You are on page 1of 5

Wasta : Rifa Khoirunnisa

TEMA : RUMAJA RUKSAK KU ROKOK

SEUKEUTNA HASEUP ROKOK

https://images.app.goo.gl/HoJ9UMRQxKQ9AMNR8

Dina hiji waktu, aya tilu pamuda nu keur nongkrong di warkop sisi jalan. Agus,Iman, jeung
Rizal, tilu sobat anu geus deket jiga dulur. Eta tilu pamuda teh kamana mana sok babarengan, jiga
entog nu keur ngabring digiring ku nu bogana. Tilu pamuda ieu ngalaman cobaan hirup nu beda beda
jalanna.6

“Man, maneh mah sok kaleuleuwihan mun heureuy teh!!”, sentak Agus ka Iman nu tuluy
ngagoda Agus tatadi. Rizal anu ngabandungan na ngilu keuheul kana kalakuan Iman. Kusabab mun
unggal geus ngahiji, manehna sok tuluy ngagoda wae si Agus. “manehmah balaga tuda, jiga nu enya
we geuleuh kana rokok.” Omong Iman bari tuluy ngaluarkeun haseup rokokna.

Maksud ngagoda didieu teh nyaeta lain ngagoda jiga lalaki ka awewe, tapi Iman ngagoda
Agus bari niupkeun haseup rokok kana beungeutna sabari momoyok yen lalaki anu teu ngarokok teh
payah. Kusabab eta tilu pamuda garandeng wae,tukang ngajaga warkop didinya nyoroscos nyarekan
tilu pamuda eta. Tidinya Agus langsung balik ka imah ninggalkeun Iman jeung Rizal nu keur anteng
keneh nyoo haseup rokok.

Agus geus balik ka imahna. Agus mikir, mendingan balik sorangan daripada kudu tuluy cicing
deket Iman anu sok ngeleg wae. Nupuguhna mah Agus teh hayang ngajauh tina haseup rokok.
Saumur hirup, Agus can pernah nyobaan barang anu geus nyababkeun bapa na tilar dunya.

Pa Usman (Bapana Agus), salah sahiji korban seukeut na rokok. Baheula, sapopoe Pa Usman
teh ngan saukur ngepulkeun haseup rokok bari nangkring hareupeun imah. Salama hirupna, Pa
Usman ngarasa awak na teh sehat wal’afiat, tara aya keluhan anu dirasa ku dirina. Pas umurna
kaitung geus kolot, Pa Usman gering geringan, awakna ripuh sagala karasa. Teu lila tidinya, Pa Usman
ninggalkeun kulawarga na, nyiptakeun kasedihan jang Agus oge nulainna. Tina kajadian eta, Agus
janji ka diri soranganna, yen saumur hirup Agus moal nyobaan rokok nu geus nyababkeun hirupna
kaleungitan.

Beda caritana jeung Iman. Ti jaman SMP mula manehna geus wani nyobaan bau na haseup
rokok. Awalna mah maneh na kur coba coba, tapi ahirna mah manehna katagihan kana haseup nu
seukeut eta. Lamun Rizal mah geus mulai maen haseup ti mimiti asup SMA. Tapi alusna Rizal mah,
manehna ngahargaan batur anu tara ngarokok. Lamun manehna rek ngarokok, sok ngajauh hela ka
tempat anu teu loba jalma.

Mun bisa diitung mah, meureun geus unggal poe Agus mamatahan ka Iman, "tong sok
ngarokok wae,Man. Maneh teh budak sakola keneh. Sing karunya kakolot anu ngabiayaan, maning
duit na dipake nabung jang hal anu leuwih mangpaat”. Tapi ngarana ge jalma, aya we nu teu narima
lamun dipapatahan ku batur teh, “ari maneh saha ngatur ngatururang?! Keun bae atuh, duit duit
urang. Jaba da ayeuna mah urang teh geus 17taun,geus bebas. Urang karek ngarokok ge mani lebay
maneh mah, komo lamun urang make narkoba?!”.

Di warkop tempat biasa eta tilu sobat kumpul, Iman teh masih keneh sok ngagoda Agus.
Lamun Rizal mah geus aya usaha ngurangan kabiasaan kana rokokna. Rizal hayang ngahargaan pisan
kana prinsipna Agus.

“ohoo ohoo ohoo” Agus teu kahaja ngahisep haseup rokok. Aneh na mah, Agus can pernah
kapok ngumpul jeung eta dua sobatna. Agus teh tipe jalma anu ngahargaan naon anu jadi jalan hirup
babaturanna. Teu ngajauhan mun aya babaturan na anu bangor. Nu penting mah Agus bisa ngajaga
dirina ameh teu kababawa ku kalakuan babaturan na.

“lamun maneh masih kieu wae, man. Urang moal ngumpul deui jeung maneh!” omong Agus
anu nada na bari ngancem Iman. Iman ngan saukur seuseurian bari nakolan meja, teu paduli kana
anceman Agus.

Nepi akhirna........

Geus dua minggu Agus tara aya ngumpul bareng Iman jeung Rizal. “ Agus teh nyaan
ngambek ka urang nya zal?” omong Iman ka Rizal. Rizal ngan saukur bisa cicing,Pikiran na keur
ngapung kamana meni. Manehna keur mikirkeun hiji anu ngaganggu pikiran na, anu nyababkeun
manehna hariwang.

Hal anu ngaganggu kana pikiran Rizal nyaeta, kaayaan Agus. Agus nu ayeuna keur di
hariwangkeun. Iman terus kukulutuk nyoroscos ka Rizal yen ameh Rizal daek nyaritakeun naon anu
keur dipikirkeun ku manehna. Rizal ahirna wani nyarita ka Iman,beungeut na nunjukeun kasedihan.

Iman ngadekul ngadengekeun carita Rizal. Rizal mulai nyarita ngeunaan Agus. Rizal
nyaritakeun naon sababna Agus teu resep pisan kana rokok, kusabab rokok geus nyababkeun bapa
na tilar dunya. Rizal oge nyaritakeun kunaon geus dua minggu ieu Agus teu katempo, jeung deuih
Agus ge geus dua minggu ieu teu asup sakola.

“jadi kitu caritana teh” omong Rizal bari ngarenghap


Iman teu percaya kana naon anu geus Rizal caritakeun. “ kunaon teu nyarita ti baheula,zal?”
tanya Iman bari rada nyentak. Rizal geus teu bisa ngotrol emosi na, Rizal ngarasa ari geus kieu mah si
Iman teh karek nyadar kana kasalahan maneh na. Rizal ngarasa parcuma,ayeuna Agus geus beunang
seukeutna haseup rokok.

Iman ngarasa maneh na salah, iman menta hampura. Karek ayeuna Iman ngarasa salah kana
kalakuanna. Tapi Rizal ngarasa yen Iman teh geus telat ngarasa nyadar kana kalakuanna,
sabenernamah euweuh kata telat lamun jalma ngarasa hanjakal kana kalakuanna teh. Tapi, Rizal
bener bener emosi ka Iman anu karek ngarasa nyadar yen kalakuan maneh na salama ieu teh salah.

“ayeuna mah, anterkeun urang panggih jeung Agus,zal”

******

Kamar Anggrek nomer 21 nu aya di salah sahiji Rumah Sakit di daerah Bandung, Agus
ngagelempar luhureun kasur Rumah Sakit. Manehna can pernah ngabayangkeun yen diri na bakal
boga panyakit kanker paru paru jiga bapa na baheula. Maneh na inget, jalma anu tara ngaroko oge
bisa kaserang panyakit kanker gara gara haseup rokok. Tapi,Agus ngan saukur bisa pasrah kana naon
anu geus kajadian. Agus teu bisa nyalahkeun sasaha. Oge teu bisa nyalahkeun Iman nu sok niupkeun
haseup rokok kana beungeutna.

Rizal jeung Iman geus nepi kamar, tempat sobatna ngagelempar teu bisa usik. Iman ngan
saukur bisa cicing, teu loba omong. Di pikiranna keur bingung kumaha carana menta hampura ka
Agus,Iman nyadar kalakuanna teh kaleuleuwihan.

Rizal jeung Iman masih keneng cicing nungguan Agus sadar. Nepi 15menit, Agus
sadar,manehna langsung nyadar dua sobat na teh keur aya disisina, “Zal,Man. nuhun nya geus
ngalongok”, sora Agus mani leuleus. Beungeutna pias. Pipina ngaleutikan.

“hampunya nya,Gus”, omong Iman bari ngadegdeg. Iman ngarasa hanjakal pisan. Lamun we
ti baheula manehna teu ngagoda wae si Agus,Agus moal nepi ka gering kieu. Kitu oge, Agus mah teu
nyalahkeun Iman. Agus mikir, musibah ieu datangna ti gusti Allah. Agus kur bisa ngomong yen
musibah ieu teh lain gara gara si Iman.

Peuting eta, Iman babaturan anu pikaseubeuleun ngadadak jadi bageur. Iman ngucurkeun
caipanon na bari ingsrek-ingsrekan. Satengah jam Iman jeung Rizal maturan Agus di kamar Rumah
Sakit, manehna duaan kudu balik lantaran jam besuk Rumah Sakit geus beak. omong Iman jeung
Rizal nyemangatan Agus sabari pamit ninggalkeun kamar. Maranehn mere do'a ameh Agus geura
cageur, jeung oge ameh maranehna bisa kumpul deui tiluan.

Agus ngarasa, dirina jadi leuwih sumanget lantaran geus dilongok ku sobatna. Agus jadi
leuwih yakin manehna bakal bisa ngalawan panyakit kanker nu keur nyerang awakna.

Sangges ti Rumah Sakit, Rizal beuki yakin yen maneh na kudu eureun ngamaenkeun haseup
rokok. Manehna embung boga nasib sarua jiga Agus. Sarua jeung Iman, maneh na ge mulai sadar,
naon anu salama ieu dibangga banggakeun ku maneh na teh nyaeta salah sahiji kalakuan anu bodo.
Iman bener-bener hanjakal kana kasalahanna. Oge manehna mulai ngarubah kabiasaan burukna.
Iman janji, ek lepas tina nu ngaranna rokok. Pasti hese, tapi Iman bakal berusaha heula.

********
Hiji lalaki keur lumpat bari ngos ngos-an, tujuanna ek datang ka imah babaturanna. Manehna
lumpat sabari ngucurkeun cai panon na. Nepi ka hareup imah, nu boga pager warna coklat, maneh
na mulai gogorowokan ngucapkeun salam bari nyebutkeun ngaran babaturanna. Teu lila tidinya,
babaturan anu tadi digeroan kalur ti jero imahna sabari muka gerbang, “aya naonnn , Zal?”

Bener, lalaki anu tadi lulumpatan teh nyaeta Rizal, manehna lulumpatan ka imah Iman. Pas
muka gerbang imah na, Iman katempo caludih, rambut na acak acakan, kaciri pisan jiga jalma anu
karek hudang sare.

Rizal teu ngajawab. Manehna masih keneh ceurik ingsrek-ingsrekan. Iman bingung, kunaon
Rizal teh. Hate na teu ngeunah rarasaan. Lantaran geus ngarasa tenang, Rizal ahirna nyaritakeun
naon kajadian anu sabenerna.

Teulila tidinya, manehna duaan geus aya di imah Agus. Iman masih keneh ngarasa teu
percaya nempo babaturan na, Agus ditutupan ku kain kafan. Rizal ge masih keneh teu bisa eureun
ngocorkeun cai panon. Ngabayangkeun bakal ditinggalkeun ku sobat salama-lamana.

Saberes yasinan, manehna duaan ngilu nganterkeun jenazah ka pemakaman. Pas jenazah
diturunkeun kana liang lahat, Iman jug jug labuh tuluy pingsan. Suasana makam anu tadina tiis, ngan
saukur kadangu sora ceurik na jalma. Ngadadak jadi ricuh. “Man, sadar Man” Rizal bari ngaoyag
oyag awak Iman.

******

Iman ahirna sadar, bari hulang huleng. Bingung dimana ieu, “ehhh mak, naha Iman aya
diimah? Bieu mah Iman teh keur di kuburan”. “ngomong naon atuh maneh teh, man? Tatadi maneh
teh keur sare. Emak ngahudangkeun teh pedah itu aya si Rizal di hareup.”

Iman reuwas, langsung lumpat nyamperkeun Rizal. Iman ngarasa lega, lantaran kajadian tadi
teh ngansaukur ngimpi hungkul. “ehhh, Zal. Aya naon gening?” Iman nanya bari sieun, sieun ngimpi
tadi teh kajadian. Rizal ngilu reuwas lantaran melong Iman nu jiga keur nempo jurig. Kusabab Iman
mani loba omong, Rizal nyarita bari buru buru. Ngeunaan kaayaan Agus.

*********

Iman jeung Rizal diuk di ruang tunggu kamar Anggrek nomer 21. Hariwang nungguan kabar ti
dokter ngeunaan kaadaan Agus anu keur di operasi. Bener , Agus teh acan wafat. Ngan Agus can bisa
balik ka Imahna, lantaran masih kudu dirawat jang kasembuhan kanker na.

Lalaki make baju jubah bodas umur 40an kaluar ti ruang operasi. Iman jeung Rizal langsung
nyamperkeun dokter nu karek kaluar tadi. “kumaha dok? Kumaha kaayaan babaturan abi?” Rizal
jeung Iman nanya babarengan. “alhamdulillah operasi na berjalan lancar”, omong dokter tadi.
Manehna duaan langsung asup ka ruangan anu ditempatan ku Agus, ruangan anu ayeuna mah
karasa na teh ruangan anu pinuh ku kabungahan.
*****

Loba hal anu berubah. Sabulan kamudian, maranehna tiluan geus mulai bisa kumpul bareng deui.
Nya tentu na di warkop anu biasa dipake eta tilu sobat nongkrong babarengan. Beda na, ayeuna mah
euweuh saeutik pun haseup rokok. Rizal geus resmi eureun tina haseup rokok. Iman oge saruana
geus benci kana nu ngarana “rokok”. Moal deui-deui manehna ngahisep nu ngaranan rokok nu geus
nyababkeun sobat na sangsara baheula.

Ayeuna, eta sobat tiluan geus mulai osok ngumpul deui babarengan. Jiga poe ayeuna, manehna
tiluan keur siap siap rek mangkat jogging. Tiluan nana geus boga prinsip ek nerapkeun pola hirup nu
sehat, jadi getol olahraga jeung geus keukeuh ngajauhan haseup rokok. Tilu sobat eta hayang hirup
na jadi leuwih mangpaat jang nagara, oge jang dirina sorangan.

Masing eta sobat tiluan geus ngurilingan lapangan 3 balikan, tapi maranehna can oge
ngarasakeun cape. Agus,Iman jeung Rizal, ahirna bisa ngarasakeun deui hirup nu sabenerna, hirup
anu pinuh ku kabagjaan.

Maranehna hirup saling pacekel-cekel nepi ka kolot ngke.

You might also like