You are on page 1of 2

‫۞َو َس اِر ُع ٓو ْا ِإَلٰى َم ۡغ ِفَر ٖة ِّم ن َّرِّبُك ۡم َو َج َّنٍة َع ۡر ُض َها ٱلَّس َٰم َٰو ُت َو ٱَأۡلۡر ُض ُأِع َّد ۡت ِلۡل

ُم َّتِقيَن‬
Jeung kudu gura-giru aranjeun kana pangampura ti pangeran aranjeun jeung kudu gura-giru kana
surga anu legana eta sawargateh salegana pirang2 langit jeung bumi, anu disadiakeun pikeun jalma2
anu taqwa. Ali imron 133

Ayat nembe parentah Alloh kanggo urang supaya gura-giru, ulah talangke & ngengke2 kana taubat
menta pangampura ka Alloh. Kantenan ayeuna urang aya dina sasih anu suci, ramadhan. Anu
katelah sasih maghfirah (ampunan). Pantes & sakedahna urang berlomba2 ngaraih ampunan Alloh.
SWT.

‫ َي ا َرُس وَل‬: ‫ َفِق ي َل‬، ‫ آِم َني‬، ‫ آِم َني‬، ‫ آِم َني‬: ‫ َفَق اَل‬، ‫ َأَّن الَّنَّيِب َص َّلى اهلل َعَلي ه وَس َّلم َص ِعَد اْلِم ْنَبَر‬، ‫َعْن َأيِب ُه َر ْيَر َة‬
‫يِن‬ ‫ِإ ِج ِرْب‬ ‫ِم‬ ‫ِم‬ ‫ِم‬ ‫ِم‬ ‫ِع‬ ‫ِهلل ِإ ِح‬
‫ َمْن َأْد َر َك َش ْه َر‬: ‫ َّن يَل آَت ا َفَق اَل‬: ‫ آ َني ؟ َق اَل‬، ‫ آ َني‬، ‫ آ َني‬: ‫ َّن َك َني َص ْد َت اْل ْنَبَر ُقْلَت‬، ‫ا‬
‫ِه‬ ‫ِم‬ ‫ِم‬
‫ َأْو َأَح َد َمُها َفَلْم‬، ‫ َو َمْن َأْد َر َك َأَبَو ْي‬، ‫ آ َني‬: ‫ ُق ْل آ َني َفُق ْلُت‬، ‫َرَم َض اَن َفَلْم ُيَغَف ْر َل ُه َف َد َخ َل الَّن اَر َفَأْبَع َد ُه الَّل ُه‬
‫ِك ِع‬ ‫ِم‬ ‫ِم‬
‫ َو َمْن ُذ ْر َت ْنَد ُه َفَلْم ُيَص ِّل َعَلْي َك َفَم اَت‬، ‫ آ َني‬: ‫ َفُقْلُت‬، ‫ آ َني‬: ‫ ُقْل‬، ‫ُيَّرِبَمُها َفَم اَت َفَد َخ َل الَّناَر َفَأْبَعَد ُه الَّلُه‬
. ‫ آِم َني‬: ‫ ُقْلُت‬, ‫ آِم َني‬: ‫ ُقْل‬, ‫َفَد َخ َل الَّناَر َفَأَبْع َد ُه الَّلُه‬

Tampi ti abi hurairoh Ra. Sayaktosna Rasululloh SAW naek kana mimbar anjeuna ngadawuh Amin,
3x, lajeng rasululloh ditaros, ya rasulalloh anjeun naek kana mimbar ngucapkeun amin3x. Rasululloh
ngawaler, saenyana Jibril as. Manggihan kami bari cumarios : sing saha anu manggihan bulan
ramadhan teu dihampura dosana maka asup kana naraka dijauhkeun tina rohmat Alloh. Ucapkeun
kuanjeun Muhammad . Aamiin. Tuluy kaula ngucapkeun amin.

Jibril cumarios deui, singsaha jalama anu indung bapana/salah sahijina masih keneh aya, tapi
manehna hnteu ngabdi ngabakti, manehna asup naraka dijauhkeun tina rohmat Alloh. Ucapkeun
kuanjeun Muhammad Aamin. Tuluy kaula ngucapkeun Amin.

Jibril cumarios deui, sing saha jalma anu disebutkeun jenengan anjeun dihareupeun eta jalma, tapi
eta jalma hnteu sholawat ka anjeun tuluy maot, manehna asup naraka dijauhkeun tina rohmat Alloh.
Ucapkeun kuanjeun Muhammad Aamin. Tuluy kaula ngucapkeun Amin

Sasih romadhon anu 30 dinten dibagi 3, awal romadhon 10 dnten pertama diamparkeun rohmat
Alloh, pertengahan ramadhan 10 dinten kadua, Alloh ngalungsurkeun pangampura/ngabuka panto
tobat, 10 dinten terakhir dibebaskeun tina seuneu naraka.

‫ِم‬ ‫ِف‬ ‫ِت‬ ‫ِإ‬ ‫ِه‬ ‫ِه‬


‫َعْن َأيِب ُه َر ْيَر َة َقاَل َقاَل َرُس وُل الَّل َص َّلى الَّلُه َعَلْي َو َس َّلَم َمْن َص اَم َرَم َض اَن َمياًنا َو اْح َس اًبا ُغ َر َل ُه َم ا َتَق َّد َم ْن‬
‫َذْنِبِه‬

Sing saha anu puasa romadhon kalawan pinuh kaimanan sareng ngaharep ridho Alloh, tanwande
bakal dihampura dosa2na anu geus kaliwat,

Dina sasih romadhon ieu. Qodarulloh sareng kanyaah Alloh. Urang masih dipasihan
umur/kasempetan ngalaman romadhon taun ieu, duka romadhon taun payunmah naha urang masih
hirup. mun urang sadar tur surti kana kanyaah Alloh ieu. Maka mwal rek saeutik oge urang
nyapirakeun romadhon. Komo ngahinakeun kana romadhon ku maksiat & dosa. taya deui padamelan
urang laksanakeun puasa saluyu jeung aturan agama, sholat fardu, sholat sunah taraweh usahakeun.
Tadarus, gawe hade ka sasama biasakeun. Istighfar dina sapertilu peuting lobakeun. Eta laku ingsya
Alloh bakal ngabebaskeun tina siksa naraka, ngbersihkeun tina lautan dosa ngalebetkeun kana
sawarga.

You might also like