You are on page 1of 2

Cara Nyieun Sangu Goreng Nu Gampil Jang Pemula

Pangarang: Silki Laquisa S

Sangu goreng nyaeta kaemaman nu cukup terkenal Indonesia. Padagang sangu goreng sok
sering urang tingal di pinggir-pinggir jalan.

Salain gampil nyieunna, sangu goreng oge tiasa di kreasikeun deui sesuai karesepan atawa
salera masakan masing-masing. Misalna, ditambahan toping sosis, daging hayam, seafood
atawa nu sejenna. Sangu goreng oge biasana dijadikeun bahan percobaan masak ku nu karek
diajar masak.

Tah, dihandap ieu mangrupakeun cara paling gampil nyieun sangu goreng di imah jang porsi
sorangan. Sateuacan nyieun sangu goreng, mimiti urang kudu nyiapkeun heula sababaraha alat
jeung bahanna, nyaeta:
• Alat
1. Panggorengan
2. Susuk
3. Peso
4. Telenan
5. Piring
6. Sendok

• Bahan
1. Sangu bodas
2. Kecap
3. Minyak goreng
4. 1 siung bawang bodas, 2 siung bawang beureum, 2 Cabe (opsional)
5. Endog 1 butir
6. Jamur tiram jeung sosis sacukupna (opsional bisa ditambahan ku nu sejenna nyesuaikeun
salera)
7. Uyah
8. Panyedap rasa

Lengkah-lengkah:
1. Saenggeus alat jeung bahanna siap sadayana, teras potong-potong bawang beureum, bawang
bodas jeung cabe hela jeung bahan tambahan nu sejenna.
2. Hurungkeun kompor dina suhu panas nu sedeng, simpen panggorengan di luhur kompor.
3. Saatos eta, panaskeun minyak, teras lebetkeun bawang beureum, bawang bodas jeung cabe
nu tos dipotong-potong tadi.
4. Lamun tos katingal ka koneng-konengan atawa kacium harum, pepeuskeun endog teras
dilebetkeun, pasihan uyah saeutik teras di aduk aduk sakedeung.
5. Tos kitu, lebetkeun sangu bodasna teras pasihan uyah jeung panyedap rasa sacukupna, aduk-
aduk.
6. Teras pasihan kecap sacekapna, aduk-aduk deui, lajeng lebetkeun bahan tambahanna, aduk
nepi ka bahanna nyampur rata.
7. Saatos sadayana dirasa kacampur, angkat sangu teras simpen ka piring nu tos disiapkeun.
8. Sangu goreng siap dihidangkeun.

Supaya leuwih ngeunah tiasa nambahkeun karupuk sareng potongan bonteng di luhur sangu
gorengna. Kira-kira sakitu wae cara nyieun sangu goreng nu paling gampil, wilujeung nyobian.

You might also like