You are on page 1of 1

Nama : Dini Farizah

Kelas : XI MIPA 3
TES HARIAN KD 3.1

1. Naon nu dimaksud biantara ?

Biantara nyaeta kagiatan nyarita di hareupeun balarea pikeun nepikeun hiji maksud


atau informasi nu penting anu disusun sacara merenah tur rapih dina suasana nu
resmi atau teu resmi.

2. Sebutkeun jenis-jenis biantara !

a. Dadakan (impromtu), biantara anu ngadadak lantaran teu make naskah


b. Catetan ringkes (ekstemporan), biantara ku cara nempo raraga atau runtuyan
singket eusi biantara
c. Naskah (manuskrip), biantara ngagunakeun naskah atau maca naskah
d. Talaran (memoriter), biantara ku cara ditalar atau diapalkeun heula naskahna.

3. Jieun saalinea bagian eusi tina biantara, kalawan tema covid-19!

Hadirin sadayana nu dipikahormat,


Sapertos anu urang terang ayeuna wabah covid 19 nuju merebah, virus ieu
nimbulkeun macem-macem dampak dina kahirupan urang, jutaan jalma kainfeksi
jeung rebuan jalma mulih ka nu maha kuasa kusabab virus ieu, kahirupan ekonomi di
sagala kalangan oge ngalaman panurunan anu drastis. Dina kaayaan ieu tangtos urang
kedah ngahadapkeunana ku sikap sabar,ikhlas,tawakal, ulah hilap oge urang kedah
kerjasama pikeun ngalawan virus ieu, upami urang egois dampakna teu ngan saukur
ka diri urang sorangan tapi oge ka jalma-jalma nu aya disabudeureun urang. Tapi
salian ti pangaruh negatip anu urang rasakeun dina wabah ieu, aya oge pelajaran anu
tiasa urang candak, ku sabab insyaallah dibalik sagala cobaan nu nimpa ka urang
sadaya bakal aya hikmahna, dina ieu wabah aya hikmah nu tiasa urang candak nyaeta
yen urang leuwih deket jeung kulawarga nu aya di bumi, salian ti eta urang oge tiasa
nambihan ibadah di bumi, upami biasana waktos ibadah urang ngan ukur
dilaksanakeun di masjid salami salat fardhu hungkul, ayeunamah urang tiasa
ngalaksanakeun ibadah fardhu oge ibadah sunnah di bumi. Ku margi eta urang janten
terang yen dibalik sagala cobaan nu nimpa urang teh bakal aya hikmahna.

You might also like