You are on page 1of 1

PADAMEL JEUNG DUNUNGAN PISURGAEUN

. ‫ َّن َخ َرْي َمِن اْس َتْأَج ْر َت اْلَقِوُّي األِم ُني‬...


“… Sayaktosna panghadéna jalma anu ku anjeun dijantenkeun padamel (pikeun urang sadaya) téh anu
‫ِإ‬
mampu jeung dipercaya.” (Qs. Al-Qoshshosh: 26)

‫ " َّن َخ رْي َمْن ِا ْس َتْأَج ْر ت‬: ‫َق اَل َمُع ر َو اْبن َع َّب اس َو َرُش ْيح اْلَقايِض َو َأُب و َم اكِل َو َقَت اَدة َو ُم َح َّم د ْبن َحْساق َو َغرْي َو اِح د َلَّم ا َق اَلْت‬
‫ِإ‬ ‫ِإ‬
‫ق ْمَح لَه ا اَّل َع َرَش ة ِر َج ال َو يِّن َلَّم ا ِج ْئت‬#‫اْلَقِوّي اَأْلِم ني " َقاَل َلَها َأُبوَها َو َم ا ِعْلمك ِبَذ َكِل ؟ َقاَلْت ُهَل َّنُه َر َف َع الَّص ْخ َر ة اَّليِت اَل ُيِط ي‬
‫ِإ‬ ‫ِإ‬
. ‫َم َع ُه َتَقَّد ْم ت َأَم امه َفَقاَل يِل ُكويِن ِم ْن َو َر ايِئ َف َذ ا ِاْخ َتَلَف َعَّيَل الَّط ِر يق َفاْح ِذ يِف يِل َحِبَص اٍة َأْعمَل َهِبا َكْي ف الَّط ِر يق َأِلْه َتِدِإ َي َلْي ِه‬
‫ِإ‬
Umar, Ibnu Abbas, Syuroih Al-Qodli, Abu Malik, Qotadah, Muhammad ibnu Ishaq, kalih lianna anu sanes
‫ِإ‬
saurang nguningakeun yén nalika éta istri sasanggem: “… Sayaktosna panghadéna jalma anu ku anjeun
dijantenkeun padamel (pikeun urang sadaya) téh anu mampu jeung dipercaya,” mangka pok ramana [nyaeta
Nabi Syu’aib as.] mariksa, "Naon anu janten pangaweruh anjeun meunteun kayaning kitu?" walerna, "Éstu
anjeunna tiasa ngangkat batu badag anu henteu tiasa diangkat anging ku sapuluh pameget. Jeung
saenyana nalika jisim abdi mapah nyarenganana, jisim abdi aya di payuneunana, mangka pokna, "Masing
leumpang anjeun di satukangeun kaula. Upama kaula salah jalan, mangka élingan kaula ku cara
ngalungkeun batu leutik, sangkan kaula uninga jalan mana anu kudu dipaju." (Tafsir Ibnu Katsir, 10: 452)

‫ َنـَّفَس ُهللا‬، ‫َع ْن َأْيِب ُه َر ْيَر َة َر َيِض اُهَّلل َع ْنُه َع ِن الَّنِّيِب َص ىَّل اُهَّلل َعَلْي ِه َو َس َمَّل َق اَل َمْن َنـَّفَس َع ْن ُم ْؤ ِم ٍن ُكـْر َبًة ِم ْن ُك َر ِب اُّدل ْنَيا‬
‫ َس َتـَر ُه ُهللا‬، ‫ َو َمْن َس َتـَر ُم ْس ِلًم ـا‬، ‫ َيَّس ـَر ُهللا َعَلْي ِه ِف ـي اُّدل ْنَيا َو اآْلِخ َر ِة‬، ‫ َو َمْن َيَرَّس َعَلـى ُم ـْعٍرِس‬، ‫َع ْنُه ُكـْر َبًة ِم ْن ُكـَر ِب َيْو ِم اْلِقَياَم ِة‬
... ، ‫ َو ُهللا ِف ـي َع ْو ِن اْلَع ْب ِد َم ا اَك َن اْلَع ْب ُد يِف َع ْو ِن َأِخ يِه‬، ‫ِف ـي اُّدل ْنَيا َو اآْلِخ َر ِة‬
Ti Abu Huroiroh ra., ti Nabi saw. anjeunna sasanggem, “Sing saha anu ngaleupaskeun kasusah tina
mangpirang kasusah dunya saurang mu’min, mangka Alloh baris ngaleupaskeun ti anjeunna kasusah tina
mangpirang kasusah dina poé kiyamah. Jeung sing saha anu ngagampilkeun (urusan) ka jalma anu kasusahan,
mangka Alloh baris ngagampilkeun (urusan) pikeun anjeunna di dunya tur aheratna. Jeung sing saha anu
nutupan (aéb) saurang muslim, mangka Alloh baris nutupan (aéb)na di dunya katut aheratna. Alloh nulungan
saurang hamba nalika hamba éta nulungan dulurna. …” (Hr. Muslim, Shohih Muslim, 2699)

‫ َو َمْع ىَن َنَّفَس الُكْر َبَة ِاَز اُلَها َو ِف ْيِه َفْض ُل َقَض اِء َح َو اِئِج اْلُمْس ِلِم َنْي َو َنَّفَع ُهْم ِبَم ا َتَيَرَّس ِم ْن ِعٍمْل َأْو َم اٍل َأْو ُم َع اَو َنٍة َأْو ِاَش اَر ٍة ِبَم ْص َلَح ٍة َأْو‬...
. ‫َنِص ْي َح ٍة َو ْغِري َذ اَكِل‬
… Anapon ma’na ngaleupaskeun kasusah téh nyaéta ngaleungitkeunana. Hadis ieu nuduhkeun kautamaan
nyumponan pangawegah kaom muslimin jeung maparin mangpaat ka aranjeunna ku perkara anu gampil
mangrupa élmu, harta, bantosan, atanapi panuduhan ku kamashlahatan atanapi nasehat kalih anu liana.
(an-Nawawiy, Syarah Shahih Muslim, 9: 21)

..‫عن أيب ُه َر ْيَر َة ريض هللا عنه قال قال رسول ِهللا صىل هللا عليه وسمل َأْع ُط وا اَألِج َري َأْج َر ُه قبل َأْن ِجَيَّف َع َر ُقه‬
Ti Abu Huroiroh ra., anjeunna sasanggem: Rosululloh saw. ngandika, “Paparinkeun ku aranjeun padamel téh
buruhna sateuacan késangna garing.” (Hr. Ibnu Majah, 2434)

... ‫َو اْلَخ اِد ُم َر اٍع يِف َم اِل َس ِّي ِدِه َو َم ْس ُئوٌل َع ْن َر ِع َّيِتِه‬...
“… jeung saurang badéga téh pamingpin dina harta dununganana sarta baris ditanya ngeunaan
kapamingpinanna…” (Hr. al-Bukhoriy, Shohih al-Bukhoriy, 844)

... ‫َقاَل َم ا ا ْح َس اُن َقاَل َأْن َتْع ُبَد اَهَّلل َأَكَّنَك َتَر اُه َف ْن َلْم َتُكْن َتَر اُه َف َّنُه َيَر اَك‬...
‫ِإ‬ ‫ِإ‬
“… (Jibril) tumaros: ‘Upanten ihsan téh naon?,’ Nabi saw. walerna: ‘Anjeun ibadah ka Alloh kaya-kaya anjeun
‫ِإْل‬
ninggali Mantenna, nya upama anjeun henteu tiasa ninggali-Na, éstu Mantenna mah ninggali anjeun…’.” (Hr.
al-Bukhory, Shohih al-Bukhoriy)

You might also like