You are on page 1of 2

Liburan ka Jakarta

( Karya : Vina Alipah Sulistiani, Kelas VII G )

Dina dinten Kemis kaping 25 Desember 2014, kinten-kinten tabuh 06.00 WIB, abdi
sareng Mamah angkat ka Jakarta. Kumargi seueur pisan kanggo oleh-oleh anu bade dicandak,
janten angkat ti bumina ( di Cigobang ) dijajapkeun ku Ang Hari (Raka) kana mobil dugi ka
Terminal Banjarsari.

Sadugina di Terminal banjarsari abdi sareng mamah direncangan oge ku Ang Hari,
istirahat heula sambil ngantosan Bus anu sumping. Henteu lami Bus teh sumping, teras be abdi
sareng mamah naraek kana Bus jurusan Banjarsari-Tj.Priuk Sedengkeun barang-barang
cacandakanna mah dilebetkeun kana bagasi ku Pa Kenek Bus. Teras Ang Hari mah uih deui bari
ngadadahan ka abdi sareng ka Mamah.

Saentosna dina mobil, abdi ngaraos bungah kacida. Abdi ngabayangkeun kacida endahna
kota Jakarta margi abdi nembe pisan bade nincakeun sampean ka Ibu kota Nagara. Sapanjang
jalan abdi ningalian kaayaan daerah disisi jalan ternyata wilayah indonesia teh padat penghunina
margi sapapanjang jalan teh seueur pisan bumi-bumi sareng pertokoan anu kacida alagrengna.
Teras di jalanna oge meni seueur pisan kandaraan, tikawit motor, mobil pribadi, sareng mobil
angkutan umum oge aya.

Kumargi ti wengina abdi kirang bobo, janten abdi teh kaboboan. Barang abdi gugah, eh
tos dugi nagreg. Pas tanjakan nagreg meni seueur pisan mobil anu lalu-lalang teh, nuakibatna
perjalanan teh janten macet. Mobil teh majuna siga anu ngarayap lalaunan. Lumayan rada lami
ngantosan jalanna lancar sapertos biasana deui. Nu akhirna abdi dugi kaboboan deui.

Mobil teh liren heula di Best Area tol Cipularang. Abdi sareng mamah lalungsur heula
bade istirahat. Meni raraoseun tempatna teh mung arawis pisan katuangan nu aya didinya teh.
Maklum kenging ku pajeg panginten janten benten sareng di daerah urang. Teulami teras abdi
sareng rombongan Bus teh neraskeun deui perjalanan. Teu karaos, alhamdulillah abdi tos dugi
terminal Tj.Priuk di Jakarta. Abdi sareng mamah lalungsur teras teu lami aya Teteh sareng
carogena ngajemput. Teras be abdi sadayana meluncur ka bumi teteh di Jakarta Utara.

Sadugina di bumi teteh, abdi ngaraos bingah sareng bersyukur ka Alloh SWT akhirna
tiasa rurumpaheun dugi ka Kota Jakarta. Teras be abdi istirahat bari ngawangkong
ngaleupaskeun kangen sareng teteh sakulawargi.

Enjingna abdi teuacan kamana-mana margi teteh na masih damel teu acan libur. Dina
dinten minggu na abdi sareng mamah ku teteh sareng aang diajakan jalan-jalan ka Ancol sareng
ka Monas. Lumayan tebih oge tempatna ti bumi teteh teh tapi alhamdulillah teu macet.

Tempat anu ngawitan dijugjug teh nyaeta Monas ”Monument Nasional”. Subhanalloh,
endah pisan tempatna. Abdi ningal langsung puncak tugu Monas anu didamelna tina emas
24karat. Waktos eta teh meni rame pisan seueur pangunjungna. Maklum nuju dinten liburan
panginten.

Saentosna ti Monas teras abdi sakulawargi neraskeun deui perjalanan nuju ka Ancol.
Sadugina di Ancol abdi teu nyadar gumujeng nyalira dugika ditaros ku mamah “ Kunaon Yang
ko gumujeng, meni aneh kitu? Heee” sambil janten gumujeng deui. Sepontanitas abdi ngawaler
bari gumujeng deui “emut ka film di TV mah,mana Si Manis Jembatan Ancol na?” haaaaaa....
gerrrr be abdi sakulawargi teh janten tambih seuseurian. “eta mah saukur carita atuh Iyang....“
Saur si Teteh bari ngabarakatak. Subhanalloh ternyata sami bae kaayaan di Ancol oge meni rame
sareng endah pisan matak betah anu sarumping. Saentosna cape muter-muter jalan-jalan di Ancol
teras abdi sakulawargi wangsul deui ka bumi teteh.

Enjingna kaleresan teteh masih libur. Abdi sareng mamah diajak jalan-jalan deui ka TMII
(Taman Mini Indonesia Indah). Langkung rame pisan di TMII teh margi seueur pisan kaulinan
modern anu teu aya di lembur heeee. Abdi, mamah sareng teteh oge aang nyobian hampir
sadayana kaulinan anu aya didinhya. Mung waktos naek “Halilintar sareng Kareta gantung mah”
abdi ngaraos sieun kacida margi kacida lewang pisan meni asa bade copot jantung teh. Duh
pokona mah meni bungah kacida abdi teh. Mung teu karaos waktos teh tos sonten akhirna abdi
sakulawargi wangsul deui ka bumi teteh.

Pas malem taun anyar kinten-kinten bada magrib abdi sareng mamah diajakan jalan-jalan
deui ka Supermarket bade meser oleh-oleh sareng sakantenan hoyong ningal pesta kembang api.
Waaaaw rame kacida pesta kembang api di Kota mah. Pa Polisi oge dugika sibuk
ngamankeunana. Pokona mah resep kacida be. Taun payun mah duka tiasa deui apa henteu ka
Jakarta teh. Mudah-mudahan sih sing tiasa deui. Tabuh 1 wengian abdi sakulawargi uih deui ka
bumi teteh.

Kirang langkung saminggon di Jakarta,abdi teh betah pisan saleresna mah mung da
kumaha tetep be emut ka rai-rai sareng kulawargi nu aya di lembur. Nyatana pami patebih mah
karaos sono sareng kulawargi teh. Janten kaemut pami pacaket mah abdi teh sok joledar oge
gelut bae sareng rai-rai teh.

Akhirna dinten Saptu kaping 3 Januari 2015 kinten-kinten tabuh 7enjing-enjing abdi
sareng mamah wangsul deui ka lembur. Sajajalan abdi meni tos teukiat hoyong geura dugi ka
bumi di lembur. Hoyong geura masihkeun oleh-oleh kanggo rai-rai.

Alhamdulillah kinten-kinten tabuh 5 sonten, abdi sareng mamah tos dugi ka terminal
Banjar. Pas dugi terminal, eh geuningan bapa sareng rai-rai tos aya ngarantosan. Abdi meni
langsung lumpat muru ka aranjeuna teras ngagabrug bakat ku sono sareng bingah tiasa kempel
ngariung deui. Alhamdullilah sadayana sarehat. Teras abdi sakulawargi uih ka bumi di Cigobang
bari nyandak paraosan anu kacida bagjana.

You might also like