You are on page 1of 8

‫‪KHUTBAH JUMAT‬‬

‫)‪DMDI (DEWAN MASJID DIGITAL INDONESIA‬‬


‫‪https://seruanmasjid.com‬‬
‫‪Versi Bahasa Sunda‬‬

‫‪KAKAWASAAN TÉH‬‬
‫‪KUDUNA PIKEUN ISLAM‬‬

‫‪KHUTBAH KAHIJI‬‬

‫ح َم ُد ُه‪َ ,‬و َن ْس َت ِعي ُن ُه‪َ ,‬و َن ْس َتغْ ِف ُر ُه‪َ ,‬و َن ُعو ُذ بِالل َّ ِه ِم ْن‬ ‫ح ْم َد لِل َّ ِه‪َ ,‬ن ْ‬‫إ َّن إ ْل َ‬
‫ل َل ُه‪,‬‬ ‫ض َّ‬‫ام ْن َي ْه ِد ِه الل َّ ُه َفالَ ُم ِ‬ ‫ِ‬ ‫س َنا‪ ,‬وسي َئ ِ َ‬ ‫شُ رورِ إَنْفُ ِ‬
‫ات إ ْع َمال َن َ‬ ‫َ ِّ‬ ‫َ‬ ‫ُ‬
‫ح َد ُه‬‫ي َل ُه‪,‬إ َ ْش َه ُد إ َ ْن الَ إِ َل َه إِال َّ الل ُه َو ْ‬ ‫اد َ‬‫ضلِ ْل َفالَ َه ِ‬ ‫َو َم ْن ُي ْ‬

‫اما َوإ َ ْ‬
‫ح َس ُن َن ِديًّا‪.‬‬ ‫خ ْي ٌر َّمقَ ً‬ ‫َال َش ِر ْي َ‬
‫ك َل ُه‪َ ،‬ش َه َ‬
‫اد َة َم ْن ُه َو َ‬
‫ف بِا ْل َم َ‬
‫كا ِر ِم‬ ‫ِ‬
‫ص‬ ‫ت‬
‫َّ‬ ‫م‬ ‫ْ‬
‫ل‬ ‫إ‬ ‫ه‬
‫ُ‬ ‫ُ‬ ‫ل‬‫و‬ ‫س‬ ‫ر‬ ‫و‬ ‫ه‬
‫ُ‬ ‫د‬
‫ُ‬ ‫ب‬‫ع‬‫َ‬ ‫إ‬ ‫د‬
‫ً‬ ‫م‬ ‫ح‬
‫َ‬ ‫م‬ ‫ا‬‫ن‬‫َ‬ ‫د‬
‫َ‬ ‫ي‬ ‫س‬ ‫ن‬
‫َّ‬ ‫وإ َ ْش َه ُد إ َ‬
‫ُ‬ ‫ُ‬ ‫ْ َ َ ُ ْ‬ ‫َّ‬ ‫َ ِّ‬ ‫َ‬
‫صبِ ًّيا‪.‬‬
‫ارإ َو َ‬ ‫ِ‬
‫ك َب ً‬
‫اد َق إ ْل َو ْع ِد‬
‫ص ِ‬‫َان َ‬ ‫ح َّم ٍد ك َ‬ ‫ل َو َسلِّ ْم َع َلى َس ِّي ِد َنا ُم َ‬ ‫َف َ‬
‫ص ِّ‬ ‫إَللَّ ُه َّم‬

‫س ُن ْو َن‬ ‫ح ِ‬‫حبِ ِه إلَّ ِذ ْي َن ُي ْ‬ ‫َر ُس ْوالً َنبِ ًّيا‪َ ،‬و َع َلى إلِ ِه َو َ‬
‫ص ْ‬ ‫َان‬
‫َوك َ‬
ِ ‫ح‬
‫اض ُر ْو َن‬ َ ‫ َف َيا إَيُّ َها إ ْل‬،‫ إ َ َّما َب ْع ُد‬،‫إ ِ ْسال ََم ُه ْم َو َل ْم َي ْف َعلُ ْوإ َش ْي ًئا َف ِريًّا‬
َ ‫ فَقَ ْد َف‬،‫س ْي َو إِيَّاك ُْم بِ َت ْق َوى الل ِه‬
‫از‬ ِ ‫ص ْي ِني َن ْف‬ ُ ‫َر ِح َم‬
ِ ‫ إُ ْو‬،‫ك ُم الل ُه‬
ْ
.‫إ ْل ُمتَّقُ ْو َن‬

: ‫قَالَ الل ُه َت َعا َلى‬


ِ ‫ج‬
ٍ ‫ص ْد‬
‫ق‬ ْ ‫ق َّوإَخْ ر ِْج ِن ْي ُم‬
َ ‫خ َر‬ ٍ ‫ص ْد‬ ِ ‫خ َل‬ َ ‫ب إَ ْد ِخ ْل ِن ْي ُم ْد‬
ِّ ‫َوقُ ْل َّر‬
‫ص ْي ًرإ‬ِ َّ‫ْك ُس ْلط ٰ ًنا ن‬ َ ‫إج َع ْل لِّ ْي ِم ْن لَّ ُدن‬ْ ‫َّو‬
Pok caritakeun ku anjeun (Muhammad), “Nun Pangéran abdi, asupkeun abdi (ka tempat jeung kaayaan
naon baé) ku cara asup anu bener, kaluarkeun (ogé) abdi ku cara kaluar anu bener, sareng paparinkeun ka
abdi ti sagédéngeun Anjeun kakawasaan anu bisa nulungan(-abdi). (QS Al-Isro’ [17]: 80).

Alhamdulillah, ni’mat Alloh mana anu ku urang dibohongkeun. Éstu, luar biasa
lobana Alloh ngurniakeun kani’matan ka urang sadaya salaku kaom Muslimin,
utamana ni’mat iman jeung Islam. Sholawat sinareng salam kawilujengan
mudah-mudahan salamina dilimpahcurahkeun ka panutan alam Rosululloh
shollallohu ‘alaihi wa sallam.

Prak geura tarakwa aranjeun sadaya ka Alloh subhanahu wa ta’ala iraha baé
jeung dimana baé sarta keur kaayaan kumaha baé. Ingetkeun, yén sakabéh amal
urang sadaya dicatet ku malaikat di belah katuhu jeung belah kénca, kalawan
teu aya anu kaliwat saeutik ogé.

Hadirin jama’ah jum’ah rohimakumulloh,

Poé-poé kadieunakeun urang sadaya nyaksian para calon présidén paboro-boro


“tebar pesona” supaya haté rahayat bisa kabongroy. Kabéhanana hayang
meunang sarta boga ambisi jadi pangawasa. Kadang-kadang urang nyaksian
carana anu teu kapuji, alias goréng kacida.

Padahal, ti béh ditu kénéh Rosululloh shollallohu ‘alaihi wa sallam geus ngigetan
umatna supaya ati-ati ngeunaan ambisi kakawasaan ieu. Mantena ngadawuh:
‫ام ِة‬
َ ‫ح ْس َر ًة َي ْو َم إ ْل ِق َي‬
َ ‫إم ًة َو‬
َ ‫ير َن َد‬
ُ ‫ص‬ِ ‫ار ِة َو َس َت‬ ِ ‫ون َع َلى‬
َ ‫إال َم‬ َ ‫ِص‬
ُ ‫حر‬ ُ َّ‫إِن‬
ْ ‫ك ْم َس َت‬
Éstu aranjeun bakal kasengsrem kana kakawasaan, samentara kakawasaan téh
bisa ngabalukarkeun kahanjakalan jeung karugian dina Poé Kiyamah (HR al-
Bukhori).

Rosulululloh shollallohu ‘alaihi wa sallam ngingetan ka kaom Muslim ngeunaan


bahaya hubbu ar-ri’aasah (cinta kana kakawasaan). Komo deui lamun éta
kakawasaan téh geuningan dihontal ku jalan manipulasi jeung rekayasa.
Diantara bahayana nyaéta bisa ngadatangkeun karuksakan kana agama para
palakuna. Nabi shollallohu ‘alaihi wa sallam ngadawuh:

‫إلم ْر ِء َع َلى‬
َ ‫ص‬ ِ ‫م بِا َ ْف َس َد َل َها ِم ْن ِح ْر‬
ٍ ‫جائ ِ َعا ِن إ ُ ْر ِس َال فِي َغ َن‬ ِ ‫َما ِذ ْئ َْب‬
َ ‫ان‬
ِ ‫ف لِ ِد‬
‫ين ِه‬ ِ ‫ال َوإلشَّ ر‬
َ ِ ‫إلم‬ َ
Dua ajag anu dileupaskeun kana hiji domba teu leubih bahaya pikeun éta domba
dibandingkeun jeung kasarakahan salahsaurang kana harta jeung kalungguhan
dina hal ngaruksak agamana (HR at-Tirmidzi).

Urang nyaksian bulak-balik satiap Pemilu, demi jabatan jeung kakawasaan, teu
saeutik jalma anu ngahalalkeun sagala cara. Aturan dirékayasa, pulitik duit
(money politic), nipu rahayat ku cara hayang katangar (pencitraan), jeung
sajabana.

Hadirin jama’ah jum’ah rohimakumulloh,

Kakawasaan hakékatnya nyaéta amanah. Amanah kakawasaan ieu bisa jadi


kabeungbeurat pikeun anu nyekelna di dunya sakaligus bisa ngadatangkeun siksa
pikeun dirina di akhérat. Nabi shollallohu ‘alaihi wa sallam ngadawuh:

‫إب ِم َن الل َّ ِه َي ْو َم‬ ِ


ٌ ‫ َوثَالثُ َها َع َذ‬،‫إم ٌة‬ َ ‫ار ِة َم‬
َ ِ‫ َوثَان‬،‫الم ٌة‬
َ ‫يها َن َد‬ ِ ُ‫إ َ َّول‬
َ ‫إال َم‬
َ‫ إِال َم ْن َر ِح َم َو َع َدل‬،‫ام ِة‬
َ ‫إ ْل ِق َي‬
Kapamingpinan téh mimitina bisa ngadatangkeun hinaan, kadua bisa robah jadi
kaduhung, jeung katilu bisa ngondang azab ti Alloh dina Poé Kiyamah; anging
jalma anu mingpin kalawan welas asih sarta adil (HR ath-Thobaroni).
Rosululloh shollallohu ‘alaihi wa sallam mépélingan dina éta hadits yén ngan
para pamingpin anu boga sifat welas asih sarta adil anu bakal salamet di
payuneun Pangadilan Alloh di akhérat jaga.

Sikep mikanyaah pamingpin ditémbongkeun ku upayana pikeun salawasna


ngagampangkeun urusan rahayat, ngabungahkeun maranéhna, jeung teu
nyingsieunan maranéhna ku kakuatan aparat jeung hukum.

Anapon sikep adil pamingpin ditémbongkeun ku bener-benerna nanjeurkeun


syaré’at Islam. Sabab, moal aya kaadilan lamun teu aya panerapan jeung
nanjeurna syaré’at Islam. Kumargi kitu saha baé anu bakal jadi pangawasa, tuluy
nalika ngawasa teu ngajalankeun pamaréntahanana dumasar syaré’at Islam,
mangka manéhna boga poténsi jadi pangawasa anu dlolim jeung fasék. Alloh
subhanahu wa ta’ala ngadawuh:

ٰ
ِ َ ‫ك ْم بِ َما إَن َْزلَ الل ٰ ُه َفاُولٰۤ ٰى‬
‫ِك ُه ُم إلظل ُم ْو َن‬ ْ ‫َو َم ْن لَّ ْم َي‬
ُ ‫ح‬

Singsaha baé anu teu ngahukuman ku naon anu geus ku Alloh diturunkeun
(nyaéta Al-Qur’an) mangka maranéhna téh kaasup kaom anu dlolim (TQS al-
Maidah [5]: 45).

‫سق ُْو َن‬ َ ‫ك ْم بِ َما إَن َْزلَ الل ٰ ُه َفاُولٰۤ ٰى‬


ِ ٰ‫ِك ُه ُم إ ْلف‬ ْ ‫َو َم ْن لَّ ْم َي‬
ُ ‫ح‬

Singsaha baé anu teu ngahukuman ku perkara anu geus ku Alloh diturunkeun
(nyaéta Al-Qur’an) mangka maranéhna téh kaasup kaom anu fasék (TQS al-
Maidah [5]: 47).

Kusabab kitu, kaom Muslim diparéntahkeun ku Alloh subhanahu wa ta’ala


supaya mikeun amanah —utamana amanah kakawasaan— ka jalma anu bener-
bener pantes. Tangtu pantes didieu téh dumasar katégori-katégori syaré’at Islam.
Diantara bukti kapantesanana nyaéta ngabogaan sifat adil, nyaéta hayang
nanjeurkeun syaré’at Islam ka dirina jeung rakyatna. Alloh subhanahu wa ta’ala
ngadawuh:

‫اس‬ َ ‫ح‬
ِ َّ‫ك ْم ُت ْم َب ْي َن إلن‬ ِ ٰ‫إِ َّن الل ٰ َه َياْ ُم ُرك ُْم إَ ْن تُ َؤ ُّدوإ ْإالَمٰن‬
َ ‫ت إِل ٰى إَ ْهلِ َه ۙا َو إِ َذإ‬
‫ك ُم ْوإ بِا ْل َع ْد ِل‬
ُ ‫ح‬
ْ ‫إَ ْن َت‬
Saéstuna Alloh maréntah ka aranjeun nyumponan amanah ka jalma anu boga
hak narima éta amanah, ogé (maréntah ka aranjeun) lamun netepkeun hukum
di antara manusa supaya aranjeun lumaku adil (TQS an-Nisa’ [4]: 58).

Pakait jeung ayat diluhur, Imam ath-Thobari, dina Tafsîr ath-Thobarî, nyutat
ucapan Ali bin Abi Tholib radliyallahu ‘anhu, “Kawajiban pamingpin/pangawasa
nyaéta maké hukum ku hukum anu parantos ku Alloh diturunkeun jeung
nyumponan amanah. Lamun manéhna geus ngalaksanakeun hal éta mangka
jalma-jalma wajib ngaregepkeun jeung na’atan manéhna, ogé nyumponan
panggerona lamun maranéhna digero…”.

Hadirin jama’ah jum’ah rohimakumulloh,

Prak kanyahokeun, kakawasaan téh hukum asalna teu haram. Nepika dina Islam
mah kakawasaan téh kacida pisan pentingna. Kakawasaan kacida pisan
dibutuhkeun demi kamaslahatan agama jeung umat. Nandakeun ku pentingna
éta kakawasaan, Rosululloh shollallohu ‘alaihi wa sallam ogé miharep bisa
nyangking éta kakawasaan. Alloh subhanahu wa ta’ala ngadawuh:

‫ص ْي ًرإ‬ َ ‫إج َع ْل لِّ ْي ِم ْن لَّ ُدن‬


ِ َّ‫ْك ُس ْلط ٰ ًنا ن‬ ْ ‫َّو‬
Paparinkeun ka abdi ti sagédéngeun Anjeun kakawasaan anu nulungan (TQS al-
Isro’ [17]: 80).

Patali jeung ayat diluhur, Imam Ibnu Katsir, nyutat ti Qotadah, nyebatkeun:
“Nabi shollallohu ‘alaihi wa sallam kacida sadar yén mantena teu ngabogaan
daya pikeun nanjeurkeun agama ieu anging ku kakawasaan. Kusabab kitu
mantena nyuhunkeun kakawasaan supaya bisa nulungan Kitabulloh,
nanjeurkeun hudud Alloh, ngajalankeun sagala rupa kafardluana-Na sarta
nanjeurkeun agama-Na” (Ibnu Katsir, Tafsîr al-Qur’ân al-Azhîm, hlm. 1134).

Kakawasaan ogé kudu diwangun dina luhureun pondasi agama, nyaéta Islam,
jeung ditujukeun pikeun ngajaga Islam sarta syaré’atna, ogé ngaraksa urusan
umat. Imam al-Ghozali nyebatkeun, “Agama téh nyaéta pondasi, sedengkeun
kakawasaan mah nyaéta anu ngajagana. Naon baé anu teu ngabogaan pondasi
mangka bakal hancur jeung naon baé anu teu ngabogaan anu ngajaga bakal
leungit”. (Al-Ghazali, Al-Iqtishood fii al-I’tiqood, hlm. 199).

Imam al-Mawardi ogé nganyatakeun, “Didasarkeun dua hal ieu (ngajaga urusan
dunya jeung urusan agama) wajib ngangkat Imam/Kholifah supaya jadi
pangawasa danget ayeuna, pamingpin umat, anu boga tujuan supaya agama
karaksa ku kakawasaanana, sarta kakawasaan lumangsung dina luhureun ajaran-
ajaran agama jeung hukum-hukumna”. (Al-Mawardi, Adab ad-Dunyâ’ wa ad-
Dîn, hlm. 220).

Kusabab kitu, kakawasaan téh kudu diorientasikeun pikeun ngalayanan Islam


jeung kaom Muslim. Lain keur nu lian. Pamingpin saperti ieu pisan anu pantes
dipilih ku umat. []

ِ ‫لع ِظ ْي‬
‫ َو َنفَ َع ِني َو إِيَّاك ُْم‬،‫م‬ ‫إ‬ْ ِ
‫ن‬ ‫إ‬‫لقُر‬ ْ
‫إ‬ ‫ى‬ِ‫ك ْم ف‬
ُ َ
‫ل‬ ‫و‬ ‫ي‬ِ‫َباركَ الله ل‬
َ ْ َ َ
ُ ‫م َو َتقَ َّب َل الل ُه ِم َّنا َو ِم ْن‬
‫ك ْم‬ ِ ‫ح‬
ِ ‫كي‬ َ ‫ك ِر إ ْل‬
ْ ‫إلذ‬ ِ ‫بِ َمافِ ْي ِه ِم َن ْإال َي‬
ِّ ‫ات َو‬

‫ َوإَقُ ْولُ َق ْو لِي َه َذإ َفا ْس َتغْ ِف ُر‬،‫إلعلِ ْي ُم‬


َ ‫إلس ِم ْي ُع‬َّ ‫تِال ََو َت ُه َو إِنَّ ُه ُه َو‬
‫إلر ِح ْيم‬
َّ ‫ر‬
ُ ‫و‬ْ ُ‫ف‬ ‫غ‬
َ ‫إل‬ ‫و‬
َ ‫ه‬
ُ ‫ه‬
ُ َّ ‫ن‬ِ ‫إ‬ ‫م‬
َ ِْ ‫إلع‬
‫ي‬ ‫ظ‬ َ ‫الل َه‬

KHUTBAH II

.‫لى َت ْوفِ ْي ِق ِه َو إِ ْم ِت َنانِ ِه‬


َ ‫ع‬
َ ‫ه‬
ُ ‫ل‬ ْ ُّ‫ح َسانِ ِه َوإلش‬
َ ‫ك ُر‬ ْ َ
ِ ‫ح ْم ُد‬
ِ ‫لله َعلى إ‬ َ ْ َ‫إ‬
‫ل‬

‫ك َل ُه َوإ َ ْش َه ُد‬ ْ ‫َوإ َ ْش َه ُد إ َ ْن الَ إِ َل َه إِال َّ الل ُه َوالل ُه َو‬


َ ‫ح َد ُه الَ َش ِر ْي‬

.‫لى ر ِْض َوإنِ ِه‬ ‫إ‬ ‫ى‬ ‫إع‬ِ ‫ح َّم ًدإ َعب ُد ُه ورسولُ ُه إل َّد‬ َ ‫إ َّن َس ِّي َد َنا ُم‬
َ ْ ُ َ َ ْ
‫حابِ ِه َو َسلِّ ْم‬
َ ‫ص‬ ْ َ ‫ح َّم ٍد ِو َع َلى إَلِ ِه َوإ‬َ ‫ل َع َلى َس ِّي ِد َنا ُم‬
ِّ ‫ص‬َ ‫إلله َّم‬
ُ
ِ ‫َتسلِي ًما‬
‫ك ْثي ًرإ‬ ْ ْ
‫اس إِتَّقُ وإالل َه فِ ْي َما إ َ َم َر َوإنْْ َت ُه ْوإ َع َّما َن َهى‬
‫ُ‬ ‫ن‬
‫َّ‬ ‫إل‬ ‫ا‬ ‫ه‬
‫َ‬ ‫ُّ‬ ‫ي‬‫َ‬ ‫إ‬ ‫َ‬ ‫ا‬ ‫ي‬‫ف‬‫َ‬ ‫د‬
‫ُ‬ ‫ع‬ ‫َ‬
‫إ َّ َ ْ‬
‫ب‬ ‫ا‬ ‫م‬

‫ك ِت ِه‬ ‫إع َل ُم ْوإ إ َ َّن الل َه إ َ َمرك ُْم بِا َ ْم ٍر َب َدإ َ فِ ْي ِه بِ َن ْف ِ‬


‫س ِه َوثَـ َنى بِ َمال ئ ِ َ‬ ‫َو ْ‬
‫َ‬
‫صلُّ ْو َن‬ ‫ح ِة بِقُ ْد ِس ِه َوقَالَ َتعاَ َلى إ ِ َّن الل َه َو َمالئ ِ َ‬
‫ك َت ُه ُي َ‬ ‫إ ْل ُم َس ِّب َ‬
‫صلُّ ْوإ َع َل ْي ِه َو َسلِّ ُم ْوإ َت ْسلِ ْي ًما‪.‬‬
‫لى إل َّنبِى يا إَيُّ َها إلَّ ِذ ْي َن إ َم ُن ْوإ َ‬
‫َع َ‬
‫صلَّى الل ُه َع َل ْي ِه َو َسلِّ ْم َو َع َلى‬
‫ح َّم ٍد َ‬
‫ل َع َلى َس ِّي ِد َنا ُم َ‬
‫ص ِّ‬
‫إلله َّم َ‬
‫ُ‬
‫ك ِة‬‫ك َو َمالئ ِ َ‬‫ك َو ُر ُسلِ َ‬ ‫ح َّم ٍد َو َع َلى إَ ْنبِيائ ِ َ‬‫إ ِل َس ِّي ِدناَ ُم َ‬
‫إش ِد ْي َن إَبِى َب ْ‬
‫ك ٍر‬ ‫اء إلر ِ‬
‫َّ‬
‫لخ َلفَ ِ‬
‫ض إلل ُه َّم َع ِن ْإ ُ‬ ‫لمقَ َّر بِ ْي َن َوإ ْر َ‬
‫ْإ ُ‬
‫حا َب ِْة َوإل َّتابِ ِع ْي َن َو َتابِ ِعي‬ ‫َو ُع َمر َو ُع ْث َمان َو َعلي َو َع ْن َب ِق َّي ِة َّ‬
‫إلص َ‬
‫ض َع َّنا َم َع ُه ْم‬ ‫ر‬
‫ْ‬ ‫إ‬ ‫و‬
‫َ‬ ‫ن‬
‫ِ‬ ‫ي‬
‫ْ‬ ‫د‬
‫ِّ‬ ‫إل‬ ‫م‬
‫ِ‬ ‫و‬
‫ْ‬ ‫ي‬
‫َ‬ ‫ى‬ ‫َ‬
‫ل‬ ‫ان إِ‬
‫ٍ‬ ‫س‬ ‫ح‬
‫ْ‬ ‫إل َّتابِ ِع ْين َل ُه ْم بِ ِ‬
‫ا‬
‫َ‬ ‫َ‬ ‫َ‬
‫إح ِم ْي َن‬ ‫حم إلر ِ‬ ‫َ‬ ‫ح َم ِت َ‬‫بِ َر ْ‬
‫ك َيا إ ْر َ َ َّ‬

‫لم ْسلِ ِم ْي َن‬ ‫ْ‬ ‫ِ‬ ‫إغ ِفر لِ ْلم ْؤ ِم ِنين و ْإلم ْؤ ِ‬
‫َ ُ‬ ‫إ‬ ‫و‬ ‫ات‬ ‫ن‬
‫َ‬ ‫م‬ ‫َ ُ‬ ‫ُ ْ َ‬ ‫ْ ْ‬ ‫إَ ُ‬
‫لله َّم‬

‫إلله َّم إ َ ِع َّز ْإ ِال ْسالَ َم‬


‫إت ُ‬ ‫حياء ِم ْن ُه ْم َو ْإالَ ْم َو ِ‬ ‫لم ْسلِ َم ِ‬
‫ات إَالَ ْ‬ ‫َو ْإ ُ‬
‫ْص ْر ِع َب َ‬
‫ادكَ‬ ‫ش ِر ِ‬
‫ك ْي َن َوإن ُ‬ ‫إلش ْركَ َو ْإ ُ‬
‫لم ْ‬ ‫ِّ‬ ‫لم ْسلِ ِم ْي َن َوإ َ ِذ َّل‬
‫َو ْإ ُ‬
‫خ َذلَ‬ ‫ص َر إل ِّد ْي َن َوإخْ ُذ ْل َم ْن َ‬ ‫ْص ْر َم ْن َن َ‬ ‫ح ِد ْي َن َوإن ُ‬ ‫ْإ ُ‬
‫لم َو ِّ‬
‫ك إ ِ َلى َي ْو ِم‬ ‫إع ِل كَلِ َماتِ َ‬ ‫إء إل ِّد ْي ِن َو ْ‬ ‫د‬‫َ‬ ‫ع‬‫ْ‬ ‫ْإلمسلِ ِمين و َد ِّمر إ َ‬
‫َ‬ ‫ْ‬ ‫ُ ْ ْ َ َ‬
‫إلزالَزِلَ َو ْإ ِ‬
‫ح َن‬ ‫لم َ‬ ‫اء َو َّ‬ ‫إد َف ْع َع َّنا ْإ َلبال ََء َو ْإ َ‬
‫لو َب َ‬ ‫إلله َّم ْ‬
‫إل ِّد ْي ِن‪ُ .‬‬
‫ط َن َع ْن َب َل ِد َنا‬ ‫ظ َه َر ِم ْن َها َو َما َب َ‬ ‫ح َن َما َ‬ ‫لم َ‬‫لف ْتْ َن ِْة َو ْإ ِ‬
‫َوس ْوء ْإ ِ‬
‫ُ َ‬
‫إن ْإ ُ ِ ِ‬ ‫ص ًة َو َسائ ِ ِر ْإ ُلب ْل َد ِ‬ ‫إِن ُْدونِ ْي ِ‬
‫ب‬ ‫لم ْسلم ْي َن عا َّم ًة َيا َر َّ‬ ‫س َّيا خا َّ‬
‫ح َس َنْ ًة‬‫ح َس َنْ ًة َوفِى ْإال ِخ َر ِة َ‬ ‫لعا َل ِم ْي َن‪َ .‬ربَّْ َنا إتِناَ فِى إل ُّدن َْيا َ‬ ‫ْإ َ‬
‫ْفُس َنا َوإإ ْن َل ْم َتغْ ِف ْر َل َنا‬ ‫ن‬‫َ‬ ‫إ‬ ‫ا‬ ‫ن‬
‫َ‬ ‫م‬
‫ْ‬ ‫ل‬‫َ‬ ‫َ‬
‫ظ‬ ‫ا‬ ‫ن‬
‫َ‬ ‫ْ‬‫َّ‬ ‫ب‬‫ر‬ ‫ِ‪.‬‬
‫ر‬ ‫ا‬ ‫ن‬
‫َّ‬ ‫إل‬ ‫إب‬ ‫َ‬
‫ذ‬ ‫ع‬‫َ‬ ‫ا‬ ‫ن‬
‫َ‬ ‫وقِ‬
‫َ‬ ‫َ‬ ‫َ‬ ‫َ‬
‫لخ ِ‬
‫اس ِر ْي َن‪.‬‬ ‫ك ْو َن َّن ِم َن ْإ َ‬ ‫ح ْم َنا َل َن ُ‬
‫َو َت ْر َ‬

‫ان َو إ ِ ْيتا ِء ِذي‬ ‫ادالل ِه ! إ ِ َّن الله ياْ‬ ‫ِ‬


‫ح َس ِ‬ ‫لع ْد ِل َو ْإ ِال ْ‬‫ا‬‫ْ‬
‫ُُ َ‬ ‫ِ‬ ‫ب‬ ‫ر‬‫م‬ ‫َ‬ ‫َ‬ ‫َ‬ ‫ب‬‫َ‬ ‫ع‬

‫ك ْم‬ ‫ك ِر َو ْإ َلبغْي َي ِع ُ‬
‫ظ ُ‬ ‫حشا ِء َو ْإ ُ‬
‫لم ْن َ‬ ‫بى َو َيْ ْن َهى َع ِن ْإلفَ ْ‬‫َ‬ ‫ر‬
‫ْ‬ ‫لقُ‬ ‫ْ‬
‫إ‬

‫لع ِظ ْي َم َي ْذك ُْرك ُْم َو ْ‬


‫إش ُ‬
‫ك ُر ْو ُه‬ ‫إذك ُُروإ الل َه ْإ َ‬ ‫ك ْم َت َذك َُّر ْو َن َو ْ‬ ‫َل َعلَّ ُ‬

‫ك ُر الل ِه إ َ ْ‬
‫ك َب ْر‬ ‫َعلى نِ َع ِم ِه َيز ِْدك ُْم َو َل ِذ ْ‬
‫َ‬

You might also like