You are on page 1of 13

AZAB JALMA PELIT HARTA

Pa Haji : Nurman Fajri Ashidiq (Peran Utama)

Pamajikan Pa Haji : Tina Septiani

Kang Usep : Mochamad Alfat Winarto

Asep : Damarjati Budiyatma

Pengemis : Aan Darmawan

Ubed : Iim Muhammad Sidiq

Ucup : Fahrul Rozi

Neng : Tina Septiani

Bibi kopi : Frika Cikraliana

Garong : Sendy Sucipto

Dokumentasi : Indra Pratama

Narator : Tina Septiani, Frika Cikraliana


Di hiji desa aya Haji anu tara pernah mere nafkah ka pamajikana, Haji anu ka cap jelema

sombong tapi kasohor tur loba hartana anu saurna teh parantos naek haji 5 kali tapi

sifatna adigung. Dina hiji poe pa haji keur ngitungan duit bari nyombongkeun harta na di

harepeun pamajikana.

HAJI : 1,2,3,4,5,6… alahhh iyeuh, duit loba, pakaya loba, balong loba ,sawah

ngalayah, kebon hektaran, hayang kamekah tinggal indit, hayang ka mana we

tinggal indit, teu kos batur kudu nungguan mangtaun taun.

PAMAJIKAN : Lah jang naon duit loba, pakaya loba, sagala loba ge ai ka pamajikan tara mere

duit mah cumah lah.

HAJI : Nya ges atuh da dimana mana ge nu ngarana pamajikan mah ek di bere duit ek

teu di bere ge kudu nurut ka salaki.

PAMAJIKAN : Tah ai kitu teh percuma kawin mangtaun taun ge eweuh hasilna jang kuring

mah. Ari nyaho kiyeu mah mending pisah bae kuring mah lah.

HAJI : Ah ges atuh ayeunamah jalani wae da kumaha, ek pisah ge ribet ayeunamah

kudu urus urus sagala, ke duit kuring kapiceun pake urus urus pengadilan.

PAMAJIKAN : Ges atulah mending indit wae, pusing kuring mah diimah teh.

HAJI : Muhun atuh sok mangga indit geulis.

(Akhirna pamajikana teh indit nyampe teu balik deui ka imah. Teu lila ti dinya di

hareupeun imah pa haji aya pengemis anu bade ngareupkeun bantuan ti pa haji).

HAJI : Ehh eta saha mundar mandir di hareupeun imah kuring.heh bangsat keur naha

sia di hareupeun imah kuring.


(pa haji nyampeurkeun eta pengemis bari nyarekan si pengemis anu keur menta menta

di hareupen imah na).

PENGEMIS : pa menta pa.

HAJI : menta-menta, gawee hayang beungharmah.

PENGEMIS : pa minta pa, abdi can dahar saminggu.

HAJI : naha can dahar saminggu hirup keneh tapi maneh teh ?

PENGEMIS : pa minta pa, sakedik bae cai, haus pak.

HAJI : ewuh teu boga cai, kaditu kaditu.

(pruk eta si pengemis di surungkeun ku pa haji, untung aya Asep anu nulungan eta

penemis).

ASEP : teu nanaon jang?

PENGEMIS : aduhhh aduhhh

ASEP : teu nanaon jang?

PENGEMIS : teu nanaon pak teu nanaon.

ASEP : baim wong lain? Baim wong ?

PENGEMIS : sanes pak sanes.

ASEP : kunaon atuh kunaon? Ku si haji? Parah si haji mah. Kunaon atuh nyekelan

beuteung bae?

PENGEMIS : lapar pak.can emam saminggu

(lantaran Asep ngarasa karunya ka eta pengemis maneh na tuluy mere sabagean duit

anu ku maneh na boga ka eta pengemis teh).


ASEP : aduhh karunya teing, yeuh kuring boga duit.

PENGEMIS : nuhun kang hatur nuhun. Mugi-mugi di lancarkeun rezeki na ,di panjangkeun

umur na, Sing terus di pasihan kasehatan.

ASEP : amiin. Sok atuh kaditu meser sangu

HAJI : Ges indit indit jug pusing aingmah nempo na ge.

ASEP : ji kabaleg sia.

PENGEMIS : aya jalma sombong kitu. Keun rasakeun sia lamun harta na di cokot deui kunu

boga.

(si pengemis tuluy indit rek meuli dahareun jeung maneh na)

(sa ntos pengemis indit Asep tuluy nyarekan ka pa haji, lantaran ngarasa karunya ka eta

pengemis anu di perlakukeun kitu ku pa haji)

ASEP : katerlaluan maneh ji, eta teh sarua mahluk ciptaan Allah, tong kitu maneh,teu

pira ngan menta sautik sampe di perlakukeun kitu ku maneh ji. Ya Allah.

HAJI : menta menta hayang dahar mah usaha ulah menta menta.

ASEP : atuh pan duit maneh teh loba ji bere we jeung meuli sangu mah.

HAJI : geus kaditu-ditu deuh, nimbrung we kana urusan hirup kuring,nu boga duit

kuring jadi kumaha kuring we atuh.

ASEP : yehh di elingkeun teh kalah kitu, kumaha karep maneh we lah ji.

(Asep tuluy indit, sanajan masih aya rasa sewot dina hate na lantaran pa haji teu bisa di

bejaan jalma na)


(sa entos Asep balik, pa haji boga niatan rek ngalongok atawa ngecek balong jeung

sawah na,pa haji ngelap ngelap motor na heula sakeudeung tuluy mangat ka balong hla.)

HAJI : wah geus wayah ngecek balong jeung sawah yeuh.

(Akhirna pa haji indit ka balong jeung sawah bari make motor anyarna)

(sasampe na di balong pa haji panggih jeung ubed anu sok gawe di balong pa haji)

HAJI : kumaha balong bed tos impor lauk sabaraha ton ?

UBED : boro-boro impor, balong nage saat.

HAJI : hah saat? Geuning bisa saat atuh.

UBED : teuing pa tadi tos duhur kuring istirahat pas balik deui,nyaho nyaho balong saat.

(pa haji bingung lantaran sateuacan-teu acan na can pernah aya kajadian balong maneh

na saat nepi ka garing kitu)

GARONG : Alaahh iyeu rezeki nomplok, Ku kuring bawa waelah, lumayan dijual mah

menang duit iyeuteh.

(can leungit pusing na tiba-tiba motor pa haji,aya nu ngagarong, tuluy pa haji ngaberik

eta garong, tapi ngenesna eta garong teh lolos ti berikan pa haji)

HAJI : woyy garong garong garong tulungan motor kuring di garong, balikeun motor

kuring can lunas eta teh, aruh aing sial-sial. Ahhh geus lah cape, ken teing tah

ke anu ngagarong motor kuring mah pasti cilaka waelah, ges lah mending

kuring indit ngecek sawah.

(geus nyerah nguber garong, maneh na tuluy ngecek sawah,sial na oge eta sawah teh

sarua aya malasah)

HAJI : kumaha cup pare geus karoneng can?


UCUP : gagal euy, kabeh sawah pak haji di serang ku hama.

HAJI : geuning bisa, pan sawah batur mah geus karoneng eweuh nu di serang hama.

UCUP : duka pak haji kuring ge heran naha sawah pak haji bisa di serang hama.

HAJI : lah maneh mah teu di semport meren ku anti hama

UCUP : ntos pak tuh buktina urut wadah obat nage ngarayah.

(pa haji ngarasa sewot lantaran nasib sial na poe ieu terus daratangan aya deui aya deui,

maneh na can sadar yen anu nyebabkeun masalah ieu teh mangrupa peringatan ti gusti

Allah lantaran maneh na sombong)

(tuluy, pa haji teh diuk bari kukulutus,umak amuk di sawah sabab ngarasa prustasi ku

masalah masalah anu datang poe ayeuna)

HAJI : Rarasaan teh karek ge kamari kuring nyekel duit loba, make motor anyar,

sawah ngalayah, tanah hektaran, duuhh gusti cobaan naon iyeuteh.

(Sakeur pa haji kukulutus, aya Kang Usep ngalewat kahareupeun pa haji).

Kang Usep : Naha atuh ji manehmah jiga jelema loba hutang wae.

HAJI : Sep kuring mah asa jadi jelema OMB ayeunamah.

KANG USEP : Nya naon ai jelema OMB teh nya ji, teapal kuring mah.

HAJI : Ah manehmah efek kalilaan kaayaan sangsara sagala teh tenyaho, kudu bae

dibere nyaho kudu wae di huapan manehmah. Yeuh nya dengekeun sing bener

ai OMB teh Orang Miskin Baru.

KANG USEP :Ohh enya atuh da kuring mah tenyaho ji, nya eta teh pedah naha miskin na boa

pedah sombong meren.


HAJI :Puguhan yeuh, ges pusing kuring mah uyuhan teu stress ge hirup kos kiyeu,

sagala teboga.

KANG USEP : Haruh matakge kukuring teh ges di elingan ai hirup teh ulah sok sombong. Ges

ayeunamah urang jang ngopi bae ka si bibi boa atuh ku ngopi mah lengit eta

pusing teh.

HAJI : Hayu atuhlah urang daek daripada mikiran nu ges lengit sing stress

(Kang Usep sareng Pa Haji akhirna indit ka warung kopi)

HAJI : Bi pesen kopi 2 bi, ayeuna ulah lila lila yeuh kuring ker parusing.

BIBI : Iyeu kopina pa haji.

Haji : Nuhunlah bi.

(pa haji sareng kang usep teh ngaleeut eta kopi, sakeur ngaleeut eta kopi datang si Ubed

anu bade nyusulan anakna di landeuh, tuluy pa haji teh ngageroan si Ubed anu bade ka

landeuh).

HAJI : Heh Ubed rek kamana? Kadieu ngopi atuh ngopi, rek kamana iyeu teh?

UBED : Biasa yeuh Ji ek ka landeuh, nyusulan budak pan diasuh ku lanceuk na.

KANG USEP : Ah keun wae atuh da jeung lanceukna iyeuh.

HAJI : Ges ayeunamah cicing heula sok urang jang ngopi heula.

UBED : Daek atuh lah, pas pisan yeu kuring ker haus.

(Tuluy Ubed nyamperkeun Pa Haji jeung Kang Usep, bari nginum kopi anu Pa Haji, terus

pa Haji teh kukulutus ka si ubed lantaran kopina diinum).


HAJI : Alaahh bed siamah hirupteh Culametan met met . Jiganateh di pentaan deui teh

mbung siamah. SIGANAMAH KALAU ADA MAKANAN DIMEJA MANGGA

LEG LEG KU SIA.

UBED : Aruhh ji punten yeuh punten pisan nya sanes kirang sono, kuring teh haus ji

duhh hampura yeuh.

Haji : Alah pesen deui lah tenyaho nyaho eta kopi teh kudu anyar deui.

KANG USEP : sok lah bi pesen deui hijii bi.

UBED : Enya sok bi pesen hiji deui.

BIBI : Siap,ngangge gelas teu ?

UBED : eta si bibi abdi mah jalma biasa sanes pamaen debus, atuh pake gelas bii.

BIBI : Ohh bisi bae atuh bade leg leg sareng panci na sakalian.

HAJI : Lah sok bi enggalkeun yeuh diantosan.

KANG USEP : Lain eta si eneng geulis geulis jiga hayam leumpang teu punten punten acan.

NENG : ehhh aya jalmi punten kang.

HAJI : heeh mani serius kitu atuh maca naon nya neng ?

NENG : ieu kang peta harta karun karuhun abdi.

HAJI, KANG USEP, UBED : HARTA KARUUNNNN ?????

NENG : muhun kang abdi teh ka wasiatan ku sesepuh abdi, yen saha jalma anu

mendakan harta karun ieu tiasa jadi caroge abdi.

HAJI : leres neng eta teh neng ????

NENG : muhun kang, Akang hoyong peta ieu.


KANG USEP : cik cik cik ningali-ningali, ieu teh leres neng peta na asa lalieur kieu ?

NENG : muhun kang abdi teh nyaembarakeun ka salerea etateh kang.

KANG USEP : aduhh akang ge hoyong atuh kawin jeung eneng mah. Maneh mah cicing da

geus boga pamajikan.

HAJI : itsss tong ngomong-ngomong pamajikan atulah, ai diluar mah kuring jadi duren

heula.

KANG USEP : Alahh manehmah kahayangna, hayu atuh lah ku urang teang.

HAJI : hayuuu, meluncurrr.

KANG USEP : neng manga neng di Kantun hla.

NENG : mangga kang,.sing hasil kang.

KANG USEP : bed milu moal ?

UBED : moal ah, kuring mah setia ka si bibi wae.

(Akhirna Pa Haji jeung Kang Usep indit neang peta harta karun).

HAJI : Cing di tingali peta na di mimitiana ti mana sep?

KANG USEP : yeuh dina gambar mah aya batu, mereun ti ditu tuh dimimitan na, hayuu

hayuulah.

HAJI : Cing ningali-ningali.

KANG USEP : bener di dieu tempat na.

HAJI : Cing kumaha parentah na.

KANG USEP : dina parentah namah maju dua kali mundur dua kali,kela-kela asa lieur kumaha

yeu parentah na, maju dua kali mundur dua kali, nya mereun di diudieu keneh
atuh.yeu yeuh aya petunjuk “ selamat anda menemukan petunjuk selanjutnya

anda harus mengikuti syaratnya. Syaratnya anda harus joged.

HAJI : joged?? Naha neangan harta karun bet kudu jogged atuh?

KANG USEP : teuing atuh, geus laksanakeun bae atuh bisa meureun joged mah.

HAJI : bisa atuh hayuu lah. Musik!!!!

KANG USEP : geus geus ahh cape.

HAJI : tingali deui tingali deui

KANG USEP : syarat nu ka dua , padahal tadi teh tinggal baca bae teu kudu jogged aduhh asa

di bobodo. Yeuh nu kadua langsung menuju sungai yang ada di peta.

HAJI : anu katilu na naon?

KANG USEP : nu katilu,sesampai nya di sungai ambillah 10 batu masing-masing orang

menuju pasir sagatan. Haruh batu naon ieu batu gede ta leutik?

HAJI : batu leutik mereun.hayu atuh urang ka pasir sagatan

HAJI : kela kela, gandong atuh tu’ur nyeri yeuh.

KANG USEP : haduh maneh mah.

HAJI : atuh tulungan demi harta karun.

KANG USEP : sok atuh lah.

KANG USEP : geus sampe turun maning beurat-beurat teuing awak teh asa ngagandong anak

dajjal. Hayu urang ngala batu na.

HAJI : bohimmm.

KANG USEP : yooooo


HAJI : kieu nya hayang beunghar teh hese

KANG USEP : geus meunang can?lamun geus hayu urang mangkat.

HAJI : geus beu mangkattt.

KANG USEP : kamana terus na, asa geus jauh leumpang teh.

HAJI : ohh itu ituh

KANG USEP : duhhh beurat mawa batu teh piceun be lah.

HAJI : padahal di ditu ge loba batu mah

KANG USEP : beu lah

KANG USEP : terus naon deui petunjuk na?

HAJI : hitung tangkal cau nu ka tujuh, tah ti dieu ngitung na 1,2,3,

KANG USEP : 5

HAJI :yehh naha geus 3 ka 5 atuh 4 hayam,gublah gableh bae jadi jalma the.

HAJI : 4,5,6.7 tah anu ieu tah cing coba guar-guar.

(Akhirna saanggeus di guar Harta Karun teh kapanggih, tapi hanjakalna teh harta karun

etateh ngan saukur jebakana si Neng kanggo Pa Haji. Ku lantaran Kang Usep mimilu

akhirna kang Usep ge mimilu ngenes).

KANG USEP : wah aya kotak euy boa-boa ieu harta na.

HAJI : cik buka buka.

KANG USEP : siap siap beunghar euyy,aya surat deui ji,cik baca ku maneh.

HAJI : selamat anda telah menyelesaikan misi ini,baca lah surat .


KANG USEP : dengan keras dan lantang.

HAJI : Cik cik cik,asalamuallaikum wr.wb.

KANG USEP : nya gening jiga pidato kitu euy.

HAJI : akhirnya saya menemukan yang di cari cari dan di perebutkan dengan ini saya

bersumpah bahwa saya akan mengambil dan bertanggung jawab apa pun isi

pernyataan ini.

KANG USEP : pasti atuh ari rek meunang emas mah tanggung jawab.

HAJI : satu saya berjanji akan membayar hutang beras 50kg harga 600 ribu.

KANG USEP : naha jadi kana hutang cing coba anu handap na naon tah.

HAJI : bayar hutang rokok 15 rebu,ikan asin 10 rebu,kopi 10 gelas.

KANG USEP : kela kela geuning jadi kieu. Cik baca deu boa ieu mah heureuy.

HAJI : cicilan mio ka adira sabulan na 400 rebu kara di bayar dua bulan sis ana dua

tahun deui.

HAJI : aing tambah sangsara ai kiyeu akhirnamah sep, duuhh gustii cobaan teh

nambah wae kana hirup kuring mah. Ges lah tobat gusti tobat kuring mah, moal

rek jadi jelma sombong, moal jadi jelma pelit deui.

KANG USEP : AMINNN,

KANG USEP : Ji nyanaha bet kalah ujug ujug tobat?

HAJI : alah sep ieu mah harta karun jebakan, urang teh dibobodo ku si neng.

Alah si neng geulis geulis ngabobodo.

KANG USEP : Nu bener ji?


HAJI : Bener atuh sep ek naha kuring ngabobodo

KANG USEP : Urang gagal benghar atuh ji? HALAH AING GAGAL KAWIN............

(Akhirna tina kajadian kajadian anu di alami ku Pa Haji teh tiasa nyadarkeun bahwa naon

anu ku manehna gaduh salila iyeuteh ngan saukur tititpan ti gusti allah).

TAMAT

You might also like