You are on page 1of 1

CHIKA P CRISTIANA

XI IPS

Warta Kasehatan

PENTINGNA KASEHATAN

Kasehatan teh penting pisan jang kahirupan manusa/sabab kasehatan teh nangtukeun pisan kana
kagiatan urang sapopoe/ maksadna mun awak urang sehat pasti sagala kagiatan urang bakal
lancar/jeung oge lamun awak urang sehat pasti jiwa urang bakal kuat/pan aya pepatah “didalam tubuh
yang sehat terdapat jiwa yang kuat”// Janten kasehatan teh paktor penting nu teu bias disampingkeun//
Urang wajib jeung kudu miara kasehatan awak/ sangkan ngajalankeun amanat-amanat ti Allah SWT//
Lingkungan sabudeureun urang teh kudu bersih/lantaran lamun lingkungan sabudeureun urang
kotor/bakal jadi sarang panyakit// Salaen eta kasehatan teh lain ngan ukur kasehatan ti awak urang
wungkul nu kudu di jaga lingkungan sabudeureun oge kudu di jaga/ salah sahiji na
nyaeta/ngaayakeun  gotong royong ngabersihkeun lingkungan sabudeureun urang/ minimnal
saminggu dua kali// Anu di bersihkeun teh bumi sareng jalanan sabudeureun urang/ pan kabersihan
teh sabagian dari iman//
Kadaharan sapopoe anu sehat jeung ngandung vitamin oge penting pisan/ lantaran kadaharan anu
di dahar ku urang nangtukeun oge kana kasehatan urang/ nyaeta anu nyangkut kana pasualan gizi anu
aya di awak urang / sabab zat gizi teh salah sahiji zat anu dibutuhkeun awak urang/ zat-zat lain nu
dibutuhkeun awak urang nyaeta sapertos zat besi/karbohidrat/ vitamin/ protein/ mineral sareng
lemak// Janten kadaharan anu sehat teh penting pisan keur kasehatan urang//
Balukar anu timbul lamun urang teu ngajaga  kasehatan/nyaeta awak urang bakal katerab
panyakit//Jeung lamun urang teuy ngajaga lingkungan sabudeureun urang /bakal jadi sarang panyakit
anu ngarugikeun urang/sabab ceuk pepatah oge “lebihg baik mencegah dari pada mengobati”//
Janten/urang teh kudu salalu ngajaga lingkungan sabudeureun jeung awak urang sangkan bersih jrung
sehat//

You might also like