You are on page 1of 4

Pilih jawaban anu pangbenerna !

Baca rumpaka kawih ieu di handap!


BANDUNG
Sanggian : Mang Koko

Bandung,Bandung
Bandung nelah kota kembang
Bandung,Bandung
Sasakala sangkuriang
Di lingkung gunung heurin ku tangtung
Puseur kota nu mulya parahiyangan
Bandung,Bandung
Pada muru di jarugjugan

1. Tema atawa jejer rumpaka kawih di luhur teh nyaritakeun ngeunaan....


a.sasakala Sangkuriang b.kaendahan kota Kembang
c.sasakala Parahiyangan d. kaayaan kota Kembang
2.Dumasar kawih di luhur,Bandung teh nelah ku istilah....
a.Kota Kembang b.Kota bermartabat c.Paris van java d. Kota Sangkuriang
3.Naon maksudna”Heurin ku tangtung’dina rumpaka kawih di luhur?
a.Bandung pinuh sampah
b.Bandung pinuh ku gedong-gedong jarangkung
c.Bandung kacida rame lantaran gegek penduduk
d.Bandung loba toko jeung super market
4.Dina karawitan Sunda,antara kawih jeung tembang teh dibedakeun.Dina kawih mah aya birama
(wiletan) jeung....
a.ketukan b.padalisan c.jajaran d.konci nada
5.Kakawihan sok disebut oge kawih murangkalih lantaran....
a. dikawihkeunana ku barudak sakola c. dikawihkeunana dina kaulinan barudak
b. wajib dihaleuangkeun ku barudak sakola d. eusi rumpaka kawihna ngeunaan barudak
6.Judul-judul kakawihan nu populer dina sastra sunda,iwal....
a. oray-orayan b.pacicipoci c.hompimpah d.talak tilu
7.Kawih,kakawihan jeung tembang teh umumna ditulis dina wangun sastra....
a.drama b.prosa c.prosa lirik d.puisi
8.Gagasan poko anu rek ditepikeun kunu ngarang rumpaka kawih kanu maca disebut....
a.purwakanti b.tema c.nada d.suasana
9.Saruana atawa padeukeutna sora-sora di unggal padalisan rumpaka kawih disebut....
a.purwakanti b. Purwadaksi c. Suasana d. Nada lagu
10.Taya basa menta pamulang tarima,padalisan kawih ieu ngandung purwakanti....
a. runtuyan b. Rantayan c. Maduswara d. Wirahma
11. Unsur-unsur intrinsik kawih nyaeta, kacuali...
a. Tema b. Rasa c. Wiletan d. wirahma
12. Bedana kawih jeung tembang nyaeta...
a. Kawih mah teu kauger ku rupa-rupa aturan, tembang mah kauger ku aturan nyaeta aturan pupuh.
b. Tembang mah lalaguan jaman kiwari, kawih mah lalaguan tos lami.
c. Kawih mah tradisional, tembang mah modern.
d. kawihmah panjang, tembangmah pondok

13. Sarupaning lagu nu rumpakana teu kauger ku gurulagu jeung guru wilangan biasa mibanda wirahma
nu angger/tangtu, nya éta....
a. Pupuh b. Tembang c. Kawih d. Sawér

14. Sarupaning lagu nu rumpakana kauger ku gurulagu jeung guruwilangan biasana mibanda wirahma
nu teu angger/teu tangtu, nya éta....
a. Pupuh b. Tembang c. Sawér d. Kawih
15. Nyi Nonih téh ayeuna mah jadi...sorana genaheun mun ngahaleuangkeun kawih
a. Juru Mamaos b. Juru Tembang c. Juru Kawih d. Juru Sawér
16. Warta anu ditulis dumasar kana … nu aya di lapangan.
a. rekaan b. carita c. fakta d. hayalan
17. wartamah beja dumasar kana kanyataan atawa fakta anu di kumpulkeun kalawan tilu cara :
a. nalungtik, dokumentasi, jeung wawancara
b. observasi, wawancara, jeung riset media
c.riset media, dokumentasi, jrung pemotretan
d.rekiaan, pemotretan jeung observasi
16. struktur warta kabagi ku tilu bagian…..
a.tema, headline,lead
b. judul, tema, bubuka
c. bubuka, eusi , panutup
d. judul, lead jeung tubuh warta
18.Salahsahiji ciri anu aya dina hiji warta nyaeta...
a. eusina mangrupa opini
b. eusina mangrupa carita hayal tapi logis
c. eusina mangrupa carita hayal anu pamohalan
d. eusina dumasar kana data anu bener

19. Warta nyaeta hartina sarua jeung...


a. beja b. prosa c. puisi d. dongeng
20.5W+1H nyaeta rumusan atawa panduan anu biasa digunakeun dina nyieun hiji warta. Di handap
ieu, anu lain mangrupa unsur anu aya dina rumusan 5W+1H nyaeta...
a. what b. who c. with d. how
TAHUN PUSAKA INDONÉSIA JAWA BARAT

Dinas Kebudayaan & Pariwisata (Disbudpar) propinsi Jawa Barat gawé bareng jeung Paguyuban
Pelestarian Budaya Bandung ngayakeun seminar’ Tahun Pusaka Indonesia Jawa Barat’. Téma nu jadi
jejerna ’Menimbang Nilai Pusaka sebagai Kekuatan Stratégi Budaya’.
Digelarna éta kagiatan miang tina rasa nyaah kana ajén inajén budaya titinggal karuhun, anu perlu diraksa
diriksa tur dimumule babarengan.
Dina kanyataan, rea warisan budaya, hususna wangunan nu aya di Jawa Barat anu ngandung ajen sajarah
rea nu diculjeunkeun, teu dipiara kalawan daria. Salian ti eta oge, pasualan lingkungan di kota-kota jeung
di padesaan, tarekah enggoning mulasara aspek budaya teu pati dipalire. Balukarna rea nu ruksak parna.
Padahal wangunan nu ngandung ajen sajarah saperti kitu, kacida penting keur identitas bangsa atawa seler
bangsa.
Wujud wangunan arsitektur nu boga ajen sajarah dipiharep bisa jai bahan anu dikikareueus tur bisa
diwariskeun ka generasi sapandeurieunana. Ku kituna, sawala-sawala nu nyaritakeun pasualan budaya
jeung pariwisata geus sawadina meunang pangrojong ti balarea.

21. Téma anu aya dina warta di luhur nyaéta ....


a. Seminar c. Budaya jeung Pariwisata
b. Tahun Pusaka Indonesia d. Industri jeung Pariwisata
22. Nu ngayakeun seminar éta téh ....
a. Paguyuban Pasundan Bandung
b. Paguyuban Pelestarian Bandung
c. Paguyuban Pelestarian Budaya Bandung
d. Walikota / Bupati Bandung
23. Pamaréntah sakuduna méré bantuan .... husus keur Home Industri.
a. modal c. sumanget
b. bahan d. jalan
24. Digelarna éta Seminar téh kusabab ....
a. Reueus jadi urang Sunda
b. Ngalestarikeun budaya karuhun
c. Ngarasa nyaah kana ajén budaya karuhun
d. Urang Sunda kudu ngajaga adat istiadat
Baca paragraf di handap ieu (pikeun soal no. 1-3)
Informasi the lain ngan ukur keur urang kota wungkul, masarakat nu matuh
lembur di padesan oge butuh ku informasi, boh informasi desa, boh informasi nu jolna ti
kota. Informasi ti kota jeung sabalikna, sabenerna nyampak dina media massa, boh media
cetak sapertos koran jeung majalah, boh media elektronik sapertos internet, televisi atawa
radio.
25. Lulugu/jejer panandes warta dina paragraf di luhur nyaeta ………….
a. Informasi sabenerna nyampak dina media sapertos Koran jeung majalah
b. Informasi nyampak dina internet, televise atawa radio
c. Informasi teh lain ngan ukur keur urang kota wungkul, oge keur masarakat desa
d. Media elektronik jeung media cetak mangrupakeun sumber informasi
26. Nu kaasup media massa, nurutkeun wacana nu aya dina paragraf di luhur nyaeta ……….
a. internet jeung koran c. koran jeung majalah
b. majalah jeung televisi d. internet jeung televise
27. Nu kaasup kana media massa elektronik nyaeta …..
a. internet, radio, koran c. koran, majalah, televisi
b. majalah, internet, radio d. radio, televise, internet

28. jalma anu tugasna ngumpulkeun warta di sebu….


a. girang serat b. girang acara c. wartawan d. reporter
Wacana
Niagara di Bekasi

Bekasi, Tribunnews.com (8/8/2015)


Sawatara waktu ka tukang, Kota Bekasi kungsi ramé dina médsos alatan kaayaanana anu teu
weléh macét, hawana panas, katambah deuih mahabu ku polusi. Tapi ké heula, teu sagemblengna bener
éta pamanggih téh. Lantaran di Kota Bekasi ogé singhoréng aya peperenian alam anu éndah. Ngaranna
Curug Parigi. Perenahna teu pati jauh ti tenpat pamiceunan runtah di Bantargebang.
Unggal minggu gé teu weléh pada ngadeugdeug. Ku nu sok arulin ka dinya mah ditelahna Curug
Niagara. Duméh wangunna rada ngaharib-harib Curug Niagara di Amérika Serikat. Ngan pédah ieu mah
leutik camperenik. Atuh jangkungna curug ogé henteu leuwih ti lima meter.
Saenyana Curug Parigi téh geus popular ti taun 2000-an kénéh. Sahenteuna pikeun anu maratuh
di sabudeureun Bekasi. Ngan ku lanataran perenahna rada nyumput, antukna réa anu teu apal lamun di
dinya téh aya curug anu bisa dipaké tempat ulin. Mana komo aksés jalan ka dinya téh walurat kénéh.
Supama urang haying ulin ka Curug Parigi kudu mapay-mapay heula Jalan Raya Narogong. Ti dinya
tuluy asup ka Gang jalan Pangkalan 5. Bras waé ka jalan anu geus dicor, kurang leuwih 2 kilométer.
…………………………………………………………………………………….
Dicutat tur diropéa deui tina situs Tribunews.com
29. Curug Parigi anu aya di bekasi ditelahna Curug
Niagara ku sabab ... .
A. Curugna leutik camperenik
B. Jangkungna curug teu leuwih ti lima méter
C. Perenahna teu pati jauh jeung tempat pamiceunan runtah Bantargebang
D. Wangunna rada ngaharib-harib Curug Niagara di Amérika Serikat
30. Téma tina wacana “Niagara di Bekasi” nyaéta … .
A. Curug Niagara anu aya di Amérika Serikat
B. Curug Parigi anu aya di Bekasi
C. Unggal minggu loba anu arulin ka curug
D. Tempat pamiceunan runtah di Bantargebang

You might also like