You are on page 1of 3

Mikaweruh Panumbu Catur

POSTED BY NUNGKY TRI YUNICA IN BAHASA SUNDA

A. Pengertian

Panumbu catur nyaeta jalmi nu mawakeun narasi atawa informasi dina hiji acara atawa
kagiatan, tiasa oge dina acara televisi, radio jeung film. Panumbu catur biasana maca naskah anu
tos disiapkeun sateuacana, tapi sering oge aranjeuna kedah masihan komentar atawa informasi
tanpa naskah.
Panumbu Catur televise oge dilibatkeun dina penulisan naskah upami diperyogikeun.
Tugas sanesna anu sering dilakukeun ku panumbu catur diantawisna nyeta ngawawancara tokoh,
janteun moderator diskusi, jeun masihan komentar dina acara olahraga, parade, jsb.

Istilah Organisasi
Organisasi teh mangrupa gundukan atawa susunan anu ngawengku babagian-babagian
saperti jalma nu miboga tujuan anu tangtu, kaasup di jerona kagiatan gawe bareng. Dina hiji
organisasi aya rupa-rupa istilah nu kalibet, diantarana pupuhu (ketua), wakil pupuhu, girang serat
(sekretaris), panata harta (bendahara), anggota, anggaran, jeung rapat.
1. Anggaran dasar : (AD) kumpulan palanggeran hijipaguyuban
2. Anggaran rumah tangga : (ART) wicikan jeung tambahan anggaran dasar
3. Anggaran : Rancangan
4. Donatur : Jalma nu sok dipake panyalindungan pikeun menta dana
(sumbangan)
5. Kawajiban : Anu kudu dijalankeun ku anggota, pangurus, jsb.
6. Ketua OSIS :Pupuhu di OSIS
7. Komite : Panitia, sawatara jelema anu
dipapancenan ngalaksanakeun putusan
pamarentah, putusan rapat organisasi, jsb.
8. Lembaga : Badan atawa pakumpulan (organisasi) nu
maksudna nalungtik salah-sahiji widang pangaweruh
atawa kabudayaan katut usaha mekarkeunana.
9. Notulen : Jalma nu sok nuliskeun jalan hiji rapat (pertemuan)
10. Panata harta : (bendahara), pengurus nu ngokolakeun urusan dana, jsb.
11. Papayung : (pelindung), nu nangtayungan hiji organisasi
12. Partey : Pihak atawa golongan jalma-jalma anu
sapaham, sahaluan dina urusan tata nagara organisasi
politik
13. Pembina OSIS : Jalma nu ngaping jeung ngabimbing OSIS
14. Pupuhu : (ketua)
15. Rapat : Babadamian pikeun ngarengsekeun hiji masalah dina
organisasi
16. Rapat anggota : Rapat anu diiluan ku sakumna anggota, kaasup pangurus
17. Rapat anggota taunan : (RAT), rapat anggota anu dilaksanakeun satau
sakali (unggal taun)
18. Rapat pangurus : Rerengan pangurus
19. Sekretariat : Alamat (kantor) dina hiji organisasi
20. Seksi acara : Pangurus dina organisasi nu kapapancenan
nguruskeun acara
21. Seksi angkag-ingkig : Pangurus dina organisasi nu kapapancenan
nguruskeun transportasi jeung akomodasi
22. Seksi humas : Pangurus dina organisasi nu kapapancenan
nguruskeun hubungan jeung masyarakat
23. Seksi kesenian : Pangurus dina organisasi nu kapapancenan
nguruskeun widang kasenian
24. Seksi konsumsi : Pangurus dina organisasi nu kapapancenan
nguruskeun konsumsi
25. Seksi rohani : Pangurus dina organisasi nu kapapancenan
nguruskeun nu aya hubunganana jeung karohanian
(kaagamaan)
26. Stap pangurus : Rerengan pangurus
27. Wakil : Anu nyuluran jeung ngabantu-bantu, upamana bae
wakil pupuhu, nu nyuluran jeung ngabantu-bantu pupuhu.
28. Yayasan : Badan atawa organisasi anu disahkeun ku notaris,
pikeun ngalaksanakeun tujuan sosial, saperti ngadegkeun
sakola, jsb.

PEDARAN
Panumbu catur (ind: moderator, penambat) kaasup kana mingpin sidang atawa diskusi,
nya eta jalama anu dipercaya nyekel kadali pikeun ngatur lalu lintas di antara pamilon diskusi.
Panumbu catur boga tugas pikeun ngatur, ngalelempeng, ngapingsarta miara lumangsungna
diskusi. Tanggung jawab panumbu catur teh kaitung beurat lantaran hasil heunteuna diskusi
gumantung ka dirina, di antarana :
a. Ngajaga atawa miara lancarna sawala.
b. Ngalelempeng jalana sawala sangkan ngahontal tujuan nu diharep.
c. Nampung jeung ngamalirkeun kahayang katut pamadegan pamilon sawala
d. Nyieun kacindekan saheulaanan tina hasil sawala.
e. Ngarumuskeun hasil nu bisa ditarima ku sakumna pamilon.
Pikeun jadi panumbu catur anu alus, aya sawatara cara nu kudu disiapkeun. Sakurang-
kurangna aya 2 persiapan, nyaeta persiapan pribadi jeung persiapan nyanghareupan pamilo.
1. Persiapan pribadi pikeun jadi panumbu catur, diantarana bae :
1. Siap bahan-bahan anu dipake keur ngatur sawala.
2. Miboga gambaran nu jelas ngeunaan sasaran atawa hasil tina sawala.
3. Siap nyanghareupan sagala hal nu bakal kajadian, upamana ayana beda pendapat,
kamungkinan jawabanana.
2. Persiapan keur nyanghareupan pamilon (audien), diantarana bae :
1. Komunikasi anu alus jeung pamilon.
2. Mikawanoh watek (karakteristik) umum para pamilon samemehna.
3. Alusna mah aya hubungan nu loma samemeh sawala lumangsung.

Aya sawatara hal anu kudu diperhatikeun lamun urang jadi panumbu catur.
1) Panumbu catur perlu merhatikeun tatacar sopan santun protokoler di hiji daerah.
2) Omongan panganteur kana kagiatan sawala alusna mah singget tapi jentre.
3) Perlu miboga sikep objektif tur tumarima (terbuka) kasakur pamilon.
4) Kudu bisa meper pamilon nu patorong-torong ku cara nu alus tur gede pangaruhna (persuasif).
5) Omongan panumbu catur bisa ditarima ku para pamilon.

You might also like