You are on page 1of 5

Situ Bagendit

Di wewengkon Garut Aya situ anu ngaranna kawéntar ka mana – mana nyaéta Situ Bagendit (Patani 1)

Baheulana, aya hiji randa beunghar katelahna Nyi Endit. Ieu téh saenyana mah manéhna, da ngaran sajati na
mah Nyi Bagendit. (Patani 1)

Manéhna téh kacida pisan kumedna. Geus teu aya nu bireuk deui kana kakumedanana téh. Kakayaanana bru
di juru bro di panto. (Patani 1)

Kacaturkeun keur usum panén, di ditu di dieu ceuyah dibaruat.

Patani kaditu-kadieu nguruskeun éta paré nu kacida lobana da enya teá éta sawah sakitu legana.

Patani 1 : Kang Dadan ieu parena kang

(Nyimpen pare)

Patani 2 : (Nyimpen pare)

Patani 3 : (Nyimpen pare)

Kang Dadan : oh muhun, hatur nuhun kang

Patani : sami sami kang

Patani 2 :kang uwih heula

Kang Dadan : Oh muhun mangga kang

Sadaya Patani : Tipayun..

Kang Dadan : Berat rasana lamun ngajual kabeh pare ieu ka nu jelema kumed eta

Nyi Nani : Ya bade kumaha deui atu kang tibatan kedah urusan sareng centeng centeng na, engke panjang
deui caritana

Kang Dadan : Nyi Endit bener bener kumed Gusti... asa kalah nyaah ieu pare kudu di jual Kabeh

Nyi Nani : kang arurang mah jalmi teu gaduh kedah narima nasib ti Maha Kuasa

Kang Dadan : Naon nya anu di teangan ku Nyi Endit. Harta ges rea, hayang keneh kana pare Patani-Patani

Nyi Nani: kang ai pare Atos di tutu?

Kang Dadan : muhun Atos Nyai

Nyi Nani : Hayu atuh urang jual

Kang Dadan : Hayu


Maranéhna Indit ka leuit na Nyi Endit (Patani 1)

Kang Dadan : Dupi pangawis pare téh ayeuna sabaraha?

Centeng 1 : Sarua jiga nu baheula

Nyi Nani : Naha henteu naik? da dina sanesna ge naik

Centeng 2 : Henteu beres yeh, ieu duitna.

Maranéhna kapaksa narima duit ti si centéng nu teu sabaraha. (Patani 2)

Centeng 2 : Indit ka ditu!

Maranéhna Indit kaluar, teu lila datang Nyi Endit. (Centeng 2)

Nyi Endit : Centeng bieu saha anu dateng?

Centeng 1 : Biasa Nyi patani - patani anu ngajual pare

Nyi Endit : Kade eta harga ulah di taikkeun

Centeng 1 : Muhun Nyi mangga Atos di wartosan

Nyi Endit : HAHAHAHA... alus atuh ai kitu mah

Kang Dadan : Iraha nya nasib arurang robah, tos teu tahan hirup kawas kieu. ku naon gusti teu ngalaknat eta
randa kumed

Nyi Nani : Shuuttt....ulah tarik teuing kang bisi aya anu ngadangu. Kedah sabar engke ge aya balasan anu
sapadan. Gusti mah maha pemurah

Nyi Endit: Centeng kumaha pare ges ka beli kabeh can?

Centeng 1 : Atos Nyi, mampiri bade di parios mangga. Ayeuna tos pinuh ku pare, malah nepi ka teu cekap.

Nyi Endit : HAHAHAHA... alus atuh ai kitu mah, engke maranéhna bakal kabeakkan beas terus meuli ka urang.
Urang bakal leuwih benghar, tempokeun eta kabeh patani ulah nepi ka ngajual pare ka nu lain

Centeng 1: Muhun Nyi

Nyi Endit : Bere sanksi ka saha wae anu ngalawan!

centeng 1: (nga angguk angguk keun sirah na )


Sabaraha minggu saenggeusna, kabéh warga kabéakan béas patani gé kabingungan, poe eta ge para patani
ngumpul dina saung deukeut sawah, teu lama patani hiji teh muka obrolan. (Centeng1)

Patani 1 : Aduh kumaha ieu cadangan beas tos beki seep

Patani 2 : Ih... Enya nya bener, eleh... berarti arurang kudu meuli beras ka Nyai Endit

Patani 1 : (Bisik – bisik) ceuk tatangga hargana naek 5 kali lipat ey

Patani 2 : Kumaha atuh nasib arurang

Kang Dadan : Assalamualaikum... Ayo naon ieu teh? Meni rame gening

Patani 1 : Eta masalah Nyi Endit anu pangggg kumedna sadunya

Kang Dadan : Nya tah kawas Ageng taya geding

(Eta geding anu kumed beki hese jag jae, Nyai Endit anu kumed ... Nyai Endit Anu Pedittttt....)

Patani 2 : Ya Allah Mugi Aya hidayah kanggo Nyai Endit..

Sadaya Patani jeung Kang Dadan : Aamiin.....

Hiji mangsa keur panas - panasna panon poe, di tungtung desa aya Nini Nini bongkok anu keur leumpang,
manéhna ngaliwatan Imah warga bari ketempona pikarunyaeun. (Nyi Elih)

Manéhna leumpang nyamperkeun hiji pribumi. (Nyi Elih)

Nini - Nini : Nyi bade tumaros

Nyi Elih : Oh mangga Aya naon nya?

Nini - Nini : Di mana Nini tiasa mendakan bumi jalmi anu pang bengharna di kampung ieu?

Nyi Elih : Oh maksud Nini teh Nyi Endit? tos caket habeun leumpang weh, dugi mendakan parapatan, engke
mengkol ka kénca aya padubukan anu ageng kacidana eta bumi Nyi Endit. Emang ayo peryogi naon Nyi?

Nini - Nini : Nini bade nyuwunkeun sedekah

Nyi Elih : Ah percuma ni, nyuwunkeun ka Nyai Endit mah moal di pasihan. Lamun Nini teu acan mam, mangga
mam di rorompok abdi, mun punten saayana

Nini - Nini : Teu kedah, Nini mah hoyong terang kumaha reaksina jalmi anu nyuhunkeun sedekah, oh muhun.
punten pan wartoskeun ka sadaya pribumi anu sanes sakedap deui bakal aya caah anu ageng

Nyi Elih : Ah Nini mah sok hereuy, piraku aya caah di musim halodo

Nini - Nini : ih teu hereuy...Nini teh jalma anu Bade masihan hukuman ka Nyai Endit, ku kituna enggal gera siap
siap mara ngungsi

Si Nini Indit ninggalkeun Nyi Elih nu katingalna keur baringung, teu lila datang Nyi Nani Jeung Kang Dadan
nyamperkeun Nyi Elih nu masih keneh nangtung di sisi jalan bari sapu nyéré nu tadi na dicekel jadi numpra di
handap. (Nini – nini)
Kand Dadan : Punten Nyi Elih eta sapuna numpra di handap

Nyi Nani : Nyi Elih

Nyi Elih : Oh Nyi Nani, kang Dadan

Nyi Nani : Alah eta Nyi Elih meni hulang huleng Kitu, Aya naon?

Nyi Elih : Tadi teh Aya Nini Nini bongkok nyamperkeun abdi tur naroskeun bumi Nyi Endit, teras ngawartosan
Ngan arurang teh kedah gera gera ngungsi lantaran bakal aya caah anu ageng kacidana

Kang Dadan : Ah manya Nyi, ayeuna mah nuju halodo

Nyi Elih : kan Muhun kang Dadan matakna abi hulang huleng ge

Nyi Nani : Hayu atuh kang gera beberes, sugan we cariosan si Nini Nini eta teh bener Kang

Dadan : ah Muhun atuh hayu, mangga nya Nyi Elih

Nyi Endit: Centeng tempo eta sawah anu sakitu legana sawah nu urang!

Centeng 1 : Oh muhun Nyi lega pisan ey

Nyi Endit : Ayeuna maneh undang kuncen, Panday, Patani jeng nu sejenna

Centeng 2: Muhun Nyi laksanakeun

Nyi Endit : Ayeuna urang rek ngarayakeun ieu panen

Centeng 2 : Muhun Nyi laksanakeun

Centeng 2: Heh Nini Nini bongkok! Juk Indit ka ditu, tong waka nincek ieu Imah

Nini - nini : Nini bade nyuwunkeun sedekah, Nini tos sabaraha poe teu karagaban sangu, sugan we aya sisaan

Centeng 2: Naon peduli aing, lamun hayang dahar tinggal meuli ka ditu ulah menta, gera Indit ka ditu!

Nini - nini : Nyi Endit... kaluarr...abdi bade nyuwunkeun sedekah

Nyi Endit : Saha sih nu gogorowokan di luar, ganggu batur ker dahar

Nini - Nini : Nini bade nyuwunkeun kanggo tuangan,tos tilu dinten teu kagarapan sangu

Nyi Endit : Naha menta ka urang, Indit ka ditu eweh bisi loba laleur di dieunna

Nini - Nini : Heh Endit, Gusti nu maha kuasa mere rizki anu sakitu reana, tapi maneh teu bersyukur dasar
kumed

Nyi Endit : HAHAHA... Nini rek ngahukum urang? Nini teu nempo apa centeng urang rea kacida, sakali tendang
ge bisa langsung paeh

Nini - Nini : teu kudu repot ngusir Nini, Nini bakal ngingkah lamun nyai bisa nyabut ieu iteuk

Nyi Endit : Dasar Nini - Nini bongkok, naon hesena nyabut ieu iteuk sakali ditarik oge langsung kacabut,
Centeng cabut ieu iteuk! Awas we lamun teu kacabut gaji maneh bakal di kurangan!
Centeng 2: Oh enya Nyai. Duh hese pisan...hapunten Nyai

Nini - Nini : Ah sakitu wae ge teu bisa, tingali yeh Nini bakal nyabut ieu iteuk

Geg baé éta iteuk téh dicekel ku si Nini tuluy dicabut. Tapi kacida ngarénjagna Nyi Endit, bisa ningali tina urut
iteuk nance téh ngaburial cai gedé pisan. Nyi Endit undur - unduran. (Nini – Nini)

Nyi Endit : Caang...Caang...

Nini - Nini : Nyi Endit ieu hukuman Jeung didinya, cai ieu teh cai mata pribumi pribumi anu sengsara gara gara
maneh! maneh kudu ti lelep!

Si Nini ngaleos Indit teuing ka mana. Beki lila cai nu ngaburial teh beki ngagulidak sarta beki gede...malah
antukna ngeem sakur nu aya di dinya mimitina semet mumuncangan naek kana tuur, ngeem dada sarta tuluy
ngaput Sirah. Nyi Endit teu sempet nyelamatkeun dirina jeng raja kayana anu nga gunung, kabeh ka keem
sarta ududna jadi situ aku kacida legana, eta situ katelah jadi Situ Bagendit di cokot dina ngaran Nyi Endit.
(Nyi Endit)

You might also like