You are on page 1of 2

Kagunaan Cikur Pikeun Ngubaran Batuk

Disusun ku: Zamzam Azkia Kamila 12 MIA 2

Cikur mangrupakeun salah sahiji bumbu dapur anu tiasa di mangpaatkeun pikeun ngubaran batuk alami, anu
tos kasohor ti jaman baheula. Cikur ieu ngandung pati, mineral, jeung minyak atsiri saperti sineol, asam metil kanil,
asam sinamat, asam dasinat jeung alkaloid. Cikur tiasa ngabantu ngurangan kana batuk jeung ngatur kana saluran
pernapasan anu bakal ngajadikeun lega. Salain eta, lamun ngonsumsi cikur bakal ngarasakeun haneut kana awak
anu bakal nyegerkeun.

Sababaraha tips pikeun ngolah cikur pikeun ngubaran batuk :

1. Ngunyah cikur sacara langsung

Ngunyah cikur sacara langsung anu samemehna di kumbha heula, teras dibersihan kulitna. Lamun tos
bersih tiasa langsung di kunyah sakira-kira 2-3 siung nepika lembut. Lakonan cara ieu sahari dua kali,
metode ieu dipercaya mujarab pikeun ngubaran batuk.

2. Nginum cai perasan cikur

Lamun sakira-kira moal dikunyah, cikur tiasa di bubukeun atawa diparut, disaring teras di ala caina jeung
campurkeun cai haneut.

3. Campur cikur jeung jahe

Carana cikur jeung jahe di geprek teras tambah cai 2 gelas teras di godog nepika tinggal sagelas.
Saentosna kitu di saring, jeung di inum dina nalika tos haneut atawa tiasa oge dicampur madu atawa gula
beureum ambeh aya rasa amisna.

4. Campur cikur jeung madu

Kanggo rasa anu leuwih raos, tiasa nyaampurkeun cai perasan cikur jeung babaraha sendok madu asli.
Teras di inum cai perasan cikur jeung madu dua kali sahari.

Cikur oge salain kanggo ngubaran batuk, gaduh seeur mangpaatna kanggo kasehetan lainna. Salah sahijina :

a. Mikeun nambah kakebalan badan

Cikur ngandung methanol anu tiasa ningkatkeun kakebalan badan. Urang kudu giat ngonsumsi jamu
kencur/cikur ambeh tiasa ngajaga badan ti panyakit.

b. Ngahaneutkneun badan
Cikur boga rasa anu pedes jeung haneut, sabab dina cikur ieu ngandung minyak atsiri. Minyak eta boga
analgesic anu tiasa ngahaneutkeun badan. Leuwih alus deui dikonsumsi nuju keur sehat ambeh suhu
badan kajaga.

c. Nurunkeun tekanan darah

Mangpaat cikur pikeun kasehatan tiasa ngabantu ngajaga keseimbangan tekanan darah.

d. Ngabasmi bakteri

Cikur ngabogaan sanyawa antibakteri alami anu ngalawan sadaya rupa bakteri nu ngakibatkeun panyakit.

e. Ngurangan stress

Cikur ngabogaan sifat adaptogenik anu ngabantu badanpikeun ngatasi stres jeung ningkatkeun katahanan
badan kana gangguan fisik jeung mental.

f. Ngacegah kanker

Sanyawa-sanyawa alami anu aya dina cikur ngandung potensi kanggo ngalawan kajadian sel kanker,
ngajadikeun perlindungan kana panyakit anu ganas ieu.

g. Ngubaran diare

Cikur ngandung sipat antimikroba anu tiasa ngabantu masalah pencernaan, kaasup diare.

You might also like