You are on page 1of 4

PEMERINTAH KABUPATEN

PURWAKARTA DINAS PENDIDIKAN


UPTD SMP NEGERI 9 PURWAKARTA
Jl. Kolonel Rahmat Desa Citalang, Tlp. (0264) 8225216 Purwakarta 41151
Email : 20229733smpn9pwk@gmail.com / Web : http://smpn9purwakarta.sch.id

SOAL PENILAIAN AKHIR SEMESTER


TAHUN PELAJARAN 2021/2022

Mata Pelajaran : Bahasa Sunda


Hari / Tanggal : Kamis/09 Desember 2021
Alokasi Waktu : 60 Menit
Kelas / Semester : VIII/I
Pilihan Ganda
Pilih salah sahiji alternatif jawaban a, b, c, atawa d nu ku hidep dianggap pangbenerna!

Titenan rumpaka A jeung B tuluy jawab pananya di handap ieu

A B
Bubuy bulan Budak leutik bisa ngapung
Bubuy bulan sangray bentang Babaku ngapungna peuting
Panon poe Ngalayang kakalayangan
Panon poe di sasate Neangan nu amis amis
Unggal poe oge hade Sarupaning bungbuahan
Naon bae nu kapanggih
1. Dumasar téks di luhur, mana nu kaasup rumpaka kawih?
a. A c. B
b. A Jeung B d. Lain duanana

2.
Ieu salasahiji gedung anu aya di kota bandung kungsi dijieun lagu judulna….
a. Bandung c. Gedung Sate
b. Isola Bumi Siliwangi d. Bandung lembang
Jang, hirup téh teu gampang
Teu cukup ku dipikiran
Bari kudu dilakonan
Jang, jalan kahirupan
Henteu sapanjangna datar
Aya mudun jeung tanjakkan
Kudu sabar di na kurang
3. Amanat nu aya dina rumpaka kawih di luhur nya éta…
a. Hiup kudu percaya kana takdir
b. Hirup kudu lempeng
c. Jalan hirup tiap jalma sarua
d. Hirup kudu salawasna Eling ka nu Maha Agung

Baca rumpaka kawih ieu di handap!


Bandung
Sanggian: Mang Koko
Bandung, Bandung
Bandung nelah Kota Kembang
Bandung, Bandung
Sasakal Sangkuriang

Di lingkung gunung
Heurin ku tangtung
Puseur kota nu mulya Parahiangan
Bandung, Bandung
Pada muru dijugjugan

4. Dumasar kawih di luhur, Bandung téh nelah ku istilah ...


a. Kota Kembang c. Paris van Java
b. Kota wisata d. Kota Sangkuriang
5. Naon maksudna “heurin ku tangtung” dina rumpaka kawih di luhur ...
a. Bandung pinuh ku sampah
b. Bandung pinuh ku gedong-gedong jarangkung
c. Bandung kacida ramé lantaran gegek pendudukna
d. Bandung loba toko jeung supermarket
Sabilulungan
Sabilulungan dasar gotong ....
.... sipat silih rojong
Sabilulungan .... ulah potong
Sabilungan persatuan témbong
Tohaga, rohaka
Teguh tanggoh .... sabilulungan
.... sajiwa
Segut singkil ngabasmi pasalingsingan
6. Kecap-kecap anu pangmerenahna pikeun ngalengkepan téks rumpaka kawih di luhur nya éta...
a. royong; sabilulungan; genténg; perbawa; sadia
b. genténg; perbawa; royong; sadia; sabilulungan
c. sabilulungan; royong; genténg; perbawa; sadia
d. royong; genténg; perbawa; sadia; sabilulungan

7.
Judul kawih nu luyu jeung gambar di luhur nya éta …
a. Mojang desa
b. Mojang priangan
c. Ibu Kita Kartini
d. Euis
8. Perhatikeun kecap ieu di handap
1. Rasa 4. Pupuh
2. Nada 5. Amanat
3. Tema
Nu kaasup unsur kawih nya eta
a. 1,3,4,5 c. 1,3,4,5
b. 1,2,3,5 d. 2,3,4,5
9. Borondong garing mangrupa salah sahiji kawih anu temana kadaharan. Ieu kadaharan téh khas
daerah…
a. Majalengka c. Ciwidey
b. Majalaya d. Lembang
Cik atuhlah
Cik atuhlah
Carcing di imah
Ulah waka hayang néang nu ngeuanh-ngeunah
Ké gé aya waktosna mun ieu corona geus teu aya di dunya
Ayeuna mah wayahna
Caricing heula
10. Kawih di luhur nyaritakeun...
a. Anjuran jaga jarak
b. Anjuran social distancing
c. Corona virus nu bahaya
d. Kahadé aya corona
11. Dumasar kecap di handap nu kaasup harti warta nya eta …
1) 1. Beja 4) Amanat
2) 2. Informasi 5) Carita
3) 3. Bewara
a. 1 jeung 5 c. 1, 2, jeung 3
b. 2 jeung 4 d. 3,4, jeung 5
12. Hiji katerangan, bisa disebut warta saupama….
a. ditulis ku wartawan
b. dikirimkeun ka media massa
c. dimuat dina media massa
d. dibaca ku balarea
13. Berita nu dipidangkeun dina Tv biasana dipandung ku hiji atawa dua urang nu disebut
a. Pembawa acara c. Pamaca warta/News anchor
b. Host d. Kameramen
14. Cara ngabedakeun hiji warta naha bener atawa hoax nya eta
a. Tingali sumberna
b. Tingali saha nu diberitakeunana
c. Tingali saha nu ngaberitakeuanna
d. Tingali nu maca beritana
15. Warta nu dibewarakeun ka masarakat kudu nu haneut keneh ulah anu basi ieu istilah disebut….
a. Actual c. Terpercaya
b. Factual d. Tajam
16. “Pamiarsa, wilujeng patepang deui sareng Rani Pratiwi dina acara warta BandungTV. Warta anu baris
kapidangkeun nya éta…”
Warta di luhur kaasup warta anu dipublikasikeun ngaliwatan …
a. Majalah c. Televisi
b. Koran d. Majalah
17. Basa dina warta ngagunakeun basa anu…
a. Loma c. Lemes
b. Sopan d. Kasar
18. Di handap ieu aya jenis warta, iwal
a. Straight news c. Soft News
b. Depth news d. Last News
19. Nuliskeu warta téh kudu nurutkeun kana unsur
a. W+H c. 1W+5H
b. 5W +1H d. 6W
Baca wacana ieu di handap,
Koransunda.com – Wuhan Institute of Virology (WIV) keur janten sorotan margi aya teori anu
menengarai virus corona atawa COVID-19 asal ti wuhan.
Aya henteu buktos anu ngarojong spekulasi ieu? Sajauh ieu,sanaos atos seueur panalungtikan
intensif kawit muasal virus corona tacan dipikanyaho sacara tangtos. Nanging sepertos sering disebatkeun
konsensus ilmuwan condong ngayakinan pisan virus corona asalna ti sato jigana lalay.
Henteu tiasa dipungkiri yen virus tiasa didamel utamana kanggo kapentingan riset ilmiah,contona
menginvestigasi kumaha virus bermutasi di pikahareupeun. Sarta sabaraha luhur oge tingkat kaamanan
jigana kebocoran ti laboratorium.
20. Naon nu diobrolkeun dina warta di luhur ….
a. Asal Muasal Virus corona
b. Bahaya virus corona
c. Manfaat virus corona
d. Panalungtikan virus corona
21. Dumasar wanguna sisindiran mangrupa karya sastra …
a. Drama
b. Prosa
c. Puisi Bebas
d. Puisi Kuger
22. Sisisndiran aya tilu rupa nya éta…iwal.
a. Paparikan
b. Rarkitan
c. Wawangsalan
d. Sesebred
23. Ieu di handap salasahiji ciri sisindiran, iwal....
a. diwangun ku cangkang jeung eusi
b. unggal padalisan diwangun ku 8 engang
c. sorana murwakanti
d. unggal pada aya nu diwangun ku dua, tilu, jeung opat padalisan
Sing getol nginum jajamu
Nu guna nguatkeun awak
Sing getol néangan élmu
Nu guna dunya ahérat
24. Wangun sisindiran di luhur mangrupa....
a. Paparikan
b. Rarakitan
c. Wawangsalan
d. Pupujian
Sing getol nginum jajamu
Nu guna nguatkeun awak
Sing getol néangan élmu
Nu guna dunya ahérat
25. Dumasar eusina sisindiran di luhur mangrupa....
a. Silih asih
b. Piwuruk
c. Sesebréd
d. Agama
26. Sisindiran anu diwangun ku dua padalisan nya éta…
a. Paparikan
b. Rarakitan
c. Wawangsalan
d. Piwuruk
27. Kleup maén bal Maung Bandung
Tos nasib kedah paturay
Wangsal na....
a. Oray
b. Persib
c. Raray
d. Bandung

28. Kacapi leubeut ti peuting


mawa pala teu buahan
lalaki kasép ti peuting
di sakola teu rupaan
Sisindiran diluhur kaasup kana....

a. Rarakitan
b. Wawangsalan
c. Paparikan
d. Pupujian

29. Lamun manéh boga keris


sok paéhan lauk hiu
Lamun bisa basa inggris
sok naon harti ai lop yu
Sisindiran diluhur kaasup kana....

a. Piwuruk
b. Silih asih
c. banyol
d. pupujian

30. Aya cai dina gelas


diasupkeun kana botol
............................................
............................................
Kalimah anu merenah pikeun ngalengkepan sisindiran di luhur nya éta....

a. Jalma anu dipiwelas


Lainna jalma anu getol
b. Jalma anu dipiwelas
Badanna bararéntol
c. Lamun hayang naék kelas
kudu ngaliwat jalan tol
d. Lamun hayang naék kelas
diajarna kudu getol

You might also like