You are on page 1of 2

Fauzi Ahmad

XII IPA 2
Bahasa Sunda Pentas Seni

Assalamualaikum Wr.Wb.

Aujubillah himinassyaiton nirojim.
Bismilah hirohman nirohim.

Ashadu ala ilaha illaloh wa ashadu ana Muhamaddarosululoh. Allah huma soli ala muhammadi abdika
warosulika nabiyil umiyil wa ala alihi wasohbihi wasalim, ama badu.
Sagala puji urang sanggakeun ka gusti nu maha suci dzat nu ngatur sagala eusi dunya katut eusina,
nyaeta Allah Subhanahu Wata Ala.
Sakumaha hidayah sareng inayahna urang masi dipaparin nikmat sehat oge nikamat iman sareng
nikmat islam nyaeta nikmat anu pang ageung-ageungna.
Solawat sareng salam urang curehkeun ka baginda anu mulya nyaeta Nabi Muhammad Selewlohiu
Alaihi Wasallam.

Salaku panata acara, sim kuring ngahaturkeun wilujeng sumping ka para tamu uleman, utamina Bapa
kapala sakolah SMAN 2 Cibnong, ibu sareng bapa dewan guru SMAN 2 Cibinong, oge siswa siswi anu urang
banggakeun.
Nepangkeun wasta pu Fauzi Ahmad kelas XII ipa 2. Sim kuring ngadeg cumarios di payuneun hadirin sadaya
wireh kapancenan salaku panata acara dina ieu acara, nyaeta acara Pentas Seni dina SMAN 2 Cibinong. Sim
kuring neda widi tina kaweningan galih neda jembar setra manah seja nyanggakeun wilujeng sumping ka
hadirin sadaya anu parantos kersa ngaluuhan ieu acara, sewu nuhun laksaketi kabingahan. Sumangga
lalinggih dina tempat anu parantos disayogikeun. Mugia sing genah betah.
Hadiirn nu dipihormat, runtuyan acara dinten ieu nyaeta :
1. Bubuka
2. Pangbagea ti Kapala sakola SMAN 2 Cibinong
3. Pangbagea ti Katua OSIS SMAN 2 Cibinong
4. Ngaoskeun ayat suci Al-Quran
5. Nembangkeun Nasyid
6. Penampilan ti band kelas X
7. Penampilan ti kasenian tradisional
8. Doa
9. Panutup

Hadirin bapa miwah ibu anu ku sim kuring dipihormat. Supados teu nyangkolong kana waktos ,
sumangga ieu acara urang buka ku maos basmallah sasarengan, bismillahirrahmanirrahim..
Mugia ku ngalangkungan aosan basmallah ieu kagiatan kenging barokah sareng rido Allah SWT.

Fauzi Ahmad
XII IPA 2
Bahasa Sunda Pentas Seni
Tanpa basa bari deui, urang lanjutkan ka acara salajengna nyata Pangbagea ti Kapala sakola SMAN 2
Cibinong. sumangga kersana bapa Bambang Supriyadi, dihaturanan.

Hatur nuhun ka bapa Bambang Supriyadi anu parantos ngadugikeun pangbageana. Salajengna nyaeta
pangbagea ti katua OSIS SMAN 2 Cibinong. Ka Aditya fadillah, dihaturanan.

Hatur nuhun ka katua OSIS SMAN 2 Cibinong anu parantos ngadugikeun pangbageana. Salajengna, sim
kuring ngahaturanan ka siswa kelas X kanggo maoskeun ayat suci Al-Quran. Sumangga dihaturanan.

Hatur nuhun ka siswa kelas X anu geus maoskeun ayat suci Al-Quran. Salanjengna urang asup kana acara
inti nyaeta panampilan ti siswa siswi SMAN 2 Cibinong anu rek mentaskeun pangabisana. Anu ka hiji aya
grup nasyid SMAN 2 Cibinong. Ka grup nasyid, sumangga dihaturanan.

Hatur nuhun ka group nasyid SMAN 2 Cibinong anu parantos maparin hariring nasyid anu kacida
halimpuna. Salajengna panampilan band ti kelas X SMAN 2 Cibinong. Ka grup band, sumangga dihaturanan.

Hatur nuhun ka grup band ti kelas X anu parantos maparin ketrampilanana. Salajengna nyaeta panampilan
kasenian tradisional. Ka siswa siswi anu rek mentaskeun kasenian tradisional, sumangga dihaturanan.

Hatur nuhun ka siswa siswi anu parantos mentaskeun kasenian tradisional. Alhamdulillah acara demi acara
parantos lekasan. Nanging sateuacana urang pungkas heula ieu acara ku dua. Sumangga bapa Ustad
Ahmad Sobari dihaturanan kanggo mingpin dua.

Hatur nuhun ka kersana bapa Ustad Ahmad Sobari anu parantos mingpin dua, mugia dua urang sadaya di
kobul ku AllaH swt. Amin.

Sumangga ieu acara urang pungkas ku aosan hamdalah. Alhamdulillahirabbil alamin.
Ti simkuring, rupina sakitu anu kapihatur. Sim kuring ngahaturkaeun nuhun ka rerengrengan panitia anu
parantos ngabantosan tina sagala rupi hal pikeun ngalancarkeun acara ieu, mugia kasaean sareng bantosan
di wales ku Alloh SWT. Amin. Hapunten bilih aya basa anu lkirang merenah. Bobo sapanon carang sapakan,
luhur saur bahe carek, mugia kersa ngahapunten. Billahi taufik wal hidayah wassalamualaikum wr.wb.

You might also like