You are on page 1of 8

Modul KAMPUNG ADAT SUNDA

Tim Penyusun

2 MGMP B. Sunda
KBB
B. Sunda IX
3 X Pertemuan

PANGAJARAN II

Standar Inti

3. Memahami pengetahuan (faktual, konseptual, dan prosedural) berdasarkan rasa


ingin tahunya tentang ilmu pengetahuan, teknologi, seni, budaya terkait
fenomena dan kejadian tampak mata.

4. Mencoba, mengolah dan menyaji dalam ranah konkret (menggunakan,menguari,


memodifikasi, dan membuat) dan ranah abstrak (menulis, membaca,
menghitung, menggambar, dan mengarang) sesuai dengan yang dipelajari di
sekolah dan sumber lain yang sama dalam sudut pandang/teori.

Kompeténsi Dasar Pengetahuan


Kompetensi Dasar Keterampilan
3.2. Mengidentifikasi teks deskripsi 4.1 Menemukan makna yang terkait
tentang kampung adat Sunda, dengan dengan fungsi sosial, struktur teks,
memperhatikan fungsi sosial, dan unsur kebahasaa teks deskripsi
struktur teks, dan unsur kabahasaan tentang kampung adat Sunda.
yang benar dan sesuai konteks.

TUJUAN PEMBELAJARAN

Melalui pembelajaran dari rumah, peserta didik dapat

1. Memahami konsep kampung adat dengan baik.

2. Memahami adat kebiasaan yang berlaku di kampung adat di Jawa Barat dengan

baik.

3. Mendeskripsikan salahsatu kampung adat di Jawa Barat dengan jelas.


PERTEMUAN 1

Ieu di handap aya wacana nu ngambarkeun salahsahiji kampung adat nu aya di


Jawa Barat. Pék titénan tur baca ku hidep cing gemet!

A. Conto Wacana Kampung Adat

Kampung Pulo

Sacara administratif, Kampung Pulo kaeréh ka wewengkon désa Cangkuang,


kecamatan Lélés, Kabupatén Garut, nu anggangna ti Bandung téh kira-kira 50 KM
ka beulah wétan, 13 km saméméh puseur dayeuh Garut. Kampung Pulo téh asalna
mah aya di tengah situ Cangkuang, nu matak dingaranan kampung Pulo ogé, tapi
kiwari cai situ Cangkuang beuki ngorotan antukna sabagian tina éta situ salin jinis
jadi pasawahan.

Di Kampung Pulo aya dua situs budaya titinggal karuhun, nya éta candi
Cangkuang nu mangrupa candi hindu jeung makom Radén Arif Muhammad, nya éta
tokoh anu mimti ngadegna kampung Pulo. Kaayeunakeun salian ti dua situs anu tadi,
pamaréntah ngahaja ngadegkeun museum pikeun tempat nyimpen rupa-rupa barang
titinggal karuhun.

Nu dumuk di Kampung Pulo teu meunang leuwih ti genep kulawarga


(6 suhunan), luyu jeung sajarahna éta kampung téh baheulana dicicingan ku Embah
Dalem Arif Muhammad jeung anak-anakna anu awéwé nu jumlahna genepan nu
ngeusian 6 imah nu ngajajar pahareup-hareup di kénca katuhueun palataran lembur
sarta ditungtungna aya wangunan tajug anu mangrupa perlambang anak lalaki Embah
Dalem Arif Muhammad anu maot keur leutik kénéh. Nurutkeun carita ti kuncénna,
anak lalaki Embah Arif maot lantaran kacilakaan nalika diarak dina jampana anu
suhunanana segi lima ngurilingan lembur rék disunatan. Harita arak-arakan téh dipirig
ku gamelan sarta maké goong gedé. Teu gugur teu angin ujug-ujuk datang angin
puyuh anu pohara gedéna nu ngabalukarkeun budak sunatan anu keur diarak téh
ngalaman kacilakaan, ti harita urang kampung Pulo turun cadu nyieun imah anu
suhunanana segi lima jeung nabeuh goong.

Embah Arif Muhammad téh salasaurang panglima perang Mataram anu


dikirimkeun ku Sultan Agung Mataram pikeun ngagempur VOC di Batavia. Tapi
kulantaran kasoran Embah Arif teu daék balik deui ka Mataram, tapi terus bumén-
bumén di Kampung Pulo anu tadina mah ngaranna téh Pulo Panjang sarta
nyebarkeun agama Islam nepi ka bisa ngislamkeun sakabéh pangeusi Pulo Panjang
anu tadina ngagem agama Hindu.

Pakasaban urang kampung Pulo téh kana tatanén, boh nyawah boh ngebon.
Salian ti tatanén, urang Kampung Pulo ogé miara ingon-ingon nya éta hayam jeung
meri atawa éntog. Sedengkeun ingon-ingon anu sukuna opat saperti sapi, munding
atawa domba teu meunang.

Kadaharan has ti Kampung Pulo nya éta burayot, opak, gogodoh, jeung
ranging (ranginang anu dikincaan). Salian ti ngokolakeun rupa-rupa kadaharan hasna,
urang kampung Pulo ogé ngokolakeun rupa-rupa karajinan tina kai (hususna pineus),
awi, jeung batok kalapa anu diréka jadi rarakitan, candi, imah adat, bébécaan, jeung
paparahuan.

Aya sababaraha pacaduan atawa kapamalian nu lumaku di Kampung Pulo nya


éta:

1. Masarakat teu meunang nyémah atawa jarah dina poé Rebo sabab poé Rebo téh
mangrupa poéan urang kampung nyuprih élmu kaagamaan (Islam). Dina poé
Rebo masarakat kampung Pulo teu meunang milampah atawa migawé pagawéan
nanaon salian ti pangajaran atawa diajar élmu agama (Islam).

2. Urang Kampung Pulo teu meunang nambahan jumlah wangunan. Di Kampung


Pulo ukur aya genep imah luyu jeung jumlah anak awéwé Embah Dalem Arif
Muhammad anu genepan jeung hiji tajug luyu jeung jumlah anak lalakina.Embah
Dalem Arif Muhammad anu ngan hiji-hijina. Lamun aya urang Kampung Pulo
anu rumah tangga, 14 poé (dua minggu) sabada kawin kudu kaluar ti Kampung
Pulo, iwal lamun kolotna geus maot manéhna bisa balik deui, anu disebut
ngaplus.

3. Urang Kampung Pulo teu meunang miara sato anu sukuna opat, saperti sapi,
munding, domba jeung sajabana, iwal ucing, sabab ucing mah mangrupa sato anu
di anu dipikameumeut ku Kangjeng Nabi Muhammad SAW. Ieu kapamalian téh
aya patalina jeung kabersihan palataran lembur sarta sangkan henteu ngaruksak
kana tutuwuhan. Ku lantaran kitu, urang Kampug Pulo ukur miara hayam, itik
atawa éntog.

4. Urang Kampung Pulo cadu nabeuh goong gedé hususna jeung gamelan sacara
umumna. Éta perkara aya patalina jeung musibah kacilakaan anu ngabalukarkeun
maotna anak lalaki hiji-hijina Embah Dalem Arif Muhammad nalika rék
disunatan.

5. Urang Kampung Pulo teu meunang nyieun imah maké suhunan segi lima, ieu
ogé sarua aya patalina jeung kacilakaan anu kaalaman ku anak lalaki Embah
Dalem Arif Muhammad. Ku lantaran kitu, sakabéh wangunan anu aya di
Kampung Pulo ngagunakeun suhunana manjang atawa jolopong.

Kuncén mangrupa tokoh anu mibanda peran penting dina kahirupan urang
Kampung Pulo. Salian ti jadi kokolot atawa pamingpin adat dina ngalaksanakeun
ajén-inajén anu dipuhit ku masarakat, kuncén ogé mangrupa médiator pikeun
pamaréntah dina nepikeun program-program pangwangunan ka masarakat Kampung
Pulo.

Upacara adat anu biasa digunakeun ku urang Kampung Pulo henteu lésot tina
siklus kahirupan manusa, saperti upacara kawinan, salametan anu kakandungan (tujuh
bulanan) jeung anu ngajuru (marhabaan), salametan anu maot (tiluna, tujuhna, matang
puluh, natus, muluh, néwu, nyéket, jeung mendak). Anu patalina jeung tatanén
(mitembeyan), anu patalina jeung ngadegkeun wawangunan saperti ngadegkeun
suhunan imah jeung salametan ngeusian imah, sarta upacara Ngaibakan Banda Pusaka
anu dilaksanakeun unggal tanggal opat welas (wanci purnama) bulan Mulud.

Kasenian kurang mekar di Kampung Pulo, sabab aya patalina jeung ayana
pacaduan nabeuh goong atawa gamelan.

(diropéa tina Kampung Adat & Rumah Adat di Jawa Barat,


Disbudpar Jabar)
B. Neuleuman Eusi Wacana

PANCEN 1

Sabada maca wacana nu eusina medar ngeunaan kampung adat Kampung


Pulo, cing pék jawab ieu patalékan di handap!

1. Di mana lebah-lebahna ari Kampung Pulo téh?

2. Naon sababna éta kampung téh bet dingaranan Kampung Pulo?

3. Saha nu naratas atawa ngadegkeun éta kampung jeung urang mana asalna?

4. Naon sababna diéta kampung imah téh ngan aya genep suhunan?

5. Perlambang naon ari masjid nu aya di éta kampung?

6. Kunaon pangna di éta kampung teu meunang nabeuh goong jeung nyieun imah
nu suhunana segi lima?

7. Naon nu diagem ku urang Kampung Pulo saacan ngagem Islam?

8. Ingon-ingon naon nu teu meunang dipiara ku urang Kampung Pulo?

9. Sebutkeun genep pacaduan atawa kapamalian nu lumaku di Kampung Pulo!

10. Kudu aya sabaraha kulawarga ari pangeusi Kampung Pulo sarta kumaha mun aya
anggota kulawarga nu laki-rabi?

11. Naha urang Kampung Pulo mah teu meunang nyémah dina poé Rebo?

12. Di Kampung Pulo mah teu meunag miara sato nu sukuna opat, iwal ucing. Naon
sababna miara ucing mah dimeunangkeun?

13. Maké suhunan modél naon ari imah di Kampung Pulo?

14. Naha peranan kuncén di Kampung Pulo mah kacida pentingna?

15. Naha kahirupan kasenian di kampung Pulo mah kurang mekar?


PERTEMUAN 2

C. Kandaga Kecap

PANCEN 2

Teangan harti kecap-kecap di handap, sarta jieun conto kalimahna!

1......................................................................................................................... pu
seur = pusat
kalimahn : Puseur kota di Jawa Barat téh nya éta kota Bandung.

2. dayeuh = ………………….
kalimahna : ………………………..

3. karuhun = …………………
kalimahna : ………………………..

4. dumuk = ………………..
kalimahna : ………………………..

5. jampana = ………………..
kalimahna : ………………………..

6. kasoran = ………………..
kalimahna : ………………………..

7. bumén-bumén = ………………
kalimahna : ………………………..

8. tatanén = …………………..
kalimahna : ………………………..

9. ngokolakeun = ………………….
kalimahna : ………………………..

10. dipikameumeut = ………………..


kalimahna : ………………………..
PERTEMUAN 3

D. Pedaran Ngeunaan Kampung Adat di Jawa Barat

Kampung adat téh nya éta hiji pakumbuhan anu masih kénéh mageuhan
adat istiadat karuhunna sarta mibanda kabiasaan jeung ciri has anu béda jeung
pakumbuhan masarakat biasa dina umumna.

Di Jawa Barat aya sababaraha kampung adat anu mibanda ciri has. Lokasina
misah ti kampung-kampung nu aya di sabudeureunana mah aya sababaraha hiji anu
mencil pisan sarta masih kénéh hésé dijugjug.

Imah-imahna diwangun ku bahan anu nyampak di alam sabudeureunana.


Wangun imahna sarua, mibanda tradisi anu kuat sarta masih kénéh dicekel ku
masarakatna. Masarakat kampung adat mangrupa masarakat anu homogén sabab
biasana maranéhna téh mangrupa rundayan ti karuhun anu sarua, mibanda sistem
réligi atawa kapercayaan nu sarua nu diturunkeun ku karuhunna, sarta mibanda
pupuhu adat anu (kokolot) anu pohara dihalormatna sacara umum kahirupan sosial
budaya kampung adat di Jawa Barat mibanda kasaruaan, saperti dina lokasi
padumukan, wangun imah, bahan wangunan, adat istiadat atawa kabiasaan, organisasi
sosial, pacaduan atawa kapamalian, jeung upacara-upacara adat. Ciri kampung adat di
Jawa Barat mibanda sababaraha kasaruaan, tapi aya ogé bédana, hal ieu gumantung
kana ajén-inajén kultural anu dipibanda ku masarakat di éta wewengkon.

Anapon nu dimaksud imah adat nya éta imah anu mibanda ciri tradisional,
biasana mangrupa imah panggung (aya kolongan), sarta bahan wangunanana di
antarana tina awi, kai, injuk, eurih, sarta batu alam pikeun tatapakan.

Imah adat dikategorikeun salaku banda cagar budaya luyu jeung Undang-
undang nomer 5 taun 1992 ngeunaan Banda Cagar Budaya, lantaran:

1. Mibanda ajén anu penting pikeun sajarah, élmu pangaweruh jeung kabudayaan.

2. Mibanda ciri husus budaya masarakat Jawa Barat (Sunda).

3. Mangrupa conto tina wangunan arsitéktur, téknologi, lanskap atawa gabungan tina
éta tilu perkara.
Kampung adat di Jawa Barat nya éta Kampung Cikondang, Kampung Kuta,
Kampung Mahmud, Kampung Gedé Kasepuhan Ciptagelar, Kampung Dukuh,
Kampung Naga, Kampung Pulo, Kampung Cireundeu jeung Kampung Urug.
Sedengkeun imah adat aya Imah Adat Citalang, Imah Adat Léngkong jeung Imah
Adat Panjalin.

E. Uji Kompeténsi

PANCEN 3

Sabadana niténan sarta maca wacana nu medar perkara kampung adat


Sunda, pikeun ngeuyeuban pangaweruh atawa kanyaho hidep ngeunaan Kampung
adat nu aya di Jawa Barat, cing pék téangan deui kampung adat séjénna tina buku,
majalah atawa internet sarta prak deskripsikeun sacara tinulis kalawan jéntré!

WILUJENG DIAJAR

You might also like