You are on page 1of 6

LAPORAN HASIL

WAWANCARA
DIKI MUHAMAD RAMDAN

X – A2
PANGANTER
Puji sinareng sukur urang panjatkeun kahadirat allah swt, anu mana parantos masihkeun
rahmat sareng karuniana, sangkan panyusun tiasa ngabereskeun ieu pancen wawancara
basa sunda ti bapa/ibu guru.

Sholawat sareng salam mugi-mugi salamina kacurah limpahkeun ka jungjunan alam


nyatana nabi muhammad saw, teu hilaf ka kuluargina sareng sahabatna sareng mudah-
mudahan dugi kaurang sadayana.

Panyusun sadar rengsena laporan wawancara ieu teh lain ku sorangan, tapi seeur oge
bantosan ti rerencangan, sangkan kitu panulis ngahaturkeun nuhun kasadaya pihak anu
tos ngabantosan dina ngarengsekeun laporan ieu.

Kritik sareng saran anu sipatna ngabangun, nyampurnakeun tugas wawancara dina mata
pelajaran bahasa sunda ieu, anu dihareupkeun sangkan leuwih alus, boh dina panulisan
boh dina pamikiran keur nyampurnakeun tugas ieu ka hareupna deui.

Pamungkas, mugia makalah tugas wawancara ieu aya mangpaatna kanggo urang
sadayana. Tangtos wae dina ieu makalah masih seeur keneh kakiranganana.

PAGE 1
BAB I
BUBUKA

1. KASANG TUKANG

Warung nu jadi tempat kangge balanja atau jajan barudak tos seeur jumlahna,
salian kitu Loba oge barudak nu sok ngajadikeun warung tempat ngopi atanapi sajabana
contona warung nu loba di sisi jalan.

Ngawarung ge butuh modal nu teu saalit kedah gaduh tekat dareng niat anu kuat
kangge nyangharepan rugi sareng untungna.

2. TUJUAN WAWANCARA

 supaya terang kumaha ngawarung teh


 supaya kengeng informasi
 jadi lewih terang sesah/gampangna ngawarung

3. WAKTU TEMPAT WAWANCARA

Dinten : Minggu
Ping : 21 November 2021
Tabuh : 14:30 WIB
Tempat : Kp Pondok Tisuk Kec Nagrak

PAGE 2
BAB II
HASIL WAWANCARA

Siswa :
“Assalamu’alaikum? Punten Ibu/bapa, sateuacana bilih abdi ngaganggu waktosna sakedap.
Abdi ti SMKN 1 CIBADAK Nami abdi DIKI dipasihan pancen bahasa sunda dipiwarang
ngawawancara, Mun tiasa abdi bade ngajadikeun ibu pikeun narasumberna, Tiasa abdi
ngawawancara ibu sakedap, pikeun ngabantosan abdi pikeun pancen basa sunda ti
sakolaan?”

Tukang warung :
‘’Walaikumsallam, muhun mangga wae’’

Siswa :
“Hatur nuhun bu, abdi mimitian ngawawancarana, hapunten sareng bapa/ibu saha ieu teh
namina?”

Tukang warung :
‘’Sareng Bu Novi nami abditeh’’

Siswa :
“Tos sabaraha lami ibu icalan diwarung ieu teh?”

Tukang warung :
‘’Pami teu lepat kirang langkung nembe 7 bulan kumargi abdimah enggal ngalih kadie’’

Siswa :
“Kumaha awalna ibu ngamimitian dagang diwarung ieu?”

Tukang warung :

‘’Abdi ngalih kadie sateacana teu aya niatan kangge ngawarung tapi kumargi saderek abdi
gaduh ieu bangunan teu kaanggo ntos we ku abdi di manfaatkeun kangge ngwarung ieu’’

Siswa :

“Saberaha pikeun modal awalna ibu ngabuka usaha warung?”

PAGE 3
Tukang warung :
‘’Pami rincinamah abdi ge hilap dei bangunamah sakitaran 4-7 juta basa harita teh’’

Siswa :
“Naon bae anu di ical diwarung ieu teh bu?”

Tukang warung :
‘’Seeur aya kopi,jajanan murangkalih,rokok, sareng seblak bakso’’

Siswa :
“Kunaon ibu milih usaha warung katibang usaha anu senesna?”

Tukang warung :
‘’saleresnamah seeur nu nawaran kangge padameulan tapi kumargi nami nage tanaga istri
janten abdi ngawarung bae nu tiasa kabilang hampang’’

Siswa :
“Dimana ibu meser bahan-bahan pikeun kaperluan dagangan di warung?”

Tukang warung :
‘’Ti glosir nu pangcaketna atanapi ka pasar’’

Siswa :
“Naon bae suka dukana janten usaha dagang diwarung teh bu?”

‘’dina palebah nuju tiisen barudak atanapi sakola nuju libur’’

Siswa :
“Mulai ti tabuh saberaha wae bu icalan diwarung teh, sareng tutupna tabuh saberaha?”

Tukang warung :
‘’Bukana tabuh jam 9 kirangan nepika sonten we atanapi pami ramemah sok nika wengi’’

Siswa :
“Naon bae kiat pikeun barudak ngora, anu hoyong ngajalankeun bisnis usaha
ngawarung?”

Tukang warung :
‘’niat sareng tekad nu kuat pami abdimah teu malire teuing kana modal saalit ge pami
tekunmah insyaallah

Siswa :
“Hatur nuhun pa/bu kana waktosna, Punten bilih abdi sadaya ngaganggu waktos
ibu/bapa, sareng bilih aya kalepatan tina proses ngawawancarana, abdi neda hapunten.
Assalamu’alaikum?”

PAGE 4
BAB III
PANUTUP

1 KACINDEKAN

Tina hasil wawancara di luhur urang bisa terang naon nu kedah di siapke kangge
gaduh usaha ngawarung teh sareng urang bisa terang amis paitna ngabangun usaha
ngawarung
Ngawarung oge kedah gaduh niat sareng tekad nu luhur sareng asak tur mantap
hate sabab jang jaga dimana urang mangih perih sareng amisna

PAGE 5

You might also like