You are on page 1of 1

Taufik Rahmadiansyah | 180210220044

Munjung: Nyorang Alam Pipikiran Rahayat Handap Sunda Kamari

Judul: Munjung
Pangarang: Mohamad Ambri
Medal: Citakan II, Juli 2008

Mohamad Ambri anu medal kaping 8 Séptémber 1892, nyaéta hiji pangarang anu ngabaladah
gaya kasustraan réalis di alam kasustraan sunda. Dina nulis caritana, Mohamad Ambri éstuning
saujratna jeung basa anu dipakéna ogé basajan, teu réa maké basa anu diréka-réka ogé teu pati maliré
kana purwakanti, ari jejer caritana lolobana ngeunaan masarakat leutik. Pagawéan saperti kitu téh lain
perkara gampang kusabab masarakat di jaman kolonial mah apan kentel kéneh ku budaya feodal. Di
jaman éta mah umumna anu jadi jejer carita téh ukur sabudeureun pawayangan atawa pahlawan anu
asalna ti kalangan ménak.

Dina carita anu judulna “Ronda Désa” kagambarkeun kumaha ari alam pipikiran kalangan
rahayat sunda di jaman kolonial. Dina ieu carita, kacaritakeun paguneman antara Mang Uham, Salhiam
jeung Marhapi anu keur nyaturkeun kahirupanana sapopoé anu teu weléh susah baé. Pagunemanana
dimimitian ku nyaritakeun usahana anu kitu-kitu baé taya parobahan. Tuluy nyaritakeun kahirupan
batur anu sarenang beda ti maranéhna, tuluy pagunemanana téh tepi ka ngabahas nu beunghar ku cara
kotor nyaéta ngopét. Ti dieu kagambarkeun yén kaayaan alam pikiran rahayat sunda baheula téh masih
kénéh percaya kanu tahayul jeung béja anu ukur omongan hungkul taya buktina. Hal ieu tiasa
dimaklum kusabab di jaman éta mah pribumi anu terdidik téh ukur ti kalangan ménak hungkul.

Dina carita “Ngingu Kecit”, Arta nyaritakeun kumaha carana ngingu kecit. Ari inti tinu carita
ieu mah saenyana lain dina kumaha carana ngingu kecit. Tapi maksud carita ieu téh nyaéta ngangkat
hiji masalah anu aya di kalangan rahayat handap. Sakumaha anu diucapkeun ku Arta, “Éta bangsa
urang mah sok salah los, guguru hayang beunghar ka nu malarat, kuduna ka nu beunghar.” Ti dieu
kagambarkeun masalah anu aya di kalangan rahayat handap sunda, nyaéta masalah kirangna
pendidikan.

You might also like