You are on page 1of 3

KHUTBAH JUM’AH

NOMOR Dikaluarkeun ku : TAUN

31 Seksi Bimas Islam


Kantor Kementerian Agama Kota Banjar
2022

PERISTIWA HIJRAHNA KANGJENG NABI MUHAMMAD SAW

َ‫ اَ ْش َه ُد اَ ْن الَ اِلهَ اِالَّ اهللُ َو ْح َدهُ ال‬.ُ‫ي لَ ْو الَ اَ ْن َه َدانَا اهلل‬


'AH
ِ ِ ‫هِل‬ ِ َّ ِ
َ ‫اَحْلَ ْم ُد هلل الذ ْي َه َدانَا َ َدا َو َما ُكنَّا لَن ْهتَ د‬
‫ص ِّل َو َس لِّ ْم َعلَى َسيِّ ِـدنَا حُمَ َّم ٍـد َو َعلَى‬ َ ‫ اَللّ ُـه َّم‬.‫ك لَهُ َواَ ْش َه ُد اَ َّن حُمَ َّم ًدا َعْب ُدهُ َو َر ُس ْولُهُ الَنَيِب َ َب ْع َد ْه‬ َ ْ‫َش ِري‬
‫ اَِّت ُق ْوااهلل َحْيثُ َم ا ُكْنتُ ْم َواِ َّن‬,‫اض ُر ْو َن‬
ِ ‫ َفيـااَيُّـهااْحل‬.‫القيام ِة‬ ِ ِ ِ ِِ ِ
َ َ َ َ َ ‫ـحابـه َوالتَابعنْي َ َوتَاب ِع التَ ابعنْي َ اىَل َي ْوم‬
ِ ِ ِ ِ ‫اَلِِه واَص‬
َْ َ
ِ ‫ بِس ِم‬.‫الر ِجي ِم‬
‫اهلل‬ ِ َّ ‫ااهلل ِمن‬ ِ ِ‫ َأع وذُ ب‬، ِ‫أن الْ َك ِرمْي‬ ِ ‫ال اللّه َتعاىَل ىِف الْ ُقر‬ ِ ِ ‫اْجلنَّـةَ اُ ِعـد‬
ْ ْ َّ ‫الش ْيطَان‬ َ ُْ ْ َ ُ َ َ‫ َوق‬. َ ‫َّت ل ْل ُمتَّقنْي‬ ْ َ
٩ َ‫صرُون‬ ِ ‫ َو َج َع ۡلنَا ِم ۢن بَ ۡي ِن َأ ۡي ِدي ِهمۡ َس ٗ ّدا َو ِم ۡن خ َۡلفِ ِهمۡ َس ٗ ّدا فََأ ۡغ َش ۡي ٰنَهُمۡ فَهُمۡ اَل ي ُۡب‬. ‫الر ِحْي ِم‬
َّ ‫الرَّمْح ِن‬

Hadirin sidang jum’ah Rohimakumulloh


Saupami diperhatoskeun, ditengetan sareng dina kitab suci Al-Qur’an, maka hampir dua pertilu dina Al-Qur’an
teh nyarioskeun ngeunaan qisah-qisah atanapi sejarah. Qisah teh nyaeta: “Hiji carita anu nyaritakeun tina
kaayaan umat-umat baheula, ngenaan para Nabi, sareng carita-carita anu bener-bener kajadian dina waktu
harita”. Salah sawios ayat anu ngajelaskeun sejarah perjalanan hijrahna Rosululloh Saw., nyaeta surat Yaasin
ayat 9 anu unggelna :
ِ ‫َو َج َع ۡلنَا ِم ۢن بَ ۡي ِن َأ ۡي ِدي ِهمۡ َس ٗ ّدا َو ِم ۡن خ َۡلفِ ِهمۡ َس ٗ ّدا فََأ ۡغ َش ۡي ٰنَهُمۡ فَهُمۡ اَل ي ُۡب‬
٩ َ‫صرُون‬
Hartosna : “Jeung kami geus ngajadikeun hahalang diharaeupeun jeung disatukangeun maranehna, jeung
Kami nutup mata maranehna sahingga maranehna teu narempo”. (QS. Yaasin : 9 )

Kangjeng Rosul Saw, anu mulya nyandak sakeupueul keusik salajengna diawurkeun kahareupuen pamuda-
pamuda Quraisy anu ngahaja rek nandasan ka Rosululloh saw, kalayan pitulung Allah SWT., Rosululloh S.a.w.
salamet tina niat jahat jalma-jalma anu kafir.

Hadirin jamaah jum’ah rohimakumulloh


Pelaku sejarah dina peristiwa hijrah Rosululloh saw., Anu janten peran utamana nyaeta kangjeng Nabi
Muhammad S.a.w., nalika Rosululloh s.a.w Hijrah disarengan ku sahabat Abu Bakar. Abu Bakar salaku manusa
biasa tangtos teu luput tina rasa melang jeung hariwang. Kamelang, kahariwang sareng kasedih sanes
ditujukeun kadirina, tapi estuning ditujukeun pikeun kasalemetan Muhammad sareng kana kasalametan
ajakan kana Islam. Tapi Rosululloh saw., salaku pelaku tina kisah hijrah salawasna nenangkeun jeung
nengtremkeun peraosan Abu Bakar anu salamina katarajang melang jeung hariwang. Hal ieu ku Alloh
dijelaskeun dina Al-Qur’an surat At-taubah ayat 40 anu unggelna :

َ ٰ ِ‫َار ِإ ۡذ يَقُو ُل ل‬
‫ص ِحبِِۦه اَل ت َۡحز َۡن‬ ۡ ۡ ۡ ْ ‫َص َرهُ ٱهَّلل ُ ِإ ۡذ َأ ۡخ َر َجهُ ٱلَّ ِذينَ َكفَر‬
ِ ‫ُوا ثَانِ َي ٱثن َۡي ِن ِإذ هُ َما فِي ٱلغ‬ ُ ‫ِإاَّل تَن‬
َ ‫صرُوهُ فَقَ ۡد ن‬
٤٠ ‫ِإ َّن ٱهَّلل َ َم َعن َۖا‬
Hartosna : “Lamun anjeun teu daek nulungan Muhammad, maka Allah anu bakal nulunganana, sayaktosna
Allah parantos nulungan diwaktu Muhammad diusir ku jalma-jalma kafir, waktu duanana aya dina jero guha
sareng salah saurang diantara anu duaan midawuh ka sahabatna “ Ulah sedih ulah susah (prihatin)
sayaktosna Alloh SWT. nyarengan urang sadaya”. ( QS. At-Taubah : 40)
Hadirin Jamaah Jum’ah Rohimakumulloh
Tina peristiwa hijrah ditingalikeun ku Alloh kaurang sadaya pirang-pirang contoh nyaeta kasatiaan, belana, oge
ikhlasna sahabat. Abu Bakar Sidik parantos ngorbankeun jiwa jeung ragana kanggo nyarengan Rosululloh
s.a.w. Amir Ibnu Fahirah salaku hamba sahayana diparentah supaya ngangon caket Gua sur. Abdulloh salaku
putrana diparentah supaya ngintai gerak-gerik siasat anu dilakukeun ku kafir Quraisy. Siti Asma putri Abu Bakar
Sidiq, ditugaskeun supaya ngirim tuangeun satiap sore ka Gua sur. Sahingga Siti Asma dijulukan “istri pamilik
dua beubeur“ Siti Asma dina yuswa hampir ka saratus taun teu aya hiji oge waos anu pohel atawa punglak.
Sareng Siti Asma teu pernah kaserang panyawat pikun sok sanaos yuswana langkung tisaratus taun.
Subhanalloh, hal ieu mangrupikeun karomah ti Alloh SWT, ka jalmi anu bumela ka kangjeng Rosul s.a.w.

Hadirin Rohimakumulloh
Disagigireun contoh kasatiaan anu mulya, anu nembe kasebat diluhur, oge moal tiasa dipopohokeun hiji
peristiwa pangorbanan anu dicontokeun ku Ali bin Abi Tholib dina peristiwa hijrah ieu. Yen Anjeuna parantos
bingah manah sareng ridho dijadikeun tumbal kedah kulem dina tempat kulemna Rosululloh s.a.w, sok sanaos
Anjeuna uninga resiko anu bakal tumiba ka dirina kulem di tempat Rasul, pasti nyawa anu jadi taruhanana.
Subhanalloh, pangorbanan Ali bin Abi Tholib mangrupikeun pangorbanan anu agung.

Hadirin Jamaah Jum’ah Rohimakumulloh


Hayu urang Jantenkeun peristiwa hijrah ieu, hiji pelajaran dina hirup urang sadaya, bari madoman kana
katangtuan-katangtuan anu parantos dicontokeun ku para pahlwan Muslim penegak kebenaran anu janten
pilihan Alloh SWT. Kadua urang kedah sukuran ka Alloh SWT, ku neraskeun perjuangan kangjeng Rosul ku cara
bajuang di jalan Alloh ku jiwa, tanaga, oge harta. Sangkan urang kenging kamulyaan ti Manten-Na. Malah
mandar urang sadaya tiasa hijrah jaman (waktu), tina jaman kabodoan kana kaelmuan, tina ma’siat kana thoat,
tina kufur kana iman, tina ngedul ibadah kana rajin (istiqomah).

Mudah-mudahan urang sadaya tiasa hijrah ka Alloh SWT, Hartosna urang sadaya salamina aya dina jalan anu
dipikaridho ku Manten-Na. Aamiin

‫بَ َار َك اهللُ ىِل َولَ ُكم‬


= KHUTBAH KADUA =
ِ ِ ِ ِ ِ َ‫اهلل واجتِن‬ ِ ِ ِ ِ ِ ِ ِ ِ
ُ‫ اَ ْش َه ُد اَ ْن ﻵالهَ االَّاهللُ َو ْح َده‬.‫اب َن َواهْيه‬ ْ َ ‫اَحْلَ ْم ُد هلل الَّذ ْى اََمَرنَا بِ َك ْثَر ِة ذ ْك ِراهلل َو ْامتثَال اََوام ِر‬
‫ص ِّل َو َس لِّ ْم َوبَ ا ِر ْك َعلَى َعْب ِد َك‬ َ ‫ اَللّ ُه َّم‬,ُ‫ َواَ ْش َه ُد اَ َّن َس يِّ َدنَا حُمَ َّم ًدا َعْب ُدهُ َو َر ُس ْولُه‬,ُ‫ك لَ ه‬ َ ْ‫الَ َش ِري‬
ِ ِ ِ ِ ِِ ِ ِ ٍِ ِ ِ
ُ‫ اَّت ُقوااهلل َ َح َّق َت ْق َواه‬,‫ َفيَاعبَ َاداهلل‬:‫ اََّم َاب ْع ُد‬.‫ص َحابِه‬ َ َ‫ك َس يِّدنَا حُمَ َّمدن ابْ ِن َعْب د اهلل َو َعلَى اَل ه َوا‬ َ ‫َو َر ُس ْول‬
ِِ ِ ِ ِ ٍ ِِ ِ ِ ِ ِ
َ ‫ اَللّ ُه َّم ا ْغف ْر ل ْل ُم ْؤ مننْي‬.‫َواَ ُحثُّ ُك ْم َوايَّا َي َعلَى طَ َع ة اهلل َوطَ َع ة َر ُس ْوله ىِف ْ ُك ِّل َوقْت لَّ َعلَّ ُك ْم ُت ْفل ُح ْو َن‬
ِ ِِ ِ ِ ِِ ِ ِ
‫ت َخْي ُر‬ َ ْ‫ َربَّنَاَأنْ ِزلْنَ ا ُمْن َزالً ُمبَ َارك اً َوَأن‬.‫َوالْ ُمْؤ منَات َوالْ ُم ْسلمنْي َ َوالْ ُم ْس ل َمات اَاْل َ ْحيَ اء مْن ُه ْم َواْالَ ْم َوات‬
ٰۡ ۡ ِ‫ا ب‬DDDَ‫ا َوبَ ۡينَ قَ ۡو ِمن‬DDDَ‫ا ۡٱفت َۡح بَ ۡينَن‬DDDَ‫ َربَّن‬. ِ‫الْمن ِزل‬
‫ت‬ ْ ِّ‫اص ْبًر َاوثَب‬َ َ‫ َربَّنَ اَأفْ ِر ْغ َعلَْين‬. َ‫ ُر ٱلفَتِ ِحين‬DDD‫خَي‬ ۡ َ‫ق َوَأنت‬ ِّ ‫ٱل َح‬DDD َ ‫ُ ْ نْي‬
.‫اح َس نَة َّوىف اْالَ ِخَر ِة َح َس نَةً َّوقِنَ ا َع َذابَالنَّا ِر‬ ‫ِ ىِف‬ ِ ِ
َ َ‫ َربَّنَ ا اَتنَ ا الدُّني‬. ‫ين‬ َ ‫اعلَى الْ َق ْوم الْ َك اف ِر‬ َ َ‫انص ْرن‬ ُ ‫َأقْ َد َامنَ َاو‬
. َ ‫ب الْ َعالَ ِمنْي‬
ِّ ‫هلل َر‬ ِ ‫الرامِح ِ واحْل م ُد‬ َ ِ‫بَِرمْح َت‬
ْ َ َ َ ‫ك يَااَْر َح َم َّ نْي‬
Disusun Ku: Jamal Shidiq, S.Pd.I

You might also like