You are on page 1of 11

Risalah

Nisfhu Sya’ban
‫رسالة نصف الشعبان‬
Amalan-amalan Nisfhu Sya’ban
Bahasa Sunda

Disusun ku :
-

HANYA UNTUK KALANGAN SENDIRI


PANGANTEUR

Bismillahirrohmanirrohiim
Sadaya puji kagungan Alloh, Sholawat sareng salam dihaturkeun ka
Kangjeung Rosul katut para kulawargi sareng sohabat sadayana, mugia
urang sadayana kakocoran ku Rohmat sareng Barokah Kangjeung
Rosululloh anu mulia.

Iyeu buku Risalah Nisfhu Sya’ban disusun tawis panyuhunkeun jama’ah


sareng rerencangan disimkuring. Tangtosna dina nyusun iyeu risalah
seeur kakirangan sareng kalepatan dumasar kana kabodoan
disimkuring, numawi ka para murobby sareng para guru disimkuring oge
ka sadayana anu ngaos kana iyeu risalah disimkuring neda dihapunten
sareng disuhunkeun koreksi kanggo ngajelaskeun sakumaha kedahna
kana eusi iyeu risalah.

Manfaat sareng barokahna tina iyeu risalah mugi tiasa ngadorong urang
sadaya kanggo langkung ningkatkeun ibadah khususna dina bulan
sya’ban.

Nu Nyusun,
ZieQo
@ 2021/1442
)) ‫(( بسم الله الرحمن الرحيم‬
KETERANGAN NISFHU SYA’BAN

1. Kengeng nyandak tina Al-Qur’an :

() ‫حم )( والكتاب ال ُمبين )( اَّن َأنزلنا ُه في ليل ٍة ُمبارك ٍة ۚاَّن ُكنا ُمنذرين‬
ِ ِ
()‫فيها يُفر ُق ُك ُّل َأم ٍر حكي ٍم‬
Haa Miim. Demi Kitab (Al Qur'an) yang menjelaskan, sesungguhnya
Kami menurunkannya pada suatu malam yang diberkahi dan
sesungguhnya Kami-lah yang memberi peringatan. Pada malam itu
dijelaskan segala urusan yang penuh hikmah, ” (Q.S.Addukhon : 1-4)

2. Kengeng nyandak tina Hadits Rosululloh saw


3. Kasauran para Ulama Jumhur

PENDAPAT-PENDAPAT TENTANG MALEM NISFU SYA’BAN

1. Pendapat Imam Fakhrurrozi (Imam Rozi) dina Kitab Tafsir Kabir


Halaman 446-447
Ari anu dimaksud ‫ ليل ٍة ُمبارك ٍة‬nyaeta : Malam lailatul Qodar sabab
peutingan diturunkeun nana Al-Qur’an, tapi anjeunna ngamuat
pendapat Ulama anu sanesna, bahwa anu dimaksud
‫ليل ٍة ُمبارك ٍة‬ teh nyaeta peuting nisfu sya’ban tapi sanes berarti dina

eta peuting diturunkeun nana Al-Qur’an, margi parantos ittifaq para


Ulama yen turunna Al-Qur’an mah peutingan Lailatul Qodar, mung
pedah aya lafadz ‫فيها يُفر ُق ُك ُّل َأم ٍر حكي ٍم‬ “Dina Peuting dipisahkeun

nana sagala urusan”. Maka ngamaksudan ‫ليل ٍة ُمبارك ٍة‬ teh peuting

nisfu sya’ban. Sakumaha aranjeunna maparkeun sababaraha alesan


:

 Malem Nisfu Sya’ban ngagaduhan 5 nami :


1) ‫ليل ُة ال ُمباركة‬ : Malem anu pinuh ku barokah

2) ‫ليل ُة البرائة‬ : Malem dibebaskeun sagala dosa

3) ‫ليل ُة الصك‬ : Malem ditutupna buku amal sataun

4) ‫ليل ُة الرحمة‬ : Malem anu pinuh ku Rohmat

5) ‫ليل ُة الشفاعة‬ : Malem Syafa’at

 Malem Nisfu Sya’ban ngagaduhan 5 ka khususan :


1) ‫يُفركُ ُك ُّل َأم ٍر حكيم‬
Dina peuting iyeu sagala perkara anu rek ditakdirkeun ku
Alloh swt dirinci sataun-satauneun

2) ‫فضيل ُة العبادة‬
Dina peuting iyeu ibadah di unggulkeun

3) ‫نُ ُزو ُل الرحمة‬


Dian peuting iyeu Alloh swt ngalungsurkeun Rohmat-Na

4) ‫ُح ُصو ُل المغفرة‬


Dina peuting iyeu Alloh swt nurunkeun hampura-Na

5) Dina peuting iyeu Alloh parantos masihan syafa’at anu


sampurna ka Kanjeung Nabi Muhammad saw. Margi
Rosululloh saw parantos nyuhunkeun syafa’at pikeun
ummatna dina tanggal 13 sya’ban, maka Alloh masihan 1/3
na. Teras Rosul nyuhunkeun deui dina malem tanggal 14
sya’ban , maka Allh masihan 2/3 na. Teras Rosul nyuhunkeun
deui dina wengi tanggal 15 sya’ban, maka Alloh masihan
sadayan, kajaba jalma anu bedegong ka Alloh saperti
bedegongna onta (etamah moal kabere syafa’at Rosululloh
saw).

2. Pendapat Imam Muhammad Ibnu Jarir Atthobary (Imam Jarir) dina


Kitab Tafsir At-Thobary Jilid 9 Juz 25 Halaman 65. Anu nerangkeun
bahwa lafad ‫ ليل ٍة ُمبارك ٍة‬teh peutingan Nisfu Sya’ban. Dalil-dalilna :
1) Hadits anu katampi ti Ikrimah dina nerangkeun
‫فيها يُفر ُق ُك ُّل َأم ٍر حكي ٍم‬ eta teh dina peutingan nisfu sya’ban,

didinya dipastikeun, daftar anu hirup di salin, dipisahkeun tinu


geus maraot, anu munggah haji taun eta dipastikeun jumlahna
sahingga moal ditambahan atawa dikurangan.

2) Hadits anu katampi ti Utsman bin Mughiroh bin Akhnas.


Rosululloh saw parantos sasauran : “Dipastikan ajal itu dari bulan
Sya’ban sampai bulan Sya’ban berikutnya (satu tahun), sehingga
perkawinan seorang laki-laki dan dilahirkannya serta dikeluarkan
sebuah nama pada daftar buku kematian. (semua itu ditentukan
pada bulan sya’ban)

3) Hadits anu katampi ti Utsman bin Hakim katampi ti Ibnu Abbas,


anjeunna nyaurkeun bahwa “Hiji lalaki leumpangna diantara
jalma-jalma pedah geus dipisahkeun tina daftar anu maraot”.
Teras anjeunna ngaoskeun ayat anu tadi. Teras sasauran deui
“dina peuting eta dipisahkeun nana urusan dunya satauneun-
satauneun.

3. Pendapat Imam Sulaiman bin Umar Al-Ajili As-Syafi’i (Syeikh Jamal)


dina Kitab Tafsir Al-Futuhatul Ilahiyyah Juz 4 Halaman 100.
Anjeunna nukil tina kitab Al-Qurtubi anu diriwayatkeun ku Syeikh
Tsa’labi. Nambihan dina keterangan Imam Ar-Rozi anu tadi, aya hiji
hadits anu katampi ti Kangjeung Rosul saw, anjeunna ngadawuh
“Dimana datang bulan sya’ban maka kudu sarolat dina peutingna
jeung kudu paruasa dina beurangna. Margi Alloh swt
ngalungsurkeun Rohmat-Na dina waktu maghrib kalangit dunya bari
ngadawuh “Naha aya anu menta hampura ?, maka kami rek
ngahampura. Naha aya anu dibere balai ?, maka ku kami rek
diwaraskeun. Naha aya anu menta rizki ?, maka ku Kami rek
direzkian. Naha aya nu kitu jeung nu kitu ?. dugika bijilna fajar.

KASIMPULAN

Sakumaha katerangan diluhur bahwa dina malem Nisfu Sya’ban teh


digentosna buku catatan sagala perkara katut amal sakabeh jalma, oge
peuting anu pinuh ku barokah jeung rohmat, sagala ibadah diunggulkeun
sareng catatan amal urang bakal diturunkeun, maka kacida pisan sae na
urang sadayana nyeeurkeun amal dina eta peuting nisfu sya’ban,
istitabah (menta taubat) ka Alloh tina sagala rupa dosa nu kalangkung
sareng nyuhunkeun digentos ku papasten anu sae sareng maslahat.
Dina malem nisfu sya’ban sae nyeuurkeun amalan terutami sholat anu
kawarid saperti sholat awwabin, witir, hajat, tasbih atawa sholat sunat
muthlaq.

Anapon anu sholatna niat khusus nisfu sya’ban


‫اصلى س نة لنصف شعبان‬
etamah BID’AH hukumna anu teu aya katerangan nana sakumaha
katerangan dina kitab Fathul Mu’in,

Amal-amalan anu kawarid ku disim kuring anu dilaksanakeun sareng


diajarkeun ku guru-guru disimkuring nyaeta :
1. Sholat Tasbih
2. Ngaos Yasin 3 balikan
3. Ngaos du’a Nisfu Sya’ban

TATA CARA SHOLAT TASBIH

Sholat tasbih jumlah na 4 roka’at di dua kali salam keun bari teu kengeng
diberjama’ahkeun. Dina tiap roka’at na maca tasbih 75 kali.
Lafadz niatna :
‫أصلى ُس نة التسبيح ركعتين لله تعالى‬
“Niat abdi sholat tasbih dua rokaat karna Alloh Ta’ala”
Lafadz Tasbihna :
‫ُس بحان الل ُه والحمدُ لله ولاله الالل ُه والل ُه اكب ُر‬
Cara-carana :
1. Saba’da niat maca tasbih 15 x teras ngaos fatihah
2. Saba’da ngaos fatihah ngaos tasbih deui 10 x teras ngaos surat
(disunatkeun ngaos surat Al-Zalzalah) dilajeungkeun kana ruku
3. Dina ruku ngaos tasbih deui 10 x teras cengakat tina ruku (‘Itidal)
4. Dina ‘Itidal ngaos tasbeh deui 10 x. Diterakeun kana sujud
5. Dina sujud anu ka hiji ngaos tasbih deui 10 x. Diteraskeun kana calik
antara dua sujud
6. Dina calik antara dua sujud ngaos deui tasbih 10 x. Diteraskeun kana
sujud anu ka dua
7. Dina sujud anu ka dua ngaos tasbih deui 10 x. Diteraskeun kana
roka’at anu ka dua
8. Dina rokaat sami sapertos roka’at anu ka hiji, diterskeun kana tahiyat
akhir sapertos biasa.
Janten jumlah aosan tasbih dina saroka’at aya 75 kali tasbih, upami 4
roka’at janten 75 x 4 = 300 x maos tasbih.

Kuhal sakitu sholatna dilaksanakeun sing rintih ulah rurusuhan, upami


tiasa bari ngalenyepan kajadian anu parantos karandapan ku urang dina
sataun anu geus kaliwat.

NGAOS SURAH YAASIN

Saba’ada sholat sunat tasbih diterakeun kana ngaos Al-qur’an anu


diutamikeun Surah Yaasin 3 wangsulan, kalawan dina sabalik-sabalikan
nana diniatan :
1. Balikan ka hiji nyuhunkeun di tetepkeun iman jeung islam dugika
maot.
2. Balikan anu kadua nyuhunkeun dipanjangkeun yuswa bari tiasa
ibadah.
3. Balikan ka tilu nyuhunkeun diseeurkeun rizki bari halal tur barokah
kanggo bekel ibadah.

DO’A NISFHU SYA’BAN

‫اللهُم َي ذا المن ول يُم ُّن عليك‬


Nun Gusti... He Dzat anu ngagaduhan nugraha, anu tara nampi nugraha
ti batur
‫َي ذا الجَلل والكرام َي ذا الطول والنعام‬
ِ ِ
He Dzat anu ngagaduhan kaagungan sareng berehan. He Dzat anu
kagungan nugraha sareng anu masihan kani’matan
‫ل اله ال َأنت‬
ِ ِ
Teu aya deui pangeran anu haq diibadahan, anu haq dita’ati parentah
sareng larangan nanan anging Gusti
‫ظهر الَلجين وجار ال ُمس تجيرين ومأْمن الخائفين‬
Anu parantos ngadohirkeun mumusuhan, anu parantor masihan
katengtreman, anu parantos masihan kaamanan kanu sejen
‫اللهُم ان ُكنت كتبتني عندك في أم الكتاب‬
Nun Gusti... upami Gusti parantos nyeratkeun ka abdi di Lauhil Mahfudz
ِ
،‫شقيًّا َأو مح ُرو ًما َأو ُمقت ًّرا علي في الرزق‬
janten jalmai anu cilaka, anu dihalangan sareng dijauhkeun tina Rohmat
Gusti atanapi anu dipegatkeun tina rizki
،‫فام ُح اللهُم في أم الكتاب شقاوتي وحرماني واقتتار رزقي‬
Mugi Gusti mupus dina eta Lauhil Mahfudz kalayan Rohmat Gusti kana
cilakana abdi, kahalang sareng jauh Rohmat Gusti ti abdi sareng pegat
rizki abdi
‫واثبتني عندك في أم الكتاب سعيدًا مر ُزوقًا ُموفقًا للخيرات‬
Mugi Gusti netepkeun ka abdi di Lauhil Mahfudz jadi jalma anu bagja,
anu dirizkian, anu meunang pitulung kana kahadean
‫فانك قُلت وقولُك الح ُّق في كتابك ال ُمنزل على لسان نبيك ال ُمرسل‬
Lantaran Gusti parantos nyaurkeun, anu kasauran Gusti eta Haq nyata
ِ
dina kitab anu diturunkeun perantawis lisan Nabi utusan Gusti
”‫“يم ُحو الل ُه ما يشا ُء ويُثب ُت وعند ُه أ ُّم الكتاب‬
“Alloh bakal mupus kana saban perkara sakersana, sareng eta kagungan
Gusti ari Lauhil Mahfudz”
‫الهيي ِبلتجلى العظام في ليلة النصف من شهر شعبان ال ُمكرم‬
Nun Gusti... kalayan cacaang gumebyar dina wengian Nisfhu Sya’ban
anu mulia
‫التي يُفر ُق فيها ُك ُّل ام ٍر حكي ٍم ويُبر ُم‬
anu dina eta wengi dipasihkeun tiap perkara. Perkara anu pasti sareng
dipastikeun
‫اصرف عني من البَلء ما اعل ُم وما لاعل ُم‬
ِ
Mugi Gusti mengkolkeun ka abdi tina pirang-pirang balai anu abdi terang
sareng anu abdi teu terang
‫وما انت به اعل ُم وانت عَل ُم ال ُغ ُيوب‬
Sareng moal aya anu uninga kana eta perkara anging Gusti anu terang
kana goib
‫برحمتك َيارحم الراحمين‬
Kalayan Rohmat Gusti he Dzat anu pang asihna diantara anu arasih
‫وصلى الل ُه على س يدَّن ُمحم ٍد وعلى أله وصحبه وسلم‬
Sareng ari Rohmat Alloh eta mugia tetep ka Junjungan urang sadaya
nyatana Kangjeung Nabi Muhammad saw, sareng ka kulawargi, sadaya
sohabatna, sareng mugia ngaberkahan Gusti sareng kasalametan.
‫والحمدُ لله رب العالمين‬
Sareng ari sadaya puji eta kagungan Alloh anu mangeranan sadaya
alam.
AMAL-AMALAN DINA POE NISFU SYA’BAN
1. Ngalobakeun sholat sunat anu parantos kawarid (biasa) sapertos
awwabin, witir, hajat, tahajud, jst
2. Siangna kaping 14 sareng 15 langkung sae kedah saum
3. Ngalobakeun shodaqoh, jariyah atawa infaq utamina kanggo syi’ar
agama
4. Kedah ngabebaskeun haq adami (silih hampura)

SAYIDUL ISTIGHFAR
Seeurkeun Ngaos Rajana Istighfar :

‫ و َأَّن على عهدك ووعدك ما‬، ‫ ل ا ٰلـه ال َأنت خلقتني و َأَّن عبدُ ك‬، ‫اللهُم َأنت ربيي‬
ِ ِ
‫اس تطع ُت َأ ُعو ُذ بك من شر ما صنع ُت َأبُو ُء لك بنعمتك علي و َأبُو ُء بذنبيي فاغفر‬
‫لي فان ُه ل يغف ُر ال ُّذن ُوب ال َأنت‬
ِ ِ

You might also like