You are on page 1of 3

Henif Fahmadini Ulya

PG-PAUD Semester 5

MOKAHAAN

“Dirun!” Sauran bapana. Kumargi tos wéngi, bapa miwarang Dirun énggal kulem bilih
enjing kabeurangan angkat ka sakolana. Teu hilap, bapana sambari masihkeun artos kanggo
bayaran sakola Dirun.

Pas di étang-étang ku Dirun, artos kanggo bayaranna téh mung cekap kanggo bayaran
hungkul, teu aya sésa kanggo jajan. “Ah da kamu mah nu di émutan téh jajan wé jeung jajan.
Tos wé teu kedah jajan, tuang heula di bumi,” saur bapana. Tuluy éta artos pamasihan bapana
di candak ku Dirun.

Énjing-énjingna Dirun tos dugi di pekarangan sakola. Diditu tos seeur réréncanganna
nu dongkap, aya nu maén kaléci, balandan sareng nu sanésna.Tuluy Dirun nyamperkeun
réréncanganna. Maksad hoyong ngiring ameng, tapi ku réréncanganna Dirun téh teu kenging
ngiringan, kumargi Dirun sok ngalicik maénna.

“Ah ulah ngiringan. Tos wé kaditu, kaditu,” saur réréncanganna. Tapi Dirun lainna
ngalih, malah malik ngancem réréncanganna. “Sok we upami abdi teu kéning ngiring maén
mah ku abdi di béjakeun ka Pak guru, kan teu kénging maén nu kieu téh,” saur Dirun. Ngadangu
ancemanna Dirun, réréncanganna jadi sieun. Tuluy réréncanganna sepakat ngajakan Dirun
maén.

Tos kitu, Dirun dipasihan genep kaléci ku réréncanganna, terus Dirun mayar tilu sén.
Turuy diparasang wé éta kaléci téh. Nuju kacida sialna, Dirun éléhan waé. Ku sabab masih
kénéh panasaran, Dirun tuluy masang maké artos ti bapana nu kanggé dianggo bayar sakola.
Dasar wé nuju apes, Dirun teu meunang-meunang, tuluy wé éléhan, dugika artosna Dirun
tinggal opat ketip lima sén deui.

Loncéng tos bunyi, tandana barudak kedah atosan amengna, tuluy baris sarta lebet ka
kelas. Tos di lalebet kelas, guruna naroskeun “Saha nu nyandak artos kanggo bayaran ka
sakola?”. Burudak nu nyandak ngaracung, tuluy masihkeun artosna ka guruna.
Tabuh sapuluh, waktosna istirahat. Barudak katingal bararungah pisan, mung Dirun
hungkul nu katingalna jamedud, patuangeun lapar, hoyong jajan, mung teu aya artos, malah
artos kanggo bayar sakola gé kaanggo.

Lantaran Dirun tos teu kiat nganahan lapar, tuluy Dirun nyandak artos lima sén ti
sakuna kanggo mésér soto. Ayeuna patuangeun Dirun tos teu karasa lapar deui. Mung ayeuna
nu jadi pikiranna Dirun, kumaha carana meunangkeun artos kanggo nambihan bayar sakolana.
“Ah, da nu kacocéng gé mung sakedik. Kan unggal dinten ogé dipasihan artos kanggo bekel
palingan gé dua atau tilu poé tos kakumpul deui artosna,” dina jero haté Dirun.

Saatos mikir tiditu, Dirun kaémutan nyimpang heula ka pasar, badé ka bibina nu icalan
di pasar, maksadna mah badé nyungkeun artos api-api kanggo mésér buku. Aripéktéh sajajalan
di pasar Dirun ningal orang Cina nu gogorowokan. “Marangga di pasang, sasén jadi tilu sén,”
saur orang Cina téh.

Dirun tuluy nyampeurkeun, lantaran hoyong terang naon nu di maksud ku Cina éta téh.
Pas tos kaditu, Dirun ningali sababaraha jalmi nuju ngariung maraén kartu. Diditu Dirun
ningali, aya nu masang kartu mésérna sasén, lantaran maén kartuna meunang, jadi pamaén éta
meunangkeun artos tilu sén. Dirun kapikiran, upami anjeunna maén terus meunang, artosna
tiasa kanggo bayar sakolana.

Akhirna masang wé Dirun teh. Ari pék téh Dirun meunang maénna, tuluy meunangkeun
artos tilu kali lipat tinu dipasang ku anjeunna. Ai tos kitu, Dirun kapikiran deui “Ah, kaduhung.
Terang badé meunang mah ku abi di pasang wé sadayana. Ngké kan artos abi jadi langkung
seeur.” Dirun masang wé, tuluy sadaya artosna dipasihkeun.

Dasarna émang nuju apes Dirun téh. Ai sadaya artosna tos di pasangkeun sadayana,
Dirun maénna éléh. Akhirna ludes wé artosna Dirun téh, padahal Dirun tos dugika ngajual
arlojina. Tuluy uih wé Dirun téh ka bumi na, sambari keheul, sebel, panas haté pokona mah
lantaran teu gaduh deu artos kanggo di pasang.

Pas tos di bumi, Dirun di taros ku indungna, “Dirun, ai titadi téh kamana waé? Naha
asa lami-lami teuing sakola téh?”. Diditu Dirun ngahuleng bari mikir kedah nyarios naon ka
indungna. “Sidik abi téh titadi kukurilingan milarian arloji abi nu leungit,” alesanna Dirun.

“Leungit dimana? Naha tiasa leungit? Atuh da meuni teu awét pisan gaduh barang téh,
sok gera moal-moal deui di pang mésérkeun arloji,” saur indungna Dirun. Dirun teu ngajawab,
langsung wé ngaléos ka dapur, nyandak piring badé tuang. Némbé ogé meunang tilu suap,
baana datang, uih damel.

“Mana si Dirun?” saur bapana ka indungna.

“Itu nuju tuang, aya naon gitu?” jawab indungna.

“Tadi abi nyimang heula ka pasar, niatna mah badé mésér bako. Ari pék téh tukang
bakona nuju muterkeun arloji. Pas di sidik-sidik, éta arloji sarua pisan sapertos arlojina Dirun,”
saur bapana.

“Alah, boa-boa éta arlojina Dirun. Da arlojina Dirun téh leungit, tos di pilarian tapi teu
kapendak waé,” jawab indungna.

Tuluy bapana ngajak Dirun ka pasar, mendakan tukang bako.

Di tukan bako éta bapana Dirun naroskeun arloji éta. Pas tos ditaros, tukang bako éta
nyarios, mun arloji éta teh meunang ti tukang loa. Hargana mirah, mung tujuh talén. Tuluy saur
tukan bako téh tuang loa meunangkeun éta arloji ti bandar maén.

Diditu Dirun bengeutna ngadadak pias, awakna gé gemeteran.

“Dirun, sing leres. Arloji téh leungit atawa di anggo maén?” taros bapana. Dirun cicing
wé teu ngawaler nanaon.

Tukang bako nyarios, “Tah bener, tadi Ujang ieu katingal ngariung di bandar maén.
Manawi teh Ujang teu ngiringan masang.”

Bapana kacida ambekna, pas ngadangu dirun ngiringan maén kartu. Tiditu kénéh Dirun
dcandak uih ku bapana. Sajajalan bapana aambekan. Dongkap ka bumi, ambekna bapa leuwih
gedé ka Dirun, ngan kaburu di hadang ku indungna.

Akhirna Dirun terus terang ka bapana mun artos kanggo bayar sakolana gé séép,
dipasang maén kartu. Anjeunna janji, moal dedeuieun nyocéng artos kanggo bayaran, tur moal
deui kagoda maén kartu.

You might also like