You are on page 1of 11

TUGAS MAKALAH BAHASA SUNDA

Tugas ieu di damel kanggo ngaminuhan penilaian


ti salah sahiji mata pelajaran

"Mikawanoh Sajak"

Pupuhan Kelompok
 Pipit Rianti
 Jidan Prayoga S
 Wanda Fazriah
 Adi Yunus N
 Yasin

X RPL (Rekayasa Perangkat Lunak)

SMK MUHAMMADIYAH 2 KUNINGAN


Pihatur

Sugrining puji sinareng syukur disanggakeun ka Allah Nu Maha Kawasa,


anu parantos maparin sagala elmu pangaweruh ka sakumna jalma anu
kumelendang di ieu alam dunya. Haturnuhun ka Guru Basa Sunda nu mana
parantos masihan kasempetan kanggo ngadamel tugas makalah tentang
“Mikawanoh Sajak”, kumargi urang sadaya tiasa terang tentang sadaya anu patali
jeung sajak. Hapunten dina sagala kalepatan, kumargi urang sadaya masih dina
tahap diajar. Supados dimaklum mugia ieu tugas janten mangfaat kanggo
sadayana amiin.

Penulis 
Daftar Eusi

Pihatur

Daftar Eusi

BAB 1 BUBUKA

1.1 Kasang Tukang

1.2 Watesan Masalah

1.3 Maksud Jeung Tujuan

BAB 2 EUSI

2.1 Hartina Sajak

2.2 Unsur-Unsur Sajak

1.2.1 Pikiran (sense)

1.2.2 Rasa (feeling)

1.2.3 Gaya (tone)

1.2.4 Maksud (intention)

2.3 Hal anu kudu diperhatikeun dina maca sajak

2.4 Samemeh Tret Nulis Sajak aya sawatara hal anu kudu dicangkem :

2.5 Conto Sajak

BAB 3 PANUTUP

3.1 Kesimpulan

3.2 Saran
BAB I
BUBUKA

1.1 Kasang Tukang

Dina kahirupan sapo-poe urang sarerea pasti wae pernah nguping istilah
sastra atawa karya sastra, prosa atawa sajak. Tina maca karya sastra, urang sarerea
bakal manggihan harkat hirup. Tina basa lain, tina karya sastra aya ka manfaatan
pikeun kahirupan. Karya sastra anu alus, biasana sok ngabogaan nilai (value).
Nilai eta di wangen tina wujud wangenan karya sastra, anu sacara implicit sok aya
dina galur, latar, tokoh, tema jeung amanat. Atawa dina larik, kuplet, rima jeung
irama. Nilai anu di kandung tina karya sastra nyaeta : Nilai hedonik (Hedonic
Value), nilai artistik (Artistic Value), nilai kultural (Cultural Value), nilai etis,
moral, agama (Ethical, Moral, Religious Value) jeung nilai praktis (Practical
Value).
Salah sahiji karya sastra Indonesia nyaeta sajak. Sajak teh nyaeta anu
ngabogaan ciri mantra, rima, teu jeung rima, atawa kombinasi duanana.
Katangtuanna, lamun di bandingkeun jeung sastra anu sejen nyaeta, dina basa-
basana anu topang-manopang jeung hubungan tina harti.
Pamahaman jalma-jalma kana sajak bisa beda-beda. Ieu di sababkeun
tergantung timana urang ngahartikeunna. Sajak mangrupakeun ekspresi jiwa
atawa emosi panyair kana naon-naon masalah anu kapanggih dina ka hirupan.
Jeung anu nyieuna kana sajak bisa saha wae heunteu kudu jalma-jalma anu
palalinter. Tapi urang oge salaku jalma awam bisa nyieun oge lantaran satiap
jalma ngabogaan imajinasi jeung pangalaman-pangalaman anu bisa di jadikeun
atawa anu bisa di larapkeun kana sajak.
1.2 Watesan Masalah
Watesan masalahna nu diangkat tina penulisan makalah ieu nyaeta:
1. Naon nu dimaksud sajak teh?
2. Naon wae unsur-unsur sajak teh?
1.3 Maksud Jeung Tujuan
Maksud tina karya ilmiah ieu nyaeta pikeun nganyahokeun sajak.
Tujuanna tina nyieun makalah ieu nyaeta:
2. Nganyahokeun hartina sajak
3. Nganyahokeun unsur-unsur sajak
BAB II
EUSI

2.1 Hartina Sajak


Sajak teh nyaeta karya sastra atawa karangan wangun ugeran (puisi) anu
ngebrehkeun pangalaman batin panyajakna jeung teu pati kauger ku patokan-
patokan. Disebut karangan ugeran teh sabab dina sajak mah aya hal-hal nu kudu
diperhatikeun, diantarana diksi atawa na pilihan kecap jeung wirahma. Selain eta,
sok disebut oge sajak bebas. Bebas di dinya, tangtuna oge relative. Upama
dibandingkeun jeung guguritan, anu ditulis dina wangun pupuh, jelas sajak mah
leuwih bebas. Sajak heunteu kauger ku jumlah padalisan dina sapadana, jumlah
engang dina unggal padana, atawa sora tungtung dina unggal padalisan.
Upama dibandingkeun jeung sisindiran, sajak mah heunteu kudu kauger
ku cangkang jeung eusi. Upamana dibandingkeun jeung mantra, sajak mah
heunteu kauger ku pilihan kecap anu ngandung kakuatan gaib, atawa digelarkeun
(diucapkeun, dipapatkeun) pikeun tujuan-tujuan khusus anu patali jeung
kapercayaan.
Sajak kauger ku diksi jeung wirahma (nu matak heunteu disebut wangun
lancaran). Wirahma, ciri utama anu ngabedakeun wangun ugeran jeung wangun
lancaran, karasa nonjol dina sajak; bisa jadi lantaran ugeran-ugeran sejenna,
saperti nu aya dina pupuh, heunteu dipake.
Sajak teh dina sastra Sunda mah lain karya sampakan. Bisa jadi mangrupa
pangaruh tina sastra Indonesia. Mimiti gelar sabada merdeka. Sajak Sunda
munggaran ditulis ku Kis Ws dina taun 1946.
Dina mimiti gelarna, sajak teh heunteu jol-jol ditarima ku masarakat
Sunda. Beda jeung carita pondok. Ari alesanana, sajak teh lain wangun sastra 
pituin urang Sunda. Alesan anu teu bisa ditarima ku akal, sabab dina
seuhseuhanana mah guguritan oge anu harita dianggap karya sastra asli urang
Sunda, mangrupa pangaruh tina sastra Jawa.
Dina kamekaranana, tetela sajak teh bisa nyilihkeun guguritan. Kiwari
sajak bisa disebut wangun puisi pangpopulerna dina pajemuhan sastra Sunda.
Dimuat dina majalah jeung surat kabar Sunda. Ti dinya kakara dibukukeun.
Memang umumna buku kumpulan puisi Sunda mah mangrupa kumpulan sajak
anu samemehna geus dimuat dina surat kabar atawa majalah.
2.2 Unsur-Unsur Sajak

Dina maca sajak aya sababaraha hal anu kudu diperhatikeun, nyaeta lafal,
intonasi/lentong, jeung cara ngajiwaan eusi sajak. 
Unsur-unsur sajak teh nyaeta : pikiran (sense), rasa (feeling), gaya (tone), jeung
maksud (intention).

3.2.1 Pikiran (sense)


Pikiran (sense) nyaeta pikiran pangarang nu nyangkaruk dina jiwana,
dikedalkeun ngaliwatan karanganana.
3.2.2 Rasa (feeling)
Rasa (feeling) nyaeta rasa panyajak anu dikedalkeun dina sajakna, bisa
rasa waas, bungah, sumanget, ambek, atawa ceuceub.
3.2.3 Gaya (tone)
Gaya (tone) nyaeta gaya panyajak anu ditepikeun dina sajakna, bisa
humoris, realistis, kritis, romantis atawa mikacinta ka lemah caina.
3.2.4 Maksud (intention)
Maksud (intention) sok disebut oge amanat nyaeta maksud anu hayang
ditepikeun ku panyajak.

2.3 Hal anu kudu diperhatikeun dina maca sajak


-            Lenyepan : Sacan maca sajak teuleuman heula eusi sajak,
nadan, rasa, jeung sajabana.
-            Wirahma                    : Anca-gancangna dina maca sajak.
-            Vocal :                       : Patalina jeung sora, lafal, béntés henteuna dina
ngucapkeun kecap.
-            Nada jeung rasa        : Patalina jeung sikep urang kana karyana dina maca
sajak.
- Ekspresi : Ekspresi di dieu nya eta ebrehan jiwa anu di
antaran bae katembong secara fisik dina panorama
(mimik) jeung pasang peta (gestur)

2.4 Samemeh Tret Nulis Sajak aya sawatara hal anu kudu dicangkem :
1. Imaji
Imaji the nyaeta gambaran anu karasa, kadengen, jeung katenjo (sanajan bias
jadi ngan ukur dina implengan)anu rek di ebrehkeun dina sajak.
2. Simbol atawa Perlambang
Simbol atawa perlambang the patalina jeung pilihan kecap (diksi), maksudna
mah taya lian ti nginjeum harti sejen tina hiji kecap, pikeun ngatebkeun maksud.
3. Wirahma
Ieu oge aya patalina jeung pilihan kecap (diksi). Maksudna kumaha carana
kecap-kecap anu dipake dina sajak the ngeunah dibacana.
4. Jejer
Jejer atawa tema the mangrupa inti tina eusi sajak.
5. Suasana
Anu di maksud suasana teh anu karasa sabada maca eta sajak. Suasana the ulah
papalingpang jeung jejerna.
6.Gaya Basa
Gaya basa dina sajak mah patali jeung basa anu digunakeun ku salasaurang
panyajak, anu dipangaruhan ku kasang tukang atikanana jeung lingkunganana.

2.5 Conto Sajak

PAMAYANG
Karya : Rachmat M. Sas. Karana
Bulan imut
ngangkleung di langit
budak ulin di buruan
Angin darat
muru ka laut
pamayang nyolendang korang
Parahu leutik
laju nyiriwik
nganteur usaha di sagara
Warna perak
‘na beungeut ombak
beuteung lauk tingborelak
Nu jadi harepan
pikeun kahirupan
laut lega paparin Pangeran

BONGAN KITU

Bongan kitu disebutna, puguh mega


dipapay di awang-awang: cek aing angin
bongan kitu karasana, nyerina raheut
tatamba ka saban tabib: cek aing ngimpi
bongan kitu digambarna, geulis kabina-bina
ditepungan unggal wayah: cek aing werejit
bongan kitu pandena, nyarita sorangan
ditataan di rs jiwa: cek aing eling
bongan kitu ayana, beda jeung nu lian
diguliksek dina kamus: cek aing ibadah
bongan kitu itunganana: Gusti
(Juniarso Ridwan, 1992)

LAGU HIRUP

Unggal poe unggal lengkah


nataan tanggal dina kalender
angger aya nu diarep-arep
ari umur melesat henteu kajeueung

Dina beja dina carita


teu weleh aya nu miheulaan
warna-warni kajadian. Teu kapireng
da puguh katalimbeng rusiah

Dina sakeclak cimata. Aya kasedih


nu teu kedal. Dina kongkolak
kahirupan. Aya nu miang
teu mulang deui
(Eddy D. Iskandar, 1992)

PANGBALIKAN

Iuh, iuh gunung kuring


angin ulin dina embun-embunan
sawaktu-waktu kuring kudu nepungan
dumeh hirup halabhab cinta
di maranehna nya ayana

Aya sababna kuring tibelat


aya sababna kuring pegat
tapi nu ahir lain kaabadian
kakasih dina hate ngawih deui

Iuh,iuh gunung kuring


nyata, nyata tanda-tanda
ngabalungbung jalan hirup
nepi ka nyawa rek asup
ka maranehna kuring rek balik
ka maranehna kuring rek pamit
(Wahyu Wibisana, Ciawang ,28-7-56, tina Kanjutkundang)

CINGCIRIPIT

Ngariung di pakalangan
waspada ngantelkeun curuk
curuk inggis kacapit
kacapit ku dampal leungeun
dampal leungeun dikeupeulkeun
“jék-jék nong”
nu kacapit tunggu lawang.
SILIH TULUNGAN

Nyiruan dina pancuran


titeuleum méh baé paéh
Titiran nenjo Nyiruan
kanyaah mapaés haté.

Geuwat metik dangdaunan


diragragkeun kana cai
ngarayap éta Nyiruan
teu tulus nemahan pati.

Titiran ku paninggaran
diintip-intip dipanah
Nyiruan mulang tarima
nyeureud bitis paninggaran.

Paninggaran ngagurubug
teu tulus manah Titiran
geus lésot kabéh bangbaluh
lantaran silih tulungan.
BAB III
PANUTUP

3.1 Kesimpulan
Sajak teh nyaeta karya sastra atawa karangan wangun ugeran (puisi) anu
ngebrehkeun pangalaman batin panyajakna jeung teu pati kauger ku patokan-
patokan.
Unsur-unsur sajak teh nyaeta : pikiran (sense), rasa (feeling), gaya (tone),
jeung maksud (intention).

3.3 Saran
Pikeun ngembangkeun kanyaho kana karya sastra khususna sajak anu
leuwih ngembang, saena kedah ngalakukeun sababaraha kagiatan, diantarana:
a. Guru-guru anu ngajar kana bidang sastra di harepkeun supaya leuwih giat
kana ngabimbing murid-muridna
b. Murid anu diajarna di harepkeun supaya diajarna bener-bener.
c. Supaya lebih di tingkatkeun kana kagiatan ngenalkeun sastra-sastra
Indonesia 
d. Murid supaya kudu di lobakeun kana latihan-latihan sastra.
e. Ngayakeun hiji pasanggiri anu ngenaan kana sastra supaya leuwih resep
kana sastra-sastra Indonesia.

You might also like