You are on page 1of 1

ADAT KAWINAN URANG SUNDA

Salah sahiji tradisi budaya anu dipiara dugi ka ayeuna nyaeta dina cara ngawinkeun. Upama urang
Sunda aya nu bade ngawinkeun anakna, tara padu gapruk kitu bae. Aya prak-prakanana luyu
jeung kailaharan. Jauh samemeh acara upacara kawinan, sok aya acara ngalamar heula, ti dinya
tuluy seserahan, sarta dipungkas ku akad nikah.

Ngalamar nyaeta nanyaan awewe daek-henteuna dikawin ku lalaki nu mikarepna. Ilaharna pihak
lalaki anu ngalamar teh tara sorangan, tapi dibarengan ku kolot lalaki jeung kulawargana. Kitu
deui pihak awewe anu ditanyaan, rempeg jeung kulawargana. Dina acara ngalamar, sanggeus
paheut jinisna (awewena) daekeun, sok dituluykeun ku nangtukeun waktuna acara pernikahan,
poe naon, tanggal sabaraha, jeung sajabanna.

Dina waktu anu atos paheut ditangtukeun , pihak kulawarga calon panganten lalaki datang ka
kulawarga calon panganten awewe. Datangna bari barang bawa, mawa barang keur maskawin
jeung pakean kayaning baju, samping, jeung sajabanna. Keur calon panganten awewe.

Calon panganten lalaki tuluy diserenkeun ku kolotna atawa ku nu ngawakilanana ka pihak


kulawarga calon panganten awewe sina ditikahkeun. Eta sababna ieu acara teh disebutna
seserahan, nyaeta nyerahkeun atawa nyerenkeun calon panganten lalaki. Tuluy sok aya nu
ngararamekeun contona di sambut ku nari sareng aya aki-aki anu nyambut kadatangan
panganten lalaki.

Rengse seserahan, kakara calon panganten teh ditikahkeun ku kolotna calon panganten awewe di
hareupeun naib jeung para saksi. Ieu acara disebutna akad nikah.

Rengse akad nikah sok dituluykeun ku sungkem. Panganten duanana sungkem ka ibu ramana,
minangka tanda hormat ka indung bapa. Geus kitu panganten sok didiukkeun di panyaweran (di
buruan), tuluy disawer ku beas, koneng, jeung sajabanna.

Diawur-awurkeun ka lebah panganten. Samemeh didiukkeun dina korsi panganten, sok diayakeun
heula acara muka panto. Aya nu ngahariringkeun kidung, minangka perlambang, panganten lalaki
menta ijin bade lebet ka kamar panganten awewe. Rengse muka panto, kakarak panganten
sajodo didiukkeun dina korsi, pikeun narima pangwilujeng ti nu araya.

Disusun Oleh : Mirna Amelia


Kelas.: 12 Mia 2

You might also like