You are on page 1of 6

‫‪KHUTBAH JUMAT‬‬

‫‪DMDI‬‬
‫‪DEWAN MASJID DIGITAL INDONESIA‬‬
‫‪https://seruanmasjid.com‬‬

‫‪CARA SYAR’I‬‬
‫‪NGABASMI KORUPSI‬‬

‫‪KHUTBAH KAHIJI‬‬

‫إن ْال َح ْم َد هَّلِل ِ‪ ,‬نَحْ َم ُدهُ‪َ ,‬ونَ ْس تَ ِعينُهُ‪َ ,‬ونَ ْس تَ ْغفِ ُرهُ‪َ ,‬ونَ ُع و ُذ بِاهَّلل ِ ِم ْن‬ ‫َّ‬
‫ض َّل لَهُ‪َ ,‬و َم ْن‬ ‫ت َأ ْع َمالِنَا َم ْن يَ ْه ِد ِه هَّللا ُ فَالَ ُم ِ‬ ‫ُور َأ ْنفُ ِسنَا‪َ ,‬و َسيَِّئا ِ‬
‫ُشر ِ‬
‫ك لَ هُ‪،‬‬ ‫ي لَهُ‪َ,‬أ ْشهَ ُد َأ ْن الَ اِلَهَ اِالَّ هللاُ َوحْ َدهُ اَل َش ِر ْي َ‬ ‫يُضْ لِلْ فَالَ هَا ِد َ‬
‫َشهَا َدةَ َم ْن هُ َو َخ ْي ٌر َّمقَا ًما َوَأحْ َس ُن نَ ِديًّا‪.‬‬
‫ف بِ ْال َم َك ِ‬
‫ار ِم‬ ‫ص ُ‬ ‫َوَأ ْش هَ ُد َأ َّن َس يِّ َدنَا م َح َّم ًدا َع ْب ُدهُ َو َر ُس ْولُهُ ْال ُمتَّ ِ‬
‫صبِيًّا‪.‬‬
‫ِكبَارًا َو َ‬
‫ان‬‫ق ْال َو ْع ِد َو َك َ‬ ‫ص ا ِد َ‬ ‫ان َ‬ ‫صلِّ َو َسلِّ ْم َعلَى َسيِّ ِدنَا ُم َح َّم ٍد َك َ‬ ‫اَللَّهُ َّم فَ َ‬
‫ص حْ بِ ِه الَّ ِذي َْن يُحْ ِس نُ ْو َن ِإ ْس الَ َمهُ ْم َولَ ْم‬ ‫َرس ُْوالً نَبِيًّا‪َ ،‬و َعلَى آلِ ِه َو َ‬
‫اض ر ُْو َن َر ِح َم ُك ُم هللاُ‪،‬‬ ‫يَ ْف َعلُ ْوا َش ْيًئا فَ ِريًّ ا‪َ ،‬أ َّما بَ ْع ُد‪ ،‬فَيَ ا َأيُّهَ ا ْال َح ِ‬
‫ص ْينِ ْي نَ ْف ِس ْي َوِإيَّا ُك ْم بِتَ ْق َوى هللاِ‪ ،‬فَقَ ْد فَا َز ْال ُمتَّقُ ْو َن‪.‬‬
‫اُ ْو ِ‬
‫قَا َل هللاُ تَ َعالَى ‪:‬‬
‫ت بِ َم ا َغ َّل يَ ْو َم ْالقِ ٰي َم ِة ۚ ثُ َّم‬ ِ ‫ان لِنَبِ ٍّي اَ ْن يَّ ُغ َّل ۗ َو َم ْن يَّ ْغلُلْ يَْأ‬
َ ‫َو َما َك‬
ْ ‫ت َوهُ ْم اَل ي‬ ٰ
‫ُظلَ ُم ْو َن‬ ْ َ‫س َّما َك َسب‬ ٍ ‫تُ َوفّى ُكلُّ نَ ْف‬
(QS Ali-‘Imron [3]: 161)

Alhamdulillah, ku izin Alloh SWT urang sadaya masih kénéh dipaparin kasempetan
pikeun munajat ka Mantena dina poéan anu mulya ieu. Sholawat sinareng salam
kawilujengan mudah-mudahan salamina dilimpahcurahkeun ku Alloh ka Panutan
alam Rosululloh Muhammad shollallohu ‘alaihi wa sallam. Teu hilap ka kulawargina,
para shohabatna, tabi’in, tabi’ut tabi’in, sareng sadaya umatna anu istiqomah nikreuh
ngeureuyeuh ngalaksanakeun tur merjuangkeun Islam dugika akhir zaman.

Prak geura tarakwa aranjeun sadaya ka Alloh. Ta’atan sadaya aturan-Na, jauhan
sanéskanten cegahana-Na. Ingetkeun, yen urang sadaya jaga bakal dipénta
pertanggungjawaban ku Alloh tina sanéskanten perkara anu ku urang sadaya
dilakukeun di dunya, saluyu atawa henteu jeung aturana-Na.

Hadirin jama’ah jum’ah rohimakumulloh,

Teu diterapkeunana syaré’at Islam, nagri ieu beuki morosot. Tukang maok dimana-
mana. Timimiti maok sendal, nepika maok duit nagara. Korupsi beuki mahabu.
Kajaksaan Agung nyatet, sapanjang taun 2022 karugian nagara nepika Rp 144,2
triliun.

Réformasi teu ngahasilkeun nagri ieu jadi hade. Bisa jadi wangunan fisik jlug-jleg
dimana-mana, tapi sacara méntalitas beuki tambah goréng. Démokratisasi teu
ngalahirkeun 'tata kelola' pamaréntahan anu hadé. Baheula KKN (Korupsi, Kolusi,
jeung Nepotisme) dina mangsa Orde Baru dimusuhan, ayeuna KKN katingalna
diantepkeun. Siga nu geus jadi budaya, ti lével panghandapna nepika lével
pangluhurna.

Démokrasi ngalahirkeun perkara anu sagala duit. Aturan bisa dirobah keur
kapentingan. Korupsi ogé bisa dihampangkeun hukumanana ku cara dirobahna
undang-undang.

Hadirin jama’ah jum’ah rohimakumulloh,

Kanyahokeun ku sadayana, yen ieu téh beungeut asli démokrasi. Di jerona teu aya
katakwaan. Pangéran disingkirkeun, sahingga siga anu moal aya pertanggungjawaban
tina sakabéh pagawéan anu dilakukeun di dunya. Lamun kacurangan, kama’siyatan,
teu apaleun aparat kaamanan, kabéhanana dianggap bérés. Bébas perkara.
Ieu kacida pisan bédana jeung Islam, bédana 180 darajat. Dina Islam, kapamingpinan
jeung kakawasaan téh nyaéta amanah. Tanggung jawabna lain ngan ukur di
hareupeun manusa di dunya, tapi ogé di hareupeun Alloh subhanahu wa ta’ala jaga di
akhérat.

Ku sistem Islam, niat korupsi ti mimiti muncul ogé bakal kacegah. Kunaon? Aya
pager anu nyegahna tina éta pagawéan, sabab takwa jadi syarat pikeun pajabat anu
nyangking kalungguhan jabatan. Teu meunang dibéré amanah, jalma anu teu takwa,
singsanajan bisa jadi manéhna saurang profésional.

Tangtuna baé, hal ieu ngan bisa kajadian dina sistem anu nerapkeun syaré’at Islam
kalawan sagemblengna (kaffah) sahingga suasana (atmosfir) anu muncul téh nyaéta
katakwaan ka Alloh subhanahu wa ta’ala. Aturanana ngan nerapkeun aturan Islam
wungkul, anu sumberna tina Al-Qur’an atawa As Sunnah.

Salian ti éta, sanksi hukum kalawan teges jeung beurat bakal ngalahirkeun parasaan
kapok. Tangtu saméméhna, sakabéh pejabat atawa aparat nagara dibéré kahirupan
anu layak. Mangka, wajar sanksi anu teges diterapkeun lamun aya palanggaran.
Hukuman ieu téh bisa mangrupa publikasi, stigmatisasi, paringetan, hartana disita,
pangasingan, cambuk, nepika hukuman pati.

Hadirin jama’ah jum’ah rohimakumulloh,

Dina Islam, kaimanan sarta katakwaan pangawasa jeung para pajabat tangtu kacida
pisan pentingna. Namung, sistem anu ngajaga maranéhna supaya teu méngpar téh
jauh leuwih penting deui. Teu aya anu ngaragukeun kana kaimanan Shohabat Muadz
bin Jabal rodhiallohu ‘anhu. Tapina, Rosululloh shollallohu ‘alaihi wa sallam tetep
nganaséhatan dirina. Nepika nalika Muadz diutus ka Yaman sarta atos ngalakukeun
perjalanan, Rosululloh sholallohu ‘alaihi wa sallam maréntahkeun salasaurang pikeun
nyusulan manéhna supaya balik deui.

Nalika Muadz rodhiyallohu 'anhu balik deui, Mantena ngadawuh:

.ٌ‫صيبَ َّن َش ْيًئا بِ َغ ْي ِر ِإ ْذنِي فَِإنَّهُ ُغلُ ول‬ ِ ُ‫ك؟ اَل ت‬ َ ‫ت ِإلَ ْي‬ ُ ‫َأتَ ْد ِري لِ َم بَ َع ْث‬
‫ض‬ ‫م‬
ْ ‫ا‬ َ ‫ف‬ ، ‫ك‬
َ ُ ‫ت‬‫و‬ْ ‫ع‬
َ ‫د‬
َ ‫ا‬ َ
‫ذ‬ َ ‫ه‬ِ ‫ل‬ . ‫ة‬
ِ ‫م‬
َ ‫ا‬َ ‫ي‬ِ ‫ق‬ ‫ال‬ ‫م‬
َ ‫و‬ْ َ ‫ي‬ َّ
‫ل‬ َ
‫غ‬ ‫ا‬ ‫م‬َ ‫ب‬ ‫ت‬
ِ ‫َو َم ْن يَ ْغلُلْ يَ ْأ‬
ِ ِ
‫ك‬
َ ِ‫لِ َع َمل‬
“Naha anjeun apal kunaon kaula ngirim jalma pikeun nyusulan anjeun? Omat ulah
anjeun nyokot hiji perkara teu saizin kaula sabab hal éta téh ghulûl (khianat). Saha
baé anu ngalakukeun ghulûl, dina Poé Kiyamah manéhna bakal datang mawa naon
baé anu dikhianatan éta (QS Ali Imron [3]: 161). Kusabab hal ieu pisan kaula
ngagero ka anjeun. Ayeuna mah bral geura miyang pikeun ngalakukeun tugas
anjeun”. (HR at-Tirmidzi).

Salian ti kitu, Rosululloh shollallohu ‘alaihi wa sallam maparinan tuladan pikeun


urang sadaya. Kumaha saurang pajabat nagara, singsanajan nyepeng harta nagara anu
loba, hirup kalawan basajan (saderhana). Mantena, misalna, biasa kulem di luhureun
salambar samak anu kasar anu ninggalkeun tapak dina salira Anjeuna. Nalika Ibnu
Mas’ud rodhiallohu 'anhu nawiskeun kanggo ngadamel kasur anu hipu, Anjeuna
ngadawuh:

ٍ ‫ َما َأنَا ِفي ال ُّد ْنيَا ِإالَّ َك َرا ِك‬،‫َما لِي َولِل ُّد ْنيَا‬
َ ْ‫ب ا ْستَظَ َّل تَح‬
‫ت َش َج َر ٍة‬
‫ثُ َّم َرا َح َوتَ َر َكهَا‬
“Teu aya urusan kacintaan kaula jeung dunya, Kaula di dunya ieu taya lian ngan
saukur saperti saurang anu keur iinditan ngiuhan dina handapeun tangkal, tuluy
istirahat sakedapan, tuluy indit deui”. (HR at-Tirmidzi).

Hadirin jama’ah jum’ah rohimakumulloh,

Sikep basajan Rosululloh ieu ogé dituturkeun ku para kholifah anu ngagentos
Mantena. Kholifah Abu Bakar rodhiallohu ‘anhu, ngan nyandak alakadarna baé harta
Baitul Mal pikeun nyumponan kabutuhan hirupna sarta kulawargina sadidinten. Tos
caket waktos maotna, mantena wasiat supaya mulangkeun deui harta ti Baitul Mal
lamun aya leuwihna.

Nyakitu deui Umar bin Khoththob rodhiallohu ‘anhu. Hirupna kacida pisan
sederhanana. Anjeuna teu pernah tuang kalawan dua rupa réncang, gara-gara aya
masyarakat anu ngomongkeun yén anjeuna tuang nganggo dua rupa réncang dina
sakali tuang.

Lamun Kholifah Umar rodhiallalohu 'anhu manggihan kakayaan saurang wali atawa
‘amil (kapala daérah) nambahan kalawan teu wajar, anjeuna meredih éta pajabat
supaya ngajelaskeun asal-usul harta tambahan teu wajar téa. Lamun penjelasanana
teu ngayakinkeun, mangka kaleuwihanana disita atawa dibagi dua. Saparona
dipasrahkeun ka Baitul Mal. Hal saperti kitu pernah ku anjeuna dilakukeun ka Abu
Hurairoh, Utbah bin Abu Sufyan ogé Amr bin Al Ash (Ibn ’Abd Rabbih Al-Andalusi,
Al-’Aqd al-Farîd, 1/46–47).

Ieu dina perkara anu syubhat. Anapon pikeun perkara anu jelas-jelas kabuktian
salahsaurang ngumpulkeun kakayaan pikeun dirina sorangan ku jalan curang,
hukumanana nyaéta ta’zir. Bisa disita hartana, dijilid, dipanjara, atawa bisa ogé
dihukum pati; gumantung tina akibat karuksakan anu ditimbulkeun ku éta korupsi.
‫‪Alhasil, nerapkeun syaré’at Islam pasti bakal éféktif dina ngaleungitkeun korupsi.‬‬
‫‪Usaha ieu ngabutuhkeun kaseriusan jeung komitmen sakabéh pihak pikeun‬‬
‫‪sagancangna ngawujudkeun sistem pamaréntahan Islam anu bakal nerapkeun syaré’at‬‬
‫][ ‪Islam kalawan sagemblengna (kaffah).‬‬

‫آن ْال َع ِظي ِْم‪َ ،‬ونَفَ َعنِي َوِإيَّا ُك ْم بِ َمافِ ْي ِه‬ ‫ك هللا لِي َولَ ُك ْم ِفى ْالقُ رْ ِ‬ ‫بَ ا َر َ‬
‫ت َوال ِّذ ْك ِر ْال َح ِك ِيم َوتَقَبَّ َل هللاُ ِمنَّا َو ِم ْن ُك ْم تِالَ َوتَ هُ َوِإنَّهُ‬
‫ِم َن اآْل يَ ا ِ‬
‫الس ِم ْي ُع ال َعلِ ْي ُم‪َ ،‬وَأقُ ْو ُل قَ ْولِي هَ َذا فَ ْ‬
‫أس تَ ْغفِ ُر هللاَ ال َع ِظ ْي َم ِإنَّهُ‬ ‫هُ َو َّ‬
‫هُ َو ال َغفُ ْو ُر الر ِ‬
‫َّحيْم‬

‫‪KHUTBAH II‬‬

‫اَ ْل َح ْم ُد هللِ َعل َى ِإحْ َسانِ ِه َوال ُّش ْك ُر لَهُ َعل َى تَ ْوفِ ْيقِ ِه َواِ ْمتِنَانِ ِه‪َ .‬وَأ ْشهَ ُد‬
‫أن َس يِّ َدنَا‬‫ك لَ هُ َوَأ ْش هَ ُد َّ‬ ‫َأ ْن الَ اِلَ هَ ِإالَّ هللاُ َوهللاُ َوحْ َدهُ الَ َش ِر ْي َ‬
‫ص لِّ َعلَى‬ ‫ض َوانِ ِه‪ .‬اللهُ َّم َ‬ ‫ُم َح َّم ًدا َع ْب ُدهُ َو َر ُس ْولُهُ ال َّدا ِعى إل َى ِر ْ‬
‫َسيِّ ِدنَا ُم َح َّم ٍد ِو َعلَى اَلِ ِه َوَأصْ َحابِ ِه َو َسلِّ ْم تَ ْسلِ ْي ًما ِكث ْيرًا‬
‫َأ َّما بَ ْع ُد فَي ا َ اَيُّهَ ا النَّاسُ اِتَّقُواهللاَ ِف ْي َم ا َأ َم َر َوا ْنتَهُ ْوا َع َّما نَهَى‬
‫َوا ْعلَ ُم ْوا َأ َّن هللاَ َأ َم َر ُك ْم بِ َأ ْم ٍر بَ َدَأ فِ ْي ِه بِنَ ْف ِس ِه َوثَـنَى بِ َمآل ِئ َكتِ ِه‬
‫ُص لُّ ْو َن َعل َى‬ ‫ْال ُم َس بِّ َح ِة بِقُ ْد ِس ِه َوقَ ا َل تَع اَلَى ِإ َّن هللاَ َو َمآلِئ َكتَ هُ ي َ‬
‫ص لُّ ْوا َعلَ ْي ِه َو َس لِّ ُم ْوا تَ ْس لِ ْي ًما‪ .‬اللهُ َّم‬ ‫النَّبِى ي آ اَيُّهَ ا الَّ ِذي َْن آ َمنُ ْوا َ‬
‫صلَّى هللاُ َعلَ ْي ِه َو َس لِّ ْم َو َعلَى ِ‬
‫آل َس يِّ ِدنا َ‬ ‫صلِّ َعلَى َسيِّ ِدنَا ُم َح َّم ٍد َ‬ ‫َ‬
‫ض اللّهُ َّم‬ ‫ك َو َمآلِئ َك ِة ْال ُمقَ َّربِي َْن َوارْ َ‬ ‫ك َو ُر ُسلِ َ‬ ‫ُم َح َّم ٍد َو َعلَى اَ ْنبِيآِئ َ‬
‫َّاش ِدي َْن َأبِى بَ ْك ٍر َو ُع َم ر َو ُع ْث َم ان َو َعلي َو َع ْن‬ ‫َع ِن ْال ُخلَفَ ا ِء الر ِ‬
‫ان اِلَى يَ ْو ِم‬ ‫ص َحابَ ِة َوالتَّابِ ِعي َْن َوتَابِ ِعي التَّابِ ِعي َْن لَهُ ْم بِاِحْ َس ٍ‬ ‫بَقِيَّ ِة ال َّ‬
‫ك يَا َأرْ َح َم الر ِ‬
‫َّاح ِمي َْن‬ ‫ض َعنَّا َم َعهُ ْم بِ َرحْ َمتِ َ‬ ‫ال ِّدي ِْن َوارْ َ‬
‫ت‬‫ت َو ْال ُم ْس لِ ِمي َْن َو ْال ُم ْس لِ َما ِ‬ ‫اَللهُ َّم ا ْغفِ رْ لِ ْل ُم ْؤ ِمنِي َْن َو ْال ُمْؤ ِمنَ ا ِ‬
‫ت اللهُ َّم َأ ِع َّز ْاِإل ْس الَ َم َو ْال ُم ْس لِ ِمي َْن َوَأ ِذ َّل‬ ‫اَالَحْ يآء ِم ْنهُ ْم َو ْاالَ ْم َوا ِ‬
‫ص رْ َم ْن‬ ‫ك ْال ُم َو ِّح ِدي َْن َوا ْن ُ‬ ‫ص رْ ِعبَ ا َد َ‬ ‫ك َو ْال ُم ْش ِر ِكي َْن َوا ْن ُ‬ ‫الش رْ َ‬ ‫ِّ‬
‫اخ ُذلْ َم ْن َخ َذ َل ْال ُم ْس لِ ِمي َْن َو َد ِّمرْ َأ ْع َدا َء ال ِّدي ِْن‬ ‫ص َر ال ِّدي َْن َو ْ‬ ‫نَ َ‬
‫ك ِإلَى يَ ْو ِم ال ِّدي ِْن‪ .‬اللهُ َّم ا ْدفَ ْع َعنَّا ْالبَالَ َء َو ْال َوبَ ا َء‬ ‫َوا ْع ِل َكلِ َماتِ َ‬
‫َوال َّزالَ ِز َل َو ْال ِم َح َن َو ُس ْو َء ْالفِ ْتنَ ِة َو ْال ِم َح َن َم ا ظَهَ َر ِم ْنهَ ا َو َم ا‬
‫ان ْال ُم ْسلِ ِمي َْن عآ َّمةً‬ ‫صةً َو َساِئ ِر ْالب ُْل َد ِ‬‫بَطَ َن َع ْن بَلَ ِدنَا اِ ْن ُدونِي ِْسيَّا خآ َّ‬
‫آلخ َر ِة َح َس نَةً‬ ‫يَا َربَّ ْال َعالَ ِمي َْن‪َ .‬ربَّنَا آتِنا َ ِفى ال ُّد ْنيَا َح َسنَةً َوفِى ْا ِ‬
‫اإن لَ ْم تَ ْغفِرْ لَنَا َوتَرْ َح ْمنَ ا‬ ‫ار‪َ .‬ربَّنَا ظَلَ ْمنَا اَ ْنفُ َسنَا َو ْ‬‫اب النَّ ِ‬‫َوقِنَا َع َذ َ‬
‫لَنَ ُك ْونَ َّن ِم َن ْال َخ ِ‬
‫اس ِري َْن‪.‬‬

‫ان َوِإيْت آ ِء ِذي ْالقُ رْ ب َى‬ ‫ِعبَا َدهللاِ ! ِإ َّن هللاَ يَْأ ُم ُربِاْل َع ْد ِل َو ْاِإل حْ َس ِ‬
‫َويَ ْنهَى َع ِن ْالفَحْ ش آ ِء َو ْال ُم ْن َك ِر َو ْالبَ ْغي يَ ِعظُ ُك ْم لَ َعلَّ ُك ْم تَ َذ َّكر ُْو َن‬
‫اش ُكر ُْوهُ َعل َى نِ َع ِم ِه يَ ِز ْد ُك ْم‬ ‫َو ْاذ ُك رُوا هللاَ ْال َع ِظ ْي َم يَ ْذ ُكرْ ُك ْم َو ْ‬
‫َولَ ِذ ْك ُر هللاِ َأ ْكبَرْ‬

You might also like