You are on page 1of 7

‫الخطبة االولى لعيد االضحى‬

‫ هللا اكبر‬. ‫ هللا اكبر‬. ‫ هللا اكبر‬. ‫ هللا اكبر‬. ‫ هللا اكبر‬. ‫ هللا اكبر‬. ‫ هللا اكبر‬.

‫الاله االّ هللا وهللا اكبر هللا اكبر وهلل الحمـد‬ ‫ هللا اكبر‬. ‫هللا اكبر‬

‫هللا اكبر كبيرا والحمدـ هلل كثيىرا َو ُسب َْحانَ هللا بكرة واصيال الاله االّهللا وحده صدق وعـده ونصر عـبده‬
‫واعـ ّز جـنـده وهزمـ االحزاب وحده الاله االهللا والنعبدـ االّ ايّاه مخلصين له الدين ولو كره الكافرون‬

‫الحمد هلل الذى جعل الخليل ابراهيم اماما لنا ولسائر البشر نحمده سبحانه وتعالى حمدا كثيرا كما امر‬
‫ان محمدا عبده ورسوله المبعوث الى النّاس‬ ّ ‫اشهد ان الاله االّهللا وحده الشريكـ له الملك الجبّار واشهدـ‬
‫لينقذهم من كيد الشيطان وينجيهم من عذاب النار وعلى اله وصحبه االخيار الله ّم ص ّل وسلّم على سيّدنا‬
‫مح ّمد المختار (ا ّما بعـد ) فيايها النّاس اتّقوا هللا حق تقاته فادخلواـ الجنة مع االبرار وهللا تعالى يقول وبقوله‬
‫يهتدى المهتدون اعوذباهلل من الشيطان الرجيم بسم هللا الرحمن الرحيم‬

         


          
     

‫وقال فى اية اخرى‬

        


        
 

! Alloh Maha Agung ! Alloh Maha Agung ! Alloh Maha Agung

Sadaya puji kagungan Alloh anu parantos ngajadikeun nabio ibrohiom salaku
kakasih sarta panutan pikeun sakabeh manusa, pujian anu dibarunb g kurasa
kabungah sarehna dina wangkid wanci sariak layung dinten kamari maju
kasurupna sarangenge mapag peuting sapuluh dzul hijah umat islam disakuliah
dunya ngagung-ngagung asmna alloh sWT ku Takbir, tahlil jeung Tahmiod
tandaning rasa syukur nu teu aya wates wangena tina mang pirang-pirang
ni’mat anu digolontorkeun kunu ngurus alam.

Rohmat miwah salam salamina dilimpahkeun ka panutan alam, nabi akhir


zaman buktosna nabi Muhammad SAW. Kakulawargina, ka para shohabatna
tug dugi kaurang sadayana.

Saparantos maos hamdallah, syahadat, Sholawat sinareng salam simkuring


kapasitasselaku khotib wasiat kadiri pribadi simkuriong khususna umumna
kawargi-wargi sadayana sumangga urang sami-sami ningkatkeun amaliyah
taqwa kaalloh SWT, sakurang kurangna taqwa anu ngandung harti ngabersihan
diri tina bentuk musyrik jeung kakufuran, tingkatan taqwa ieu anu sok disebut
taqwa awam bahkan makna taqwa anu ieu nu jadi syarat pikeun ditarimana
sakabeh amal-amalan kalebet pengorbanan anu dipake taqorub ka alloh dina ieu
sasih. Hal ieu disinggung ku alloh dina surat Al-Maidah ayat 27 sareng dina
surat Al-Haj ayat 37

         


          
     

Hartosna : Bejakeun ku anjeun muhammad kamaranehanana kisah dua putra


nabi adam nyaeta Qobil jeung Habil nalika ngalaksanakeun qurban, maka
alloh narima kana qurban salahsahijina nyaeta Habil, jeung alloh teu narima
tinu sejena nyaeta Qobil, manehna (Qobil) nyarita kuring rek ngabunuh anjeun,
tuluy Habil nyarita saestuna alloh hanya narima qurbana ti jalma-jalma nu
taraqwa.

          
         
 

Hartosna : Daging-daging onta jeung getihna sawaktu-waktu eta teu bisa


ngahasilkeun karidloan alloh, tapi kataqwaan aranjeun nu bisa ngahasilkeun
karidloan alloh. Seperti kitu alloh geus nuduhkeun aranjeun supaya aranjeun
ngagungkeun alloh atas hidayahna.jeung bere kabar gembira jalma-jalma anu
migawe kaalusan

Hadirin Rohimakumulloh !

Dina ieu sasih nyaeta sasih dzul Hijah anu sok disebat oge sasih haji sareng
sasih qurban sabab dina ieu sasih aya dua syari’at nu dina pelaksanaanana
meryogikeun pengorbanan mental jeung kesadaran, dua syariat ieu buktosna
pelaksanaan ibadah haji pikeun nu mampuh berangkat ka tanah suci sareng
dianjurkeun meuncit hewan qurban pikeun nu teu mampuh berangkat ka tanah
suci

Pelaksanaan ibadah haji lain sakadar rekreasi hayang apal karamean ditanah
suci jeung lain sakadar hura-hura nepika meakeun mang juta-juta tapi ibadah
haji ngarupakeun parentah alloh anu wajib saumur hirup sakali, sehinga alloh
parantos nyadiakeun ganjaran buktosna surga sakumaha nu didawuhkeun ku
rosul SAW anu unggelna :

‫الح ّج المبرور ليس له الجزاء االّ الجنّة‬

Hartosna : Ari Haji anu mabrur eta teu aya deui balasanana anging surga
(Hadits Mutafaq alaih)

Tisajabaning eta pelaksanaan ibadah haji ngandung sabnabaraha unsur hikmah


hikmah jeung manfaat anu patut kuurang dijadikeun tafakur, direalisasikeun
serta dijiwakeun dina pribadi-pribadi umat islam, diantawisna :

1. Ngabentuk jalma anu hudu jeung tawadlu sehingga hilanmg rasa takabur
perasaan sombong sehingga diri teu dfaek tunduk tur sumujud kana
atueran jeung konsep sarta program alloh jeung rosulna, jeung papada
jalma teu daek silih ajenan, teudaek silih islahkeun mun boga kasalahan
nu penting ngeunah sorangan jeung hayang meunang sorangan
Hikmah anu ieu digambarkeun dina pelaksanaan ihrom dimana dina eta
saat sadayana jamaah haji timimiti aparat dugika rakyat anu kaya, anu
faqir, cacah, konglomerat sadayana ku alloh disaragamkeun dina make
pakean ihrom ieu nandakeun yen kakayaan, kapangkatan, jabatan jeung
anu sejena eta teu aya hargana dihadapan alloh lamun sakadar dipake
kasombongan jeung memperkaya diri
Sifat sombong jeung syarakah ieu ngarupakeun upaya syetan dina
ngagoda manusa sangkan manusa terjerumus kana jurang kacilakaan
sabab sifat sombong jeung syarakah ieu ngarupakeun bibit buit dina
migawe pamaksiatan kujalan nolak kana aturan alloh jeung sunnah
rosululloh seperti anu dialami ku iblis la’natulloh, iblis meunang kutukan
jeung pangla’nat alloh eta akibat tina katakaburan jeung boga perasaaan
diri leuwih mulya tinimbang anu sejen sehingga teu daek tunduk kana
aturan jeung parentah alloh.
2. Ngabentuk pribadi-pribadi muslim anu siap ngorbankeun atanapi
ngainfaqkeun sebahagian harta jeung jiwana dina jalan alloh dina raraga
ngalaksanakeun perintah alloh jeung nyukseskeun perjuangan pikeun
tegakna agama alloh dimuka bumi ieu sabab moal teghak agama tanpa
aya pengorbanan harta, kitu nurutkeunpidawuh rosulna.
Hikmah anu ieu digambarkeun kukesiapan para jamaah haji pikeun
ngorbankeun harta, ninggalkeun keluarga, ninggalkeun lemah cai demi
nyumponan panggilan sang ilahi.
3. Ngadidik manusa umat islam khususna, supaya ngajaga lingkungan hidup
baik tina sisi alam, mental moral jeung akhlaq, anu hal ieu
diagambarkeun kudiharamkeunnana moro boboroan jeung ngaruksak
jajadian anu aya di dua tanah haram mekah jeung madinah, sabab
timbulna karuksakan dimuka bumi ieu ditimbulkeun ku ulahna manusa
anu teu pati tanggung jawab kana menjaga kalestarian alam sakumaha
anu geus ditegaskeun ku alloh dina surat Ar-Rum ayat 41 anu uinggelna :
        
      
Hartosna : geus nampak karuksakan di daratan jeung di lautan
disababkeun karena pagawean leungeun-leungeun manusa karena alloh
rek mere ngasaan kamaranehanana sebahagian tina akibat pagawean
maranehanana supaya maranehana kembali kana jalan anu bener.

Lamun kurang dilenyepan tina ayat anu nembe cukupdijadikeun bahan


introfeksi, bahan muhasabah kana diri urang pikeun ngomean langkah
jeung tindakan bahkan memeres idiologi anu geus loba nyimpang tina
tindakan-tindakan jeung idiologi anu islami sok sumawona lamun
dieunteungkeun kana situasi jeung kondisi zaman ayeuna anu makin dieu
teh lain makin islami tapi makin dieu teh makin jauh tina tatanan jeung
idiologi anu islami, manusa geus loba anu salah tempo jeung salah
meunteun sehingga anu bener dianggap salah anu salah dianggap bener
anu aya dina qur’an di euweuh-euweuh nu euwuh diaya-aya, nu
memperjuangkeun bener dianggap nu ngaresahkeun umat numawa bibit
kakufuran jeung kamusyrikan dianggap pahlawan
Padahal cukup dijadikeun ibroh kajadian nuges sababaraha abad katukang
nyaeta kajadian anu menimpa kanegeri saba anu kawitna eta negeri
dipasihan subur makmur roh jenawi lantaran pendudukna ariman jeung
taraqwa tuluy ku alloh diganti jadi negri anu fakir negri anu krisis
lantaran maranehanana kalufur jeung maralieus tina aturan alloh.
Hadirin Rohimakumulloh
Allohu Akbar ! Allohu akbar ! Allohu Akbar ! Walillahilhamd
Syariat anu kadua anu disyariatkeun dina ieu sasih nyaeta anjuran pikeun
meuncit hewan qurban atanapi berkorban
Qurban sanes nurutkeun bahasa sunda anu ngandung harti leungit atanapi
korban tapi qurban anu ngandung harti mendekatkan diri atanapi taqorub
ka alloh kungalangkungan ngorbankeun sebahagian harta kujalan
meunceit hewan qurban atawa ngaluarkeun hara dipake perjuangan
agama alloh anu sok disebat shodaqoh Tadhiyyah
Sareng alangkah saena upami urang nyandak pelajaran tina kisah
keluarga nabi ibrohim nalika nabi ibrohim kenging tugas ti alloh kedah
mencit atanapi ngorbankeun nujanten putrana buktosna nabi ismail,
tikawit nungajantenkeun suami, bojo sareng putra sadayana pada
komitmen jeung saladar dina ngalaksankeun perintah alloh sok sanajan
kudu berhadapan jeung resiko ieu teu aya sanes lintangtikajabi dorongan
tina iman anu kuat sarta kesiapan pikeun narima kana tugas ti alloh. Hal
ieu digambarkeun ku alloh dina al-qur’an surat As-Shofat ayat 102
          
          
      
Harosna : Maka nalika usia nabi ibrohim dugi kana usia mampuh pikeun
lumaku nabi Ibrohim nyarios “ hai anaking saestuna bapa ngimpen
kedah meuncit salira, maka ingetkeun kumaha pendapat salira “ Nabi
ismail ngajawab hai bapa laksanakeun naon anu diparentahkeun ka bapa
insya alloh bapa bakal menakan ka abdi kalebet jalmi-jalmi anu sabar.
Tina ieu kisah upami kuurang ditelaah aya sababaraha pelajaran anu
positif anu bisa diaflikasikeun dina kahirupan sapopoe, diantarana :
1. Pribadi umat islam kudu nyiapkeun mentalitas kaimanan anu kuat pikeun
tunduk jeung tumut kana parentah alloh sakumaha tundukna nabi ibrohim
kana parentah alloh sok sanajan kudu ngorbankeun nu janten putrana
buktosna nabi ismail anu sangat dipikacinta. Pengorbanan nabi ibrohim
ieu ngarupakeun refleksi tina kaimanan anu kuat anu ngancik dina hate
sanubari
2. Pribadi muslim supaya bersikap sobar dina nahan mangrupa-rupa ujian
jeung godaan, sobar dina ngalaksankeun perintah alloh sabab jelas jalan
pisurgaeun dirongrongna ku pikahoreamen sedengkeun jalan pinarakaeun
dihiasina ku pikaresepen jeung pikabitaeun
3. Pribadi muslim supaya ngabogaan sifat silih pikanyaah jeung
pikadeudeuh daek mere maweh kasasama, ieu ngarupakeun wujud nyata
tina pengorbanan urang selaku umat islam sabab disatukangeun urang
seueur fakir miskin, kaum du’afa anu sangat mengharap kana uluran
tangan tipara agnia.
Jadi jelas sikap sobar anu gancik dina diri urang jeung karelaan hate
nurani pikeun berkorban dina jalan alloh eta kabeh nyokona kana kuat
jeung henteuna nilai iman urang
Kumargi kitu, mudah-mudahan kungalangkungan idul adha anu ayeuna
urang dikiatkeun iman, dikiatkeun mental jeung kasobaran sehingga
janten jalmi anu siap berjuang dina jalan alloh sareng kalebet jalmi-jalmi
anu balener dina kaimananana, sakumaha anu didawuhkeun ku alloh dina
surat al-hujurot ayat 15
       
       
   
Hartosna : Saestuna ari anu disebut jalmi mukmin teh nyaeta wungkul
jalmi-jalmi anu iman ka alloh jeung rosulna sarta maranehanana teu
ragu deui jeung maranehanana siap berjuang kuharta jeung jiwana dina
jalan alloh, tah maranehanana nu kaasup jalma anu balener.

Sakitu Khutbah awal anu kapihatur mudah-mudahan bermanfaat.Amin

‫بارك هللا لى ولكم بالقران العظيم ونفعنى بما فيه من االيات وذكر الحكيم وتقبّل منّى ومنكمـ‬
‫تالواته انّه هو السميع العليم‬
‫الخطبة الثانية لعيد االضحى‬

‫ هللا اكبر‬. ‫ هللا اكبر‬. ‫ هللا اكبر‬. ‫ هللا اكبر‬. ‫ هللا اكبر‬. ‫ هللا اكبر‬. ‫هللا اكبر‬

‫الاله االهللا وهللا اكبر هللا اكبر وهلل الحمد‬


‫الحمد هلل الذى انزل السكينة فى قلوب المؤمنين اشهد ان الاله االهللا وحده الشريك له الملك الحق‬
‫ان محمـدا عبده ورسوله صادقـ الوعد االمين اللهم صل وسلم على سيدنا محمد‬ ّ ‫المبين واشهد‬
‫خاتم االنبياء والمرسلين وعلى اله وصحبه اجمعين (ا ّما بعد) فياعباد هللا اوصىـ ونفسى وايّاكم‬
‫ان هللا ومالئكته يصلّون على النّب ّى يايهاالذين امنوا صلّوا عليه وسلّمواـ‬ ّ ‫بتقوى هللا فقد فاز المتقون‬
‫تسليما اللهم وسلم وباركـ امين ياربّ العالمين‬
‫اللهم هـذه منك واليك فتقبّل تضحيّاتناـ واضحيّاتناـ نعمة منك علينا وتقرّبنا بها اليك فتقبّلها امين‬
‫ياربّ العالمين‬
            
            
         
         
        

You might also like