You are on page 1of 2

SASAKALA SITUBAGENDIT

Putri Kayra Syahnaz Anees

SDT KRIDA NUSANTARA

Zaman baheula aya awewe anu kacida beungharna. Pakayana bru di juru bro di
panto, ngalayah di tengah imah. Hanjakal meditna teu katulungan. Ku urang
lembur, eta awewe katelah Nyi Endit, ku medit-meditna.

Batur salemburna geus apal pisan, meditna Nyi Endit lain baé karasa ku bujang-
bujangna tapi ogé karasa ku batur salemburna.

Di lembur éta Nyi Endit siga pisan nu hirup sorangan teu maliré ka tatangga, tara
daék nulung ka nu butuh tara daék nalang ka nu susah. Pagawean Nyi Endit teh
sapopoena ngitung-ngitung pakaya bisi aya nu coceng atawa leungit. Rajakayana
unggal waktu nambahan jeung beuki ngagunung, da puguh tara pisan dipake.

Hiji mangsa, datang aki-aki. Awakna begéng bari geus bongkok, maké dudukuy
samak geus rawing. Léngkahna dibarengan iteuk, pakéanana rudin kuleuheu.
“Assalamualaikum, nu kagungan bumi aya linggih? Punten aki kamawantun …
Nyai, nyuhunkeun sih piwelas. nyuhungkeun sangu sakedik mah… Aki geus
sababaraha poe teu kararaban sangu”.
Kitu pokna bari brek diuk dina émpér.
Barang Nyi Endit ngadéngé aya nu pupuntenan bari rék ménta sangu, gancang
baé mukakeun panto. Nyi Endit ngabedega dina panto bari tutunjuk, pok
ngagorowok

“Naon ménta sangu..


naha kami boga dahareun téh beunang barangpénta kitu???.
Lapar... ???
Usaha atuh lain baramaén”.

Nyi Endit pohara ambekna.


1
Lain baé tutunjuk ngusir tapi bari jeung nyuntrungkeun aki-aki ti émpér ka
buruan.

“Ka ditu indit montong datang ka dieu”


Bari nitah badegana ngusir aki-aki ti buruanana.

Aki-aki kaluar. Hate aki-aki pohara nyerina ngadéngé babasan Nyi Endit anu kasar.
Méméh indit manéhna ngomong kieu,
“Sagala gé boh ka nu hadé boh ka nu goréng, moal taya wawalesna.”
Aki-aki teh carinakdak bakat ku nalangsa. Ceb nanceb iteukna di buruan imah Nyi
Endit, tuluy ngaleos indit teuing kamana.
Boro-boro jalmana, dalah iteukna ge keur Nyi Endit mah matak ngaganggu. Ngan
cag bae eta iteuk teh dicekel tuluy dicabut.
Tapi kacida ngarenjagna Nyi Endit. Basa ningali tina urut iteuk nanceb teh
ngaburial cai gede pisan. Nyi Endit undur-unduran.
Nyi Endit pohara reuwasana, manéhna gogorowokan ka bujang-bujangna nitah
nyocokan liang cai. Nyi Endit jejeritan ménta tulung bari teu leupas ngagagandong
harta emas berlianana.

“tuluuung… tuluuuung…”
“Caaah….. caaaaah!”
Tatangga boro-boro hayang nulungan, kabéh mupuas da bongan manéhna gé tara
daék tutulung ka batur.

Beuki lila cai nu ngaburial teh beuki ngagulidag sarta beuki gede.Malah antukna
ngeueum sakur nu aya di dinya. Mimitina semet mumuncangan, naek kana tuur,
ngeeueum dada, sarta tuluy salaput sirah. Nyi Endit teu kaburu nyalamatkeun
dirina jeung pakayana nu ngagunung.
Kabeh Kakeueum, sarta urutna jadi situ anu kacida legana.
Eta situ katelah jadi situ Bagendit, dicokot tina ngaran Nyi Endit. Pernahna di
wewengkon Kabupaten Garut

You might also like