You are on page 1of 3

NASKAH WAYANG CABE-CABEAN

Dicaritakeun dihiji tempat, cepot anu keur maca berita anu keur hanet-hanetna nyaeta ayana
cabe-cabean atawa awewe anu dina samotor tiluan nepika genepan kajaba make mek ap anu
kacidaaa menorna, hayang apal kalanjutan caritana?
Langsung wae urang mulai ka TE KA PE!!
Cepot: “Waduhh… ieu keur maca koran bro euy.. berita cabe-cabean nu ditilang kusabab mawa
motor bari jeung bonceng genep, alaakhh hade ey ditilang hiji motor ditaekan ku genep urang
kumaha caritananyaa? Cigana teh nuhiji diharep, nuhiji dina stang, dua di tukang, dua deui
diakod” >_<
(Datang mamih diiring music)
Cepot : Ekhhh
Mamih : Cabe - cabean, cabe - cabean tuluy weh cabe-cabean
Cepot : Apa atuh mamih
Mamih : Kacida – cida teuing gusti .. nu agung .. ya ampun ..
Cepot : Si mamih mah
Mamih : Gawe atuh cepot, maneh teh gawe ..
Cepot : Pan engges, maca koran ge pagawean mih
Mamih : Tuh pelong batur mah geus boga parabola, geus boga sikidi (VCD). Maneh geus
boga naon atuhh pagawean nganggur jeung nganggur
Cepot : Pan ieu ge sabari neangan gawe maca koran teh
Mamih : ah lain neang gawe eta mah, nu aya kadon neangan poto artis nu bahenol. Awas
nyaa ulah poho, duit bulanan kudu naek jadi 350.000 titik.
Cepot : He’eh engke .. siap laksanakan mamih!
Music .. (mamih kaluar)
Datang dawala .. (bari ngahaleuangkeun lagu mawar bodas)
Cepot : Kunaon silaing .. sedih?
Dawala : Heeh mang euy nalangsa kieu ..
Cepot : Kunaon didinya, meni nepika ngeclakkeun cipanon kitu?
Dawala : Heeh maenya we urang kudu ngeclakkeun cai hujan atuh mang!! urang teh keur
nyeri hate euy
Cepot : Ooh maneh teh keur galau ~?
Dawala : Heueuh euy, urang the ker aya masalah jeung si Sonya
Cepot : Naa emangna kunaon?

Dawala : Urang the karek diputuskeun ku si sonya ☹

Cepot : Euleuh?! Diputusin? Maenyaa teuing ..


Dawala : Aslina mang ieu mah
Cepot : Keun atuh sabar weh la .. sabar. Sok teangan jalan kaluar nu pangbenerna
Dawala : Geus neang pot kamamana ge, tapi asa eweh wae jalan kaluarna
Cepot : Sing sabar jang heeh, ke ge Alloh mere jalan kaluarna
(Dawala sedih)
Music (Mang Jajang datang) > benget ngaledek
Cepot : Mang Jajang nyaho teu si Dalawa kunaon?
MJ : (benget mikir) hm.. diptuskeun la?
Dawala : Heueuh mang! (sewot)
MJ : Kadieu ..
Cepot : Sampeurkeun la sok, masalah cicintaan mah mang jajang jago na.
MJ : Diputuskeun jang?
Dawala : Heueuh mang
MJ : Pelong benget mamang (…) HUAHAHAH (tertawa terbahak-bahak)
Cepot : Kadon diledek ..
MJ : Aya nya jelema kasep diputuskeun HAHAHA. Tarimakeun we jang, geus teu
kudu bingung ayeunamah da awewe teh loba, jeung cacabean we atuh!
Cepot : Cabe – cabean mang lain cacabean, cacabean mah pepetasan!
MJ : Pan nyunda pisan urang mah. (haharewosan) cacabean teh nu sok naek otor
tiluan tea geningan pot
Cepot : Ges ieu mending nu kitu weh
Dawala : Ah atuh maenya urang kudu jeung nu kitu
Cepot : Biasanamah pan la mun nyeri hate ku awewe, ka awewe keun deui
Dawala : Oh kitu ..
Cepot : HEUEUHH
Dawala : Tapi kumaha da urang mah teu bisa kitu the
MJ : Kadieu kadieu, tah urusan cacabean mah nya etamah (babalatakan), geus we
tungguan didieu ayeunamah, ke mun aya masalah urang datang deui (MJ kaluar)
Dawala : Kumaha pot urusan cabe – cabean pot
Cepot : Geus weh cabe – cabean, lumayan tah mantap
(datang cabe – cabean)
Cepot : Tah la aya gening la ..
Cabe : Cabe – cabean, cabe – cabean
Cepot : Geus tah nu ieu weh la
Dawala : Kela kela kela .. ieu kumaha yeuh caritana
Cepot : Urang ge teu ngarti la
Dawala : Maenya cabe – cabean …..
Cepot : Heueuh teu apal
Dawala : Tapi da awewe
Cepot : Heueuh awewe cabe – cabean bener
Cabe : Cabe – cabean
Cepot : Bener la cabe – cabean
Dawala : Bener neng cabe – cabean?
Cabe : Muhun
Cepot : Cabe – cabean timana neng?
Cabe : Titadi a
Dawala : Naha teu naek motor neng?
Cepot : Biasanage cabe – cabean mah sok naek motor tiluan
Cabe : Ah seep ku modal
Cepot : Ooh teu aya modal
Cabe : Teu meunang nanaon mun naek motor mah, mun kieu mah papah ah lumayan
we meunang untung, hayu atuh dipeser a
Cepot : Alahhh la ieu mah awewe dagang cabe lain cabe – cabean

You might also like