You are on page 1of 2

Nomor : 153

Jumat Ka 4, Desember 2023


HAK ANU JADI INDUNG BAPA

‫ِا ِا‬
‫ َو َاْش َه ُد‬. ‘‫ َاْش َه ُد َاْن اَّل َلَه اَّل اُهلل َو ْح َد ه‘ اَل َش ِر ْيَك َله‬. ‫َاَحْلْم ُد ِلَّلِه َر ِّب اْلَعاَلِم َنْي َو اْلَعاِقَبُة ِلْلُم َّتِق َنْي‬
‫ َالَّلُه َّم َص ِّل َو َس ِّلْم َعَلى َس ِّيِد َنا َحُمَّم ٍد َخ اِمَت‬. ‫َاَّن َس ِّيَدَنا َو َنِبَّيَنا َحُمَّم ًد ا َعْبُد ُه َو َرُسْو ُله‘ َص اِد ُق اْل ْع ِد ْاَألِم ُنْي‬
‫َو‬
‫ َاَّما َبْع ُد َفَيا ِعَباَد اِهلل ِاَّتُقْو ا اَهلل َح َّق ُتَق اِتِه َو اَل‬. ‫الَّنِبِّيَنْي َو ِاَم اِم اْلُمْر َس ِلَنْي َو َعَل آِلِه َو َاْص َح اِبِه َاَمْجِعَنْي‬
‫ َو َو َّص ْيَنا اِإْل ْنَس اَن ِبَو اِلَد ْيِه َمَحَلْتُه ُأُّم ُه َو ْه ًنا‬: ‫ َاُعْو ُذ ِباِهلل ِم َن الَّش ْيَطاِن الَّر ِج ْيِم‬. ‫ُمَتْو ُتَّن ِااَّل َو َاْنُتْم ُمْس ِلُمْو َن‬
‫ِص‬ ‫ِل ِل‬ ‫ِن‬ ‫ِف‬
‫َعَلى َو ْه ٍن َو َص اُلُه يِف َعاَم ِنْي َأ اْش ُك ْر ْيِل َو َو ا َد ْيَك ِإَّيَل اْلَم ُرْي‬
Hartosna : " Jeung Kami ngawajibkeun manusa {to`at} ka indung-bapana; indungna geus
ngakandung manehna kalawan ripuh jeung beuki lila beuki ripuh, jeung {waktu} nyapih
anakna teh dina jero dua taun. Prak geura muji syukur ka Kami jeung ka indung bapa
anjeun; nya ka Kami geusan mulang". {QS. Lukman, ayat 14}.
Hadirin Ahli Jum`ah Rahimakumullah !
Imam Abul-Laits nyaurkeun: " Lamun mah Allah dina Al-Qur`an teu nyebutkeun
kawajiban gawe hade ka indung-bapa, tetep bakal kaharti ku akal yen taat jeung gawe hade
ka indung bapa teh mangrupa kawajiban, kusabab kitu keur jalma anu ngabogaan akal kudu
ngarti kana kawajiban kanu jadi indung-bapana, bari padahal ieu kawajiban teh tos
diparentahkeun ku Allah dina sadaya Kitab anu dilungsurkeun, nyaeta Tauret, Zabur, Inzil
sareng Al-Qur`an, oge tos diwahyukeun ka sadaya Nabi sareng Rosul, yen karidoan Allah
gumantung kana karidoan indung-bapa, kamurkaan Allah gumantung kana kamurkaan
indung-bapa".
Aya anu ngajelaskeun, aya tilu aya anu sok dicantelkeun anu Allah moal narima
salah sahijina lamun teu dibarengan kunu hiji deuina, nyarta:
‫ِل ِل‬ ‫ِق‬
‫ َاِن اْش ُك ْر ْيِل َو َو ا َد ْيَك‬, ‫ َاِط ْيُعْو ا اَهلل َو َاِط ْيُعْو ا الَّر ُسْو َل‬, ‫َا ْيُمْو ا الَّص اَّل َة َو َاُتْو ا الَّز َك اَة‬
Hartosna: " Adeugkeun ku aranjeun shalat jeung kaluarkeun zakat. Aranjeun kudu taat ka
Allah jeung ka Rosul. Kudu syukuran anjeun ka Kaula{Allah}, jeung ka indung-bapa
anjeun".
Jadi, sing saha anu ngadeugkeun shalat, tapi teu zakat, maka moal ditarima shalatna ;
moal ditarima taat ka Allah, lamun teu taat ka Rasulullah SAW. ; sing saha anu syukur ka
Allah, tapi teu syukur ka indung-bapa, maka syukur ka Allah na moal ditarima.
Kacarioskeun hiji pameget sumping ka Rasulullah SAW. nyarisokeun: " Ya
Rasulullah !, sayaktosna ema abdi teh tos pikun ayeuna cicingna di abdi, nya abdi anu sok
ngahuapan sareng ngaleueutkeun dimana-mana anjeuna tuang sareng ngaleueut, abdi
ngagandong anjeuna diman-mana anjeuna bade wudu. Naha ku kitu teh abdi tos ngabales
jasa-jasana ? Rasulullah SAW ngawaler: " Acan sapersen oge tina saratus persen jasa-jasana,
ngan anjeun geus gawe hade, Allah bakal ngabales kahadean anjeun anu saeutik ku balesan
hade anu seueur".
Sohabat `Umar oge kantos kasumpingan ku hiji pameget anu ampir sami
permasalahanana, eta pameget naros ka Sayyidina `Umar: " Naha ku cara abdi sok
ngagagandong ema nyumponan kaperyogianana, abdi tos nglakonan hak anu jadi indung ?.
Diwaler: " Acan !, sabab kaayaan indung ngagawekeun kana tonggong anjeun teh bari
ngado`akeun supaya panjang umur anjeun, sedeng anjeun migawe kitu teh bari ngarep-
ngarep kana tereh pisah{maot}na indung". {Syu`abul iman, kaca 18}.
Hadirin, Rahimakumullah !.
Sapalihna Tabiin nyaurkeun: " Sing saha anu ngadoakeun indung-bapana tiap dinten
lima kali berarti tos nyumponan kawajiban ka indung-bapana, margi Allah miwarang syukur
ka Anjeuna jeung ka indung-bapa, sedengkeun syukuran ka Allah ku cara ngalaksanakeun
kawajiban shalat anu lima waktu, atuh syukuran ka indung-bapa oge kudu lima kali tiap
dintenna". Saurang sahabat Nabi oge nyaurkeun: " Tara ngadoakeun indung-bapa teh bisa
jadi salah sahiji sabab rupekna kahirupan anak. Anjeuna ditaros: " Kumaha cara
nyugemakeun aranjeunna mun tos maraot ?". Diwaler: " Manehna sorangan kudu jadi jalma
soleh, nuluykeun tali kakarabatan kanu jadi babaturanana kolotna, pangmentakeun hampura,
ngadoakeun jeung sodakoh jang indung-bapana ". { Tanbihul ghofilin kaca 43-46 }.
Kumaha wae nasib kahirupan urang ayeuna, naha jadi pejabat, kiyai, ulama, jadi jalmi
kaya, sukses dina ngudag karir sareng usaha, sukses dina kahirupan, haliah dunya atanapi
agama, tetep moal leupas tina nu jadi sabab ayana urang nyaeta indung-bapa, ulah hilap
kana jasa anjeuna kahalang ku ningal jasa-jasa jalmi sejen ka urang. Mun Indung bapa sanes
ajengan, sanes ustadz, teu dikenal ahli ibadah, minim amal solehna, jalmi biasa-biasa, maka
taekeun darajatna kunu jadi anak ku cara suhunkeun hampura ka Allah kanggo aranjeunna
saseueur-seueurna dina tiap dinten.
‫اَلَّلُه َّم اْغ ِف ْر ْيِل ُذُنْو ْيِب َو ِلَو اِلَد َّي َو اْر َحْم َمُها َك َم ا َر َّبَياْيِن َص ِغْيًر ا‬
Oge, tiap tos maos fatihah, dina shalat atanapi luar shalat, saatos bacaan
WALADLDLOOLLIIN, sateuacan ngucapkeun Aamiin, baca heula : ROBBIGH FIRLII
WA LIWAALIDAYYA , nembe ucapkeun Aamiin !.
Muga-muga urang sadaya ku Gusti Allah dijadikeun palaputra anu saroleh anu terang
kawajiban kanu janten sepuh sarta tiasa ngalaksanakeun eta kawajiban sangkan hirup aya
dina kaberkahan, salamet, bagja di dunya sareng di akherat. Aamiin !.

‫ِح‬ ‫ِل ِت ِا‬ ‫ِلِم‬ ‫ِم‬


‫َباَر َك اُهلل ْيِل َو َلُك ْم َو َجِل ْيِع اْلُمْس َنْي َو اْلُمْس َم ا َّنُه ُه َو اْلَغُفْو ُر الَّر ْيُم‬
Khutbah Kadua

‫ْف‬
‫َا‬ ‫ُل‬ ‫ا‬ ‫َّم‬ ‫َّن‬‫َا‬ ‫ا‬ ‫َاْن اَّل ِاَل ِا‬
‫اَّل‬ . ‫َا ُد ِلَّلِه اَّلِذ َا َنا ِبَأ اِء الطَّا اِت‬
‫ُل‬ ‫َض‬ ‫ُه‬ ‫َو َرُسْو‬ ‫ُه‬ ‫ُد‬ ‫ْب‬ ‫َع‬ ‫ًد‬ ‫َحُم‬ ‫ُد‬ ‫َه‬ ‫َاْش‬ ‫َو‬ ‫ُهلل‬ ‫َه‬ ‫ُد‬ ‫َه‬ ‫َاْش‬ ‫َع‬ ‫ْي َم َر َد‬ ‫َحْلْم‬
‫ َالَّلُه َّم َفَص ِّل َو َس ِّلْم َعَلى َس ِّيِد َنا َحُمَّم ٍد َص اِح ِب الّش َف اَعاِت َو َعَلى َءاِل ِه َو َاْص َح اِبِه َذِو ى‬. ‫اْلَم ْخ ُلْو َق اِت‬
‫ِص‬ ‫ِت‬ ‫ِنْي‬ ‫ِئ ِنْي‬ ‫ِت‬
‫ َفَي ا َا ُّيَه ا الَّناُس ُاْو ْيُك ْم‬: ‫ َاَّم ا َبْع ُد‬. ‫اْلَك َر اَم ا َص َالًة َّو َس َالًم ا َدا َم ُمَتَالِز َم َم اَداَم اْلَم ْخ ُلْو َق اُت‬
‫ِء ِم‬ ‫ِل ِت‬ ‫ِلِم‬ ‫ِم ِت‬ ‫ِف ِل ِمِن‬ ‫ِت‬ ‫ِهلل‬ ‫ِا ِب‬
‫ َالَّلُه َّم اْغ ْر ْلُم ْؤ َنْي َو اْلُم ْؤ َن ا َو اْلُمْس َنْي َو اْلُمْس َم ا اَألْح َي ا ْنُه ْم‬. ‫َو َّياَي َتْق َو ى ا َو الَّطاَعا‬
‫ َالَّلُه َّم ِاَّنا‬. ‫ َر َّبَنا َتَق َّب ْل ِم َّنا ِاَّنَك َاْنَت الَّس ِم ْيُع اْلَعِلْيُم َو ُتْب َعَلْيَن ا ِاَّنَك َاْنَت الَّتَّو اُب الَّر ِح ْيُم‬. ‫َو ْاَألْم َو اِت‬
‫ِر‬ ‫ِط‬ ‫ِب ِم‬ ‫ِر‬
‫ َالَّلُه َّم اْد َف ْع َعَّن ا اْلَغَالَء َو اْلَبَالَء َو اْلَو َب اَء‬. ‫َنْس َئُلَك َض اَك َو اَجْلَّن َة َو َنُع ْو ُذ َك ْن َس َخ َك َو الَّن ا‬
‫َو اْلَف ْح َش اَء َو اْلُم ْنَك َر َو الُّس ُيْو َف اْلُم ْخ َتِلَف َة َو الَّش َد اِئَد َو اْلِم َح َن َم ا َظَه َر ِم ْنَه ا َو َم ا َبَطَن ِم ْن َبَالِد َن ا َه اَذا‬
‫ َّبَن ا اِتَن ا ىِف الُّد ْنَيا َح َنًة َّو ىِف اَأْلاِخ ِة‬. ‫َخ اَّص ًة ِم ْن ُبْلَد اِن اْل ِلِم َنْي َعاَّم ًة ِاَّنَك َعَلى ُك ِّل َش ْيٍئ َقِد ْير‬
‫َر‬ ‫َس‬ ‫َر َء‬ ‫ُمْس‬ ‫َو‬
‫َح َس َنًة َّو ِقَن ا َع َذ اَب الَن اِر َو َاْد ِخ ْلَن ا اَجْلَّن َة َم َع اَأْلْبَر اِر ِبَر َمْحِت َك َي ا َاْر َح َم الَر اِمِح َنْي َو اَحْلْم ُد ِلَّل ِه َر ِّب‬
‫ِم‬
‫اْلَعاَل َنْي‬

You might also like