You are on page 1of 11

‫بسم هللا الرحمن الرحيم‬

...9 .‫هللا أكبر وهلل الحمد‬ˣ ‫هللا أكبر‬

‫ ونصر‬.‫ صدق وعده‬. ‫ الاله إال هللا وحده‬. ‫هللا أكبر كبيرا والحمد هلل كثيرا وسبحان هللا بكرة واصيال‬
‫ الاله إال هللا وال نعبد إال إياه مخلصين له الدين ولو كره‬.‫ وأعزجنده وهزم األحزاب وحده‬.‫عبده‬
‫الكافرون‬

‫ َو َنْشُك ُر ُه ِإْذ َجَعَل‬, ‫ َو َنْذ ُك ُر ُه ِذ ْك ًرا َالُيَغاِد ُر ِفي ْالَقْلِب اْس ِتْك َباًرا َو َال ُنُفْو ًرا‬, ‫ َنْح َم ُد ُه َحْم ًدا َك ِثْيًرا‬, ‫َاْلَحْم ُد ِ ِهلل‬
‫َاْش َهُد َأْن َال ِاَلَه ِإَّال ُهللا َو ْح َد ُه َال َش ِر ْيَك َلُه َش َهاَد ًة‬.‫الَّلْيَل َو الَّنَهاَر َخ ْلَفَة ِلَم ْن َأَر اَد َأْن ُيْذ َك َر َأْو َأَر اَد ُشُك ْو ًرا‬
‫ َو َاْش َهُد َأَّن َس ِّيَدَناُمَحَّم ًدا َع ْبُد ُه َو َر ُسْو ُلُه اَّلِذ ْي َجَع َلُه ِفي الَّس َم اَو اِت َو ْاَألْر ِض ِز ْيَنًة َو ِسَر اًجا‬. ‫ُشْك ًرا‬
‫ َو َعلَى آِلِه الَّطاِهِر ْيَن َو َص ْح ِبِه‬, ‫َالَّلُهَّم َص ِّل َو َس ِّلْم َعلَى َنِبِّيِه اَّلِذ ْى َبَع َثُه ِباْلَح ِّق َبِش ْيًرا َو َنِذ ْيًرا‬.‫ُمِنْيًرا‬
‫ َح َّتى َأْص َبَح ُك َّل َو اِح ٍد ِم ْنُهْم‬, ‫ َاَّلِذ ْيَن اْج َتَهُد ْو ا ِفي ِعَباَد ِة ِهللا َغ َدْو َة َو َع ِش ًّيا َو ُبْك َر ًة َو َأِص ْيًال‬, ‫ْاَألْك َرِم ْيَن‬
‫َقاَل‬. ‫ ِاَّتُقوا َهللا َتَع اَلى َفَقْد َفاَز اْلُم َّتُقْو َن‬, ‫ َفَيا ِإْخ َو اِن ْالِكَر اِم‬: ‫َأَّم ا َبْعُد‬. ‫ُنُج ًم ا ِفي الِّدْيِن َهاِد ًيا َو ِسَر اًجا ُمِنْيًرا‬
‫ ُقْل ِإن ُك نُتْم ُتِح ُّبوَن َهّللا َفاَّتِبُعوِني ُيْح ِبْبُك ُم ُهّللا َو َيْغ ِفْر َلُك ْم ُذ ُنوَبُك ْم َو ُهّللا َغ ُفوٌر‬: ‫ُهللا َتَع اَلى ِفي ْالُقْر آِن ْالَك ِر ْيِم‬
‫َّر ِح يٌم‬
Alloohu Akbar, Alloohu Akbar, Alloohu Akbar, Alloohu Akbar
Walillaahilhamdu.

Hadirin Rohimakumulloh.
Alhamdulillah, Muji syukur urang sadayana ka Alloh Ta’aalaa. Sabab ku
Rohman sinareng Rohim Manten-Na, dina énjing-énjing ieu urang sadaya
cunduk kana waktu rahayu, ninggang kana magsa nu lugina, urang tepung
lawung reujeung dinten kapinunjulan urang sadayana saba’dana urang
merangan hawa nafsu salami sasasih di salebeting sasih Romadhon, sasih
nu suci, sasih nu mulya, sasih nu istimewa, sasih nu mangrupakeun sasih
panglebur dosa-dosa urang sadayana. Kalebet jalmi nu kacida rugina, nu
tepung sareng sasih Romadhon bari manehna hirup disajeroning eta bulan
tapi manehna teu meunang panghampura Alloh Subhaanahu Wa Ta’aalaa
kitu pidawuh Rosulululloh Shollalloohu Shollalloohu ‘Alayhi wa Sallam.

Kumargi sakitu urang sadaya teu petot-petot ngadu’a ka Alloh Subhanahu


wa ta’aalaa mugia shaum urang, ibadah urang boh nu wajib oge nu
sunahna sing aya dina panampian Manten-Na turta urang sadayana mugia
kengeng maghfiroh Manten-Na bari urang kalebet jalmi nu Minal Aa’idiin,
tegesna jalmi nu mulang deui kana kasucian, sucina lir ibarat nu nembe
dilahirkeun ku ibu-ibu urang sadaya. Sareng mugia urang kalebet Faaiziin,
tegesna jalmi-jalmi nu kengeng kabagjaan. Aamiin Yaa Alloh Ya Robbal
‘Aalamiin.
Sawarsih teu karaos urang parantos lumampah ngambah sagara kahirupan,
nu mangrupakeun amanat Alloh Subhaanahu wa Ta’aalaa, asa kamari
urang tepung sareng kaping hiji Syawal 1443 H. Kiwari urang tos tepung
deui sareng kaping hiji Syawal 1444 H. Sataun katukang urang lumampah
ngisi kahirupan nu pinuh ku perjuangan, pinuh ku panggoda sareng
pangrorobeda, dina enggoning ngudag darajat kahirupan nu mulya
dipayuneun Alloh Ta’aalaa. Ngan teu sakedik diantawis urang malah teu
nutup kamungkinan urang oge kalebet, dina ngisi kahirupan teh bengkok
niat sareng tujuan, lain ngudag sangkan mulya dipayuneun Alloh, tapi nu
diudag teh ukur hayang mulya dipayuneun sasama.

Teu sakedik jalmi nu ngudag-ngudag harta sangkan kapibanda, sanggeus


eta harta kapibanda ukur jadi katakaburan nungtun ka diri jadi adigung
adiguna teu tolih kana kahirupan sasama nu keur nandangan sangsara,
haré-haré kana kamekaran sareng kamajuan syiar agama, teu malire kana
pangabutuh lembaga-lembaga atikan jeung kaagaaman nu keur
nanjungkeun syare’at agama pikeun para generasi penerus nu keur
neuleuman elmu-elmu agama jeung sajabana.
Ogé teu sakedik jalmi nu parebut pangkat sareng jabatan, sanggeus eta
pangkat sareng jabatan kalungguhan, kalah ka jadi alat pikeun kumawasa
nu teu samistina, pangkat jeung jabatan ukur jadi alat ngabeungharkeun
dirina jeung koléga-kolégana, pangkat jeung jabatan kalah ka nungtun
kana tumuwuhna rasa umaing, angkuh ka dulur, teu miroséa kana
kamaslahatan hamba rahayat nu dipingpinna, miheulakeun kapentingan
pribadi jeung kulawarga batan kapentingan sarerea. Jabatan ukur jadi
modal pikeun ngabeungharkeun diri pribadina, estu teu inget yen harta
jabatan éta titipan ti Nu Maha Kawasa nu jaga bakal diperedih
pertanggung jawabanana.

Hal ieu nandakeun geus béngkokna niat jeung tujuan hirup. Kumargi kitu
ayeuna pisan waktuna urang ngarobah paniatan, nu tadina urang loba
suudzon atawa goreng sangka ka batur, urang robah jadi loba husnudz-
dzon atawa hadé sangka. Nu tadina teu akur jeung dulur ayeuna robah jadi
akur, piceun sifat kasombongan urang ganti ku sifat handap asor, urang
ecagkeun panyakit-panyakit kahirupan nu matak jadi rusakna kaweuteuhan
persatuan reujeung kasatuan, urang singlar panyakit-panyakit ati nu matak
jadi hinana diri di payuneun sasama oge dipayuneun Nu Maha Kawasa.
Alloohu Akbar, Alloohu Akbar, Alloohu Akbar; Alloohu Akbar
Walillahilhamdu.
Hadirin Rohimakumulloh..
Bulan suci Romadhon kalayan sagala kautamaanana, boh rahmat Alloh,
maghfiroh-Na ogé jangju Manten-Na pikeun ngabebaskeun saban-saban
hamba-Na nu dikersakeunna-Na tina seuneu naraka. Sawadina pisan kudu
bisa dijadikeun ku urang sadayana mangrupa hiji kasempetan nu utama
pikeun nyangking eta kabeh. Nu akhirna tujuan utama tina ibadah saum éta
bisa kahontal nyatana darajat katakwaan dipayuneun Alloh Ta’aalaa.
Sabab teu aya deui bekel nu pangade-hadena kangge ayeuna ogé jaga iwal
ti katakwaan, Fatazawwaduu...! Fainna Khoiruz-Zaadit-Taqwaa.

Poe Idul Fitri téh mibanda makna, lain wungkul maké pakéan sarwa anyar
jeung weuteuh, bari kadaharan nu ngareunah, tur lain ukur senang-senang
bari suka bungah ku kanikmatan bari nuturkeun hawa nafsu syahwat. Tapi
Idul Fitri teh nyaéta hiji poe nu jadi tanda bukti ditampana kata’atan,
dileburkeunana dosa-dosa jeung kasalahan, digantina kagoréngan ku
kahadean, turta ngahiliwirkeun angin kagumbiraan rasa lahir tumekaning
batin ku diangkatna darajat jeung kamulyaan dipayuneun Alloh
Subhaanahu wa Ta’aalaa. Nu akhirna numuwuhkeun rasa karumasaan diri
pikeun salawasna ngabaktikeun diri ku kaweningan ati, salawasna
nyébakeun raga ku kajembaran manah nu sétra, dibarung tumuwuhna
qolbu nu linuhung pikeun salawasna moal ngijing sila béngkok sinembah,
moal lanca-linci luncat mulang, udar tina tali gadang, mancegkeun adeg-
adeg jeung kayakinan, nu hamo bisa dionggét-onggét deui seja migusti ka
Alloh Robbul Izzaty Pangéran nu sahiji bari ngaéstokeun sagala paréntah
Manten-Na tur ngantunkeun sagala nu dilarang-Na.

Mémang dina mayunan kahirupan di alam kiwari, alam materialistis, alam


nu sagalana diukur ku materi, saban lengkah saban renghap ngabutuhkeun
materi, nu antukna matak ngalungsekeun matak nguras tanaga lahir oge
batin, sistem-sistem kahirupan nu geus acakadut, akhlak-akhlak jalma geus
loba nu tijalikeuh, barudak geus ilang rasa hormat ka nu jadi indung
bapana, murid-murid geus leungit rasa hormat tilawatna ka nu jadi guruna,
rahayat geus ilang kapercayaan ka nu jadi pamingpinna, kaum istri geus
ilang rasa ikhlasna dina ngalayanan jeung ngahurmat ka nu jadi salakina,
loba kaum wanoja boh nu anom ogé nu tos sarepuh nu geus teu ragab deui
boboléklakan orat, orat lir didagang-dagangkeun nu sakuduna dibunian
mungguhing aturan agama. Nu hal éta teh ngajurung laku pikeun
lumangsungna kajadian nu bisa ngarugikeun jeung ngabahayakeun ka
maranehna salaku kaum wanoja. Kitu kénéh kaum bapana nu mibanda
tanggung jawab sagalana salaku kapala rumah tangga, loba diantarana
ukur mentingkeun kagindingan lahir bae ka kulawargana teh, tapi acan
nepi kana ngagindingan bathin, nu aya antukna hormat tilawat ka dirina
salaku pingpinan rumah tangga teh ilang tanpa karana, sabab lahir ginding
tapi batin busitin tina eusi kaimanan, sepi tina akhlak nu hadé.

Cindekna alam kiwari ampir-ampiran geus jauh tina garis-garis kahirupan


nu dipikaridho ku Alloh Ta’aalaa. Lisan mah ngaku yen Alloh téh
Pangéranna, tapi laku lampahna salilana nonggongan Manten-Na, lisan
mah ngaku Islam teh agama nu diagemna, tapi lampah kahirupanana jauh
tina kaislaman. Lisan mah ngaku yen kanjeng Nabi Muhammad
Shollaloohu ‘Alayhi wa Sallam teh Nabina, Rasul sareng utusan Alloh,
tapi teu aya sakedik oge laku lampahna nu miconto ka Rosululloh, lisan
mah ngaku yen Al-Qur’an téh mangrupakeun Imam kahirupanana, tapi
kahirupanana jauh tina papagon nu kacutat dina Al-Qur’an.

Ampir saparona jalma di alam kiwari siga nu geus teu butuh kana aturan-
aturan agama jeung darigama, aturan-aturan agama geus wani ngareumpak
komo kana aturan manusa, sabab mun manusa geus wani ngarempak kana
aturan-aturan nu geus diguratkeun ku Alloh, eta hartina manehna geus
sombong, takabur diri, sedengkeun sifat takabur teh kaasup syirkul-
ashghor, kaasup syirik leutik, tegesna manehna kaasup geus mangeranan
ka dirina, mun seug geus kitu maka ancaman Alloh bakal nibankeun siksa
ka sing saha bae nu aya sakeprul dina dirina ngancik sifat katakaburan.

‫َأْلِع ُّز ِإَزاِر ْي َو اْلِكْبِر َياُء ِر َدآِئْي َفَم ْن َناَز َع ِنْي ِم ْنُهَم ا َشْيًئا َع َّذ ْبَتُه‬

(‫)أبي طالب كرم هللا واجهه رواه مسلم والطبرانى عن علي ابن‬

“Kaperkasaan jeung kamulyaan éta baju Kami, kaagungan éta soléndang


Kami, mangka sing saha jalmana nu nyaruaan Kami (tegesna mibanda
sifat takabur atawa kasombongan) najan sakeprul tanwande ku Kami bakal
disiksa”.(H.R. Imam Muslim ti Abu Sa’id Rodhiyalloohu ‘Anhu, ogé
diriwiyatkeun ku Imam Samuwaih sami sumberna ti Abu Said
Rodhiyalloohu ‘Anhu, ogé diriwayatkeun ku Imam Thobroni nu sumberna
ti Sayyidina Ali Karomalloohu Wajhah(. Alloohu Akbar, Alloohu Akbar,
Alloohu Akbar; Alloohu Akbar Walillahilhamd

Hadirin Rohimakumulloh
Dina énjing ieu, di Masjid nu ku urang dipikacinta, jiwa urang karaos
seger deui sok sanaos masih ngagurat tapak-tapak kalungsé satutasna
urang tutas gawé capé salami sasasih merangan hawa nafsu, salami sasasih
urang puasa, ngalaksanakeun kasunahan-kasunahan dilebetna, kayaning
shalat suna taraweh, tadarus, qiyamullail, bari beurangna urang tetep
ngalaksanakeun aktifitas sakumaha biasa dilaksanakeun di luar Romadhon.
Atuh dina wengi tadi sawengi jeput, di satungkebing langit satangkaraking
jagad buana panca tengah dipinuhan ku sora aosan-aosan dzikir kalimah-
kalimah thoyyibah, takbir, tahmid, tasbéh jeung tahlil nu sorana nembus
mubus ka langit ping pitu tug dugi ka sidrotul muntaha, sorana
nginggeungkeun ‘Arasy-Na Allah, Malaikat-malaikat rohmat lungsur ka
alam dunya “Tanazzalul-malaa’ikatu war-Ruuhu Fiiha biidzni Robbihim.”
Ieu teh mangrupakeun pertanda yen poé kapinunjulan geus cunduk,
pangbeubeurat kahirupan nu salila ieu karasana naplok na taktak
kahirupan, karasana geus ecag, karasana hampang lir jalma nu tas
ngecagkeun pupundakan barang beurat dina taktakna, kabungah jeung
kagumbiraan datang lir indung nu kadatangan anakna nu diarep-arepna nu
lawas teu tepung, ku hal ieu pisan sok jadi sabab teu karasana cimata bagja
jadi daré’ét, nyurucud maseuhan pipi, ngagukguk teu kaampeuh, rus-ras ka
mangsa-mangsa nu geus ka sorang nu pinuh oméaneun, rus-ras ka diri nu
laip di payuneun Nu Maha Agung, rus-ras kana diri rumasa hirup pinuh ku
dosa, rumasa nyampoleh ngaléléwodéhkeun kana amanat Alloh Ta’aalaa,
éstu loba ka inggis, loba ku ka risi, inggis kulawarga nu mangrupakeun
amanat Alloh ngajongklolkkeun ieu diri ka narakana Alloh sabab acan bisa
ngajaga amanat kalayan sapapaosna. Risi ku diri jaga teu bisa mawa amal
nu matak bisa nyalametkeun diri, rempan ku kaayaan teu bisa nanggung
jawabkeun kana naon hal lampah nu salila di alam dunya dilakukeun.
Sugan jeung boa lain ridho nu katampa tapi bebendon nu disogrogkeun ku
Manten-Na.

Éstu dina énjing nu fitri ieu, urang sadayana lir ibarat lilir tina pangimpian,
ghiroh sumanget hirup ngagedur deui tumuwuh seger, lir ibarat taneuh nu
garing ngiringking dina mangsa halodo panjang meunang kucuran cihujan
nu matak nyegerkeun bari nyuburkeun deui sing sarwa bibit-bibit
tutuwuhan jeung jujukutan oge bungbuahan. Ieu gambaran datangna
dintenan fitri, dintenan dimana nu paruasa ngalap berkah jeung upah,
satutasna salami sasasih ngalaksanakeun ibadah puasa di bulan Romadhon,
nu hasilna bakal jadi bekel pikeun sabelas bulan nu bakal kasorang.

Mugia Alloh salawasna maparin kakiatan kaimanan ka urang sadayana tug


dugi mangsa urang nu ditangtoskeun ku Manten-Na, bari ku kaweuteuhan
kaimanan sinareng kaislaman ieu, urang sadayana siap tarung bitotama
reujeung hawa nafsu di medan danalaga kahirupan nu pinuh ku kompetisi
hirup tug dugi ka urang aya dina kapinunjulan, aya dina karahayuan luyu
sareng urang harepan urang sadayana. Ge mugia salamina Alloh
nguatkeun hidayah nu tos ngancik di diri urang sadaya malar kuat tug dugi
ka urang tepung sareng ajal bari dina panungtungan hirup urang sadayana
aya dina khusnul khotimah, amiin Ya Robbal Alamiin..

Hadirin Rohimakumulloh
Dina hirup kumbuh sapopoé, loba pisan pihak-pihak atawa jalma-jalma
anu geus maparin jasa ka urang sadayana, saperti ibu rama urang
sadayana, guru-guru urang sadayana, jeung jalma-jalma anu maparin
kahadéan ka urang sadayana. Kaasup wajar lamun urang micinta ka jalma
atawa kana perkara anu geus méré kahadéan, mangpaat, jeung
kamaslahatan ka arang sadayana. Urang salaku anak, kacida wajar tur
pantesna micinta ka nu jadi ibu rama urang, margi aranjeuna parantos
masrahkeun nu panghadé-hadena pikeun dirina dina ngurus urang
sadayana ti kawit alit tug dugi urang sawawa dewasa aranjeunna ngarumat
urang bari pinuh ku kanyaah, henteu tolih kana kalungse jeung kacape,
sanajan urang merekela, bengal, ngajengkelkeun, tapi aranjeunna teu aya
basa ngarasula dina ngurus urang, dina ngatik ngadidik urang sadayana
nepi ka mangsa urang sadayana sawawa dewasa ayeuna. Kasuksesan urang
mangrupakeun kabungah aranjeunna, kasusah urang kasusah aranjeuna,
kasulit urang ogé kasulit aranjeunna, tapi can tandawuruh, kasulit
aranjeunna jadi kasulit urang, kariripuh aranjeunna jadi karipuh urang, nu
matak kaasup anak nu teu boga rasa rumasa, mun seug namelarkeun nu
jadi indung bapa, kaasup lampah doraka mun seug euwuh kanyaah ka nu
jadi indung bapa. Kumargi kitu, masing nyaah ka nu jadi indung bapa
samemeh aranjeunna teu araya, masing rapekan ka aranjeunna samemeh
aranjeunna teu aya dikieuna, sabab kadang urang mah ti balik keur araya
keneh jarang ngalongok kaayaan aranjeunna malah ayakalana teu paduli
kana kaayaan aranjeunna, tapi mun seug geus teu aya dikieuna karek eling
ka aranjeunna. Nu matak beh dieuna urang kedah sering kirim du’a ka
aranjeunna, atuh béh dituna urang kudu merhatikeun kana kaayaan hirup
aranjeunna. Alloohummaghfirlanaa waliwalidainaa warhamhumaa kamaa
robbayanaa shighooroo, aamiin. Alloohu Akbar, Alloohu Akbar, Alloohu
Akbar; Alloohu Akbar Walillahilhamd

Hadirin Rohimakumulloh..
Saban ayat anu ngajarkeun babakti jeung nyieun kahadean ka nu jadi ibu
rama, utamana ibu urang sadayana, remen nyabit-nyabit kana jasa
aranjeunna. Saperti ngandung dina kaayaan susah payah, ngalahirkeun
nepi ka dug hulu pet nyawa, atuh nalika tos borosot lahir cipinareupna
salami dua taun ku urang disadap, merhatikeun kana kaayaan lahir
sinareng batin urang sadayana, tur ta ngayuga urang sadayana, éstu
aranjeunna tara wareg tuang, dina ngurus urang sadayana.

‫َوَو َّصْيَنا اِإْل نَس اَن ِبَو اِلَد ْيِه َح َم َلْتُه ُأُّم ُه َو ْهنًا َع َلى َو ْهٍن َو ِفَص اُلُه ِفي َعاَم ْيِن َأِن اْشُك ْر ِلي َو ِلَو اِلَد ْيَك ِإَلَّي‬
)14: ‫اْلَم ِص يُر (لقمن‬

“Jeung satemenna Kami geus maréntahkeun manusa sangkan milampah


kahadéan (ihsan) ka indung bapana, indungna geus ngandung dina kaayaan
héngkér bari lungsé kacida, jeung nyapih salila dua taun. Prak geura
salukuran aranjeun ka Kaula jeung ka indung bapa aranjeun, ngan ka
Kaula tempat aranjeun balik”.
Ku kituna payus pisan mun seug urang salamina midamel kahadean ka
aranjeunna, bari sok komo ieu hal teh tos janten hiji parentah ti Nu Maha
Kawasa, hiji perkara nu bakal jadi cukang lantaran lungsurna ridho Alloh,
oge sabalikna bisa oge jadi cukanglantaran turunna bebendonna Manten-
Na mun seug urang midamel laku doraka ka nu janten Ibu Rama
“Ridhoolloohu Fii Ridhol-Waalidaeni Wa sukhthulloohi Fii Sukhthil-
Waalidaeen.

‫َو َقَض ى َر ُّبَك َأَّال َتْعُبُد وْا ِإَّال ِإَّياُه َو ِباْلَو اِلَد ْيِن ِإْح َس انًا ِإَّم ا َيْبُلَغَّن ِع نَدَك اْلِكَبَر َأَح ُدُهَم ا َأْو ِكَالُهَم ا َفَال َتُقل‬
)23:‫َّلُهَم ا ُأٍّف َو َال َتْنَهْر ُهَم ا َو ُقل َّلُهَم ا َقْو ًال َك ِر يمًا (أإلسرآء‬

“Jeung Pangéran anjeun geus maréntahkeun sangkan anjeun teu nyembah


salian ti Alloh, anjeun kudu hadé ka indung bapa kalawan sahadé-hadéna.
Lamun salah sahiji di antara duanana atawa dua-duana geus nepi kana
umur kolot dina pangurusan anjeun, mangka poma anjeun ulah ngedalkeun
ucapan “Ah”, poma anjeun ulah nyentak aranjeunna jeung pok geura
ucapkeun ku anjeun ucapan nu mulya”.

Cindekna, midamel kasaéan ka ibu rama eta mangrupakeun parentah Allah


nu kedah dilaksanakeun ku urang sadayana.

‫َوَو َّصْيَنا اِإْل نَس اَن ِبَو اِلَد ْيِه ِإْح َس انًا َح َم َلْتُه ُأُّم ُه ُك ْر هًا َو َو َض َع ْتُه ُك ْر هًا َو َحْم ُلُه َو ِفَص اُلُه َثاَل ُثوَن َش ْهرًا َح َّتى‬
‫ِإَذ ا َبَلَغ َأُش َّد ُه َو َبَلَغ َأْر َبِع يَن َس َنًة َقاَل َر ِّب َأْو ِز ْع ِني َأْن َأْشُك َر ِنْع َم َتَك اَّلِتي َأْنَعْم َت َع َلَّي َو َع َلى َو اِلَد َّي َو َأْن‬
‫َأْع َم َل َص اِلحًا َتْر َض اُه َو َأْص ِلْح ِلي ِفي ُذ ِّر َّيِتي ِإِّني ُتْبُت ِإَلْيَك َو ِإِّني ِم َن اْلُم ْس ِلِم يَن‬

“Kami maréntahkeun ka manusa sangkan milampah hadé ka indung bapa,


indung geus ngandung dina kaayaan hésé capé, ngalahirkeun ogé dina
kaayaan lungsé. Ngandung nepi ka nyapih salila 30 bulan, nalika manéhna
geus déwasa tur nepi kana umur 40 taun manehna ngadu’a: ‘Nun Pangéran
abdi, mugi Gusti maparin pituduh ka abdi sangkan abdi syukur kana
ni’mat nu dipaparinkeun ku Gusti ka abdi sareng ka indung bapa abdi, ogé
sangkan abdi bisa milampah amal sholéh nu dipikaridlo ku Gusti, mugi
Gusti maparin kahadéan ka abdi ku dipaparin kahadéan ka anak incu abdi.
Satemenna abdi tobat ka Gusti jeung satemenna abdi kaasup jalma-jalma
anu sumerah diri ka Gusti”. Alloohu Akbar, Alloohu Akbar, Alloohu
Akbar; Alloohu Akbar Walillahilhamdu.

Hadirin Rohimakumulloh..
Pihak-pihak séjén anu geus maparin jasa ka urang, nyaéta guru. Guru
mangrupa kolot atawa bapa “spirituil” anu geus nganteurkeun muridna
sangkan wanoh jeung “dunya” ngaliwatan baca tulis jeung paélmuan
séjénna anu diajarkeun. Jalaran kitu, kumaha kira-kira pameunteun urang,
lamun aya murid anu teu mibanda rasa hormat jeung kacinta ka nu jadi
guru, nu gedé jasana nganteurkeun dirina jadi manusa anu “terhormat”
Tinangtu, jawabanana téh“teu nyaho bales budi”. Saterusna kedal deui
pananya séjén, saha anu geus mibanda jasa ka guru urang? Tangtuna ogé
guru ti guru urang. Kitu jeung kitu, nepi ka ahirna guru ti sakabéh guru
nyaéta Rosuulullooh Shollalloohu ‘Alaihi wa Sallam, anu parantos
mibanda jasa. Lain baé nganteurkeun manusa pikeun ngahontal kabagjaan
di dunya, tapi mawa sakumna manusa pikeun ngahontal kabagjaan di
dunya ayeuna oge jaga di akhérat.

:‫َلَقْد َج اءُك ْم َر ُسوٌل ِّم ْن َأنُفِس ُك ْم َع ِز يٌز َع َلْيِه َم ا َع ِنُّتْم َح ِر يٌص َع َلْيُك م ِباْلُم ْؤ ِمِنيَن َر ُؤ وٌف َّر ِح يٌم (ألتوبة‬
)128

“Satemenna geus datang ka aranjeun hiji Rosul ti kaom anjeun sorangan,


beurat kacida dirasakeun ku anjeunna katunggara aranjeun, kacida miharep
kaimanan jeung kasalametan pikeun aranjeun, kacida welas asih jeung
mikanyaah ka jalma-jalma mu’min”.
Dina ieu ayat, Alloh ngécéskeun yén Rosululloh téh mibanda sipat, nu
kahiji, “Aziizun ‘alaihi maa ‘anittum(ngarasakeun kana kasangsaraan
aranjeun/émpati ka murid).Nu kadua, Hariishun ‘alaikum(miharep
kahadéan pikeun murid-murid), jeung nu katilu, Rouufun
Rohiimun(mikanyaah jeung welas asih ka nu jadi murid-murid).

Pikeun kasalametan umatna, Rosuulullooh kersa nandangan katungara


pikeun ngada’wahkeun risalah Alloh ka ummatna. Malah panglélécé,
hinaan, nepi ka pasuliwerna batu pamalédog, remen katampi ku anjeunna
ti kaum nu nentang ka anjeunna. Saking nyaah tur welas asihna Rosul,
kaum nu nentang ka anjeunna téh didu’akeun ka Alloh.tara ieuh diwales
ku nu sarupi tapi ukur diwales ku du’a:
Allohumma-hdi qaumii fa innahum laa ya’lamuun” (Nun Gusti Pangéran
abdi, mugi Gusti maparin pituduh (hidayah) Gusti pikeun kaum abdi,
maranéhna (ngalakukeun laku lampah kitu téh) alatan henteu nyaho (kana
misi anu dibawa ku abdi). Alloohu Akbar, Alloohu Akbar, Alloohu Akbar;
Alloohu Akbar Walillahilhamdu.

Hadirin Rohimakumulloh..
Dina mangsa 23 taun, anjeunna tos tiasa metik hasil ngabina ummat, nepi
ka meunang panglandi“khoiru ummah”(panghadé-hadéna ummat).
Dumasar kana guaran éta, hiji muslim bakal nyaho balas budi jeung pinter
syukuran kana jasa anu ditarima ku dirina, baris micinta Rosuulullooh
Shollalloohu ‘Alaihi wa Sallam leuwih gedé batan ka jalma-jalma anu
mibanda jasa ka dirina, malah ka dirina sorangan. Alloohu Akbar, Alloohu
Akbar, Alloohu Akbar; Alloohu Akbar Walillahilhamdu.

Hadirin Rohimakumulloh..
Kumaha wangun kacinta urang ka Rosuulullooh Shollalloohu ‘Alayhi wa
Sallam? Sakumna jalma bakal némbongkeun kacintana ka Rosuulullooh
Shollalloohu ‘Alaihi wa Sallam ku cara nu béda-béda. Aya anu miéling
kajadian-kajadian penting, anu aya pakuat-pakaitna sareng diri
Rosuulullooh Shollalloohu ‘Alaihi wa Sallam, ogé aya anu ngadon ceurik
balilihan dina kuburanana, bari ngusap-ngusapkeun sorbanna kana pager
panghalang kuburan Rosul, jeung réa-réa deui.Rasa sono jeung kacinta nu
buncah nalika ningali makam jalma anu mibanda gedé jasa pikeun ummat
manusa nyaéta Rosuulullooh Shollalloohu ‘Alaihi wa Sallam, anu
ajaranana ku urang diaos, dipahamkeun jeung diamalkeun di lemah cai,
mungkin dianggap wajar.Teu saeutik jalma-jalma nalika jarah ka makam
Kanjeng Nabi luuh, bari nyurucud cipanon alatan didorong ku rasa
kacintana. Leuwih jauhna.
Dina raraga urang nambih-nambih mahabbah ka Rosululloh Shollaloohu
‘Alaihi wa sallam, Alloh Subhaanahu wa Ta’aalaa maparin tungtunan ka
nabi-Na sangkan tetep nétélakeun ka ummatna, yén anjeunna téh manusa
biasa, teu béda ti manusa sakumna.
‫ِإَّنَم ا َأَنا َبَش ٌر ِّم ْثُلُك ْم ُيوَح ى ِإَلَّي َأَّنَم ا ِإَلُهُك ْم ِإَلٌه َو اِح ٌد َفَم ن َك اَن َيْر ُجو ِلَقاء َر ِّبِه َفْلَيْع َم ْل َع َم ًال َص اِلحًا‬ ‫ُقْل‬
)110 :‫ُيْش ِر ْك ِبِعَباَد ِة َر ِّبِه َأَح دًا (ألكهف‬ ‫َو اَل‬
“Satemena kaula mah manusa biasa saperti aranjeun, anu diwahyukeun ka
kaula: ‘Satemenna Pangéran aranjeun téh nyatana Pangéran nu hiji’. Sing
saha jalma anu ngaharepkeun pikeun amprok jeung Pangéranna, mangka
kudu milampah amal sholéh, ulah nyakompétdaunkeun Alloh jeung
mahluk-Na nalika ibadah ka Mantenna”. Alloohu Akbar, Alloohu Akbar,
Alloohu Akbar; Alloohu Akbar Walillahilhamdu.

Lajeng Alloh nurunkeun wahyu ka Rosuulullooh Shollalloohu ‘Alaihi wa


Sallam,

‫َو َم ن ُيِط ِع َهّللا َو الَّرُسوَل َفُأْو َلـِئَك َم َع اَّلِذ يَن َأْنَع َم ُهّللا َع َلْيِهم ِّم َن الَّنِبِّييَن َو الِّص ِّديِقيَن َو الُّش َهَداء َو الَّصاِلِح يَن‬
)69:‫َو َح ُسَن ُأوَلـِئَك َر ِفيقًا(ألنساء‬

“Sing saha jalma nu taat ka Alloh katut Rosul-Na, mangka satemenna éta
jalma bakal bareng jeung jalma-jalma nu dipaparin ni’mat ku Alloh,
nyaéta para Nabi, para shiddiqin (jalma nu pengkuh kapercayaanana kana
bebeneran ti Rosul) jeung jalma-jalma nu maot syahid, ogé jalma-jalma
sholéh. Maranéhna kaasup panghadé-hadéna sobat”. Alloohu Akbar,
Alloohu Akbar, Alloohu Akbar; Alloohu Akbar Walillahilhamdu.

Hadirin Rohimakumulloh..
Ciri-ciri hiji jalma mibanda kacinta ka Rosululloh bari bener, nyaéta; Nu
kahiji, taat ka Rosuulullooh Shollalloohu ‘Alaihi wa Sallam minangka
bukti tina kataatan dirina ka Alloh SWT. Nu kadua, ngalakasanakeun
sagala paréntah Rosululloh jeung ngajauhan sagala rupa nu
dipahingna.Jeung nu katilu, ngucapkeun sholawat miwah salam ka
anjeunna, sakumaha Alloh katut para malaikat-Na sholawat ka anjeunna
minangka tuladan pikeun urang.

Mugia urang kaasup golongan jalma anu micinta Rosuulullooh


Shollalloohu ‘Alaihi wa Sallam bari bener, luyu jeung papagon katut
aturanana, henteu tigebrus kana laku lampah syirik, nepi ka urang bisa
paamprok jonghok tur sasarengan sareng anjeunna, engké dina poé
kiamah.“Satemenna hiji jalma bakal babarengan jeung jalma anu
dipikacinta ku dirina”. Kitu dawuhan Rosuul dina salah sawios haditsna.
Kajaba éta, sangkan pitrah urang tetep kapulasara, tur urang ogé aya dina
lingkungan anu bébas tina dosa, tangtu urang kudu nyiptakeun lingkungan
anu hadé, anu bisa miara tauhid jeung salila hirup teu leupas tina pitrah.
‫‪Anu boga tanggung jawab pikeun nyiptakeun lingkungan beresih tina‬‬
‫‪sagala rupa kamusrikan jeung kakapiran, taya lian urang sorangan. Ku‬‬
‫‪ayana kitu kitu, dimimitian dina poé ayeuna, hayu urang singkil puringkil‬‬
‫‪saréréa ngaberesihkeun lingkungan urang tina kokotor aqidah jeung‬‬
‫‪ibadah, jauhan kamusrikan jeung pabid’ahan.‬‬

‫‪Mugia darajat katakwaan ku urang kacangking, ridho, rohmat sinareng‬‬


‫‪maghfiroh Alloh oge ka pibanda sareng urang kalebet jalmi nu‬‬
‫‪dibebaskeun tina seuneu naraka, bari kelebt golongan jalmi nu‬‬
‫‪Minal-‘Aaidiin wal-Faaiziin. Aamiin Ya Alloh Ya Robbal-‘Aalamiin.‬‬

‫بارك هللا لي ولكم في القرآن العظيم ‪ .‬ونفعني وأياكم بما فيه من األيات والذكر الحكيم ‪ .‬وتقبل مني‬
‫ومنكم تالوته إنه هو السميع العليم ‪ .‬وقل رب اغفر‬

‫‪Khutbah kedua‬‬

‫ُهللَا َأْك َبُر ‪َ ،×7‬اْلَحْم ُد ِ ِهلل َر ِّب اْلَع اَلِم ْيَن ‪َ ،‬أْش َهُد َأْن َالِإَلَه ِإَّال ُهللا َو ْح َد ُه َالَش ِر ْيَك َلُه َو َأْش َهُد َأَّن ُمَحَّم ًدا َع ْبُد ُه‬
‫َو َر ُسْو ُلُه‪َ ،‬الَّلُهَّم َص ِّل َو َس ِّلْم َع َلى َس ِّيِد َنا ُم َحَّمٍد َو َع َلى آِلِه َو َأْص َح اِبِه َأْج َم ِع ْيَن ‪َ .‬فَياِع َباَد ِهللا ِاَّتُقْو ا َهللا َح َّق‬
‫ُتَقاِتِه َو َال َتُم ْو ُتَّن ِإَّال َو َأْنُتْم ُم ْس ِلُم ْو َن‬

‫َقاَل ُهللا َتَع الَى ِفْي ِكَتاِبِه ْالَعِظ ْيِم "ِإَّن َهللا َو َم َالِئَكَتُه ُيَص ُّلْو َن َعلَى الَّنِبِّي ‪َ ,‬يا َأُّيَها اَّلِذ ْيَن َأَم ُنْو ا َص ُّلْو ا َع َلْيِه‬
‫ًأ‬
‫َو َس ِّلُم ْو ا َتْس ِلْيًم ا"‪َ .‬الَّلُهَّم َص ِّل َو َس ِّلْم َعلَى َس ِّيِد َنا ُم َحَّمٍد َو َعلَى َاِلِه َو ْص َح اِبِه َأْج َم ِع ْيَن ‪َ .‬و الَّتاِبِع ْيَن َو َتاِبِع‬
‫الَّتاِبِع ْيَن َو َم ْن َتِبَع ُهْم ِبِإْح َس اٍن ِإلَى َيْو ِم الِّدْيِن ‪َ .‬و َع َلْيَنا َم َع ُهْم ِبَر ْح َم ِتَك َيا َاْر َح َم الَّراِحِم ْيَن‬
‫َالَّلُهَّم اْغ ِفْر ِلْلُم ْس ِلِم ْيَن َو ْالُم ْس ِلمَاِت ‪َ ,‬و ْالُم ْؤ ِمِنْيَن َو ْالُم ْؤ ِم َناِت‪َ ,‬اَأْلْح َياِء ِم ْنُهْم َو ْاَألْم َو اِت ِإَّنَك َسِم ْيٌع َقِر ْيٌب‬
‫ُم ِج ْيُب الَّد َع َو اِت َيا َقاِض َي ْالَح اَج اِت ‪َ .‬ر َّبَنا اْفَتْح َبْيَنَنا َو َبْيَن َقْو ِم َنا ِبْالَح ِّق َو َأْنَت َخ ْيُر ْالَفاِتِح ْيَن ‪َ .‬ر َّبَنا َأِتَنا‬
‫ِفي الُّد ْنَيا َح َس َنًة َو ِفي ْاآلِخَرِة َح َس َنًة َو ِقَنا َع َذ اَب الَّناِر‬
‫ِعَباَد ِهللا ِإَّن َهللا َيْأُم ُر ِباْلَع ْد ِل َو ْاِإل ْح َس اِن َو ِإْيَتاِء ِذ ي ْالُقْر بَى َو َيْنهَى َع ِن ْالَفْح َش اِء َو ْالُم ْنَك ِر َو ْالَبْغ ِي َيِع ُظُك ْم‬
‫َلَع َّلُك ْم َتَذَّك ُرْو َن ‪َ .‬فاْذ ُك ُرْو ا َهللا َيْذ ُك ْر ُك ْم َو اْدُع ْو ُه َيْسَتِج ْب َلُك ْم َو َلِذ ْك‬

You might also like