You are on page 1of 2

NGAWAWANCARA BU FATHONAH GURU SENI RUPA

Andhika : “assalamualaikum kumaha bu kabarna, damang ?”


Bu fathonah : “waalaikumsalam, alhamdulillah damang”
Andhika : “bu abdi tiasa naros sakedap ngawawancara ibu”
Bu Fathonah : “mangga”
Andhika : “naha ibu ngajar seni rupa?”
Bu fathonah : “karna ibu waktos kuliah, ibu nyokot jurusan arsitektur jeung resep
ngagambar”
Andhika : “kumaha ibu tiasa resep ngagambar?”
Bu fathonah : “karna waktos ibu sakola, ibu resep ningalian lukisan anu saé kusabab éta ibu
jadi diilahamkeun”
Andhika : “iraha jeung ti mana ibu kahiji waktos ngajar?”
Bu fathonah : “ibu kahiji waktos ngajar di SMAN 1 KARAWANG BARAT taun 1989,
saterusna ibu ngajar di SMAN 5 KARAWANG taun 1998”
Andhika : “dina kelas baraha ibu ngajar di SMAN 5 KARAWANG?”
Bu fathonah : “dina kelas hiji atawa sapuluh”
Andhika : “naon anu ibu lakukeun lamun aya murid nu teu nengetan ka pelajaran ibu?”
Bu fathonah : “ibu bakal pasihan teguran lamun aya murid kos kitu”
Andhika : “hapunteun bu, iraha ibu téh pensiun?”
Bu fathonah : “insya allah ti ahir semester ieu”
Andhika : “dina sakedik deui ibu rék pensiunan, naon anu ibu lakukeun saatos
pensiun?”
Bu fathonah : “milarian kagiatan positif, nyéépkeun waktos jeung kulawarga, sareng
pikeun nambahan élmu agama”
Andhika : “hatur nuhun pikeun waktosna ngawawancara ibu, hapunten bilih aya
kasalahan tina patarosan nu teu saé ngadangu”
Bu fathonah : “teu kunanaon, mugia salawasna sukses”
Saréréa : “aamiin nuhun bu assalamualaikum!”
Bu fathonah : “waalaikumsalam”
TUGAS KELOMPOK WAWANCARA

KELAS : X IPA 3
WASTA : 1. HELMI RIYADH RASYID
2. ANDHIKA HAMADANI
3. KELVIN LORENZA WIJAYA
4. DANENDRA FAIRUZ SYAHLA
5. ENGINEO RAFI PRADANA
6. RIZKI AKHMAD

You might also like