You are on page 1of 9

Muhamad Iqbal Aminuddin

Xl – IPA 7
Ngudag Manuk Bapa
Dina hiji waktu , ba’da ashar abdi sareng bapa
boga rutinitas nyaeta ngurus manuk japati.
“Jang hayu urang ngamandian si jalu” saur
bapa ngageroan ti dapur
”siap pak” tembal abdi bari cengkat.
Abdi sareng bapa langsung angkat ka kandang. Manuk
na teh ngaranna si jalu, si jalu teh spesial lantaran pernah
juara lomba balap japati sa-jawa barat.
”Jang pang mawakeun selang, teras wadahan
caina kana ember” saur bapa bari nuduhkeun selang.
”Muhun pak, selang na nu alit nya pak”saur
abdi bari nangtung.
”Heeh nu eta”tembal si bapa.
Teras abdi nyandak barang nu dititah dibawa teras
ngalaksanakeun naon nu dititah ku si bapa, ember teras
diwadahan cai tina selang kana ember. Sabari si bapa
ngamandian si jalu abdi nyapukeun kandang manuk.
“Jang kadieu,ieu pang nyepeungankeun si
jalu ,bapa bade ka jamban heula sakedap”saur bapa bari
ngaleos ka jamban.
“Muhun pak siap” tembal abdi.
Abdi dipiwarang nyepeungan si jalu sabot si bapa ka
jamban. Bari nyeupeungan si jalu abdi bari nyoocai, teu
lila kadenge sora “Bruk” aya nu cilaka di sisi jalan
.”Astagfirullah” saur abdi bari cengkat.
Teras abdi langsung ninggali ka sisi jalan,
gening ibu-ibu tubrukan, untung we ngan saukur lecet-
lecet teu aya nu serius. Ditilik-tilik dina benteng tatanggi
asa siga si jalu.
“Astagfirullah”saur abdi bari reuwas,
heeh eta si jalu. kulantaran abdi langsung lumpat ka
tempat tubrukan abdi hilap keur nyeupeungan si jalu.
Lantaran katitipan si jalu ku si bapa abdi langsung udag
eta si jalu da sieun dicarekan ku si bapa.

Geus lila lumpat teu nyangka tos aya di


payuneun gedong kantor kecamatan nu jarakna kira-kira
250m ti bumi abdi. abdi eureun di kantor kecamatan
lantaran asa ninggali si jalu di luhur kenteng gedong
kantor kecamatan. Bari ngurilingan kantor kecamatan
abdi bari nilik-nilik kana genteng.

“aya belah mana eta si jalu”sora abdi dina jero


hate.Teu lila aya nu kaluar ti jero gedong kantor
kecamatan. Teu lain nu kaluar teh pak camat nyaeta pak
maman.
“jang nuju naon”saur pak camat ngageroan ti
kantor.
“nuju milarian manuk pak”tembal abdi.
”manuk naon”saur pak maman.
”Manuk si bapa, nu japati nu warna hideung
rada bodas
”tembal abdi.”oh, heeh sok. Kade ulah jauh-
jauh bisi diculik ayeuna mah ker usum culik, ulah
kamalinaan sakedap deui maghrib”saur pak maman
mamatahan.
“muhun pak, siap”tembal abdi. Ti wetan aya
sora japati ti luhureun tangkal sukun, lantaran hayang si
jalu turun eta si jalu ku abdi teh dialung make batu
”sugan we si jalu turun ka handap”saur abdi
dina jero hate.
Lainna turun si jalu teh kadon indit deui hiber,
langsung we ku abdi udag deui eta si jalu da bisi leungit
jejak na. Teu aneh lamun hese ngudag si jalu da si jalu
teh juara sa-jawa barat tea geus mah luhur ngapungna, tur
gancang deui, si jalu teh da teu siga manuk biasa moal
aya cape na.
Untung si jalu teh nyengclek dina tangkal jambu.
Kulantaran pangalaman lamun dialung make batu si jalu
teh lainna turun kadon hibeur deui indit ngajauhan. Mikir
abdi didinya, kumaha carana meh eta japati teh bisa
katangkeup.

Teu lila katinggal ti kajauhan aya babaturan abdi


namina juli jeng nur, si nur jeng juli teh sobat pisan
sareng abdi tos ti kelas 2 SD babarengan ngan ayena mah
tara papanggih da beda sakola jeung abdi ayeuna mah
sibuk ngurus japati di bumi, da si bapa lain sa ukur hobi
kana japati tapi oge aya bisnis na sakedik-sakedik.

“jul nur kadieu”saur abdi ngageroan ti jauh


bari gagupayan.
”naon”tembal si nur.
”Bantuan urang, manuk si bapa kabur”saur
abdi.
“naha bet bisa kabur”saur si juli bari datang
ngadekeutan.
“Teu kahaja ker nyeupeungan si jalu aya nu
tubrukan, kaleupaskeun we si jalu, teras hiber jeung
kabur we”saur abdi.
“euh dan maneh mah, sok lah dibantuan”saur
si nur.
”sok naon nu kudu urang lakukeun jang
ngabantuan maneh” tembal si july bari gek diuk.
“ayena mah urang pikirkeun hela we, kumaha carana
meh eta japati teh katangkeup, henteu kabur deui. Da
lulumpatan ngudag manuk jawara sa-jawa barat da
cape”saur abdi.
”akh kumaha lamun urang naek kana tangkal
jambu bari mawa jagong, jadi engke si jalu teh kapancing
teras mun geus deukeut tewak”saur si juli karek meunang
ilham.
”hayu lah urang cobaan, sigana mah rada alus
ide teh. Tipada loba mikir ke na jadi loba cicing” tembal
abdi.
”GAS KEUN!”arurang ngarorowok.

Teras abdi juli, jeng nur babagi gawe, abdi


jeng nur neangan jagong si jul ngajagaan si jalu bising
kabur deui. Untung teu jauh ti tangkal jambu aya tukang
seupan jagong jadi teu lila neangan jagong na da si jalu
sok reuseup dahar jagong. Langsung we abdi meuli
jagong 1, hargana Rp 3000 an, saatos meser jagong abdi
jeung si nur langsung gera balik deui ka tangkal jambu da
bisi lila teuing ngke kaburu si jalu kabur deui.

Pas nepi ka tangkal jambu abdi juli jeung nur


gambreng tujuan na jang nangtukeun saha nu rek naek
bari mawa jagong kana tangkal jambu. Geus lila
gambreng kinten kinten 15 kali gambreng akhirna mah
abdi nu naek da si juli jeung nur mbungeun naek dan
sieuneun bisi teu bisa turun deui.

”Sok lah dieu urg we, lila bisi kaburu si jalu


kabur deui”saur abdi rada kesel.

Teras abdi naek kana eta tangkal jambu bari


mawa jagong, abdi naek lalaunan da tara tara abdi naek
kana tangkal jambu, biasana abdi naek kana tangkal
cengek da tangkal cengek mah teu kedah di taekkan da
pendek. Lalaunan abdi akhirna nepi kana dahan tangkal
jambu nu mana didinya aya si jalu ker nyengclek nyantuy
dina ujung dahan tangkal.

“oi, lalaunan ulah rusuh jeung ulah loba


tingkah bisi hibeur”gorowok si nur ti handap.
“Heeh apal, nu di handap ge ulah loba
ngomong urang teu konsen”tembal abdi ti luhur tangkal.
“nya muhun a”tembal si nur.

Abdi lalaunan ngarayap dina dahan tangkal


ngedeukeutan si jalu. Si jalu laun laun mulai
ngadeukeutan, saeutik deui beunang kana jagong nu aya
dina panangan abdi jol kadenge sora “kretek” tina dahan
nu ku abdi didiukan. Nu asalna keur dina posisi ngarayap
atawa nangkuban abdi gera-gera hudang kana posisi diuk,
tambih deui si jalu nu tadina ges deukeut ngajauh deui.

Lantaran siun dahan na potong teras labuh ka


handap, abdi akhirna turun bari teu meunang hasil atawa
gagal nagkep si jalu. Ges nepi di handap abdi teu putus
akal abdi sareng juli jeng nur mikir deui naon nu kudu
dilakukeun deui gues sagala cara dicobaan make cara
kieu make cara kitu anggeur we teu beres.

Ti arah tukang jagong datang pamuda teu lain


eta pamuda teh emang abdi nu gawe ka bapa,
pagaweanna teh ngurus kabeh manuk si bapa.
”jang ker naon”saur emang ngadatangan.
”ieu mang manuk japati nu bapa kabur”tembal
abdi rada siun.
”itu mang aya di luhur, dina tangkal
jambu”tembalsi juli.
“oh kalem, tungguan” tembal si emang bari
indit ka motorna.
Teu lila si emang balik deui mawa manuk
japati jeung kandangna.
”kanggo naon mang” taros abdi.
”ieu the si jalu kan, eta corak na khas pisan
”saur emang.
”apal wae si emang mah”tembal abdi.
Teras si emang ngaluarkeun hiji manuk japati
nu bikang, teras eta japati the dikelepek eh teu lila si jalu
turun ka si emang ngadatangan bikang na.
“Teu kapikiran sing sumpahna”saur abdi.
Akhirna mah abdi nitip eta si jalu nu tos nyieun
abdi jadi cape hate komo deui fisik cape pisan. Abdi nur
jeung juli akhirna ngalanjut keun kana ulin da kagok tos
ngumpul tilu serangkai kari lanjut ulin ka lapang deukuet
masjid di daerah bumi abdi. Abdi ameng nepi adzan
maghrib, saatos maghrib abdi sholat heula teras uih ka
bumi.
Di jalan uih ka bumi abdi teu tiasa tenang da
siun keneh di carekan ku si bapa tos si jalu leupas, ameng
ka luar teu bebeja heula, uihna peuting teuing deui. Tapi
ngeunaan si jalu mah rada tenang da tos beres, tos
katangkeup deui aya di si emang.

Pas nepi ka bumi bener we


“Aa, Kamana wae jam sakieu karek balik”sora
si mamah ngagorowok ti dapur bari ambek.
“ieu mah, aa tos ameng sareng nur jeung juli
di masjid”tembal abdi sieun di carekan deui.
Kalanjutanna teras abdi di carekan ku si
mamah lami pisan si mamah intina si mamah ngambek
abdi angkat teu ngomong heula. Datang si bapa , beuki
siun abdi tos mah ku si mamah dicarekan ditambih deui
si bapa istigfar we abdi the dina jero hate, Tapi lainna
nyarekan si bapa mah ngabela abdi.
”keun bae da budak, keun lah ulin ge da moal
jauh jauh teuing, si aa ge tos ngabantosan bapa
ngabersihan kandang, ngamandian manuk ,nyapuan” saur
bapa ngabela abdi.
”nya lah kumaha bapa we”tembal si mamah
bari ngaleos ka kamar.
“jang ke deui mun ek ulin bebeja heula”saur
bapa mamatahan.
“siap pak, abdi hilap tadi. Hapunten”saur abdi
sasadu ka si bapa.
Alhamdulillah sadaya masalah tos beres, ti
awal ngaleupaskeun si jalu dugi ka nu terakhir di carekan
ku mamah, lain cape deui aih ti isuk-isuk lulumpatan
ngudag manuk ditambih kedah mikir cara nagkeup na.
Pokok na mah rame pisan abdi ge tiasa pendak jeung tilu
serangkai nu ayeuna tara papanggih da saribuk masing
masing.
Sukur oge si bapa teu ngambek , da teu
apaleun lamun si jalu japati jawara sa-jawa barat
kareuseup si bapa tadi leungit kabur ka deukut jalan raya.
Teu kabayang lamun si bapa apal meureun tadi teh teu
dicarekan ku si mamah hungkul tapi dicarekan ku si bapa
oge. Kapayunna urang kedah leuwih ati-ati mun dibere
tanggung jawab ku batur.

You might also like