You are on page 1of 18

Tujuan Pembelajaran

Setelah membaca pedaran bahasan “ Kampung


Cireundeu”, siswa dapat menemukan isi garis
besarnya dan menceritakan kembali secara lisan
isi pedaran bahasan tersebut sesuai dengan
kaidah-kaidahnya berdasarkan hasil diskusi
dengan tepat.
Indikator Pencapaian Kompetensi

11.3.4.1 Menemukan isi pedaran bahasan


“Kampung Cireundeu” secara garis besar
dengan cermat.
11.4.4.1 Menceritakan kembali isi pedaran
bahasan “Kampung Cireundeu” dengan
teliti dan sungguh- sungguh
Materi Pelajaran

• Téks pedaran bahasan “Kampung Cireundeu”


• Sistematik eusi dina pedaran bahasan
Kegiatan Pembelajaran

• Maca wacana pedaran “ Kampung Cireundeu “


Wilujeng maca pedaran !
Kampung Cireundeu
“Wilujeng Sumping di Kampung Cireundeu Rukun Warga 10”, aksara
latén jeung Sunda Kuna natrat dinagapura, mapag léngkah basa mimiti anjog
ka tempatna téh.Padumukan katangén suhunanana, mudun ka handap.Da
puguh kampung téh pernahna di léngkob, handapeun suku Gunung Kunci,
Ciménténg, Gajahlangu, jeung Sayangkaak. Paeunteung-eunteung deuih jeung
urut TPA Leuwigajah nu kungsi maragatkeun puluhan jiwa.
Pernahna mah di Kalurahan Leuwigajah, Kacamatan Cimahi Selatan,
Kota Cimahi. Kaitung jauh ti puseur Kota Bandung mah, kira-kira 40 km laju
ngulon. Merlukeun waktu perjalanan 1,5 nepi ka 2 jam.Éta gé lamun
ngagunakeun kandaraan pribadi, sedeng kana umum mah leuwih lila ti sakitu.
Da puguh kudu sababaraha kaliganti angkot. Ti Leuwipanjang mah naék
angkot nu ka Cimahi,laju naék deui jurusan Cimahi-Leuwigajah, terus Cimahi-
Cangkorah, jeung ditungtungan ku naék ojég sangkan nepi ka nu dituju.
Sabéngbatan mah Cireundeu téh prah baé kawas kampung séjénna.
Lebah kamekaranna gé sarua. Imah témbok ngajarengléng, atuh télévisi, radio,
hapé, jeung barang éléktronik séjén gé geus lain barang anéh. Dina widang
atikan gé kaitung maju, wuwuh réa nu sakola ka paguron luhur. Cindekna,
tingkat ékonomina geus lumayan maju. Ngan nu matak narik, lian ti
masarakatna masih kénéh nyekel pageuh tatali tradisi, kadaharan pokona gé
lain béas, tapi sampeu (manihot esculenta crautz).
Nurutkeun katerangan, masarakat Cireundeu mimiti ngonsumsi
sampeu ti taun 1918, mangsa Walanda keur ngajajah kénéh. Cenah, harita
Cireundeu ngalaman paila nu matak nalangsana. Pikeun ngungkulanana, salah
saurang sesepuh kampung néangan tarékah, nu satuluyna meunang pituduh
sangkan ulah ngadahar kadaharan tina béas. Nya nyobaan ganyol, taleus,
jeung hajeli pikeun gantina. Tapi teu kuat lila, nu antukna pindah kana sampeu
nepi ka kiwari. Pantes rék kituna téh, da puguh Cireundeu mah wewengkonna
kurang cocog pikeun nyawah. Malah cenah lamun melak paré, komo nincak
katiga, sok gagal waé, cai téh ngadak-ngadak saat.
Teu nanaon teu boga huma asal boga paré, teu boga paré asal boga
béas,teu boga béas asal ngéjo,teu ngéjo asal dahar, teudahar asal hirup,
mangrupa palsapah Cireundeu dina mertahankeun hirup ku jalan néangan
alternatif kadaharan pokok (béas) ku sampeu.Mémang ngadahar sangu lain
pantrangan, tapi wuwuh geusjadi kabiasaan kana sampeu,cenah, kiwari
masarakatna loba nu jarijipen, malah loba nu nyareri beuteung lamun geus
ngadahar sangu téh.

Dicutat tina buku Pamekar Diajar Basa Sunda ( Pikeun Murid SMA/SMK/MA Kelas XI)
kaca 84-86
Soal

1. Dimana jeung beulah mana perenahna


kampung Cireundeu teh ?
2. Naon nu ngabedakeun kampung Cireundeu
jeung kampung sejenna?
3. Kumaha tingkat ekonomi masarakatkampung
Cireundeu?
4. Naon pangna sampeu jadi kadahan poko urang
kampung Cireundeu?
Sistematika wangun bahasan

1. Bubuka, mangrupa dadaran atawa


katerangan ngeunaan eusi bahasan.
2. Eusi atawa pedaran, mangrupa inti tina
naon-naon nu dicaritakeun atawa dipedar
ngeunaan hiji jejer (topik).
3. Panutup, mangrupa bagian bahasan anu
nyindekkeun atawa nyimpulkeun eusi
bahasan.
Hatur Nuhun

You might also like