You are on page 1of 11

NASKAH DRAMA

“SANGKURIANG”

Disusun Oleh:
1. Adhitya Rizky Nugraha 10. Mochamad Rayvan N.
2. Andri Agustian 11. Pebrianti Anjani Putri
3. Andrian Fadilah 12. Rangga Adi Lesmana
4. Ahmad Fauzan 13. Rani Anjaeni
5. Aldhiaz Reifan Faiz 14. Risma Setiawati
6. Andietha Putri Levant’y 15. Rizqyani Nurul Fadillah
7. Denia Reyna Fitriyani 16. Tiara Dwi Miracle T.
8. Jason Jonathan 17. Zahra Gania Inayatulah
9. Muhamad Alpi 18. Zahra Ummu Khoir S.

KELAS IX-I SMP


NEGERI 2 SUMEDANG
2023

Pertélaan Palaku :
- Aldhiaz Reifan Faiz (Narator)
- Zahra Gania Inayatulah (Sutradara I)
- Denia Reyna Fitriyani (Sutradara II)
- Andri Agustian (Kru I)
- Muhammad Alpi (Kru II)
- M. Rayvan (Kru III)
- Risma Setiawati (Kru IV)
- Jason Jonathan (Kru V)
- Pebrianti Anjani Putri (Kru VI)
- Ahmad Fauzan salaku Jaka/ Sangkuriang
- Andita Putri Levanty salaku Dayang Sumbi
- Adithya Rizky Nugraha salaku Si Tumang
- Rizqyani salaku Dewi-Bu
- Rani Anjaeni salaku Edoh
- Tiara Dwi M salaku Nyi Ksikan
- Zahra Ummu salaku Nyi Euis
- Rangga Adi Lesmana salaku Jin Jajang
- Andrian Fadilah salaku Jin Ujang

Narator : Dicaritakeun ti sarebu taun kepengker, aya raja jeung ratu anu
ngalahirkeun putri meuni kacida geulisna. Ngaranna Dayang Sumbi anu
kasohor geulis jeung pinter. Hiji nu matak dipikaheman teh nyaeta ieu putri
meuni ogo. Dina hiji wanci, Dayang Sumbi nuju ngarajut di payun bumi
istana sabari katingali lungse, teu lila eta putri leungiteun benangna.

Adegan 1

Dayang Sumbi : Ihhh murag wae, kunaon sih! Meuni hoream pisan. Sok atuh pang
mawakeun engke lamun aya nu pang mawakeun ku kuring diadikeun
salaki.

Narator : Saparantosna putri ngecapkeun sumpah, torojol anjing sakti si Tumang


datang.

Tumang : Ieu pintalan benangna, Tuan Putri! Sok mangga!

Dayang Sumbi : Hah? Naha kalakah anjing nu nyokot pintalan benangna? nya atuh daek
teu daek kuring kudu kawin jeung anjing ieu. Eleuh eleuh Gusti, kumaha
ieu?

Narator : Saterasna Dayang Sumbi sareng Tumang nikah jeung hirup bagja nepi ka
boga anak nu mangrupa anak manusa atanapi miboga kakuatan gaib
kawas bapana. Ieu budak dingaranan Sangkuriang. Dina mangsa
tumuwuhna tea Sangkuriang biasana sok babarengan jeung si Tumang.
Hiji poé Dayang Sumbi ngageroan anakna Sangkuriang.

Adegan 2

Dayang Sumbi : Sangkuriang, sangkuriang kadieu. Ibu nuju hoyong emam sareng daging
mencek. Punteun pang neangankeun mencek di leuweung sareng si
Tumang.

Sangkuriang : Mangga, Ibu. Simkuring moal uwih sateuacan meunangkeun mencek.

Narator : Wanci sareupna Sangkuriang nepi ka leuweung

Adegan 3

Sangkuriang : Kamana deui nya? Naha sih mencek teh meni hese hese teuing? Capek ih.
Sakeudeung deui rek peuting, pokona kuring kudu meunangkeun nu
dipikahoyong ku ibu. Bantuan atuh Tumang! Lamun teu ngabantuan,
panahna bakal nancep di awak maneh siah Tumang!

Narator : Sangkuriang anu kacapean ngancem bakal maehan si Tumang lamun teu
meunang mencek. Tumang anu titatadi lulumpatan neangan mencek
kacapean teras balik deui ka tempat Sangkuriang.

Tumang : Sangkuriang, Sangkuriang! Mencek-na can kapanggih… Kumaha atuh?


Lamun moro mencek-na dituluykeun enjing deui kumaha?

Sangkuriang : Hampura Tumang. Kuring geus janji bakal ngabawa daging mencek keur
ibu poe ieu.

Narator : Sangkuriang nyokot anak panahna teras diarahkeun ka si Tumang.


Sangkuriang balik deui ka bumina mawa daging si Tumang keur ngaganti
daging mencek.

Adegan 4

Sangkuriang : Ieu dagingna.

Dayang Sumbi : Hatur nuhun nak. Ibu masak heulanya, engke urang emam sasarengan.

Narator : Saeunggeus nerima dagingna, Dayang Sumbi masih teu nyadar keneh
lamun si Tumang teh leungit, tuluy ngolah dagingna.
Adegan 5
Dayang Sumbi : Ieu tos janten, di emam heulanya. Ai si tumang dimana?

Sangkuriang : Tu-tumang geus maot…

Dayang Sumbi : Hah? Maot? Saha anu ngabunuh si Tumang asa tadi ngilu maneh
ngaburu… Saha anu ngabunuh na? Boa-boa…

Sangkuriang : Ke heula bu, Sangkuriang bisa ngajelaskeun! Tadi, Sangkuriang jeung si


Tumang can manggih mencek hijipun. Jadi saacan balik ka imah
Sangkuriang kapaksa ngabunuh si Tumang. Daging anu tadi didahar teh
sabenerna daging si Tumang…

Dayang Sumbi : Bangka warah siah! Dasar anak anjing! (mukul)

Sangkuriang : Aduh nyeri! Kunaon sih ibu aambekan wae? Jadi ibu lewih nyaah ka si
Tumang tibatan kuring budak ibu? Nya engges lah kuring rek indit wae.

Dayang Sumbi : Lain kitu nak! Lain kitu maksud ibu! Ibu nyaah pisan ka sangkuriang.
Sangkuriang!

Narator : Sanajan Dayang Sumbi geus menta hampura, Sangkuriang keukeuh indit
ninggalkeun indungna. Akhirna, Dayang Sumbi indit neangan dewi erek
curhat jeung menta bantuan.

Adegan 6

Dayang Sumbi : Dewi! Dewibu! Bantuan urang…

Dewi-Bu : Aya masalah naon gerangan Dayang Sumbi? Hoyong naon?

Ceu Edoh : Lamun rek menta harta jeung kakuasaan, lain di dieu tempatna. Mending
indit daripada ngabuang waktu Dewi-bu.

Dewi-Bu : Geus ceu, teu nanaon. Urang dengekeun heula.

Ceu Edoh : Muhun, Dewi. Sok, Dayang Sumbi teh butuh naon?

Dayang Sumbi : Dewi, tulungan pang amprokkeun urang jeung budak urang, Sangkuriang.

Dewi-bu : Muhun Dayang Sumbi.

Adegan 7
Narator : Sababaraha taun saeunggeusna, Sangkuriang anu ngumbara saumur
hirupna mutuskeun pikeun balik ka kampung halamanana. Ngaranna ogé
diganti jadi Jaka. Sagemblengna, Jaka reuwas sabab sagalana geus
robah. Jaka ogé bogoh ka awewe Geulis anu teu lain nyaeta Dayang
Sumbi, indungna sorangan. Sanajan kitu, duanana teu saling kenal.

Jaka : Masyaallah meni geulis

Dayang Sumbi & Nyi-Nyi: (salting)

Jaka : Arek nikah jeung akang teu?

Nyi Ksikan : Hayu a, bade outdoor apa indoor?

Jaka : Dih?

Dayang Sumbi : Sokin Ngab!

Adegan 8

Narator : Saacan pernikahan, Jaka rek ngaburu heula. Jaka menta tulung ka
Dayang Sumbi jang masangkeun iket dina sirahna.

Jaka : Pang nalikeun lah beb.

Dayang Sumbi : Oke, beb. Eh eta naon di sirah aya ceda?

Jaka : Nya kitu weh. Baheula kuring ngalakukeun kasalahan terus ditampiling
ku ibu anu keur ngambek kacida emosi. Jadi weh kuring ninggalkeun ibu
kuring.

Dayang Sumbi : (dijero hate) Hah? Maneh teh budak aing… akhirna kapanggih… Tapi
aing teh rek nikah jeung si ieu, kumahanya brodi?

Jaka : kuring indit heulanya.

Adegan 9

Narator : Dayang Sumbi lieur kudu ngalakukeun naon. Manehna ngadatangkeun ka


sakabeh jalma nu pang deukeutna ka manehna nanya naon tindakan
kahareupna.

Ceu Edoh : Gais maraneh ker masak naon di imah?


Nyi Ksikan : kuring ker nyieun lotek jang salaki, cenah mah ngeunah tapi ti bintang hiji
nepi ka sapuluh ngan dibere dua.

Nyi Euis : urang mah ker nga go-pud

Dayang Sumbi : Gais bahaya gais! kumaha atuh… Si Sangkuriang… Sangkuriang teh..
(ngos ngosan)

Nyi Euis : Kunaon ari ente? Paciweuh pisan.

Nyi Ksikan : Heueh, kalem we brodi. Arurang pasti aya jang maneh.

Ceu Edoh : Kunaon si Sangkuriang?

Dayang Sumbi : Mas Jaka teh sebenarna Sangkuriang! Jujurly, urang nyaho persis ceda di
sirahna baheula!

Nyi Euis, Nyi Ksikan, Ceu Edoh: HAH? TEU MUNGKIN!

Dayang Sumbi : Aslian! Teu wadul! Keureut ceuli aing!

Adegan 10

Narator : Sanggeus Jaka balik, Dayang Sumbi ngajelaskeun permasalahanna.

Dayang Sumbi : Sangkuriang, Sangkuriang. Maneh teh anak urang, nu baheula sirahna
ditakol ku urang. Ieu Dayang Sumbi indung maneh, Nak. Hampura ibu,
Nak. Hampura. Ibu kaduhung pisan geus nakol maneh. Tong dituluykeun
kahayang maneh jang ngawin indung maneh sorangan.

(Ceu Edoh, Nyi Euis, Dewi-bu, sareng Nyi Ksikan nguping percakapan)

Ceu Edoh : Hah, ke heula ke heula… Ieu teh sanes Sangkuriang. Ieu mah Harry Potter
kitunya?

Nyi Euis : Please atuh ceu, tong salpok! aya aqua?

Dewi-bu : Surprise guys! Maraneh karek nyaho?

Nyi Ksikan : Cicing tong gandeng!

Jaka : Ah! Anjeun mah ngarang carita. Teu mungkin! teu kudu ngaya-ngaya.
Naon anu anjeun omongkeun teh bohong! Kuring teu percaya!
Dayang Sumbi : Denge anaking! Naon anu ku ibu caritakeun tadi teh bener. Maneh teh
budak ibu, maneh sorangan nu baheula pernah ninggalkeun ibu. Ibu teu
bisa kawin jeung maneh, Sangkuriang! Teu bisa pokokna mah!

Jaka : Mbung ah! Kuring mah teu paduli maneh saha! Pokona urang kudu tetep
bakal kawin.

Nyi Ksikan : Ieu geningannya nu dibutakan ku cinta teh?

Nyi Euis : Meni, so sweet pisan…

Adegan 11

Narator : Dayang Sumbi lieur naon deui anu kudu dilakukeun jang ngabatalkeun
parnikahana jeung budakna sorangan, Sangkuriang.

Dayang Sumbi : Rek dikumaha-keun nya?

Nyi Ksikan : Kabur we brodi, eta teh… The only way! Trust me!

Ceu Edoh : Trast trust trost tong so inggris geura maneh teh!

Nyi Euis : Tong kabur atuh, engke malah kumaha kumaha

Dewi-Bu : Atuh da sok araneh wae maneh mah, geus papanggih jeung budak kalakah
kabur

Ceu Edoh : Tah dengekeun!

Dayang Sumbi : Geus lah maraneh mah euweuh nu ngabantu mending urang mikir
sorangan

Adegan 12

Dayang Sumbi : Sangkuriang, ai maneh masih keukeuh hayang kawin jeung kuring? Masih
keukeuh?

Jaka : Masih dong calon istriku nu paling geulis

Dayang Sumbi : Lamun kitu saacan kawin kuring boga dua sarat.

Jaka : Naon sok?


Dayang Sumbi : Kuring hayang maneh ngabendung cipeles citarum jeung ngajieun parahu
jang nyebrang. Tapi, duanana kudu maneh anggeuskeun saacan subuh.
Kudu bisa pokona mah

Jaka : Hah? Kumaha ieu…

Dayang Sumbi : Kumaha? Waktu maneh teu loba. Sok atuh putuskeun, arek moal?

Jaka : Nya sok! Kuring bakal ngabulkeun dua sarat eta saacan subuh! Sakieu
mah atuh cetek lah. Demi nikahkeun anjeun, naon wae bakal kuring
lakukeun!

Adegan 13

Narator : Sangkuriang ninggalkeun Dayang Sumbi jeung ngageroan jin-jin anu


sakti keur ngabantuan mereskeun dua sarat ti dayang sumbi.

Jaka : Cek cek hiji dua dimarana wahai jin-jinku?

Jin Jajang , Jin Ujang : Hadir bos! (sorana hungkul)

Jaka : Maraneh teh bodo atau kumaha? Apan teu katingali ku urang. Kadieu
tunjukeun wujud maraneh!

Jin Ujang : (muncul) Hadir bos! Nu nyumput mah si Jajang tah.

Jin Jajang : Henteu bos kuring ngan nunutur si Ujang!

Jin Ujang : Ulah fitnah jang! Dosa!

Jin Jajang : Teu fitnah aih! Maneh we etamah! Urang wae anu dicarekan teh.

Jaka : Mengges atuh tong gelut wae!

Jin Jajang, Jin Ujang : Tuh kan… (saling menunjuk)

Jaka : Cicing atuh. Uranag teh aya projek badag nu kudu digawean.

Jin Jajang, Jin Ujang : Naon eta teh bos

Jaka : Jadi… urang teh hayang ngawin awewe anu kacida geulisna… tapi nya
kitu… aya saratna... syaratnya teh nya eta…

Jin Jajang : Skip teu paham.


Jin Ujang : Nu jelas atuh bos! tong ngang ngong ngang ngong kitu!

Jaka : Arurang kudu nyieun cipeles citarum jeung parahu saacan subuh!

Jin Jajang, Jin Ujang : Hah?

Jin Jajang : Ngabendung cipeles citarum?

Jin Ujang : Parahu?

Jin Jajang, Jin Ujang : Sapeuting? Nooo!

Jaka : Cicing maraneh borokokok! Pokona, arurang kudu ngalakukeun naon anu
Dayang Sumbi hayang!

Narator : Sangkuriang jeung jin-jinna mulai ngagawean kahoyongan Dayang


Sumbi. Dengan kekuatan Jin-jinna, manehna ngabendung cai sungai ti
lumpur sareng taneuh. Sedangkeun, Sangkuriang neang bahan-bahan keur
ngajieun parahu.

Jaka : Kumaha? Bendungan ngges oke?

Jin Jajang : Oke bos!

Jin Ujang : Dipoles saeutik jadi lah.

Jaka : Oke mantap. Kadieu maraneh bantuan nyieun parahu, sakeudeung deui
geus rek subuh. gewatt!

Jin Jajang, Jin Ujang : Siap bos!

Jin Ujang : Anu bos, ieu teh sarat keur kawin jeung Dayang Sumbi nya? Meni hese
pisan.

Jin Jajang : Bener jang euy, maenya ngan sapeuting kudu nyieun bendungan jeung
parahu?!

Jin Ujang : Si Bos teh resep pisan ka Dayang Sumbi matakna rela ngalakukeun naon
wae, nya kan bos?

Jaka : Heueuh.

Jin Jajang : Tapi lamun teu dibantu oge bos mah bisa naon atuh, teu bisa nanaon
Jin Ujang : Ulah kitu ari maneh. Bos teh jago pisan tanpa arurang oge.

Jin Jajang : Tetep we atuh. Arurang teh ngges jadi kapercayaanna si bos nyaho!

Jin Ujang : Teu kitu! Bos teh

Jaka : Geus cicing! Maraneh teh jin-jin kapercayaan urang jadi kerjana kudu
serius! Engke lamun urang geus kawin, maraneh ku urang dibere imbalan!

Jin Jajang, Jin Ujang : Asik!

(dayang sumbi ngintip dari kejauhan)

Dayang Sumbi : (dalem hati) Astagfirullah, gancang pisan! Maenya geus jadi deui?
Kumaha atuh?!

Narator : Dayang sumbi anu noong ti kajauhan ngarasa khawatir sabab dua
syaratna geus rek beres.

Adegan 14

Dayang Sumbi : Guys! Urgent guys! Bahaya bahaya!

Ceu Edoh : Si ieu peuting peuting kalah ngahudangkeun! Naon?

Nyi Ksikan : HAH? AYA KABAKARAN? AYA GELEDEK?

Nyi Euis : Perasaan geus beres da masalahna…

Dewi Bu : Tong gandeng maraneh teh.

Dayang Sumbi : Sangkuriang hampir beres ngalakukeun sarat nu ku urang bere! Kumaha
lamun arurang nyien suasana subuh? Ameh para jin-jinna bisa indit
ninggalkeun sangkuriang sorangan!

Nyi Euis, Nyi Ksikan, Ceu Edoh: Boleh boleh! Kudu kumaha?

Dewi-Bu : Tapi resiko sorangannya?

Dayang Sumbi : Geus ah, nu penting tong kawin jeung budak sorangan! Lets go girls,
Parahyangan girls it's going down!
Narator : Dayang Sumbi jeung gengnya ngagelar kain sutra warna beureum di
sabelah wetan jeung ngahudangkeun hayam jago ngarah kongkorongok.
Suasana peuting robah jadi suasana subuh.

Adegan 15

Jin Jajang : Bos, tingali bos! Ayeuna geus subuh!

Jin Ujang : Enya bos, coba dengekeun! Eta suara hayam berkokok!

Jaka : Hah? Teu mungkin kehed! Urang apal jelas iraha waktu subuh! Ieu teh
kabeh pasti kalakuan Dayang Sumbi, anjir! (ambek-ambekan)

Narator : Sangkuriang akhirna ngeeureunkeun gaweana sabab ngarasa gagal


ngalaksanakeun sarat ti Dayang Sumbi. Kulantaran ambek jeung kesel,
Sangkuriang ngutuk Dayang Sumbi terus ngaruksak bendungan anu geus
dijieun ku sorangan. Desa-desa ge kalelep ku cai bendungan. Sangkuriang
oge najong parahu jieunan soranganana nu tereh jadi ka tengah leuweung.
Nepi ka parahu eta tibalik ngabentuk gunung Tangkuban Parahu.

You might also like