kapentingan manehna

Tilu rasa kumuluhur


Ka batur rasa takabur
Ku pangaboga nu batur
Kawas manehna nu ngatur

Ari bahan takaburna


Eta teh opat kabehna
Hiji kapinterannana
Nu pamere ti Allohna

DTA Darussalam – Yayasan Salam Andamui


============== { 28 } ==============

Ka dua geulis kasepna


Pake ngahina baturna
Tilu kapangkatannana
Pake meres ka rakyatna

Opat boga kabeungharan


Tuluy pake takaburna
Ka jalma nu teu bogana
Eta teh batur qorunna

Mun nempo santri ngedulna


Getol heureuy jeung baturna
Ulah diantep lakuna
Bisi belet na akhirna

Pek nasehatan sing jentre


Yeuh akibatna loba sare
Kaduhung di masa engke
Geus kolot elmu teh hese

Rosul atos ngadawuhkeun


Loba sare ngamiskinkeun
Faqir dunya akheratan
Ekonomi ge tinggaleun

DTA Darussalam – Yayasan Salam Andamui


============== { 29 } ==============

Hirup reujeung babaturan


Ulah daek milaraan
Jeung ulah sok ngaheureuyan
Buku batur disumputkeun

Tong sok resep ngahinakeun


Moyok bari nyapirakeun
Mun panggih papalieusan
Nyimpang bari ngajebian

Tawa sok goreng sangkana


Tawa ngareuwaskeunnana
Di tukang matak reuwasna
Batur mani ngadegdegna

Tawa niup na ceulina


Tawa ngajerit sorana
Batur matak pilarana
Da teu dibere terangna

Mun anjeun ngageunggeureuhkeun


Kana laku babaturan
Ualah sok ngagareuwahkeun
Atawa matak nganyerikeun

DTA Darussalam – Yayasan Salam Andamui


============== { 30 } ==============

Tapi ku laku nu sopan


Atawa ku ngisyarahan
Paya batur teu ngartieun
Kana nu teu panujueun

Mun jeung babaturan ngobrol


Ulah ku omong basangkol
Atawa nembongkeun aral
Ka batur ge matak keuheul

Tapi ngomong ramah-tamah


Mesem jeung semu bungah
Ulah ngomong nu cawokah
Atawa seuri nu ngohkoh

Tawa biwir nu jamedud


Ngobrol bari kuwad kawed
Kawas boga laku hasud
Kerot huntu kawas kerud

Jeung ulah ngomong bohongna


Nyarekan jeung ngadu-ngaduna
Tawa susumpahannana
Sanajan anjeun benerna

DTA Darussalam – Yayasan Salam Andamui


============== { 31 } ==============

Tah sakitu pituturna


Nasehat nu janten guruna
Tuntunan ti para sepuhna
Pek amalkeun sing ridhona

Aranjeun tangtu bagjana


Dunya reujeung akheratna
Kenging ridho ti Allohna
Dipikaresep ku jalmana

‫والحمد هلل رب العالمين‬

DTA Darussalam – Yayasan Salam Andamui


============== { 32 } ==============

Yayasan Salam Andamui

Blok Pahing RT 15 RW 05 Desa Andamui


Kec. Ciwaru Kab. Kuningan – Jawa Barat

Email: salamandamui@gmail.com
Wa: 0817 6933 499

Donasi/Infaq An. Yayasan Salam Andamui


Rek BRI 4272-01-017573-53-0

DTA Darussalam – Yayasan Salam Andamui

You might also like