You are on page 1of 2

Assalamualaikum Wr.Wb.

Anu ku simkuring dipikahormat ka ayeuna pak kades,pak rt dg kabawahanna, oge ka


sepupuh mesjid oge kapara panitia anu tos ngakancarkn iyeu acara. Oge teu hilap ka
ibu2 anu maranis anu gareulis anu hadir diiyeu majelis, anu dipikahormat,,,oge di
sehatkn di berkahkn rizqina.

Langkung tipayun sumangga urang panjatkeun puji sinareng syukur ka hadirat Allah
SWT, anu parantos maparinan ni’mat anu teu kaétang, diantawisna ni’mat iman, islam,
sareng kaséhatan. Kalayan berkah éta urang tiasa hadir dina tempat anu bagja ieu.

Shalawat sinareng salam mugia salamina dicurahkeun ka jungjunan urang Nabi


Muhammad SAW, anu parantos ngangkat urang tina jaman jahiliyah dugi ka jaman
kapinteran.

Dina enjing anu endah ieu, abdi bingah pisan tiasa ngumpul sareng tepang ka sadaya
anu hadir dina acara Isra Miraj ieu.

Ngahaturkeun nuhun ka MC anu parantos masihan waktos sareng kasempetan ka sim


kuring salaku panitia kanggo nyampaikn sapatah dua patah kata.

Ngahaturkeun nuhun ka sadaya panitia anu tos kerja keras sangkan dina ayeuna nu
ngarojong ku ayeuna tanagina oge hartana ieu acara tiasa lancar. Mudah-mudahan
naon anu parantos dilakukeun janten amal ibadah sareng janten ladang pahala kanggo
urang sadayana.

Salaku panitia, sim kuring ngahaturkeun nuhun kana dilaksanakeunana acara


Pangéling-ngéling Isra Miraj ieu, sabaraha lilana lalampahan ti dibentukna panitia,
rumusan kagiatan, diayakeunna pasanggiri barudak nepi ka ayeuna puncak mieling Isra
Miraj.

Tangtu ieu téh lain hiji hal gampang tempo aya halangan dina unggal step by step.
Nanging, ku kabersamaan sareng kakompakan panitia, Alhamdulillah sadayana tiasa
kacumponan sareng acara tiasa dilaksanakeun sakumaha anu direncanakeun.

Hapunten ayeuna bilih aya kakiranganna dina ayeuna fasilitasna katuanganna jeung
sajabana.Mudah-mudahan sagala kakirangan ieu jadi pangalaman anu berharga pikeun
urang terus ningkat dina taun nu bakal datang.

Tangtosna urang miharep yén miéling Isra Mi’raj janten kenangan anu saé sing aya
ibrahna.

Langkung ti éta, mudah-mudahan perjalanan Kangjeng Nabi Muhammad SAW janten


jalmi-jalmi anu taqwa, iman sareng iman kana kaagungan Allah nu ngahontal anu
mustahil sacara logis.
Contona, budak anu hirup dina kamiskinan ngimpi jadi dokter. Ieu sanés hal anu
mustahil sabab Nabi Muhammad nyalira, kalayan idin Allah, ngalaksanakeun
perjalanan anu panjang ngan ukur sapeuting. Percaya yen kakawasaan Allah aya.

Jadi kedah yakin ayeuna ibu2 kedah sae ngadoakn murangkalihna.

Sakitu wae sambutan ti simkuring salaku wawakil ketua panitia. Hapunten upami aya
kalepatan dina ucapan atanapi perbuatan.

Akhirul kalam, Wassalamu’alaikum Wr. Wb.

You might also like