You are on page 1of 4

BABAD PASIR LUHU

Dina hiji carita aya saurang putra raja anu namina Raden Banyakcatra anu keur ngumbara milarian
calon permaisuri jang nyumponan pamenta ayahanda, Prabu Siliwangi raja Padjajaran.Dina perjalanana,
Raden Banyakcatra ngaganti nami janten Raden Kamandaka.

Dina hiji poe, Raden Kamandaka meunang wangsit jang tapa di sawangan anu ayeuna dikenal ku
desa Kebumen.Sanggeus sababaraha poe tapa, akhirna Raden Kamandaka meunang wasiat mangrupa
baju anu lamun dipake ku manehna,manehna bakal robah jadi lutung. Sanggeus Raden Kamandaka
robah wujud jadi lutung,akhirna manehna cicing di hutan Batur Agung,gigiren barat daya Baturaden.

Dina hiji poe, Adipati Pasir Luhur indit moro ka leuweung tur meunang lutung anu gede jeung jinak.
Tuluy Adipati Pasir Luhur mutuskeun jang mawa balik eta lutung hirup-hirup. Sanepina di Kadipaten...

Adipati :"tingali barudak naon nu ku bapa candak."

Putri 1. :(lumpat ngadeketan bapa)" wah lucu pisan eta lutung."

Putri 2. :"timana bapa menangna ?"(rewas)

Adipati. :"(seri)tenang barudak bapa menangken lutung ieu pas bapa keur moro di leuweng

Putri 3 :"bapa, bae ulah lutung ieu jeng kuring?"

Ciptarasa :"(era era) tapi bapa, simkuring oge hoyong miara eta lutung"

Adipati :" geus,,, ulah parebut. Keur si mbok bere dahar heula"

Putri 1 2 3 :"muhun bapa"(barengan)

Saengges sababaraha lami sihoreng eta lutung mbung di bere dahar. Adipati eta lieuren pisan dina
pasalan ieu. Anjeuna nganiatan ngayakeun hiji sayembara.

Mbok mban :"hatur nuhun gusti, ti kamari kuring geus usaha mere lutung hasil buruan gusti,

tapi teu ngahampura pisan teu tulung."

Adipati :"(mikir sakedap) hmm... nya kieu we kuring arek ngayaken sayembara keur

sakabeh putri kuring anu bisa mere dahar ka manehna bisa miara lutung eta."

Mireng parnyataan bapana, putri putri bungah pisan ka asup si bungsu Dewi Ciptoroso. Saengges
sababaraha waktu...

Adipati :" tah, mangga putri cikal kuring... Anjen acakan mere daharna. "

Putri 1 :" uhun bapa." (ngadekeutan si lutung) hayu lutung amis, dahar ieu cau. "

Lutung:" (lutung nolak jeung kasar ka si putri 1)."


Putri 1:" bapa kuring nyerah, lutung ieu teh horeng meni hese dikawasa. "

Singget carita ka 3 putri geus nyoba mere dahar lutung rta tapi teu aya anu hasil. Ahirna bagian Dewi
Ciptoroso ngadeketan lutung eta.

Ciptoroso:" lutung yeu dahareun ti kuring, dahar yeuh sorangan pasti lapar. "

Lutung:" (lutung ngadeukeut bari narima dahareun ti ciptoroso tuluy di dahar)."

Ciptoroso:" bapa tingali yeuh, si lutung daekeun ngadahar dahareun ti kuring. "

Adipati:" salamet anaking, anjen tiasa mere dahar, ayeuna eta lutung jadi milik anjeun. "

Ciptoroso:" hatur nuhun pak, sim kuring bakal miara lutung eta kalayan sae, hayu lutung milu jeung
kuring. "

Tuluy ciptoroso mawa lutung ka kamerna. Dina hiji peuting, pas dewi ciptoroso keur sare, lutung ujug
ujug robah wujud jadi raden kamandaka, kabogoh ciptoroso anu salila ieudi teangan. Meuni rewaseun
ciptoroso pas harita.

Ciptoroso:" kang mas.. Bener eta teh anjeun? "

Kamandaka:" mhun dewi, ieu sim kuring kamandaka."

Ciptoroso:" ahirna urang tiasa papendak deui kangmas. "

Kamandaka:" baheula sim kuring tos jangji bakal manggihan anjeun deui tapi kuribg menta dewi ulah
caritakeu kasasaha tentang kajadian ieu. "

Ciptoroso:"mhun kang mas. "

Kaisukan poena di kadipaten pasir luhur.

Mbok mban:" punteun gusti, aya tamu ti nusa tembini. "

Adipati:" piwarang lebet wae mbok. "

Mbok mban:" mhun gusti. "

Pulebahas:"(sungkem). "

Adipati:" mangga calik, aya maksad naon anjeun jauh jauh datang ka pasir luhur? "

Pulebahas:" kieu adipati, maksad kuring datang kadieu hoyong mempersunting putri bungsu adipati nu
wastana dewi ciptoroso. "

Adipati:" (lieur) kuring rek narima lamaran ti anjeun asalkeun putri kuring oge narima. "
Pulebahas:" lah? Kunaha kitu? Anjeun berhak nangtukeun jodo ker putri anjeun sorangan. "

Adipati:" enya bener. Tapi kuring ge hayang mere kabebasan keur putri putri kuring nu nangtikeun
pilihannana. "

Pulebahas:" janten anjeun erek nolak lamaran kuring? Kitu? "

Adipati:" kuring teu nolak, tapi kuring butuh waktos keur ngomongkeunnana jeung dewi ciptoroso."

Pulebahas:" mhun. Kuring mere waktos, 2 poe deui kuring rek datang deui. Tapo tingalu wae, lamun
anjeun wani nolak lamaran kuring, kuring rek ngahancurkeun kadipaten ieu." (bari balik loba amarah)

Adipati lieur pisan, tuluy manehna nyaritakeun anu geus kajadian ka dewi ciptoroso. Sabab saran raden
kamandaka, ahirna dewi ciptoroso daek narima lamaran pulebahas bari mere sababaraha syarat. Dua
poe saenggesna, pulebahas datang nyamperkeun dewi ciptoroso.

Ciptoroso:"abi daek narima lamaran anjeun asalkeun anjeun tiasa minuhan syarat nu ku sim kuring di
bere."

Pulebahas:"(seuri) hahaha.. Sebutkeun wae dewi, naon wae nu ku anjeun dipikahayang pasti kuring
bisa ngabulkeun. "

Ciptoroso:" kuring hayang waktos pernikahan dijemput ku 40 putri kembar, jeung leumpang di luhureun
kaen mori saloba 40 kodi, panganten lalaki kudu nulungan panganten awewe pas turun ti tandu,
panganten lalaki tong mawa sanjata. "

Pulebahas:"Hahaha, ngan sakitu wae anu ku anjen dipikahayang?"

Ciptoroso:"Hiji dei simkuring hayang tempat papanggih panganten lalaki jeung panganten awewe di
parapatan pasir luhur.

Pulebahas:"Nya sadaya kahoyong anjen bakal simkuring kabulken. "

Akhirna datang waktuna perkawinan dewi ciptoroso jeung prabu pulebahas.Dewi ciptoroso tos
nyampe diparapatan pasir luhur. Mung teu sakanyahoan pulebahas, sihoreng putri ciptoroso mawa
raden kamandaka anu nyamar jadi lutung. Pas keur pulebahas bakal mantuan ciptoro turun ti tandu,
lutung ujug-ujug ngajleng ti tandu jeung nyerang pulebahas.

Pulebahas:"Tingali dewi.. Simkuring tos minuhan sadaya anu ku anjen dipikahoyong (bakal ngaraih
panangan ciptoroso)

Kamandaka:(ngajleng jeung nyerang pulebahas nepi maot)

Ciptoroso:(ngalepas baju lutungna)"simkuring teu nanaon dewi

Adipati:"aya naon ieu? Raden mas eta saha? "


Kamandaka:"ampun kanjeng adipati hamba teh sabenerna Raden Banyakcatra putra prabu siliwangiti
karajaan pajajaran.

Adipati:(reuwas) "terus kunaon Raden mas nyamar jadi lutung"?

Kamandaka:"nyaan hamba menta hampura ka kanjeng adipati,kuring bogoh ka putri bungsu anjen
adipati jeung mun diijinken kuring hoyong tereh ngalamarna."

Adipati:"Tangtu kuring ngizinan. "

Ciptoroso:"hatur nuhun bapa"

Adipati:"sami sami anaking".

Akhirna dewi ciptoroso jeung raden kamandaka kawin, jeung maranehna hirup bungah di istana.

You might also like